Selasa, 20 Januari 2015

Londok :)

Dongeng kangge barudak. Midang di Majalah SundaMidang, Januari 2015. :)
Londok nu Mindah Rupa
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Saméméh pindah ka ieu leuweung. Kaayaan rahayat di tempat asal éstu tengtrem tara aya pacogrégan. Kabéh sato siligeuing, silitulungan. Pokona siliajénan. Ngan enya duka kunaon tisaprak parindah ka tempat anyar beut jadi robah adat, robah kaayaan. Mimitina mah enya tengtrem, tabéat ti tempat baheula angger dilakonan sanajan aya di tempat anyar. Tapi tisaprak remen  kaleungitan barang. Jadi robah. Jol ieu leungit dahareun jol ieu leungit barang. Balukar kajadieun ieu,  leuweung anu tadina aman betah ngahenang ngahening téh jadi lieur. Gutreng.
                Geus loba  anu jadi paséa, lantaran kajadian leungiteun barang téa. Kabéh silisangka yén maranéhna palaku anu ngalantarankeun leungitna dahareun atawa barang.  Atuh teu anéh, lamun beuki dieu leuweung beuki harénghéng waé. Jol itu jol ieu embung gabung, embung ngariung, mertahankeun égo masing-masing. Kabéh hayang ngarumpul jeung kulawargana saumpina saumpina. Nyieun kaamanan soranganeun-soranganeun. Kulawarga manuk hayang ngariung jeung manuk. Kulawarga bajing hayang jeung bajing. Pokona kabéh embung ngahiji. Mertahankeun kulawargana sorangan. Sarieuneun,  inggis aya mamala anu leuwih lian ti kaleungitan harta benda.
                “Barudak yeuh ema boga kadahareun,” ceuk indung bajing ka budakna.
                “Enya, Ma, teundeun weh di dinya, ucing-ucingan heula,” maranehna, anak bajing anteng arulin mijah. Indung bajing gé anteng deuih baranggawé.
                “Ma, mana buah téh?”
                “Éta dina luhureun lomari,” indungna ngomong tarik.
                Si rebing kurulang kuriling néangan buah ceuk panuduh indungna. Tapi lebeng teu kapanggih.
                “Ngaleungit, Ma.”
                “Ngaleungit ka mana. Puguh sidik tadi gé diteundeun di dinya,” ceuk indungna bari sarua kokotéténgan néangan buah anu dimaksud. “Na kamana atuh nya da sidik di dieu?” indungna ngagerendeng. “Ké urang tingalian heula ka handap bisi murag.”
                Indung bajing turun ti imahna. Ari nu disebut imah téh nyaéta tangkal jambu gedé, anu dahanna ngarandakah ka ditu ka dieu. Haneut kacida. Bisa ngiuhan maranéhna tina kapanasan jeung kahujanan. Geus di handap tunga tengo ka ditu ka dieu. Teu sirikna naon rupa anu kapanggih disingkaban, diilikan. Malahmandar sakadang buah keur anakna kapanggih. Jaba éta buah kacida gedé. Cukup lamun keur dipaké dahar peuting ngariung téh.
                “Kumaha aya, Ma,” jorowok si hideung, anakna panengah.
                “Enya ngiles,” cenah bari asup ka imah. “Aya nu nyumputkeun meureun nya. Panon indung bajing seukeut neuteup anakna. Ti mimiti si rebing, si hideung jeung si koréng, kabéh diteuteup hiji-hiji taya aya nu kaliwat. “Sok saha anu ngaheureuyan. Anu hawek nepi ka téga  nyumputkeun éta dahareun?. Ieuh anaking, teu meunang kitu. Urang kudu hirup sauyunan. Kudu silibagi. Teu meunang hawek.”
                “Enya manéh hideung nyumputkeun nya?”
                “Teuing atuh.  Ari manéh, rebing sok ka mana wé nuduh téh.”
                “Geuning buku kuring, kamari disumputkeun.”
                “Ah, éta mah kamari. Da bonganna atuh buku tulis kuring dicurat corét. Manéh koréng meureun nya?”
                “Sumpahna gé daék salamet, teu nyumputkeun,” ceuk si koréng bari luwa lewé,  dituduh ku duaan.
                “Ah bohong....”
                “Enyaan heuteu. Tah si rebing wéh meureun anu nyokotna. Naha beut nuduh-nuduh ka batur.”
                “Éh, gagabah manéh, wani nuduh ka lanceuk.”
                “Enya da bonganna atuh teu pupuguh nuduh. Ngamimitian,” si koréng teu éléh omong.
                Tungtungna der wé éta adi lanceuk téh paséa. Paréa-réa omong, ngomongkeun buah anu teuing leungit kamana.
                “Meunggeus. Heup wéh tong paséa deui. Ayeuna mah anggur urang kudu tarapti. Pan enya diurang téh ayeuna mah keur meujeuhna harénghéng sagala kaleungitan. Indungna ngahulag anu paraséa.
                Keur kitu kurunyung manuk ngurunyung. Katingali paromanna teu béar.
                “Aya naon, bajing  meni gandeng kitu? Kadéngé sorana nepi ka luar.”
                “Ah puguh leungit buah. Jaba keur dahar ayeuna,” bajing ngangluh. “Ari manuk ku naon ka dieu, jeung éta siga anu muyung kitu. Aya naon?”
                “Nyéta puguh gé sarua jeung di dinya keur baringung.”
                “Ku naon?”
                “Sigana ti isuk nepi ka engké mah puasa heula wéh.”
                “Ku naon kitu?”
                “Sarua puguh gé. Kulawarga kuring kapalingan. Jaba éta téh keur jatah saminggu. Tuh nepi ka salaki gé ambek-ambekan, majar kuring ngahambur-hamburkeun dahareun,” cenah ngaheruk.
                “Enya anéh atuh nya. Naha di urang téh ayeuna bet harénghéng. Da baheula mah aman waé.”
                “Aya naon ieu téh meni garandeng kitu?” teu kanyahoan londok geus aya di gigireun maranéhna.
                “Nyéta keur saredih puguh gé, londok,” témbal bajing.
                “Sedih. Sedih kunaon?”
                “Kuring téh kapalingan dahareun. Jadi kulawarga kuring teu bisa dahar atuh da dahareunna béak. Téga nya éta nu maling. Teu ningalikeun usaha anu kacida hésé. Jaba barudak keur meujeuhna lapar,” bajing ngomong.
                “Enya kuring gé nepi ka paséa di imah disebut tukang ngahamburkeun duit.”
                “Geus atuh lah tong ngaharuleng jeung sedih kitu. Keun ari keur dahareun ayeuna mah kabeneren kuring aya. Ké dikadieukeun nya.”
                “Nuhun nya londok.”
***
                “Landak, kumaha lamun urang pindah deui waé ka tempat anu baheula. Di dieu mah teu aman.”
                “Enya sok kaleungitan waé. Anéh puguh gé.”
                “Lain teu hayang pindah ka ditu. Tapi pan apal sorangan kampung urang keur keuna ku musibah, imah arurug. Balukar banjir  nu teu eureun-eureun. Panyakit kitu deui mahabu, kulantaran runtah patingtalambru di mana waé.”
                “Enya atuh nya. Ku kituna mah manusa. Teungteuingeun miceun runtah dimana waé, bru sangeunahna ka walungan nepi ka ngahunyud. Atuh waktu hujan caina teu bisa ngalir lantaran kahalangan ku runtah. Antukna  runtah nepi ka kampung urang, bau, nimbulkeun panyakit, nu antukna tatangkalan nu dipaké imah urang teu séhat. Katurug-turug banjir datang, tangkal nepi ka urug,” bajing dumareuda.
                “Enya matakna, sementara ayeuna mah wayahna wéh cicing heula di Kampung Anyar ieu. Ngan urang kudu ngaronjatkeunn kasiagaan. Kabéh bagilir kudu jaga-jaga. Jeung omat kudu sauyunan tong paburencay siga kamari-kamari. Inget urang téh sarua pendatang. Kudu babarengan. Supaya betah cicing di Kampung Anyar. Jeung na deui teu poho urang kudu nganuhunkeun ka sakadang londok anu sok ngabantuan urang lamun manggih karerepet,” ceuk landak salaku ketua, nutup obrolan.
Ayeuna mah diakalan, kabéh panghuni di ieu kampung, Kampung Anyar. Sacara bagilir ngaronjatkeun kaamanan. Ku cara ningkatkeun siaga. Unggal peuting jeung beurang kudu ngemitan ieu kampung sacara bagilir. Tarapti. Kitu deui kabéh masarakat nu tadina paaing-aing. Ayeuna mah ngahiji. Kabéh sapuk hayang ningkatkeun kaamanan. Kabéh mupakat demi hirup tenang, tengtrem sauyunan salilana. Perkara dahareun anu biasana silisumputkeun ayeuna mah brukbrak. Silibagikeun, siliasaan. Hiji deui, nu dipaké cara sangkan teu kapalingan, utamana dina urusan dahareun. Silibagi anu walatra jeung tara nyésakeun dahareun di imah. Aya dahareun langsung dibagikeun kitu jeung kitu wéh. Sanajan enya aya goréngna. Lamun pareng lapar, euweuh persediaan. Tapi mendingan kitu tinimbang boga kadahareun diteundeun teundeun, dina prungna  rék didahar ngaleungit.
                Tah kucara kitu mah, ngarasa aman. Teu honcéwang teuing. Atuh lian ti aman téh ayeuna mah tali silaturahmi beuki raket waé, kusabab jadi silianjangan, siliélingan jeung siliingetan lamun aya dahareun téh. Ngingetkeun kanu kopét bisi teu méré, sok disingsieunan wé ku saréréa.
                “Pék wéh disumput-sumput. Hayang ngaleungit ku maling?”
                Dikitukeun mah atuh golosor wé dahareun dibagi-bagi. Pan geus komitmen kabéh masarakat di Kampung Anyar kudu silibagi dina urusan kadaharan.
***
                Dina hiji poé, saréréa keur kerja bakti. Beberesih jeung  ngoméan imah masing-masing warga. Kabéh euweuh nu kaliwat tarurun ka jalan, méréskeun imah. Ogé meresihan jalan anu barala.
                “Ka mana nya londok beut teu katingali?”
                “Puguh kuring gé rék nanyakeun ngan kapiheulaan.”
                “Hayu atuh urang téang ka imahna. Ké geus bérés ieu urang ngabring. Bari sakalian urang kerja bakti méréskeun imahna londok.”
                Sanggeus bérés meundeurkeun imah, kulawarga bajing kabéh ngabring muru ka imah londok.
                “Punten...punten,” taya nu némbalan. Ngan kadéngé samar-samar siga aya nu ceurik sisimeukeun.
                Tungtungna kabéh arasup. Barang sup katempo anak londok keur ngalempréh jeung nginghak pikarunyaeun.
                “Kunaon londok leutik?”
                “Teu nanaon ngan lungsé wé. Ti isuk teu barang dahar. Sedih puguh gé,” londok leutik ceurik.
                “Na atuh beut teu ngobrol. Pan biasana ge londok gedé sok ruang riung. Ari ayeuna ditungguan teu ngelol-ngelol. Sok ieuh dahar aya saeutik mah,” bajing mikeun dahareun. “Ari bapak manéh-londok ka mana?”
                “Duka atuh da ti subuh-subuh gé turun. Cenah mah rék balangsiar.”
                “Nya keun atuh. do’akeun wé sing hasil. Teu nanaon lamun imah ieu dibéréskeun nya, da kamari gé geus ngobrol jeung bapak londok.”
                Londok leutik tiban unggeuk.
                Atuh prung deui kabéh kerja bakti beberesih di imah londok nepi ka beresih taya cawadeun. Kitu deui teu poho menderkeun panto anu méh coplok. Tulak panto nu lesot dibenerkeun deui. Nepi ka panto weweg.
                “Bérééés,” kabéh saruka bungah.
                “Ka mana deui ayeuna nya?” landak tumanya.
                “Ka imah kuring atuh, bisi kaliwat,  jaba tempat saré nu jadi budak geus réyod. Pakuna caroplokan. Kuring mah teu bisa ngoméan puguh gé.”
                “Enya hayu lah.”
                Euweuh kacapé. Kabéh bring deui muru imah manuk. Ngan basa ngaliwat ka imah landak. Kabéh tingraradeg. Ceulina direbingkeun bisi salah dédéngéan.
                “Tulung...tulung,” cenah hawar-hawar semu peura.
                “Enya kitu aya nu tulung-tulungan,” ceuk manuk.
                “Enya bener. Kuring gé ngadéngé. Tapi dimana nya?”
                “Sorana mah siga di....”
                “Imah Landak,” ceuk nu hadir réang.
                “Jep tong geruh bisi salah. Caricing heula di dinya,” landak miheulaan muru imahna. Lebah panto manéhna ngajanteng. Sieun salah dédéngéan. Tapi teu salah, éta sora téh datangna ti imah manéhna.
                “Tulung...tulung”
                Geus kitu mah landak ngagupayan babaturan sangkan asup ka imahna.
                “Aya saha di jero?” bari jeung sieun manuk ngajorowok.
                “Tulung....enya kuring,” ceuk hiji sora.
                “Bener di dieu. Téangan ku kabéh. Sugan aya di dapur,” landak hariweuswes. Bari jeung sieun ogé. Duméh titadi geus ditéangan tapi bungkeuleukna teu kapanggih. Sedeng sora pan sidik ti imahna. Ngan lebah-lebahna mah teu apalaeun di mana.
                “Andika jurig?” manuk ngomong.
                “Sst, naon jeung nanya jurig sagala, kumaha mun ngaku enya,” bajing nyigeung leungeun manuk.
                “Ssst. Sarua urang ge sieun. Tapi da hayang nyaho wéh. Ari anu aya sorana euweuh bungkeuleukna pan jurig ngaranna. Éyyy,“ manuk ngabirigidik.
                “Landak, eunggeus lah hayu. Urang ka luar. Barina gé teu pupuguh ieu beut ngadon sieun. Pan geus puguh euweuh mangklukna.”
                “Enya tapi panasaran,” landak ngajanteng nenget-nenget sakabéh imahna. “Ké...ké... naha itu lém kai beut jadi ngagolér kitu nya? Bener ieu mah aya nu asup,” landak ngaragamang kana wadah lém anu patingsoléngkrah. Katingali lémna kalaluar. “Awas, tarapti, bisi kana lém,” landak ngomong bari jeung menerkeun lém téa.  Geus bérés leungeuna nyarandé kana tihang saung imahna. Barang tel leungeuna adek.
                “Awww,” landak ngagurubug.
                “Aya naon landak?” kabéh reuwas bari jeung tingpurungkut sieuneun.
                “Teuing éta lebah dinya beut aya nu geunyal. Cikan ilikan,” cenah bari jeung nunjuk ka tempat nu tadi.
                Kabéh nyidikeun tihang anu ditunjuk. Enya lebah dinya aya nu uteuk-uteukan. Kabéh ngadeukeutan.
                “Ampun...hampura kuring,” éta nu ngadaplok téh ngomong bari jeung calangap. Katingali ayeuna mah ku saréréa. Elak-elakan sarta huntuna.
                “Londok, bener éta teh londok. Nanaonan aya di imah kuring.” Landak nanya pacampur héran.
                “Enya engké wéh ngobrolna. Bantuan heula kuring. Geus capé titatadi naplok di dieu. Hésé hojah.”
                Ku saréréa awak londok diturunkeun. Sanajan hésé teu burung awakna leupas. Kitu pantes atuh da awakna méh ampir kabéh keuna ku lém kai.
                “Atuh rék naon los-los ka dieu? Batur mah kerja bakti.”
                “Enya puguh gé. Kuring ménta dihampura. Ngadéngé béja kamari téh, yén landak rék balanja ka kota. Susuganan manggih dahareun jeung nu lainna. Nya kuring ka dieu manggihan. Ari sugan téh éta opieun, ku kuring dibuka. Ngan barang dibuka téh, teu kuhanteu beut bahé nenggel pisan ka awak kuring,” londok tungkul.
                “Jadi anu sok malingan téh...,” bajing teu kebat.
                “Enya hampura bajing, ogé ka kabéhanna. Kuring ngaku. Nya kuring pisan anu salila ieu sok malingan dahareun téh.”
                “Ehm enyaan telenges manéh. Nyaho kieu mah teu sudi teuing ngoméan imah manéh komo jeung bari barang béré mah.”
                “Ssst...,” kadal neundeun leungeun na biwirna.
                “Kunaon atuh londok?”
                “Nya mimitina mah keuheul waé. Kampung kuring kaanjangan ku urang deungeun. Sieun kuring téh enyaan sieun. Sieun kasoro dahareun, apal sorangan anak kuring sok hayang waé barang dahar jeung nu utama mah sieun bangsa sasama kuring kalindih ku batur. Tah supaya teu betah lila di lembur. Kuring geus badami jeung londok lainna pikeun malingan naon rupa kadaharan anu aya di warga. Teu aya niat nu lain-lain asalna mah. Enya ngan hiji hayang maranéh  nyingkah,” londok tumungkul.
                “Nya ari geus kitu mah atuh. Sidik londok mahluk anu nyieun teu aman téh. Ieuh londok, keun ari bener kitu mah kuring saparakanca rék indit. Rék pindah deui tempat. Da tadina gé pindah téh ngan sementara. Dan ceuk béja, ayeuna mah kampung kuring gé geus teu banjir deui. Rék pindah ayeuna ogé,” bajing cengkat.
                “Ulah. Enyaan ulah. Hampura sakali deui. Duduluran urang ulah nepi ka pukah. Kuring geus nyaho kabageuran jeung kalakuan maranéh, geuning  sakitu alusna. Enyaan rido kuring kacicingan. Kuring sadar.”
                Enya ari geus kitu mah lah. Sapuk ti ayeuna urang caricing di dieu nya. Omat londok tong mindah rupa. Ngaganti warna ngan pikeun ngalakukeun hal anu alus, tong dipaké anu teu bener,” ceuk landak daria.
                “Siap! Ti ayeuna kuring rék ngamankeun ieu kampung. Rék jadi spionase bisi aya musuh nu asup. Ku kuring langsung dicerek.”***

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Tulisanna sumebar dina sawatara média. Oge bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar