Minggu, 04 Januari 2015

Tahun baru, Karya baru

Alhamdulillah. Tahun baru dengan karya baru itu adalah sesuatu. #Hatur nuhun Mangle# Daging Qurban, dimuat di Majlah Mangle 1-7 Januari 2015 No 2508.



Daging Qurban
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Ima,  awéwé geulis nu kacida dipuja ku loba pamuda. Campernik tur nyakola luhur. Atuh dina pakéanna salilana teu weléh up to date. Gaul. Ti mimiti lénsa mata,  béhel, kitu deui perangkat tékhnologi samisal HP, tara tinggaleun jaman. Cirining wanoja gaul jeung masa kini. Teu anéh lamun Danil kapéngpéongan ku kageulisan jeung dangdanana. Kaparengkeun Ima teu nolak cinta Danil, nu kabeneran sarua siga manéhna, gaul jeung masa kini.    
                Atuh layeut kamamana. Da sakaresep. Shopping, karokéan, dugem,  geus biasa.  Ngan hiji anu teu sahobi jeung Danil. Nyéta karesep Ima kana daging domba. Teu sirikna lamun Ima manggih daging domba, poho kana sagala rupa. Komo mun palebah manggih tulangna teu sirikna dikecrokan. Ngarah kaarah sumsumna, da  cenah éta nu kacida nikmatna.  Poho lamun manéhna keur bareng jeung nu lain. Andalemi leungit. Langsung ngahékak daging nu aya hareupeun. Ieu nu sabenerna teu dipikaresep ku Danil.
                “Piraku geulis-geulis seneng daging domba.” Kitu mun Danil nyindiran ka Ima.   
                Dina runtuyan kulawargana, ngan  Ima nu kacida resep kana daging domba. Nu lain mah teu pati. Komo kolotna mah geus lila tara ngadahar dadagingan. Dipahing asana téh. Geus kolot mah nya kitu téa babari katerap  panyakit. Sasat teu diondang gé, sakadang kasakit téh nyalampeurkeun.  Matakna geus tara ngadahar dadagingan. Komo deui daging domba anu  nyababkeun  kolestérol ngaluhuran. Tapi kangaranan pangaresep, hésé pisan ngaleungitkeunna. Najan enya ayeuna mah rada dieurad. Mun tepung jeung Danil mah tara barang tuang  daging domba. Enya kitu diajar andalemi hareupeun. Sanggeus dicaritaan mah. Tapi disatukangeun mah. Angger....
                Kungsi dina Idul Adha taun kamari mah. Daging qurban beubeunangan  téh dibagikeun deui ku indungna. Agkeuhanna, da loba ieuh daging sapi méh kabéh bisa ngariung balakécrakan. Tapi na atuh,  Ima nu geulis rancunit téh ngagadeud waktu apal daging dibikeun ka tatanggana.
                “Tos wé da seueur ieuh daging mah. Tuh dina kulkas.” Ceuk indungna ngalelemu kanu ambek.
                “Alim.... nanaonan daging sapi. Ima mah teu resep.  Hoyongna gé daging domba!”
                Kusabab murang maring jeung buad baeud waé kanu aya di imah. Kapaksa indungna meuli daging keur hancengan Ima. Da enyaan, dihékoy ku sorangan.   Geus apal kana adat budakna mah, ti dinya tara ieuh tual toél sumawona wani ngabagikeun kanu lain.
Atuh dina nyanghareupan Idul Adha téh, Ima tingtrim, lantaran tara aya nu ngahalangan kana kahayangna.
Qurban domba taun ayeuna ceuyah. Atuh kitu deui kulkas di imah  metet ku daging. Dipasak wé unggal poé ku Ima euweuh ka bosen. Waktu apal kabogohna rék nganjang ka imah jeung pimitohaeun téh, harita Ima keur masak daging domba. Ditongséng siga karesepna.
“Sanes bade énjing?” Ima nanya ka Danil dina telepon.
“Uwa nu di Bali. Uihna badé ké wengi. Jadi wayahna dipajukeun ayeuna.”
                Poho kana papatah kabogohna waktu ningali daging domba ngagupayan tina katél. Seungitna nyambuang, ngajak beuteung Ima pikeun dadahut. Teu ngalilakeun deui. Langsung ngalas sangu  jeung daging domba téa.
                Ngahimel nakeranan. Mindo na gé teuing sababaraha kali bakat ku nikmat.  Pareng manggih daging anu liat. Digégél satarikna bari jeung dibetot.
                “Haduh!” Ima ngagéréwék. Laju jeung ngaclengna daging domba ka lawang panto anu kabeneran muka.
                “Euleuh naon ieu téh.” Daging domba keuna pisan kana tarang Danil, anu harita ngelol ti lawang.
                “Kunaon ari Ima. Auh... auhan kitu.” Indungna nyampeurkeun kanu keur uyek-uyekan. 
                “Kunaon, Ma?” Danil sarua nyampeurkeun. Ari Ima? Angger nungkupan biwir bari jeung ngarasakeun kanyeri.
                “Cing ninggali. Teu kua-kieu?”
                “Teu, Mah. Haduuuh....” Ima humarurung.
                “Heunteu kumaha, sakitu humarurung.” Sok énggal, Dani jeung indungna maksa.
                Barang bréh.... Indungna kitu deui Danil seuri.
                 “Mamah mah ngadon gumujeng ning. Ningali Ima téh. Ieu, panglereskeun heula behél coplok.”
                “Sok wé ngaca heula  ka ditu.”
                Teu talangké Ima ngaca. Bréh... dina behélna rapang ku ceuhil daging domba, jaba behélna nyuay sabeulah hésé menerkeuna.
                “Haduh Mah, kumaha ieu téh jabaning behél enggal. Awis ongkohanan.” Ima rawah riwih ceurik. Nyeri kacida. Pangpangna nyeri haté,  kanyahoan ku Danil.***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar