Kamis, 09 April 2015

Sajak Sunda

Dimuat di Koran Galura, Minggu ka V, Januari 2015



Sajak-sajak
Nina Rahayu Nadéa



Muru Laku

Léok ngénca, léok ngatuhu, ngajurungkeun laku
Handaruan meulah jalan kasalempang
Silisiap siliudag pagilinggisik nyiwitan wanci
Muru pati

Langit peteng mayungan haté nu canéom
Kakalicesan katebak angin tineung
Awak leuseuh teu kabanjuran doa

Nu ngaguher nu dzikir hawar-hawar nepungan langit
Mana nu leuwih rempeg?
Sedeng pati salilana ngukuntit
Kasalempang langgeng marengan




Nu Miang Ninggalkeun Asih

Aya nu leungit caroplokan tina raga katresna
Sawaréh neueul  lemah, sawaréh ngungsi wiati  nu némbongan lebah katineung
Sésa ibun katresna sumulusup dina lulurung kalbu,
Cintaning asih pamustung bahan pamiangan
Nguntunan katineung léngkah patékadan

Nyemprung lebah tanjakan asih
Di dieu aya geter karémpan
Naha katresna satuhu salalawasna?
Atawa kagiles dina sésa birahi



Katapang-Gilimanuk

Ngangkleung na sagara, nganteurkeun haté nu kuméok
Momot ngajang na saban rénghap na saban ucap
Sieun....
Ieu rénghap panungtung, ieu ugeran panganggeusan

Mingkin jauh ninggalkeun daratan
Dosa narémbongan lebah kongkolak panon
Gambar diri nu katambias patingpucunghul nepungan



Beuki jauh beuki kuméok. Kasieun nganjang ngabaju
Méotkeun haté nu lamokot dosa
Naon nu geus sayaga?
Ukur kokotor nu marengan

Nya di dieu dina sagara
Wirid teu anggeus-anggeus digalindengkeun
Maturan karémpan, maheutkeun siki tasbé nu caroplokan tiap péngkolan***



Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI.


hhh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar