Minggu, 04 Januari 2015

Kalangkang Tresna

Kalangkang Tresna". Carpon di Koran Galura. Minggu ke-1, Desember 2014. Alhamdulillah... #Semangat menulis kembali#






Kalangkang Tresna
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Pak. Regu Beruang mah teu aya samakna.”
                “Euh... naha atuh pan geus diomat-omatan sangkan mawa. Saha ketua reguna?”
                “Abi, Pak.”
                “Naha teu ditugaskeun mawa samak?”
                “Atos Pak. Bagéan si Basir. Ngan Basir na teu milu.”
                “Sok néangan heula ka regu lain. Sugan aya nu mawa dua.” Ceuk Danu bari ninggalkeun barudak.  Niat rék néang samak. Asa teu tenang ningali barudak can merenah mah. Sakitu geus diomat-omatan mawa sagala rupa kaperluan. Dina émprona, angger waé  sok aya nu  teu tungut  kana panitah guru. Alesanna poho téa, bagéan si anu téa, kitu silituding. Antukna nya kitu, angger kabagéan riweuh. Kakurangan kaperluan angger  neumbleuhkeun ka guru, da biasana kitu, sok dibantuan ku guru. Jadi asa ngeungeunaheun.
                Bérés ngabebenah ténda keur barudak mah, balik deui waé ka ténda guru. Ngahiji jeung guru-guru nu séjén ti sakola lain. Enya pan ieu acara téh dina raraga maheutkeun silaturahmi sakola di tiap gugus. Lain ku acara pramuka teuing. Ngan tambah teuing euweuh kagiatan. Kabéh sapuk, ngayakeun perjusami babarengan. Nu intina lian ti budak jadi mandiri, heunteu ogo teuing atuh nu lainna. Sangkan para guru jadi leuwih conggah. Da jeung enyana. Najan geus lila ngajar, kurang apal ka guru anu aya di luareun sakola, sanajan enya sakola tatangga ogé.
                Jol itu jol ieu silih tepangkeun. Angger wé geuning siga budak ngora, hareureuy arocés teu puguh. Poho kana kakolotan ari geus ngariung kitu mah.
                “Eh, geuning Pak Danu, kumaha damang?”
                “Eh, Pak Karman. Alhamdulillah.“ Danu ngarangkul Pak Karman sobatna.
                “Kumaha geus manggih can?”
                “Manggih naon?” Danu api-api teu apal ka mana loyogna caritaan.
                Éta nu méncrang téa. Inget, karunya budak tah leutik kénéh, méh aya nu ngurus. Lamun nyaah ka budak kitu gé.”
                “Puguh nyaah ka budak matak kikieuan téh. Sieun lah.” Danu seuri konéng.
                “Leuh... lalaki téh euweuh kawani ieu mah. Batur mah ngabélaan poligami susulumputan. Ari ieu? Hararésé pisan.”
                “Bisi anak kuring aya nu ngulub. Indung téré téa atuh, pan geus loba kacaritakeun.”
                “istigfar. Pikiran téh tong nepi ka heureut kitu. Cicing di dieu nya. Ké aya babaturan... geulis. Umurna sarua jeung di dinya. Parawan kénéh.”
                Dijawab ngan saukur ku seuri leutik, teu hayang némbalan. Danu nyarandé kana tihang ténda. Nempokeun kagiatan barudak ti jauhna. Lambaran lalakon narémbongan. Ayu Ningrum, pamajikan Danu nu geus ninggalkeun, nepungan. Keur diajar maheutkeun kaasih, nyulam rasa, diajar sapapait samanis dina sagara rumah tangga. Hayang malikeun lambaran lalakon. Rumasa kacinta datang pandeuri, sanggeus pamajikan ninggalkeun alam dunya. Nu ngaranna dirérémokeun, kitu téa taya cinta saeutik ogé ka manéhna.  
                Rumasa. Anyaran kawin mindeng haré-haré ka Ningrum. Tara ieuh némbongkeun kacinta. Enya léah sotéh sanggeus si cakal gubrag ka alam dunya. Tapi lain cinta kétang, karunya. Pédah ku Danu sok diantepkeun. Karunya ningali pagawéanna dina ngurusan rumah tangga. Ku soléhna nu jadi pamajikan. Sakitu  tara dibéré budi béréhan. Sakitu  haré-haré, lamun ngobrol. Manéhna angger satuhu. Ngawulaan Danu nu jadi salaki. Sakitu Danu remen pisan balik gawé peuting. Diwalah-walah Ningrum geus ngaguher. Barang datang téh nyampak keur cungelik. Ningali salaki datang, cakah cikih nyiapkeun cai. Teu kalis ku kitu. Danu dipikanyaah alah batan ti budak leutik. Pakéan keur gawé geus nyampak, tinggal rap, sapatu meunang nyemir. Teu sirikna dikaos kakian téh, lain bohong. Mimiti mah ragap tapi lila-lila mah biasa wé, malah asa kangeunahan. Sakali euweuh Ningrum dunya asa kiamat.
                “Hapunten nya, Kang, teu tiasa ngawulaan nu  langkung.” Dina hiji poé Ningrum nyarita  waktu Danu rék indit gawé.
                “Teu nanaon, Rum anggur akang ménta dihampura salila ieu ngariweuhkeun waé. Geus tong baranggawé waé. Da aya ieuh Bi Jumi. Ngahaja ku akang didatangkeun, méh Ningrum soson-soson ngurus budak.” Danu neuteup budakna, anu umur 2 mingguan. Neuteup pamajikan seukeut. Katingali beungeut pamajikan anu kanyos, pias, capé barang gawé. Deudeuh Ningrum, gerentesna.
                Budak mingkin gedé, mingkin getén ngurusna. Euweuh pisan cedana boga pamajikan téh. Tara loba piomongeun, sumawona loba paménta mah. Atuh tabungan geuning boga waé, sanajan saeutik gé. Rikrik gemi, moal aya duana wéh  pamajikan téh.
                Kabagja beuki nambahan waktu Ningrum ngandeg ku budag ka dua. Komo barang nyaho jabag bayi nu dikandung teh awéwé. Jangkep kabagja geus aya na kongkolak panon. Geus nganiatkeun dina haté Danu rék diajar micinta Ningrum. Tapi ning harepan jeung cita-cita nu geus diuntun téh sulaya. Bumi alam nangkub sapada harita. Waktu dina brolna si utun, Ningrum dipundut kunu kagungan.
                Remen nyalahkeun diri sorangan. Kaduhung lain bobohongan. Kaduhung cinta datangna  leuir. Naha teu ti baheula ti barang ijab kabul. Dosa asa mahung dina diri, inget kana kasalahan anu enggeus-eunggeus. Matak kitu   gé  aya hikmahna, Danu kudu ngarasakeun kumaha peurih jeung riweuh ngurusan nu jadi budak. Ti dinya ngayakinkeun diri, yén  moal deui boga pamajikan. Cukup na haténa aya ngaran Ningrum.
Kolot jeung baraya nitah Danu néangan pamajikan. Babakuna karunya ka barudak anu keur meujeuhna urusaneun. Tapi nya kitu, dina ayana anu ngarérémokeun angger nu jadi bahan babandingan téh taya deui iwal ti Ningrum. Ti tingkah laku, nepi ka rupa teu sirikna néang nu siga jinisna. Antukna nepi ka ayeuna, nepi ka si bungsu asup ka TK angger wé nyorangan. Sanajan loba anu ngajodokeun gé, tara ieuh dirérét.  
                “Tah Pak Danu, nu bade kenalan téa.” Pak Karman norojol diiringkeun ku hiji awéwé, tukangeun.
                “Rani?”
                “Kang Danu?”
                Dua panon siliteuteup, lambaran lalakon baheula narémbongan.
                “Ning geus wawuh. Halah ari geus kitu mah babari. Tinggal ngajadikeun waé. Sok ah ka dinya atuh teruskeun ngobrolna.” Pak Karman  ngaléos teu nunggu jawaban Danu.
                “Eu... geuning kenal sareng Pak Karman?” Tanya Danu sanggeus sababaraha lila pabetem-betem.
                “Pan sami ngajar sareng anjeunna.”
                “Kutan? Sanés kapungkur téh di Cianjur?”
                “Tos mutasi.” Walonna pondok.
                Jep sabaraha lila jempling.
                “Kang Danu, hapunten Rani kapungkur,” sorana dumareuda. “Rumaos teu tigin kana jangji, keuna ku owah gingsir. Beut teu nyangki anjeunna  tos rimbitan. Nya kieu buktosna dugi ka ayeuna Rani nyorangan kénéh, mun harita sareng akang mah panginten....”
                “Ah, tos tong ngemut nu kapungkur pamali...” Danu neuteup Rani. Dua panon paadu teuteup. Dina panonna kagambar Rani  jeung  budakna anu keur meujeuhna. Kagambar waktu babarengan jeung Rani. Ti SMP kénéh bobogohan nepi ka kuliahna. Ngan édas manéhna beut kapincut ku hiji lalaki PNS waktu  keur PPL di hiji sakola. Teu bisa majar kumaha, rumasa harita masih kuliah. Can bisa ngabuktikeun yén  sanggup ngabagjakeun.
                Ampir wé kuliah  mandeg, bakat ku kabungbulengan ku Rani. Kuliah embung, da sieun panggih jeung manéhna. Rumasa gedé kénéh duriat. Tinimbang ngabatin, kapaksa cuti heula nungguan Rani bérés kuiah. Geus yakin manéhna bérés mah. Ku pangrojong ti saréréa. Alhamdulillah kuliah bisa réngsé, jeung milik gedé, langsung diangkat jadi PNS. Pleng wé tara ngadéngé kelemengna ngaran Rani. Ngan ceuk béja  cicing di Cianjur.
                “Pak. Si Oji leungeunna getihan...” budak ngagorowok nyampeurkeun  Danu.
                “Leuh, kunaon? Sok ka dieu bawa.”
                Parigel Rani  ngumbah leungeun nu getihan,  diberesihan deui maké alkohol, teu poho bétadin.
                “Wios ku akang diperbanna.”
                Leungeun teu ngahaja antel jeung Rani. Sssrrr aya nu sumarambah kana haté. Neuteup deui manéhna leleb. Belenyéh imut. Langit cangra narawangan, kalangkang tresna  nyalampeurkeun, mapag rasa nu nyaliara. Sayaga ditampa.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar