Mimbar Atikan
Ajén
Guru Jaman Kiwari
Ku
Nina Rahayu Nadéa

Lobana kasus anu nyababkeun guru kudu urusan jeung aparat
geus jadi kasieun anu pohara keur sakabéh guru. Keur jaman ayeuna lain hal anu
mustahil budak ngalaporkeun guruna pédah ngalakukeun hal anu ceuk urang teu
pira. Lain teu pira kétang, tapi meureun sakuduna dina hal nanjeurkeun disiplin,
tapi nyababkeun guru jadi kabaud jeung
urusan hukum. Contona waé lantaran nyukuran budak, geus puguh ari nyiwit atawa
neunggeul budak mah.
Teu ngabibisani jadi guru jaman
kiwari loba pisan godaan anu nyababkeun
getih naék,
jeung piambekeun. Geus kaujur, kumaha tabéat barudak jaman ayeuna.
Kacida bédana
jeung jaman baheula. Sedengkeun di sisi séjén
tindakan guru kacida heureutna, loba aturan anu
asa ngiket, teu merdika siga baheula.
Teu kitu kumaha kalakuan guru ayeuna teu weléh jadi sorotan. Jadi paneumbleuhan
lamun aya kasalahan. Salah saeutik,
wartawan, LSM pon kitu deui Komisi
Perlindungan Anak Indonesia ngurunyung.
Anu matak ngusap dada jeung
matak bangbaungeun kacida téh perkara nindak atawa méré
sangsi ka murid. Lamun enya kaleuleuwihi atawa méngpar tina aturan sakola mah,
meureun baé
téh
teuing. Da jeung enyana, sakuduna lamun aya guru anu ngalanggar sarta nindak muridna
kalawan jeung teu adeuh mah wajib ditindak. Tapi lamun lantaran hal anu teu
pira, anu ceuk kamandang guru mah pikeun ningkatkeun kadisiplinan, pikeun
ngubah kalakuan budak anu badeur jadi bageur. Naha éta salah?
Nu jadi anéh
jeung matak salah ka guruna loba murid nu misalna waé disentak atawa diciwit
langsung bébéja
ka kolotna. Sarta nu matak teu ngeunah téh geuning loba kolot budak anu guguan
ka budak sarta langsung ngontrog ka sakolana.
Ceuk ijiran moal aya guru anu nyentak atawa nyiwit teu pupuguh ari lain
guru nu sedeng mah meureun. Tapi dalah da dikumaha, gening kitu kanyataanna.
Lamun anu datang kolotna ngarti jeung narima kana kajadian anu tumiba, alhamdulillah.
Nu matak lewang, loba kolot anu keukeuh teu nampa budakna diciwit sarta
langsung ngalaporkeun ka polisi. Matak leuwih muringkak bulu punduk lamun dina
pamustunganna angger guru nu disalahkeun.
Sok ngalamun ka mangsa nu
baheula mangsa keur jaman sakola. Guru baheula kacida garalakna. Nerapkeun
disiplin kacida beuratna. Lain hiji dua
murid nepi ka dicabok. Tapi barudak
angger ajrih, mihormat kanu jadi guru. Moal aya nu wani bébéja
ka kolot pédah
geus dicabok, sakalieun aya nu pangangguran bébéja gé, anggur dicarékan
deui ku kolot, majar teu merhatikeun guru. Teu anéh lamun barudak jaman harita
disiplinna kacida alus sarta mihormat pisan kanu jadi guru.
Ari jaman ayeuna? beu... beu... enya beuki muringkak bulu punduk puguh gé.
Ajén
guru jaman ayeuna sigana geus turun. Budak geus teu aya kaéra
ka guru, rasa hormat geus luntur. Kitu deui loba guru anu sigana téh
euweuh sekat jeung budak, komo deui meureun ku kurikulum 2013 mah. Pan guru téh
kudu ancrub, naluntik perkara kaayaan budak, boh tina segi sosial, spiritual
jeung nu lainna. Da lamun guru haré-haré wae mah meureun lebah
penilaian anu saubrug-ubrug téh moal kapeunteun.
Teundeun heula perkara penilaian anu sakudunan dilakukeun ku guru. Tapi
perkara ajén
guru jaman kiwari, memang kacida pagedrugna.
Di sisi séjén guru kudu deukeut jeung budak, naluntik budak méh
bisa nganilai budak sacara bener. Di sisi séjén budak bet asa calutak, asa
dibéré
haté.
Lantaran sieun tijalikeuh kana
hal anu goréng
téa.
Loba guru nyieun prinsip ‘aman-aman saja’
ngalakukeun hal-hal asal barudak bungah, atuh teu anéh meureun lamun kadieunakeun
guru beut jadi tungut kana kahayang budak. Ngéléhan. Tong jauh teuing, Misalna
waé dina nyieun kelompok diskusi. Loba budak anu arembungan sakelompok
jeung hiji budak anu baong, jeung teu sapagodos jeung kahayangna. Alesanna galak téa, sok neunggeul téa
atawa tara ngerjakeun tugas. Nya tinimbang budak ngarasa teu nyaman jeung teu ngahasilkeun, tungtungna mah dienyakeun
waé.
Atuh kitu deui lebah nindak
barudak anu baong atawa ngeselkeun guru. Tambah teuing heunteu, ngan saukur
mamatahan nepi ka ngabulaéh bari jeung hasilna mah nya kénéh-kénéh. Kitu-kitu waé.
Geus kajudi budak mah ngan saukur enya-enya hareupeun, satukangeun mah meureun kuma
aing waé. Da lamun nepi ka adu pisik mah geus kajudi
naon pibalukareunna. Nu matak teu anéh lamun beuki dieu, budak teu
euih-euih.
Undang-undang Guru jeung Dosen No
14 tahun 2005 pasal 1 ayat 1 nyebutkeun: guru
adalah pendidik profesional dengan tugas utama mendidik, mengajar, membimbing,
mengarahkan, melatih, menilai, mengevaluasi peserta didik pada pendidikan
formal, pendidikan dasar dan pendidikan menengah.
Geus kajudi sabenerna. Yén
ngadidik budak téh lain ngan saukur ngadidik budak sangkan jadi jelema
pinter. Tapi nu utama ngadidik budak sangan leuwih berakhlak. Komo tuntutan
dina kurikulum 2013 nilai atitude
(sikap) kacida pentingna. Tapi
ngabandungan loba kajadian, bingung teu manggih tungtung. Kudu kumaha
ngungkulanna. Jadi lamun aya budak anu
baongna kaleuleuwihi api-api teu nyaho waé kitu?***
*Mugia seueur pulunganeun :)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar