Kamis, 30 April 2015

Begal

Carpon Galura, Minggu ke III, April 2015. Alhamdulillah 




Bégal
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                “Duh Gusti enyaan bégal téh taya rasrasan pisan, Kang. Tuh tingali geus aya deui waé tah korban bégal téh.” Rusmi neuteup ka penyiar dina hiji tivi anu keur méré warta ngeunaan bégal.
                “Kumaha deui meureun atuh da hayang hirup, matak kitu gé.” Salaki Rusmi nyarita bari panonna sarua manco kana tivi.
                “Enya lain atuh meuni taya rasrasan kitu. Geus puguh hartana dicokot, nyawana dileungitkeun. Enyaan jaman téh beuki dieu beuki sararieun kieu.” Rusmi menerkeun diukna. Nyanghareup ka salakina sanggeus ngaleutikan volume tivi. “Aéh, enya Kang. Kumaha kahayang si Wardi téh, bisa dilaksanakeun sagancangna kitu?”
                “Kahayang nu mana téa, nya?”
                Éh, beut pikun kitu. Éta si Wardi geus hayang waé disunatan cenah. Kumaha bisa teu nginjem ka tempat pagawéan  sugan?”
                Sajongjonan salaki Rusmi ngahuleng siga aya nu dipikiran.
                “Ngadon ngahuleng kitu bisa teu? Sugan sawaréh mah.”
“Enya keun urang usahakeun, muga waé hasil. Ngan  ceuk pikiran mah geus lah tong direncéng-rencéng sagala. Ngariung biasa waé atuh. Teu kudu ondang-ondang sagala kariweuh-riweuh. Nu penting mah salamet.”
                “Ih, ari Akang. Éra atuh ari ngan saukur kikituan mah. Lain éra-éra teuing kétang. Pan urang mah cicing di daérah nu gégék pendudukna piraku wé teu diangkir. Kitu deui dulur jeung baraya pan reuay. Jadi teu bisa ari ngan saukur biasa mah. Diondang jeung teu diondang gé sarua waé nu datang bakal ngaburudul. Jadina mending maké ondangan wé méh sakalian. Méh puguh sabaraha-sabarahana sémah anu bakal datang.”
                “Ari geus dipikiran onaman.”
                “Enya. Moga-muga waé, Kang. Bisa ngéclok ka tempat gawé. Da Ema jeung Bapak di lembur gé moal cicingeun. Pasti ngabantu.”
*
                “Kamana, Kang?”
                “Aya perlu heula ka babaturan.”
                “Ayeuna? Tingali sakieu geus nyedek ka peuting.”           
“Kuma deui atuh euweuh waktu. Pan rék barangsiar téa. Mun diengké-engké bisi nyamos geura. Aya babaturan nu kabeneran keur boga duit rada mucekil. Ngahepékeun waktu di péntaan tulung téh. Ngan isuk Shubuh cenah rék indit deui. Matakna lamun teu ayeuna dibawa. Bisi lapur.”
“Nya ati-ati, Kang di jalanna. Malaur keur usum kacaritakeun nu teu puguh. Loba bégal geuning ayeuna mah. Sing hahasilan wé deui. Karunya budak geus ngarenghik waé.”
*
Waktu geus nyérélék maju ka peuting. Di jalan raya geus simpé. Katambah hujan ngaririncik nambah keueung, nambah wegah nu mariang. Mending caricing di imah séwang-séwangan.  Keur mah eukeur nagara téh ayeuna keur teu aman. Pikasieuneun. Lain karna jurig atawa  mahluk demit. Tapi sarieun ku mahluk nyata. Anu sasat téga nandasa jalma. Bégal téa. Enya bégal ayeuna keur meujeuhna mahabu, teu waé di kota. Tapi geus ngaranjah ka pilemburan. Euweuh kasieun.
Ngamaklum, ekonomi nagara téh beuki dieu beuki teu mihak ka jalma leutik. BBM naék turun teu puguh, euweuh cekelan, atuh kitu deui hahargaan mingkin nérékél. Ieu meureun nu nyababkeun loba jalma  nu putus pangharepan,  ngajalankeun naon waé asal maranéhna bisa hirup. Teu paduli ngarémpak norma ngalanggar tatakrama nagara, nu antukna unggah baléwatangan jeung aparat. Da ari kangaranan beuteung mah teu bisa diengké-engké. Kalapar angger datang teu nolih waktu. Teu anéh beuki dieu nu jahat beuki baranahan.
 Dirungkup simbut saré tumaninah, teu mikir karungsing. Kitu kahayang sakabéh jalma tibra dina lalampahan rasa. Kitu sotéh keur nu genah meureunan, teu kaberik ku pangabutuh. Ari nu diudag ku pangabutuh, diudag ku waktu anu asa sakocépat mah. Meureun datangna peuting, kitu deui gebrétna hujan lain hahalang pikeun balangsiar. Kudu angger bajoang sangkan neéng pakaya. Sangkan bisa hirup. Angger bisa ngarasakan rénghap napas ti mantenNa.
Wayahna. Hujan ngagebrét. Nyérélékna peuting lain ngan saukur hahalang, anggursing kudu ditambah kaludeung, sangkan nu tadi téa. Bisa hirup tur ruménghap dina kabagja.
Hiji motor ngabelesat, meulah jalan, meulah simpéna peuting. Sora mesin ngagerung, pabaur jeung sora cihujan anu ngagebrét, maseuhan saniskara mahluk nu kumelendang. Katangen motor téh pinuh ku babawaan.  Di hareup aya sababaraha kérésék hideung ditumpukeun. Kitu deui tukangeuna katangen karung. Mesat handaruan nyieuhkeun kasalempang.
Lebah tanjakan. Motor rada eureun ngahanju. Jalan nu ruksak jeung semu leueur, balukar hujan. Hésé pikeun mawa lumpat sakadang motor. Mun maksakeun nyemprung pasti waé tinemu cilaka. Ngawayahnakeun manéh, turun tina motorna. Luak lieuk, sugan jeung sugan aya batur nu sanasib. Lebeng. Motor didorong, milihan jalan anu alus. Anu heunteu loba lobangna. Panonna awas kana pijalaneun, sangkan teu keuna kana balai. Teu tepung jeung legok anu bisa ngabarérang dirina jeung motor anu keu didorong. Awak rancucut teu diwaro. Sakapeung leungeunna memener kantong kérésék nu rék murag.
Waktu tanjakan méh béak. Teu kuhanteu. Ronghéap ti pudunan aya nu datang. Panon hideng ngawaskeun. Ngan édas, ujug-ujug hiuk. Aya angin gedé nakeran karasa ku ceuli. Teu kaburu ngahindar.  Jedug. Kana Irung karasa aya nu nenggel. Cur getih ngucur.
Awakna ngabangkieung. Gubrag, motor nu keur didorong ngagubrag, euweuh kasaimbangan. Sadar. Aya manusa anu rék niat jahat. Buru-buru rék cengkat. Teu kaburu. Waktu hiji pakarang antel kana pundukna. Sssrt.... karasa aya nu peurih lebah pundukna.
*
Rét kana jam nu ngadaplok na témbok kamar. Kuniang ka luar ti kamar, muru patengahan. Gék diuk dina korsi rohang tamu. Ngahuleng anteng neuteup lalangit, nyipta-nyipa nu jadi salaki inggis aya nanaon. Rét kana panto luar. Rét kana jam nu aya di dinya. Pukul 2 peuting. Haté mimiti dikendangan kamelang. Sora hujan mingkin nambahan haté  keueung tur melang.
 Bungah amarwatasuta waktu ngadéngé gerungna motor beuki deukeut ka imahna. Leungeun hideng nyuaykeun hordéng. Nyidikeun kanu anyar datang. Sanggeus sidik nu datang téh salakina. Gentak nangtung, mukakeun panto.
“Acan peureum?” Tanya salakina waktu di lawang panto
“Acan. Rék kumaha bisa saré, hate teu puguh mah. Melang puguh gé, sieun kumaonam. Leuh geuning angkaribung kieu. Hasil, Kang?”
“Ah, sok ngalamun teu puguh.” Salakina ngagantungkeun jékét kana kapstok. “Hasil. Milik budak téh alus. Tah aya milikna.” Salakina mikeun duit ka pamajikan. Nendeun babawaan dina korsi.
“Ari éta naon?” pamajikan nunjuk kana kérésék hideung.
“Enya keur pangabutuh budak téa.”
“Ambuing meuni loba kieu. Sukur atuh.” Cenah bari jeung ngudar babawaan. 
Pangluhurna sarupaning kadaharan: ranginang atah, opak ogé kolontong. Panghandapna pais lauk garedé. Top deui kana kérésék hiji deui goréhél baju sunat sasetél.
“Kang,  iraha panggih jeung Kang Uday?”
                “Kang Uday mana?”
                “Kang Uday, adi bapak ti lembur. Cenah mah rék ka dieu, méré pibahaneun urang keur hajat. Meunang sadulur-dulur udunan cenah. Ceuk Ema mah peuting ayeuna muru ka dieuna. Malah Kang Uday sorangan anu kukurilingan néangan baju sunatna gé.”
                Leng. Sirah ngadadak nyanyautan.


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar