April
Mop
Ku
Nina Rahayu Nadéa
(dimuat di Majalah Mangle, April 2015)
“Adeuh,
Mamah kangen nya. Mengenang mémori ni yé...” April ngagareuwahkeun
kuring nu keur anteng nyekel kembang ros
nu seungit ngahiliwir. “Hayo kembang ti saha. Ti kabogoh nya?” Deui deui April
ngagonjak kuring.
“Ih.
Naon ari April teu pupuguh nyarios kitu ka Mamah.” Kuring nengetan kembang.
“Puguh Mamah teu apal. Ieu kembang beut
aya di méja
rias Mamah. Seungit deuih....” Kuring ngambung éta kembang.
“Ehm...
tapi Mamah suka kan. Teu peduli siapa yang ngasih. Hihi. Adeuh.... Sanaos Mamah gaduh kabogoh atanapi badé nikah deui. April pasti
ngadukung.” April ngagéléha kana kasur. “Yang penting Mamah hépi.”
“Ih.
Ari April nyarios téh. Sok kamana waé. Nu penting April sakolana sing
leres, kedah junun. Sing nyaah ka Mamah.” Kuring ngadeukeutan April nu keur
gogoléran.
Teup panon neuteup poto nu ngadaplok dina témbok kamar. Diilikan. “Mamah
yakin, Papah hiji waktos bakal uih, Pril. Mamah teu weléh ngadoa. Teu weléh
salawasna nyambat Papah sangkan geura uih. Sangkan salamet. Pasti bakal
ngariung mungpulung deui sareng urang.” Kuring cumarita, baring jeung panon
angger kana poto. Poto duaan, kuring jeung salaki.
“Mamah.”
April ngagabrug ka kuring. “April téh resep ku kasatiaan Mamah ka Papah.
Sanaos dikantun ku Papah ampir 7 taun. Tapi Mamah ning keyeng, tigin kana kasatiaan. April nyaah ka Mamah, April
hoyong ningal Mamah salamina bagja.” Tina juru panonna aya nu ngeyembeng.
“Barina gé
kétang
April mah alim da gaduh bapak téré. Héhé. Mending Mamah teu nikah
deui.” April ngarénghap panjang, nyumputkeun semu. Kasedih leungit baganti
ku paroman anu béar marahmay.
“Tuh...
nya ari tadi kunaon atuh miwarang Mamah nikah hayoh.” Kuring ngajembél
pipina.
“Kan,
ngaheureuyan Mamah. Hoyong terang eusi haté Mamah. Tapi ning unggal
diheureuyan téh Mamah angger we satia. Hihi. Pan ayeuna téh sasih
April. April mop téa,
Mah. Waktosna kanggé heureuy, kanggé guyon.”
“Heureuy?
Ah, Mamah terang ayeuna mah, berarti nu nyimpen kembang ros dina luhur méja
ieu, pasti April nya?” Kuring nyilidik.
“Hihi.
Mamah mau tau atau mau tau banget?” Budak nyikikik.
“Hi...
ditaros téh?”
kuring ngajembél pipi budak. “April nya? Sok teu ngawaler mah. Énjing
moal dipasihan ongkos ka sakola gera.”
“Haha.
Iya... iya. Demi ongkos, April badé ngangken lah. Mun éta
kembang téh
April nu nyimpen. Pan Papah kapungkur sok kitu ka Mamah. Romantis. Masihan waé
kembang ros kanggé Mamah.” Budak nangkeup kuring. “Hapunten April nya, Mah. Sakantenan waé ngémutan sakedap deui ulang tahun
April. 15 April ultahna. April hoyong
hadiah spésial
ti Mamah.”
“Ehm....
angger ngaheureuyan Mamah. Tapi aya kahoyong.... Pasti atuh April geulis, Mamah
bakal masihan sesuatu kanggé April.”
“Nuhun,
Mah.” April nyium pipi kuring. ”Mah, enyaan Mamah badé ngantosan Papah?” April
neuteup kuring.
“Kunaon
April naros kitu. Tangtos waé geulis.” Kuring nyingkahkeun
teuteupan. “Tos nya Mamah badé ka jamban heula.”
“Nuhun,
Mah. April gé
tara kendat ngadoa supados Papah énggal uih. April kaluar heula nya.” Siga
nu surti, April kaluar ninggalkeun kuring ti kamar. Tepung jeung panglamunan.
Nepungan Kang Hérman salaki kuring. Enya Kang Hérman nu taya ibar, taya
laratan méh
7 taun. Masih inget waktu harita manéhna amitan, aya gawéan
di luar Jawa. Rék ka kalimantan cenah.
“Pah.
Nyandak oléh-oléh nu
saé,
nya.” April nu harita masih kénéh ésdé ngaléndotan.
“Muhun
April geulis. Tangtos Papah nyandak oléh-oléh kanggé hidep.”
Kitu,
tepung panungtung jeung manéhna. Ti harita pleng taya beja taya
carita. HPna teu aktif. Kitu deui di tempat gawéna sarua naréangan.
Angger teu katimu laratan saeutik ogé. Ngan ceuk babaturanna, papisah
sabada Kang Hérman nambah proyék anyar, ka pedalaman. Tepung poé
milang bulan tepung purnama ganti taun. Ayeuna geus méh 7 taun kuring papisah jeung
Kang Hérman.
Indung bapak kitu deui dulur-dulur ti Kang Hérman sorangan geus masrahkeun
sagalana ka kuring. Malah mah nya maranéhna
pisan nu nitah ka kuring sangkan gancang boga salaki deui.
Teu
purun. Kitu meureun kapengkuhan kuring. Sanajan loba nu ngadongsok sagkan
kuring laki rabi deui, kitu deui tinu jadi anak. Teu. Kuring teu hayang
ngaduakan kacinta nu geus satuhu jeung Kang Hérman. Ti béh
ditu mula, ti saacan ijab kabul pan kuring geus jangji jeung manéhna
rék
hirup sapapait samamanis nepi ka iraha waé ogé. Angger satuhu kana cinta
sanajan kapegat ku pati. Ti kajadian harita kuring rék ngabuktikeun ka Kang Hérman
ka balaréa,
yén
cinta kuring lain ngan saukur pupulasan. Cinta tetep ngait na ati. Sanajan teu pataréma.
7
taun lain waktu nu sakeudeung pikeun nunggu nu teu tanggtu. Can apal kumaha
nasib sabenerna Kang Hérman. Tapi duka ku naon ieu haté asa yakin yén
dina hiji waktu pasti pinanggih jeung Kang Hérman. Pasti. Éta
kayakinan nu sabenerna mengkuhkeun kayakinan kuring nepi ka kiwari kuring angger
nyorangna. Teu... teu saeutik ogé boga niat ngaduakeun ieu tresna kanu
lain.
*
Keur anteng ngajar di kelas
harita téh.
Waktu aya TU ka kelas hariweusweus.
“Bu
Yani. Énggal
ka kantor aya telepon. Penting.”
“Aya
telepon?” Kuring malik nanya. Asa ku anéh telepon ti mana. Pan biasana gé
kana HP. Naha jeung maké ka kantor sagala. Tapi teu nanya. Suku hideng ngaléngkah
nuturkeun Bu sita.
“Ti
saha?”
“Duka
da ti Éman...
Éman...
kitu.”
“Éman
mana nya?” Pikir uleng mikiran ngaran.
“Haduh
gebetan énggal
nya, Bu. Héhé.”
“Ah,
sok ka mana waé, ari taeun téh.” Kuring ngagelenyu.
“Haloo.”
“Ieu
... Yani... Yani....” Sorana lusles.
“Muhun.
Ieu sareng saha?”
Taya
soara. ”Ieu sarang saha?”
“Leres
ieu Yani?” Tanyana deui.
“Muhun
abdi, Yani Sundari. Dupi ieu sarang saha?” Ngomong rada tarik.
“Yan....
ieu akang.”
“Akang?”
Haté
dumadakan dagdigdug, apal kana soeana. “Kang Hérman?”
“Enya.
Yan. Ieu Kang Hérman.”
“Ya
Alloh, Akang? Enyaan ieu Akang?”
“Enya,
Yan. Hampura Akang nya.” Sorana dumareuda.
“Kumaha
Akang séhat.
Di mana ieu, Kang?”
“Panjang
caritana, Yan. Ngan akang rék nanya ka Yani. Yan, masih narima kénéh
Akang teu?”
“Narima
kumaha?”
“Narima
Akang salaki Yani kénéh?”
“Akang.
Nya muhun atuh pan Akang téh salaki Yani. Ti baheula gé akang tetep salaki Yani nepi ka
ayeuna. Sok anggur akang geura ka dieu. Yani sono. April geus SMA kacida
miharep akang.” Kuring nyusut cipanon nu
bedah teu katadah.
“Yan,
tapi Akang hampura deuih. Akang balik ngan saukur mawa awak. Teu mawa nanaon
deui. Ongkos gé akang téh teu boga. Ieu gé
bisa nelepon pédah aya nu haat.” Sorana dareuda.
“Tong
ngemutan kitu Akang. Nu penting Akang salamet, bisa ngariung mungpulung jeung
kulawarga. Perkawis ongkos ku Yani ké dikintun. Akang tong gaduh émutan,
nya.”
Kuring
nutup telepon. Langit ngadadak cangra narawangan. Sujud syukur kanu Maha Agung.
Kasatiaan, kayakinan ayeuna ngabukti. Enyaan ning Kang Hérman aya kénéh.
Isukan rencana rék mulang. Kuring gesat gesut balik sanggeus transfer duit
keur Kang Hérman.
Sadia ngupahan haté. Sayaga nampa kaasih nu sakeudeung deui baris katampa.
*
“Wilujeng
tepang taun April geulis. Katineung ati Mamah.” Kuring ngelol ti lawang panto
kamar. “Ieu kadona kanggé April.” Kuring nangkeup budak bari jeung mikeun kado.
“Hatur
nuhun, Mamah.” Cenah bari jeung nampanan kado. “Dibuka nya?”
Kuring
unggeuk.
“Ih, Mamah. Naha kadona beut kosong.”
“Pan
April mop. Saur April gé.
Pan April mop mah kanggé
guyon.”
“Ah,
Mamah sebel...”
“Hayu
tong baeud geulis. Aya hadiah spesial
kanggé
April.” Kuring nuyun budak ka rohang tengah. “Tuh saha.” Kuring nunjuk hiji
lalaki nu ngajanteng di tengah imah. Lalaki nu ngahaja disumputkeun ku kuring
saheulaanan. Pikeun ngabebenah jeung ngalalanyah haté April. Pikeun ngodok haté
April. Kumaha sabenerna kanyaahna kanu jadi bapak. Kanyaah nu geuning sarua jeung kuring. Sarua
wening, tur salilana tetep nganti.
“Papah.”
Manéhna
lumpat muru bapakna. Nangkeup pageuh. “Tong ngantunkeun deui April sareng
Mamah, Pah.”
Kuring
imut. Nyerangkeun manéhna nu kebek ku kabungah. Cimata ngalémbéréh.
Cimata kabagja. Hatur nuhun Gusti.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar