Minggu, 04 Januari 2015

Kueh Plastik

"Kueh Plastik" Mangle 2504, 4-10 Desember 2014. Alhamdulillah 
Kuéh Rasa Plastik
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Harita ka sakola aya  démo  oven listrik. Kabéh guru hangkeut ngariluan.  Lantaran éta nu dipikahayang. Geus lila harayang oven, babakuna mah rék nyieun kuéh keur lebaran. Rék meuli cash lebar da hargana mahal. Lamun anu datang ka sakola mah, biasana sok dikreditkeun da ditalangan ku koperasi. Sanajan hargana rada mahal tapi teu karasa da dicicil 10 kalieun.
                Datang ka imah, oven langsung dibuka. Budak surak waktu apal kuring meuli oven.
“Asiik mamah gaduh oven anyar.”
Geus lila ngarenghik, karék ayeuna katedunan.  Harita kénéh langsung dipraktékeun. Ngajarkeun heula ka budak kumaha cara ngahurungkeunana, cara ngatur waktu jeung nu lianna.
“Pék tah, kanggé hadiah Tétéh.”
                “Nuhun, Mah.” Budak kacida atoh disebut oven manéhna téh.
                “Muhun. Sing apik nganggéna, nya. Heug acan lunas.” Kuring seuri.
                “Siap mamaku cantik.”
                Kuring teu papanjangan ngobrol, awak geus bayeungyang. Brus  wé mandi. Méh awak seger. Bari ngahariring, inget boga oven anyar, pon kitu deui inget ka si tétéh nu kacida bungahna dipangmeulikeun oven.  Kadéngé di dapur sora trong trang. Ehm enyaan si Tétéh langsung mraktékeun nyieun kuéh, cekéng na jero haté. Paingan tadi langsung nanyakeun cara ngadamel kuéh bolu sagala.
                “Mah, tétéh ngadamel  kuéh nya.” Si Tétéh ngagéréwék.
                “Tos apal resepna?”
                “Nu tadi saur mamah téa pan?”
                “Muhun.  Kadé ngalebetkeunna ati-ati.”
                Geus ti cai langsung solat. Ngan asa teu tartib solat téh, dumeh ti dapur asa kaangseu bau hangit.   Bérés solat langsung ka dapur, teu udar heula mukena.
                “Téh masak naon meuni bau hangit kitu?”
                “Ngadamel bolu, tuh da waktosna gé lami kénéh.” Budak nuju kana pangatur waktu.
                “Ah, lepat meureun.” Kuring langsung mukakeun oven.
                “Naha janten plastik nya?” Budak kerung. Waktu ningali nu ngadungkuk bodas dina oven.
                Kuring langsung ngaluarkeun bolu nu dibulen plastik.
                “Naha beut nganggé wadah paragi ager atuh?”
                “Kedahna kana naon atuh. Pan biasana gé mamah nganggé éta.”
                “Benten. Ieu mah paragi ager, bahanna tina plastik. Janten pami dilebetkeun kana ovén téh bakal lééh.”  Kuring nerangkeun ka budak. Rumasa tadi teu papagah heula. “Tah kedahna nganggé nu ieu.” Kuring nunjuk kana loyang.
                “Oh, nembé terang.” Budak seuri. “Wios nya, ku tétéh dinamian wé kuéh rasa plastik.”
                “Muhun. Kuéh plastik ala tétéh.” Kuring milu seuri. 
                                                                               

Tidak ada komentar:

Posting Komentar