Rabu, 08 April 2015

Renghap Angin

Dimuat di Majalah Mangle 5-12 Maret 2015.


Rénghap Angin
Ku Nina Rahayu Nadéa

                “Aduh, Ma. Nyeri!” Kuring ngajerit rada dipengkek. Kahayang mah ngajorowok tarik bakating ku nyeri. Ngan masih aya kaéra. Pan kuring keur aya di rumah bersalin.
                “Sabar…  sabar. Anggursing mumuntang ka Gusti.” Ema ngusapan  buuk kuring, kalawan deudeuh.
                “Énggal, Bu. Ngaheujeun deui. Sakedap deui orokna kaluar.”
                “Tos teu kiat abdi mah, bu bidan. Ema tulung, Ma.” Kuring ngaramesan leungeun Ema nu aya di gigireun.
                “Sok pasti Éla bisa. Buru sakeudeung deui budakna kaluar, tuh buukna gé geus katingali.” Ema nyumangetan kuring.
                “Ma, na nasib Éla téh beut kieu atuh, Ma. Éla mah enyaan teu ngaharepkeun ieu orok. Mending pondok umur orok téh, Ma.”
                Lamun kuring bisa malikeun lalakon meureun kuring téh moal daék indit jeung Grasél babaturan sakelas kuring. Ngan pédah wé Dina sobat kuring teu asup kuliah harita téh. Jadi  kapaksa ngumaha ka Grasél. Basa inget yén tugas Pak Maulana kudu dikumpulkeun dua poé deui, sedengkeun kuring teu boga buku sumberna.
                “Sél, tiasa teu Éla nambut buku  Manajemen Keuangan?”
                “Aya ngan di kosan.” Grasél imut. “Hayu atuh ari rék ka kosan Grasél mah da teu pati jauh ti dieu.”
                “Asiik aya nu nulungan.”
                Satutas kuliah kuring diboncéng ku Grasél kana motorna.
                “Heuleuh meni énakeun kieu tempat téh, Sél? Lega deuih.” Ceuk kuring rarat  rérét. Abong kuring jarang iinditan  Tara pirajeunan ruang rIung jeung nu lain. Sakalieun nungguan dosén asup lamun aya waktu panjang gé, paling kuring mah nungguan wé di masjid. Atawa paling  ngerjakeun tugas di taman, hareupeun kampus jeung Dina. Ngan sakitu. Bérés kuliah mah sok langsung wé ka imah Uwa.  Sipat Uwa nu heuras tur disiplin dina ngadidik anak-anak teu ngabédakeun ka kuring sanajan anak adina.
                Kaharti kitu namah. Uwa téh sieuneun barudakna ogé kuring nu sasatna budak  titipan, kabawa kusakaba-kaba. Mun aya nanaon téh pan angger meureun Uwa nu kateumbleuhan.
                “Alhamdulillah Éla antukna daék cicing di dieu. Uwa mah atoh wé nu aya, aya batur Lina, anak Uwa méh aya nu merhatikeun. Babakuna mah Uwa istri méh aya nu mantuan deuih. Ngan wayahna cicing jeung Uwa mah kudu tungut. Teu meunang ubrang abring sumawona ulin teu puguh.   Lain nanaon, La. Kudu bisa ngabédakeun cicing di lembur jeung di kota. Matak kudu ati-ati pisan.” Uwa pameget nyarita panjang lébar basa kuring karék datang ka imahna.
                “Tuh, regepkeun tah cariosan, Uwa.” Ceuk Ema.
                Dijawab ngan saukur ku unggek.
                Kuring bungah pisan basa disambat ku Uwa pikeun kuliah deui. Malah biaya jeung sagala gé ditangkes ku Uwa. Karunyaeun meureun ka Ema nu hirup nyabeulah.
                Ngan teu kuhanteu keur betah-betah sakola. Betah nyuprih élmu beut kagoda kunu lain-lain. Enya mimitina mah basa datang ka kosan Grasél  téa. Kabeneran di dinya téh  aya hiji lalaki nu kabeneran keur nungguan Grasél. Malah kacirina mah maranéhna geus alakrab pisan.
                “Tos tatadi ?” Tanya Grasél.
                “Lumayan lah.” Cenah bari ngarérét ka kuring. Belenyéh imut.
                Kuring tungkul asa éra diteuteup ku lalaki anyar pinangih. “Oh, ieu temen kuliah Grasél. Éla.”      “Baim.” Cenah, bari jeung  nyodorkeun leungeun ka kuring.
                “Éla.” Walon kuring pondok.  
                “Ké, nya. La. Grasél milari heula bukuna. Sok tah ngobrol heula sareng Baim. Tenang da tara ngégél.” Grasél seuri bari jeung ngaléos ka kamarna. Kuring mah  ngobrol wé jeung Baim.
                Nu tadina asa éra, asa heurin ku létah téh ning antukna mah bisa ngobrol loma jeung Baim. Da geuing Baim mah bisa wé ngobrolna. Kuring cicing gé angger wé ngeceber, sagala diomongkeun. Ti mimiti nanyakeun ngaran lengkep kuring, malah jeung ngaramal sagala tina jumlah hurup. Sagala dicaritakeun. Beuki kataji waktu Baim, ngobrolkeun materi ngeunaan Akuntansi.
Gening Baim téh jalma pinter.  Daék nerangkeun kumaha carana méh ngarti kana pelajaran Akuntansi. Enya gé kuring téh asup kana jurusan Akuntansi, tapi sabenerna mah euweuh dasar ti SMA. Maklum SMA nyokot jurusan IPA. Asup sotéh ka jurusan Akuntansi, duméh we dititah ku Uwa. Ngarah téréh gawé cenah. Méh bisa gabung di kantor Uwa mun geus bérés.
                Teu daék mungpang. Kapaksa ditedunan bari jeung teu ngarti saeutik saeutik acan. Atuh datangna Baim téh ibarat dewa penyelamat keur kuring waktu harita.
                Ti dinya remen panggih jeung Baim. Atuh lamun waktu kosong téh ayeuna mah tara bareng deui jeung Dina. Da geus aya batur. Sakali-kali diajak Baim ka Gramédia nu deukeut lebah kampus. Sakali kali ka perpustakaan.  Atuh balikna ogé ayeuna mah mindeng dianteurkeun. Ngan teu wani nepi ka imah mah. Ngan semet hareupeun komplék wé.
                Beuki lila kuring daék diajak  Baim ka tempat nu lain. Malah nepi ka wani  bolos kuliah sangkan bisa babarengan jeung Baim. Beuki lila haté beuki ngaberung. Teu panggih jeung Baim téh asa kumaha boa. Hayang panggih waé unggal poé. Hayang réréntétan salilana. Ceuk sasaha téh cenah cinta pertama  hésé rék dipopohokeuna. Leuh da jeung enyana atuh. Ngan jeung Baim kuring namplokeun katresna. Lalayaran dina sagara kaéndahan cinta. Kuring  bogoh pisan ka Baim. Baim gé sarua cenah. Ningali kuring téh resep ku orisinilna. Asli geulis lembur sanajan teu di make up. Matakna ceuk Baim mah orisinil luar dalam. Hem, aya-aya waé.
                Nepi ka antukna kuring boboléh. Bobor karahayuan dina leungeuna. Masrahkeun kahormatan lain waktuna.
“Tenang… tenang. Cinta Baim mah angger keur Éla.” Cenah ngarangkul pageuh kuring nu keur ceurik. Asa kaduhung geus kalalanjoan.
                Langsung mulang ka lembur waktu apal aya anak nu dikandung.  Sanggeus sababaraha minggu kukurilingan néangan Baim, nu ngiles lir diteureuy bumi.  Nanyakeun ka Grasél gé teu apaleun.
                “Teu apal da geus lila teu ka dieu. Kunaon nayakeun waé Baim? aya penting?” Grasél nanya waktu kuring nganjang ka kosan.
                “Taya nanaon ngan hayang panggih waé.” Ceuk kuring tungkul. Nyumputkeun cimata. Tapi nu ditahan  teu kaampeuh antukna bedah. Kuring nyegruk  kanyeyerian. “Kuring hamil, Sél.”Antukna kedal tina biwir.
                “Gugurkeun wé atuh, La.  Naon héséna. Hayu ku Grasél dianteur.”  Ngomongna hampang euweuh bangbaluh.
                “Hah? gugurkeun?” kuring teu percaya kana omongan Grasél.
                “Enya? Naha anéh? Ieuh, La. Geus biasa ayeuna mah nu reuneuh  digugurkeun. Kecuali lamun Éla daék  tanggung jawab sorangan. Bureuyeung taya bapaan. Tapi ku jaman ayeuna mah geus lumrah kétang boga budak taya bapaan.”
                “Kuring hayang panggih jeung Baim. Rék ménta tanggung jawabna.”
                “Naha yakin Baim rék tanggung jawab?”
                “Pasti. Manéhna kacinda cinta ka Éla. Ngan jeung Baim kuring daék sumerah. Sél, tulungan…  di mana Baim?’”   
“Sori, La. Grasél teu apal di mana Baim.”
                Pondok pangharepan. Lieur mikiran nasib, kudu kumaha pilampaheun. Taya deui iwal ti balik ka lembur, nepungan Ema. Sumegruk na dampal sukuna ménta pangampura.
                “Geus tong ménta dihampura ka Ema. Anggursing ménta pangampunan ka Gusti. Yén Éla téh geus milampah dosa. Ayeuna mah anggur pikiran kudu janglar. Da matak kitu ogé éta téh buah tina lampah urang nu salah. Ayeuna ceuk Éla  bisa digugurkeun siga kahayang Grasél. Ehm,  deudeuh nambahan tah bebendon ti Alloh. Ayeuna mah geura tobat kana naon anu geus dipilampah.  Keun orok mah Ema nu ngurus.”
                “Rujit, Ma. Geuleuh.” Kuring neuggeulan beuteung sorangan.
                “Sadar, La… sadar.” Ema ngarangkul kuring bari jeung sarua juuh cimata.
*
                “Sok buru, La, geulis saeutik deui. Geus tong mikiran nu eunggeus-eunggeus. Anggursing sambat ieu orok. Keun teu aya bapakna gé da aya Ema, geulis.”
                “Ema nyeri haduuuh, Ma.”
                “Lilahita’ala. Geulis. Tah kitu pangorbanan awéwé mah. Nikmat ngarasakeun kanyeri. Jihad. Sarua Ema gé kitu baheula, anggur sabar jeung sadar. Sok tampi  éta jabang bayi. Karunya. Lamun hidep  indungna sorangan heuteu mikanyaah heunteu ngaku ka budak sorangan. Rék saha deui geulis? Sok tampa méh lungur langsar.” 
                Hiliwir angin asup tina sela-sela jandéla. Omongan Ema sumulusup kana lulurung kalbu. Kabayang kumaha nyaah jeung deudeuhna Ema  ngurusanan kuring. Meureun lamun Ema teu méré kanyaah mah, moal aya kuring di dunya. Moal bisa ruménghap siga ayeuna. Ngan Ema nu méré kanyaah ka kuring, ngagedékeun haté kuring. Sanajan kuring salah, Ema mah  lautan hampura.
                “Duh anaking. Hampura Ema geus salah. Hampura. Geura bral ka alam dunya. Ditampa ku Ema kalawan moal di saha-saha. Taya Bapak, pan aya indung hidep nu seja bébéla.” Kuring ngarénghap panjang.  Angin tingsulusup minuhan rohangan. Deui deui kuring ngarénghap panjang. Angin milu ruménghap. Ngumpulkeun tanaga pikeun nganti jabang bayi.
                “Allohu Akbar!” kuring ngaheujeun panjang. Muntang ka mantenNa. Nyambat utun inji jeroeun dada.
                “Oaaa….”
                “Alhamdulillah pameget, Bu. Kasép. Tingal pangambungna meni mancung.”***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar