Kamis, 09 April 2015

Helm anyar

Dimuat di Majalah Mangle No 2512. 29 Januari-4 Februari 2015




Helm Anyar

                Ti leuleutik geus diajarkeun ka barudak sangkan kudu apik kana buku. Teu meunang dicurat corét sumawona disoékan. Ngahaja, méh maranehna  mikanyaah kana ngaran buku. Atuh geus kitu mah kaala hasilna, nepi ka ayeuna budak tara ieuh pirajeunan nyorétan jeung nyoékan buku teu puguh.
                Muh hayang gagambaran, geus dibéré dina buku khusus teu meunang dina buku nu lainna.
                Dina hiji poé ka imah kadatangan anak uwa geus kuliah. Dini.
                “Bi, ari helm anu siga Mang Jaka sabaraha?”
                “Sabaraha nya? Asana mah duaratusan leuwih.” Kuring nginget-nginget helm nu jadi salaki.
                “Hem awis.  Ngumpulkeun heula ah.” Cenah bari jeung cengkat,  tunga tengo ka kamar nu jadi budak, laju nyirekem teuing keur naon.  Teu lila manéhna amitan.
                Budak norojol, datang ti sakola. Uudar baju di jero kamar.  Tapi teu lila datang deui bari jeung jamedud.
“Kunaon?”
“Tingal buku Ani digambaran pengkerna. Ku saha, Mah?”
                “Duka atuh,  ngan tadi téh aya Téh Dini ka kamar. Tapi duka ku saha kétang. Keun wé teu terangeun meureun  Téh Dinina, yén buku teu kénging dicurat corét.”
                Budak cicing ngan katangen manéhna neundeun kaheuheul anu pohara.
*
                “Mamah, Ani ka bumi uwa heula, nya.” Ceuk budak tara tara tisasari.
                “Nya sok atuh.” bari jeung hemeng kuring ngajurungkeun.
                Tapi teu lila gé geus ngurunyung bari  semu bungah. Langsung ka kamar ngonci manéh.
                Pasosoré torojol Dini datang bari jeung mamawa helm.
                “Kuliah, Ni?”
                “Moal.”
                “Naha mamawa helm sagala. Oh enya, rék némbongkeun helm anyar, nya.” Karek tenget yén nu dibawa téh helm anyar.
                “Enya, anyar sih anyar, Bi... ngan.” Manéhna ngaheruk.
                “Kunaon kitu?”
                “Tingali wé ku Bibi.”
                Kuring nilikan helm nu boga karakter Doraémon, lucu ningalina. Ngan lebah tukang  katingali aya hideung ngageblég siga mangsi nu digeblokeun. “lh, geuning aya cawad helm téh . Tukeurkeun deui lebar.”
                “Sanés ti dituna da.”
                “Ari ngeus?”
                “Tuh ku Ani.”
                “Ku Ani?” Kuring ngageredeng. “Ani ka dieu!” kuring ngagorowok.
                Budak nyampeurkeun.
                “Ieu leres ku Ani?”
                Budak unggeuk. “Bongana atuh nyorétan buku Ani. Janten wéh helm Téh Dini gé dicorétan nganggé mangsi. Impas 1-1” Ceuk budak bari ngabecir.***
                                                                                                                                Nina Rahayu Nadéa
                                                                                                                                Bandung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar