Kamis, 30 April 2015

Nu Leungit di Pusdikmin

Dimuat di Koran Tribur Jabar, 28-30 April 2015

Nu Leungit di Pusdikmin
Ku Nina Rahayu Nadéa

            “Hayu peureum heula. Ngadon ngahuleng kitu. Siap-siap isukan mah jadwalna padat pisan geura.” Bu Rina noél leungeun, bari jeung metot simbut nutupan awak.
            “Ah, rada teu paruguh puguh gé.”
            “Teu paruguh naon? Tatadi ditigali téh  teu bérag kitu? Aya masalah di dieu? Batur ngomong teu puguh mah, antepkeun wé. Tong diwaro. Tong babari kasigeung di dieu mah. Guyon ngaranna. Kawas nu teu apal waé béda sirah, pasti béda adat.” Bu Rina seuri.
            “Lain masalah di dieu, Bu. Nya biasalah....”
`           “Ari geus aya masalah naon?” Manéhna diuk. Neuteup kuring.
“Nyéta, Bu. Salaki di imah téh teu pati satuju  kuring kikieuan téh. Matakna ka dieu téh asa teu puguh. Cus cos ka ditu ka dieu.”
            “Ka dieu ka Pusdikmin maksudna?”
            Kuring tiban unggek.
            “Tapi ning kamari dianteur?”
            “Pédah wé kuring maksa. Da sajeroning perjalanan gé angger baketut. Taya paroman hégar siga biasana, puguh gé...”
            “Enyaan ieu téh, Mamah rék ninggalkeun Adit?”
            “Nya kumaha deui atuh Pap. Hampura lain Mamah teu nyaah ka Adit. Lain. Ieu kasempetan Mamah terakhir. Lebar lamun Mamah teu ngangsitkeun diklat PIM téh, mereunan kasempetan Mamah pikeun naék jabatan leungit. Anggursing Papah kudu ngarojong sangkan karir Mamah mulus rahayu atuh Adit sing gera-gera cageur.” Kuring  Méréskeun kantong luhureun kasur.
            “Lain Papah teu ngidinan. Lain teu ngadukung Mamah. Pan biasana gé pék téh teuing. Tapi tingali kaayaan Adit ayeuna. Maenya teu nyaah kanu jadi budak.  Panas nyebrét. Geus leuwih ti saminggu bulak balik waé ka dokter. Jeung apal, pan Adit sakitu miindungna?”
            “Apal. Mamah téh awéwé nu ngandung jeung ngalahirkeun Adit. Rido ngobankeun jiwa raga keur ngabélaan nu jadi anak. Tah ayeuna gé kikieuan téh demi anak. Méh masa depan kajamin. Kajamin sagalana. Ékonomina, pendidikanna, kaséhatanna. Pan kamari ka rumah sakit ka ditu ka dieu gé maké duit. Nyaah kacida Mamah téh. Hésé pibasaeunna. Hésé dicaritakeunna. Kanyaah indung moal bisa digantikeun. Tetep ngalir iraha waé. Teu kasungkeret ku waktu nu sakocépat. Lain Mamah bedegong. Teu nurut kanu jadi salaki. Pan aya Wati, nu ngahaja sina ka dieu. Naha éta kurang, Pap.” Kuring memener tiung nu keur dipaké. “Mun perlu Ema jeung Bapak ti lembur sina ka dieu. Keur gaganti kuring.” Kuring neuteup nu jadi salaki.  “Bade ditelepon Ema jeung Bapak?”
            Salaki ngabalieus. ”Teu perlu.  Nu utamana  Mamah kudu ngabolaykeun indit ka Pusdikmin. Papah embung aya nanaon.”
            “Astagpiruloh, Pap. Émut atuh ku Papah. Kumaha wirangna Mamah kunu di kantor. Lain Mamah wungkul kétang nu wirang. Pingpinan, jeung nu lainna nu geus mercayakeun ieu amanah pasti kuciwa.” Kuring mencrong kanu jadi salaki. “Papah hoyong nu lain jadi aya masalah gara-gara urusan Mamah teu bérés? Lamun ngan saukur Mamah nu nanggung akibatna, teu nanaon. Tapi Mamah embung ieu masalah ngabarérang ka batur. Babaturan Mamah di kantor.” Kuring diuk dina biwir kasur.     
Salaki teu ngomong. Ngabalieus miceun beungeut. Mana kitu gé kahartieun meureun. Hem, ngeunah sorangan ngatur-ngatur sangkan kuring tong indit pelatihan ayeuna. Piraku karir anu keur meujeuhna kudu pareum lantaran urusan rumah tangga. Pan ti béh mula gé geus badami yén kuring angger hayang mesatkeun karir sanajan geus pruk kawin. Embung masalah rumah tangga jeung lainna jadi ngabolaykeun pamaksudan. Matakna ti prukna kawin kuring kadua salaki tohtohan barang gawé. Ti saanggalna geus nyieun komitmen yén ékonomi kudu geuwat mesat. Kujalan gawé babarengan.
            Teu anéh sababaraha taun kawin. Geus katingali ku saréréa kumaha usaha kuring jeung salaki.  Bréh imahna, bréh mobilna, geus puguh parabot rumah tangga mah aralus jeung arantik nakeranan. Pada mikareueus kabéh kulawarga. Boh kulawarga besar ti salaki boh kulawarga besar ti kuring.
            Tapi sanajan kuring awéwé nu ngudag karir. Embung téh teuing ngorbankeun nu jadi budak. Lamun pareng aya kagiatan di kantor siga ayeuna kuring sok ngangkir Wati-anak bibi. Percaya pisan ka manéhna, ku getén ngariksa jeung nyaahan ka budak.
            Pilakadar cenah nu jadi anak baued. Hayang dibarengan ku kuring? Pan éta mah geus biasa, tinggal dilelemu biasana gé ku salaki, ku Wati ogé ku ninina – indung Kang Féri nu remen ngelol. Biasana gé sababaraha poé cageur baeudna. Ké gé bungah ajrag-ajragan komo deui mun kuring balik mawa cocoan karesepna.
            Enya meureun kuring gé sadar, yén Adit téh ayeuna keur meujeuhna butuh perhatian kuring komo keur gering mah.  Matak bisi aya nanaon kuring mercayakeun ka dokter pribadi sangkan rutin datang ka imah.
            “Kuma Anti wé ari kitu mah. Ari geus dipikir asak-asak mah.” Salaki ngarahuh panjang. “Jig tempo heula Adit di kamar.” Salaki ngomong rada leuleuy.
            “Moal ah, keun wé tuh da aya Wati  di kamar. Ké bisi riweuh deui Mamahna.” Kuring nyoléndangkeun kantong. ”Lain nanaon karunya. Keun wé da ti peuting gé geus diolo bébéakan. Barina gé ayeuna mah keur peureum budakna. Moal hadé dihudangkeun. Hayu Pap. Bisi telat.” Kuring mencrong kanu jadi salaki.
            “Hayu.” Walonna pondok.
            Sanajan horéam meureun sabenerna nganteurkeun kuring. Tapi teu burung antukna bisa dianteurkeun ku manéhna. Ngan kitu sajeroning perjalanan teu cumarita saeutik gé. Kabawakeun ku masalah meureun. Ditanya ngajawab saperluna, antukna kuring gé teu loba ngomong sieun salah.
*
            Dua poé deui pelatihan rék lekasan. Haté kacida atohna. Lian ti téréh lekasan, téréh naék jabatan. Nu utamana nyéta bakal geura tepung jeung nu dpicangcam. Adit, Muti  ogé salaki kuring. Rumasa mémang keur pelatihan téh  rada tambélar. Telepon ti manéhna tara geuwat diangkat kitu deui SMS langka dibales. Dibales sotéh ké mun geus peuting jam 11 an.
            Sok wé bayangkeun rék iraha waktu teteleponana? Jam tilu geus hudang da bisi kabeurangan ka cai. Ngantri.  Atuh ti saacan adan gé geus saged maké baju olah raga, baju nu geus ditangtukeun ku  panitia. Barang ngong adan langsung solat sarta langsung muru ka lapangan. Olah raga heula. Kadang-kadang lari  ngurilingan  komplék di luar pusdikmin. Kadangkala  olah raga aérobik anu diluluguan ku ahli nu sigana ngahaja didatangkeun ti luar. Atuh mun euweuh euweuh teuing, paling olahraga biasa nu diluluguan ku panitia nu aya di jero. Kitu téh nepi ka jam 6, geus kitu kudu geus salin baju hideung bodas. Apél, sarapan jeung siap-siap narima materi ti para instruktur nu geus didatangkeun.
            Teu anéh lamun keur narima materi téh loba waé anu nundutam. Lantaran jadwal anu kacida padetna. Ku waktu nu kacida padet nya meureun nu nyababkeun kuring rumasa teu bisa teteleponan unggal waktu.
            “Mamah téh sibuk naon atuh. Adit hoyong ngobrol meni teu tiasa. Tatadi nelepon teu diangkat waé.” SMS Adit dibaca.
            Ehm nyaah kasép.  Mamah téh riweuh. Ceuk haté  waktu asup ka kamar. Karék bérés acara. Harita téh jam 11 peuting. Teu talangké gentak nelepon balik. Teu aktif. Kitu deui ka salaki, teu diangkat waé. nelepon ka nomor imah, lila deui taya nu ngangkat. Rék ditutup pisan karék aya nu ngangkat. Bi Jumi pagawé di dapur.
            “Geus pareureum, Bi? Kumaha Adit séhat?”
            “Punten Bu. Abdina nuju ka payum, nutupkeun gerbang. Sadayana nembé arangkat.”
            “Arangkat ka mana, Bi?”
            “Adit hoyong jalan-jalan saurna ngan kirang terang duka ka mana?”
            “Jalan-jalan. Peuting-peuting kieu? Pan ngaringkuk?”
            “Alhamdulillah tos séhat ayeuna mah, Bu. Matakna ngarenghik wae hoyong jalan-jalan.”
            “Bapak jeung saha angkatna, Bi?”
            “Sareng Néng Wati, Bu.”
            “Oh. “ ngan sakitu nu kaluar tina biwir. Banget ku bagja ngadéngé budak geus jagjag belejag, malah hayang jalan-jalan sagala. Ngan ku keuheul téh éta ka salaki, nelepon sababaraha kali  teu diangkat.  Keur riweuh matak kitu gé meureun. Tapi barina gé teu hayang mikiran. Malaur pagawéan ngarésume can dikerjakeun. Kuring teu lila mikiran. Gutrut wé  nyieun tugas nu kudu bérés harita kénéh.
*
            Sanajan kesel jeung ngarasula  mimitina mah, teu burung waktu téh geuning nyérélék ari ku anteng dilakonan mah. Sapeupeuting piisukeun balik, waktu dimangfaatkeun ku kuring pikeun ngapalkeun. Ngapalkeun naon rupa materi anu geus katampa. Kuring hayang némbongkeun ka saréréa utamana nu jadi salaki, yén kuring bisa lulus kalawan nyugemakeun.
            Hasil ngapalkeun sapeupeuting téh aya hasilna. Nilai kuring kacida alusna. Malah mah meunang nilai pangluhurna. Atuh kabéh babaturan saangkatan jol itu jol ieu siliwilujengkeun.
            “Alhamdulillah, Pap. Nilai post test Mamah pangageungna.” Kitu SMS nu kakirim ka salaki kuring. Harita jam 4 pasosoré.
            Lebeng taya jawaban. Didagoan sababaraha lila. Tapi panasaran ditelepon. Teu diangkat. Sababaraha kali nelepon karék diangkat.
            “Ari Papah ka mana waé?”
            Meeting.” Jawabna pondok.
            “Pap. Alhamdullillah mamah  lulus. Malah mah nilaina pangageungna. Kasih hadiah dong ka Mamah.”
            “Oh. Selamat.”
            “Pap.”
            “Ya. Papah nuju meeting kénéh.”
            “Jemput ke Magrib nya. Sakantenan candak barudak. Mamah sono.”
            “Ya.” Salaki nutup telepon.
            Nu dipiharep salaki muji bébéakan, teu ngabukti. Anggursing semu haré-haré waé.  Padahal biasana gé salaki kuring mah sok antusias ngadéngé kasuksésan kuring.  Ngambek kénéh kitu ku kajadian méméh indit? Piraku teuing biasana gé pan  babari léah. Babari mopohokeun masalah nu enggeus-eungeus.
            Upacara penutupan geus kaliwat. Hiji dua kulawarga babaturan geus mimiti tingkurunyung mapagkeun. Katangen galumbirana, silitangkeup jeung kulawarga. Gusti enyaan ieu haté geus kebek ku kasono. Kapéngpéongan ku rupa barudak. Hayang geura ngarangkul Adit jeung Muti, kameumeut ati. Hayang geura nyacapkeun kasono nu geus ngagulung jeroeun dada. Hayang geura ngobrol ka Adit jeung Muti. Yén indungna téh hiji wanoja nu teu meunang dianggap joré-joré. Buktina? Meunang peunteun pangpunjulna tinu lain, meunang pamuji ti baléréa.
            “Adit di mana kénéh?” tanya kuring waktu Adit ngangkat telepon.
            “Di jalan, Ma. Nembé tos dinner heula sareng Bi Wati. Teras jalan-jalan. Pokona asiik, Mah. Ramé.”
            “Papahna mana?”
            “Nuju ka toko heula sareng Bi Wati.”
            “Bi Wati?” aya nu harendeg kana haté. Nanaonan atuh Wati jeung dibabawa sagala. Pan kahayang mah ieu téh acara pribadi hayang namplokeun kasono ka maranéhna. Teu pupuguh aya nu ngarérab sésélékét nyuaykeun panto haté.
            “Rita, tipayun nya. Tuh tos dipapagkeun”
            “Ya. Wilujeng.” Kuring ngajajapkeun Bu Rita. Peserta nu terakhir dijemput ku kulawargana. Tinggal kuring sorangan nungguan. Pusdikmin mimiti simpé, haté mimiti dibaturan simpé. Langit geus mimiti dipasieup béntang.
            Teuing jam sabaraha lila nu ditunggu antukna datang.
            “Pap? Meni lami?”
            “Adit hoyong jalan-jalan heula puguh.”
            “Mana Aditna?”
            “Di parkiran mobil.” Salaki leumpang panghareupna. Kantong didorong ku manéhna, ninggalkeun kuring nu hareugeueun. Kasono laluncatan.
            “Pap?”
            “Ya?” Manéhna ngarandeg.
            “Séhat?”
            “Séhat. Hayu barudak tos nungguan”
            Kuring nuturkeun salaki muru parkiran mobil.
            Gebeg. Ngarénjag sataker kebek ningali hiji awéwé anu keur ocon jeung barudak. Katingali layeut nakeranan.  Awéwé maké baju warna beureum. Baju karesep kuring. Asa wawuh kana éta baju.
            “Saha éta, Kang?”
            “Wati. Pangling nya?” Salaki nyenghél.
            “Éta acuk?”
”Enya acuk nu Mamah ditambutkeun ku Papah. Méh pantes.” Salaki teu kireum kireum.
“Adit!” kuring ngagorowok.
“Éh, Mamah... “ budak ngalieuk. Tapi teu nyampeurkeun.
“Adit, itu saur Mamah.”
“Bi, Jajap Adit ka ditu, yu. Adit mah hoyong naék ka lante pangluhurna. Hoyong ningal béntang.” Budak nunjuk langit. Teu saeutik gé ningali kuring.
“Muhun hayu, Bi. Muti gé hoyog ningal béntang.” Muti nyampeurkeun.
“Sok jajap heula, Wat. Sakedap.” Salaki cumarita.
“Mangga.” Walonna pondok. Nungtun Adit jeung Muti.
“Hayu Papah. Ningal béntang sasarengan.” Adit metot leungeun bapakna.***
Haturan Patun Rahmat
            Tawis tineung Ton C angkatan 15

Tidak ada komentar:

Posting Komentar