Kamis, 09 April 2015

Nu Ngajak Balik

Dimuat di majalah Mangle No 2513, 5 Feb-11 Feb 2015 :)


Carmis
Nu Ngajak Balik
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Bati ngemplongna sanggeus boga imah. Dibeuli lunas taya hahalang.  Pon kitu deui pamajikan katingali paromanna béar marahmay. Kitu pasti, sasat imah kahayang. Ngabélaan ngirit dahar, medit ceuk nu lain mah demi nu dipimaksud. Sapuluh taun rumah tangga karék ayeuna diijabah ngimahan nu jadi anak pamajikan.
                Harita kénéh langsung dieusian. Parabot ti imah kontrakan langsung diangkut dipernahkeun. Ngan édas. Kabagja téh geuning beut sajorélat. Imah anyar téh beut dipaké titirah kunu jadi pamajikan. Sababaraha poé tisaprak dicicingan. Pamajikan brek gering, ngareunggeuy.  Nu tadina gesit, singset kana barang gawé, jadi lénglé. Malah sok katangen keur ngalamun. Digebah atawa ditanya aya naon? Dijawab ngan saukur ku gideug. Atawa lamun diguliksek cukup ku ngajawab “Teu aya nanaon”.  Beuki dieu beuki remen huleng jentul. Siga nu jarauh panineungan. Malah suda kana barang dahar. Atuh anu tadina awak lingsig montok  beuki dieu beuki ngabegangan.
                Sababaraha dokter geus didatangan sangkan  bisa ngubaran jeung ngaleungitkeun panyakit anu tumerap ka pamajikan. Tiap datang dipariksa malah kungsi nepi ka dirongsen. Tapi keukeuh ceuk dokter henteu aya nanaon. Ngan cenah loba pikiran waé, jeung kurang istirahat. Kitu jeung kitu tiap datang ka dokter téh. Tapi pamajikan angger taya béragna anggur  beuki dieu  beuki regung. Awakna laleuleus, lungsé. Kitu pantes atuh da teu kaeusian dahareun.
                “Tong loba pikiran atuh, Mah. Pan imah alhamdulillah geus boga, teu kudu ngontrak deui. Anggur mah kudu loba sukuran.” Ceuk kuring satutas solat Isya bari mencétan pamajikan anu  ngalempréh dina kasur.
                “Teu aya nanaon da.” Témbalna halon. Tina juru panon aya nu nyalangkrung.
                “Teu aya nanaon kumaha. Geuning siga ngemu kasedih?” Kuring nyeleksek.
                “Duka atuh, Pa. Teu pararuguh waé haté téh...”
                “Matak kitu gé  aya nu dipikiran. Aya naon atuh?”
                “Asa teu betah puguh di  imah téh.” Pamajikan ngomong halon.
                “Teu betah pantes atuh, Mah. Da imah anyar. Ningalkeun kontrakan anu ampir 10 taun dicicingan ku urang. Ké gé betah geura.  Anggur jalan-jalan ka luar. Ka tatangga anyar. Hayu ku Bapak ké dianteur.”
                “Enya kahayang mah, Pak. Ngan kumaha atuh. boro-boro ka luar, pan ka cai ogé sasat laleuleus kieu.” Pamajikan tambah halon. Semu beurat keur ngomong.
                “Enya tos wé istirahat. Sugan isuk géto mah jagjag.” Kuring  nyimbutan pamajikan.
                Kuring neuteup pamajikan leleb. Enya teuing naon atuh panyakitna. Uubar mah pan geus puguh ka ditu ka dieu. Tapi can aya waé hasilna. Nu puguh mah duit béak, pamajikan angger tiktik brek. Asa mending siga baheula, ngontrak. Ngariung jeung anak pamajikan  bari jeung hirup pinuh ku kabéragan. Ari ayeuna? Enya ogé imah sorangan tapi tiiseun pisan. Pamajikan taya menyatna, atuh budak dua kapaksa dititipkeun ka ninina da kaayaan pamajikan anu sakitu buktina.
                Hiji poé satutas berobat ka  dokter. Nyimpang heula kanu jadi indung. Pangpangna mah geus sono waé ka barudak. Ampir saminggu teu ditempo.
                “Mamah!” Nu leutik langsung muru ka indungna. Kitu deui anu gedé.
                “Cicing! Mamah... Mamah!” Pamajikan nyentak. Budak ngarengkog, rét ka kuring.
                “Ké mamahna capé kénéh. Jeung pan Mamah téh teu sehat.” Kuring nyarita kanu jadi barudak, basa ningali talajak pamajikan, siga nu keuheul waktu dideukeutan ku barudak. Taya rindat kasono saeutik ogé sakitu teu tepung lila. Padahal manéhna sorangan nu keukeuh hayang nyimpang ka dieu. Sono ka barudak cenah kitu omongna ka kuring.
                “Enya  jig ka ditu arulin geura. Keun sina istirahat heula mamahna.” Tembal indung kuring surti. “Di dinya wé, Dan tah golérkeun.” Indung kuring nuduhkeun  kana kasur.
                “Sok istirahat heula, Mah.” Ceuk kuring ngusap tarang nu jadi pamajikan. Banget  ku deudeuh jeung karunya ningali warugana.
                “Geus tong kikieuan geuleuh.” Pamajikan ngépéskeun leungeun kuring nu keur ngusapan.
                “Ku naon, Mah?” kuring reuwas ningali pamajikan kitu. Asa anéh puguh gé. ”Mah?” Kuring neuteup  pamajikan.
                “Naon... Mamah... mamahan?” Panonna ngaburileng.
                “Dila... Dila...” Indung kuring nyampeurkeun.  Reuwaseun.
                “Lain Dila kuring mah lain.... Hahaha.” Sorana bedas semu ngagerem. Kukurayeun. Lain sora Dila pamajikan kuring.
                “Ma?” Kuring ngareret kanu jadi indung.
                “Geuwat susul Ustad Acéng.”
                Kuring surti.  Teu talangké langsung muru imahna nu kahalangan ku sasuhunan.
                “Pangmawakeun heula cai, Dang.”
                Song kuring mikeun cai ka manéhna.
                “Kaluar sia, kaluar! Rék nanaonan manéh ka dieu.” Pamajikan  nunjuk Ustad Acéng nu keur anteng babacaan. Teu gidir.  Teu kahalangan kunu nyarékan.
                Ngarasa diantepkeun jeung teu dianggap. Jung pamajikan nangtung, niat rék najong Ustad Acéng nu aya hareupeun, lamun kuring teu geuwat nyekelan mah. Pamajikan dicekelan ku  kuring.  Ampir teu katanagaan lamun teu dibantuan ku tatangga anu rabul nyalampeurkeun mah. Awak pamajikan diborogod ku sababaraha urang.
                Bérés Ustad Acéng ngadoa. Manéhna neuteup leleb panon pamajikan. Laju leungeunna ngéprétkeun  cai kana beungeut pamajikan.
                “Sadar, Dila.”
                “Sadar... sadar. Ustad gejul aing mah lain Dila. Aing mah kabogoh Dila nyaho teu?”
                “Oh kabogoh Dila. Enya sok atuh ka luar. Tong cicing dina waruga Dila, mun enya andika bogoh mah karunya....”
                “Moal... moal nyingkah kuring mah. Puguh ngahaja ka dieu téh rék ngajak balik. Karunya di imah mah ruwet. Moal senang. Mending jeung kuring waé bakal disenangkeun.” Sorana angger handaruan.
                “Teu bisa disabaran nya. Sok indit!” Ustad Acéng ngised. Marancahan anu  keur kasurupan. Ti mimiti indung jempol dicekel, mapay ka luhur. Sakapeung pepeta, tihothat.  Leungeunna gasik nyekel ka hiji tempat  anu aya dina awak, siga nu keur aya nu diburu. Dicekel pageuh. Sarta geus kacekel. Gegereyeman laju ngaheumbatkeun leungeun ka nu lain siga aya nu dipiceun.
                “Moal nyingkah. Aing mah geus betah di dieu...” Sora pamajikan beuki bedas.
“Istigfar Dila. Istigfar. Sok sing kuat. Ulah kabawa ku sakaba-kaba. Urang makhluk nu paling mulya.” Ustad Acéng nyimbeuhkeun cai kana beungeut pamajikan terus diusap.
                “Istigfar, Mah.” Kuring  sarua ngélingan.
                “Astgafirulloh.” Sora pamajikan lumengis. “Moal... ingkah!“ Sora bedasna kaluar deui.
                Kitu jeung kitu sababaraha menitan mah. Nu kaluar sora téh piligenti. Kadang sora Dila pamajikan kuring kadang sora lalaki handaruan pikasieuneun.
                Nu araya teu éléh géléng. Kabéh hémpak maca surat sabisa-bisa. Ustad Acéng beuki khusu ngadoa ka mantenNa. 
                “Kuring bakal datang deui... Dila pamajikan kuring.” Sora lalaki handaruan ngiles. Laju jeung awak Dila anu ramohpoy ngadupruk dina kasur lir dipupul bayu. Sababara lila kapidara. Diceuhceuhan ku indung kuring.
                “Sadar, Mah?” Ceuk kuring waktu ningali pamajikan beunta.
                “Mana si Dédé, Pak? Teu nanaon?” Panonna neuteup kuring.
                “Keur ulin jeung lanceukna. Tos sadar, Mah?” Kuring nanya deui kanu jadi pamajikan.
                “Sadar naon, Pak? Da teu nanaon. Euleuh geuning seueur tamu kieu.” Pamajikan rungah ringeuh karék sadar kana kaayaan.
                “Sukur tos sadar mah  Dila. Yeuh eueut deui caina.” Ustad Acéng ngasongkeun cai.
                Regot pamajikan nginum cai nu diasongkeun.
                “Aya kénéh nu karaos beurat?” Tanya Ustad Acéng.
                “Ieu asa aya nu ngabeuratan.” Leungeuna nunjuk punduk.
                Ustad Acéng kunyam kunyem. Kadua leungeunna nungkup naon anu dituduhkeun. Lung dialungkeun. “Insya Alloh  moal nanaon deui.” Ustad Acéng  ngarénghap panjang.
                “Aya naon nu saleresna ieu téh Ustad?”
                “Tos lami nyalikan bumi anyar?” Ustad Acéng malik nanya.
                “Aya kana 4 sasih mah.”
                “Kumaha tos dieusian karaosna.”
                “Ari abdi mah biasa waé. Mung Dila puguh gé. Tisaprak ka ditu teh anggur tiktik brek, teu damang waé. Uubar mah ka ditu ka dieu  ngan angger teu menyat waé.”
                “Eummm.”Ustad Acéng unggut-unggutan.
                “Ari kitu kumaha, Pak?”
                “Manéhna asa kaganggu kunu anyar datang. Asa kalindih. Komo deui teu amitan. Keuheul. Treup waé ka tuang istri anu lengah, nu nuju seueur émutan.”
                “Nyéta ditalék aya emutan naon gé. Keukeuh teu betus pun bojo téh.” Kuring ngarérét ka pamajikan.
                “Ah. Tos tong dipikiran.  Nu pasti di mana waé urang kudu getol ibadah.  Haté tong lengah. Kudu percaya di sakuriling urang téh aya makhluk nu lain, anu salilana ngaganggu manusa anu teu éling ka mantenNa.”
                “Kumaha atuh ayeuna, Ustad?”
                “Urang beresihan heula imahna. Beresihan ku doa. Ménta idin kanu aya, sangkan inyana teu kaganggu, teu kagiridig ku urang. Jadi bisa dieusian kalawan dina katengtreman.”
                “Moal... moal balik deui ka imah horéam. Komo panggih jeung tatangga gigireun mah. Cadu, Pak.“  Pamajikan ngagukguk.
                “Aya naon, Mah?” Kuring nanya semu reuwas.
                “Manéhna  ngambek teu pupuguh. Pédah asa diteungteuingan. Imah téh geus dipanjer kanu bogana satengahna. Pas rék ngalunasan, kari-kari duitna dibikeun deui. Da cenah geus dibeuli ku urang. Tiap panggih teu weléh sindir sampir, majar kuring neluh no boga imah nepi ka antukna imah bisa kapimilik.  Mamah embung.... embung rudet, Pak. Jual deui wé imah téh.” Pamajikan beuki ngagukguk.
                “Tah geuning éta panyakitna.” Ustad Acéng seuri koneng.***




hhhh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar