Jumat, 10 April 2015

Teu Apal

Dimuat di Majlah Mangle

Teu Apal

                Keur usum HP anyar nu canggih. Touchscreen téa ngaranna. Bisa dioprasikeun bari jeung ngan saukur ditoél ku leungeun. Pon kitu keur mindahkeun kanu menu lainna ngan saukur  noélkeun leungeun semu ngagésér kanu dipikahayang, langsung jalan.
Ari nu jadi budak?  Sakitu geus boga HP gé, ih da ngarenghik unggal usik. Tadina mah moal dipangmeulikeun, ngan kuningalina gudad gadeud waé jeung mogok sakola. Kapaksa antukna dipangmeulikeun. Babakuna mah hariwang ngalakukeun anu teu puguh, demi kahayangna ngabogaan HP. Sanajan aya sarat ti kuring, nyéta duit keur jajan  kudu dipotong sawaréh. Manéhna nyaluyuan, nu penting HP bisa kapimilik. Sanajan geus aya Hp mah ning jalir tina jangji, da geuning angger wé  duitna kudu weuteuh.
                Keuheul nataku waktu dina hiji poé. lima bulan satutas meuli HP anyar téa. Datang ti sakola manéhna ceurik.
                “Kunaon?” cekéng tumanya.
                “HP teu hurung, Pak. Teu tiasa dianggé.”
                “Matakna sing apik atuh. Maenya karék lima bulan geus ruksak deui. Kunaon?”
                “Duka atuh, Pa. Tikamari gé teu dibuka. Disimpen dina kantong. Da pulsa internétna tos séép. Ari tadi di sakola teu jalan. Saur réréncangan mah cenah kadedetkeun jadi wéh teu hirup.”
                “Nya keun wé atuh sina istirahat heula, méh teu ngoprék waé HP.”
                “Pa, atuh, Pa. panglereskeun lah.” Katingali manéhna geus luwa lewé.
                Horéam-horéam gé kapaksa ngencling ka service HP di kota, sakalian aya beulieun nu lain. Jeung  lebar wé ketang kana  Hp.  Piraku kudu ngarenghik deui meuli HP anyar mah.
                “Kunaon HPna, Pa?” tanya nu jaga.
                “HPna teu tiasa hurung pisan.”
                “Oh.” Katangen manéhna ngoprék HP sababaraha lila.
                “Sandina naon, Pa? Supados terang panyawatna ieu HP kedah dibuka. Ngan kakonci.”
                “Janten kumaha?” Kuring malik nanya.
                “Taroskeun ka putra bapak. Sandina naon kitu.”
                “Néng. Ieu sandina naon?” kuring ngaSMS budak kanu HP hiji deui.
                “Teu apal, Pa. Wartoskeun teu tiasa dibuka kituh.”
                Dibéjakeun wéh ka tukang servis yén budak kuring teu apal sandina.
                Tukang servis kerung. “Muhun supados terang panyawatna, kedah aya sandina. Supados gampil mariksana.”
                “Néng naon cenah sandina?” Kuring ngajorowok dina telepon.
                “Teu apal, Pak. Ih, Bapak teh meuni keukeuh naroskeun waé.” Kadéngé sora budak tarik.
                “Ih budak téh teu ngarti waé.” Kuring nutupkeun telepon, amitan kanu boga toko.
                “Maenya teu apal nu boga HP téh. Paingan atuh HP ruksak  da sigana  dipaké waé ku batur, nepi ka sandi nu sorangan teu apal.” Kuring kutuk gendeng kanu jadi anak, basa geus aya di imah.
                “Ari Bapak kunaon datang téh beut ambek ka Enéng?”
                “Ditanya sandi nepi ka teu apal. Dasar lieur!”
                Budak olohok. Teu lila ceuleukeuteuk  seuri sorangan. Gutrut nulis na kertas. “Ieu, Pa sandi HP téh.” Manéhna némbongkeun kertas. Di dinya ngajeblag tulisan TEU APAL.***
                                                                                                                              Nina Rahayu Nadéa


Tidak ada komentar:

Posting Komentar