Lauk Patin
Ku Nina Rahayu Nadéa
“Énggal
emamna Rika.” Mamah ngagebah Rika nu ngahuleng.
“Rika mah alim
emam.”
“Kunaon?” Mamah
neuteup.
“Teu resep
lauk patin. Hanyir.”
“Saur saha
hanyir. Raosan heula geura.”
“Alim... alim...
pokona Rika mah alim emam sareng lauk patin.”
*
Di sakola bu
guru ngabahas ngeunaan lauk. Yén lauk téh loba manfaatna pikeun awak
urang. Ngandung kalsium jeung fosfor nu kacida alus pikeun nguatkeun ogé
ngajaga kaséhatan tulang.
“Sok matakna
geura seueur emam lauk supados hidep sehat sareng pinter.”
“Teu kedah
ngapalkeun nya, Bu?” Yadi nyelengkeung ti tukang.
“Ih. Kedah
ngapalkeun atuh. Pinter gé pami teu ngapalkeun mah ké hilap deui.” Bu guru
ngagelenyu.
“Lauk patin saé,
Bu?” Rika lahlahan nanya.
“Kantenan
atuh. Saé
pisan. Nambih pinter.”
“Tapi Rika mah
teu resep, Bu.”
“Tos nyobian
teu acan?”
Rika gideug.
“Cobian heula gera. Dijamin Rika bakal resep
sareng deudeuieun.”
Rika
ngahuleng. Mamahna ogé guruna geuning beut saruana. Nitah resep kana lauk patin.
Ah, sigana kudu nyobaan lauk patin, Rika
neureuy ciduh. Ngabayangkeun lauk patin anu kacida teu dipikaresepna. Sanajan can kungsi nyoba, tapi saur bu guru kudu
resep mah, Rika téh lahlahan.
Babakunamah
Andin. Majar téh cenah mamahna mangmasakeun lauk patin. Ngan barang
ditingali téh
geuning geutihan kénéh. Komo basa dicobaan mah, karasana hanyir nu aya. Éta
caritaan Andin téh bet asa nerap ka Rika. Matakna tiap ngadéngé
patin téh
beut asa murel waé. Sanajan saenyana Rika hayang nyobaan. Komo basa A’Yadi
ngabibita mah.
“Lauk téh
raos, gurih. Yeuh geura.”
“Alim... alim
saur Andin gé
hanyir jaba getihan deuih. Iy.”
“Mana cing
tinggal getihan teu? Sakieu garingna.” A’yadi nembongkeun lauk. Laju
dipotongkeun. “Ehm manyus...”
“Enya ning teu
aya getihan.” Rika nelek nelek lauk. “Enyaan raos, A?”
“Teu percanten?
Silakan dicoba. Raos pisan pokona. Buatan Mamah téa atuh top markotop!”
“Engké
deui ah, nyobianna. Rika badé ameng heula.” Deui deui obrolan Andin
kabayang ku Rika.
Ti sakola
gesat gesut. Teu nungguan heula Andin nu harita ka kantin. Rika mah langsung
ngabecir. Hoyong geura ngobrol ka Mamah.
“Énggal
gera emam. Tuh Mamah masak perkedel karesep Rika.”
“Asik. Rika gé
tos lapar yeuh.”
“Éits...
gentos acuk, teras wasuh heula panangan.”
Rika ngaléos
ka kamar. Nurut kana cariosan Mamah. Tos salin langsung kana méja
makan.
“Waw. Perkedelna
énak
kieu, Mah. Lain dari yang lain.” Rika cacamuilan. Ngahimel bakating ku nikmat.
“Kumaha raos
perkedelna?”
“Raos pisan.”
Rika mereskeun piring.” Mah...” Rika
semu asa-asa.
“Aya naon?”
“Énjing
mah Rika hoyong nyobian lauk patin. Saur bu guru cenah seueur vitaminna.
Supados Rika pinter, Mah.”
“Pan nu nembe
diemam ku Rika téh lauk patin.”
“Leres Mah? Ih,
gening meuni raos.”
“Matakna kedah
dicobian heula. Tong nyarios alim... alim waé!” Mamah ngagelenyu.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar