Selasa, 27 Januari 2015

Isukan Pere Sakola

Wilujeng maos, selamat membaca carpon Tribun Jabar. Dimuat 20-22 Januari 2014. Alhamdulillah 







Isukan Peré Sakola
Ku Nina Rahayu Nadéa

            Kurtilas. Kurikulum nu nyangsarakeun  guru. Enya ceuk kuring, anu bodo. Anu karék diajar ngajar 17 taun. Pan ceuk pamaréntah anu pinter, nu nyieun aturanna. Kawijakan kurtilas téh alus, da nu nyieunna gé para profésor, dijieun heunteu sagawayah, tapi bari jeung maké panaluntikan sagala ka luar negri. Ngahaja dilarapkeun di urang. Sangkan aya kamajuan, sangkan atikan urang aya ajén ti bangsa nu lian. .
            Kurikulum 2013 téh loba onjoyna cenah. Utamana dina lebah ningkatkeun skill jeung karakter budak. Ku ayana kurikulum 2013 budak leuwih aktif jeung kréatif nampa pelajaran ti guruna. Atuh guruna  teu kudu capé, da budak anu néangan jawaban sorangan ngeunaan materi anu dibikeun.
Enya meureun matak kitu gé alus. Keun lah guru nu di lapangan mah teu kudu dilibatkeun. Nyaho hasilna wé bérés. Nu penting kudu tungut. Apanan nu capé tuturubun  gé geus disebutkeun; para inohong pilihan, ti kalangan akademis anu sakolana lain joré-joré.  
            Ari ceuk kuring? Asa lieur puguh gé. Sababaraha kali ngilu pelatihan, ih, da angger asa euweuh nerapna waktu dipraktékeun téh. Pelajaran ngadon magol da barudak ngahunted waktu ku kuring dititah néangan sorangan téh. Duka balukar geus kolot kitu?  Geus weureu nyanghareupan budak kitu? Jadi asa apilain kana naon perubahan.  Komo lebah nyanghareupan budak SD. Budak anu keur meujeuhna butuh pangaping ti guru-guruna.
Ari nu leuwih lieurna nyéta lebah penilaian. Nilai anu biasana ngan saukur hiji, lebah kognitif wungkul ayeuna nambahan ngaburudul aya kana tiluna.  Kognitif- pengetahuan, skill-keterampilan, jeung atitude-sikap Lebah nganilai sikep, nu palaur salah. Ceuk kuring nilai sikep- religius, nya sikep nu  dalit hubunganna antara manusa jeung nu murbeng alam. Anging mantenNa nu apal jeung nu nganilai alus heunteuna hiji makhluk. Ari ieu?  Hem manusa jeung sasama manusa kudu nganilai sacara natrat-ngajanggélék jadi peunteun dina  rapot. Muwuh mawa katugenah anu pohara kana haté. Sieun salah. Boa budak anu ceuk paniten urang  baong pikasebelen, ceuk Alloh mah budak anu hade haté jeung tara ngalanggar aturanNa. Tah lebah dieu pisan ningnang jeung héséna. 
            “Ki, engké Asép ka bumi Aki.” Sora budak ngagebahkeun lamunan kuring. Rét ka budak anu ngageubra. Gunam tayohna, kuring menerkeun simbut budak anu ngalumbruk na tunjangeun.
Heuay geus merelek. Rét kana jam anu ngadaplok. Jam 1 peuting. Hem, begadang jigana peuting ieu mah. Gerendeng kuring, bari rét kana tumpukan rapot anu can kaeusian. Karék bérés setengahna. Saheulaanan ngabatekan heula leungeun anu cangkeul, balas ngerjakeun rapot. Sakitu geus dikeureuyeuh sababaraha poé, angger pagawéan ngahunyud.  Rét ka budak anu ngagebra na luhur kasur. Katunduh  ngadadak sirna. Aya panyumanget anu hésé dicaritakeun.
            “Doakeun kasép. Kahoyong téh sing geura tinekanan.” Ceuk kuring miceun kahoréam.  Geder ngeusian deui rapot.
*
            “Bérés Bu Tuti?” Pak Sutisna nyampeurkeun.
            “Bérés. Ngan ieu tah batina.” Kuring némbongkeun leungeun nu asa kompér.
            “Sarua éta mah kabéh gé. Pasti cangkeul jeung panén heuay wé. Keun lah ké beurang gé kaubaran ku duit gedé, buruh ngeusian rapot.”
            “Diarep-arep teuing atuh lah bisi nyeuri haté...” Ceuk kuring, padahal dina haté mah nga aminkeun. Haté merul ku doa ka mantenNa sangkan aya kabagja nu pohara satutas ngabagikeun rapot.
            “Is, éta mah hak urang atuh. Komo ayeuna mah gedé meureun da ngeusian rapot kurtilas téa atuh teu bisa dianggap enteng. Pulpén gé béak ka tilu.”
            Jam dalapan téng. Kabeh guru asup ka kelas séwang-séwangan. Rada lila ogé méré informasi ka kolot barudak. Nepikeun naon-naonna nu kudu diimeutan ku orang tua siswa. Ti mimiti penilaian anu robah, kadisiplinan barudak, absénna. Jeung nu lainna nu aya patalina jeung urusan sakola. Geus kitu mah der wé ngabagikeun rapot budak ku cara ngabsén ti no absén pangluhurna.
            Tuh nya agger wé ning ngabulaéh di hareupeun kelas téh  loba nu teu ngarti. Buktina? Loba kénéh kolot anu angger nanyakeun waktu geus paadu hareup. Komo basa ningali rapot budak. Ngahuleng naha cenah nilaina beut saeutik. Ukur 3,3.
            Leuh Ibu ari tadi téh kamana, kulem? kitu kahayang mah. Ngan angger wé nu kaluar mah imut nu ngirut bari jeung nyumputkeun sakadang heuay anu angger mucunghul waé. Nerangkeun deui ka kolot anu nanyakeun. Teu meunang capé. Teu meunang rumahuh. Inget informasi teh kudu bener-bener nepi ka kolot budak. Pan kitu ceuk kepala sekolah gé. Kudu nepikeun masalah  jeung perkembangan budak  ka kolotna séwang-séwangan. Nya dilakonan. Da jeung enyana geus kawajiban kuring salaku guru anu ngawali kelasan. 
            Jam sabelas karék ruménghap. Diuk ngadayagdag dina korsi. Di luar kadéngé sahéng ku barudak. Siga nu apilain meunang rapot téh. Komo ningali Si Yandi  budak nu keur meujeuhna teu daék cicing. Remen ngaganggu babaturana. Ih, da teu euih euih sakitu karék tadi dipapatahan hareupeun kolotna. Asup ceuli katuhu kaluar ceuli kénca téh lain bohong, euweuh tapakna. Sakitu asa lila tah  mamatahan téh. Keur mah eukeur nilaina laleutik  kusabab tara sakola. Lebah sikepna, matak loba ngusap dada puguh gé.
            Waktu dipatahan sangkan kudu ngajaga sikap, terus deui kudu rajin sakola. Manéhna ngan timbang unggek wé semu nu heueuh. Moal deui deui cenah. Ning geus ka luar mah. Papatah téh langsung ngahiang, euweuh tapakna. Manéhna langsung jigrah. Angger nyeurikan batur. Nu jadi korban ayeuna Rizal. Budak anu cicingeun.
            “Bu. Yandina baong.” Rizal ka ruang guru bari jeung ceurik.
            “Heuuu manéh mah, Yan karék dipatahan tadi téh kumaha?”
            ‘Teu kahaja atuh, Bu. Kababuk saeutik.”
            “Lain kababuk kétang, Bu. Barina gé abi mah teu maén bola. Ngan keur nonton. Ari Yandi teu pupuguh ngadon ngababuk.”
            “Da manéhna atuh ngahalangan. Nyaho bola ka lebah dinya.”
            “Matakna atuh lain geura baralik. Ari tadi ngagugujeg sangkan geura dibagi rapot da hayang geura balik. Ari geus dibagi rapot. Angger caricing di dieu. Ngadon maén bal. Sok geura baralik.” Pak Idris salaku  kesiswaan nitah balik sanggeus mapatahan ka barudak,
            “Horé isukan peré sakola euy...” kadéngé ti luar barudak sakola jigrah. Aya nu balik nya kitu téa aya nu angger caricing di sakola.
            Kuring jeung guru-guru teu waka balalik. Kahiji bisi aya orang tua anu datang pikeun mawa rapot. Ari nu kadua mah nya susuganan wé atuh nu diarep-arep téh bisa ayeuna kabagikeunna. Geus biasana pan. Mun geus dibagi rapot téh meunang duit pangbeberah. Jeung biasa gé nampa honor. Komo ayeuna meureunan meunang nikel. Da dua bulan can gajihan. Lumayan meureun aya kana 600 rébuna kuring seuri sorangan.
            “Mah. Hayu atuh urang ka bumi Aki. Asép tos sono.”
            “Muhun engké atuh bageur, Mamahna seueur pidamelan.” Kuring ngusapan buuk budak.
            “Ah, Mamah mah engké-engké waé. Iraha atuh? kamari basa lebaran teu ka Aki. Waktu libur panjang heunteu deui. Asép téh hoyong ka Aki atuh, Mah.”
            “Engké nya pami tos liburan sakola semesteran. Matakna Asép ngadoa supados tiasa gaduh artos.”
            “Jangji nya Mah. Liburan semesteran. Berarti sasih januari.” Asép ngitung ramona. “Asiiik. Asép gé badé nabung heula ah... méh gaduh bekel.” Budak jigrah. Ngasupkeun duit saratus kencring kana céngcéléngan.
            “Insya Alloh kasép. Mugia kahayang téh geura kalaksanakeun.”
Hampura kasép. Lain teu hayang Mamah nyaba ka imah Aki. Hayang mah nataku, ngan kumaha atuh. Honor téh boro-boro cukup keur iinditan ka imah Aki. Dalah keur pangabutuh gé seuseut seuat.
            Gajih kuring jeung salaki anu sarua guru honor aya kana 700 ratus rébuna. Ngahonor di SD. Lamun keur lancar mah nya teu ngaleuleungit bisa cukup sabulaneun. Dijeujeuh-jeujeuh. Orokaya, honor téh mindeng elat. Da nungguan duit BOS anu can cair. Kadang ti salaki kadang ti kuring keur nungguan dapur ngebul téh. Saha wé nu pangheulana mawa duit ka imah. Tapi ayeuna dikersakeun boh ti salaki boh ti kuring beut can cair waé. Da meureun sarua duitna can cair ti pamaréntah. Biasana mah sakola kuring sok boga duit talangan keur miheulakeun ka guru honor.
            “Guru honor mah insya alloh diutamikeun lebah honor mah.” Kitu jangji kepala sakola ti béh ditu mula. Boh dina rapat boh dina obrolan.
            Ari ayeuna? Ngan saukur punten jeung punten. Bapak kepala gé bingung meureun nalangan ti mana ari duit can aya mah. Kabeneran ayeuna keur ngabangun sakola. Jadi duitna kacocéng heula ka dinya. Teu majar kumaha nya kapaksa guru honor anu ngégél curuk. Ngadagoan duit ti pamaréntah téa.
            “Ibu sareng Bapak. Utamina guru honor. Hapunten dugi ka danget ayeuna teu acan tiasa ngabagi honor. Keun wé manawi dina pembagian rapot semester I. Ku abdi badé diutamikeun pisan. Manawi BOS enggal cair. Sanés teu ngutamikeun. Ngan kumaha, kaleresan sakola urang kenging bantuan dana rehab salokaleun. Bari jeung lah... tos pada apal. Artosna katampi téh teu sesuai sareng jumlah anu sakedahna. Seueur potonganna. Janten wayahna keur nalangan kakurangana. Nya kapaksa  ngaréwong heula dana talangan anu biasana dijeujeuhkeun kanggé honor guru-guru. Da mun teu dibéréskeun saénggalna ieu bangunan, kuriak rabul wé wartawan ka dieu. Atuh... angger ké téh sakola tambah lieur. Kulantaran kedah wé masihan amplop ka wartawan nu rabul.” Kepala Sekola rumahuh. “Tapi insya alloh sim kuring baris ngusahakeun sangkan dina prungna pembagian rapot. Honor Bapak Ibu tiasa kabagikeun.”
            Éta meureun anu jadi panyumanget kuring jeung guru nu lain waktu ngeusian rapot téh. Sanajan wegah kana pagawéanna. Tapi da kawajiban anggeur wé dilakonan.  
            “Bu Tuti, jig atuh ka ditu.”
            “Ka ditu ka mana?” Kuring api-api teu ngarti.
            “Cik tingali tuh ka TU naha bendahara téh can noélan waé. Geus jam satu ieu téh naha asa haré-haré waé?”
            “Jig atuh ku di dinya. Rék ka cai heula kuring mah.” Cekéng bari jeung cengkat. Rék solat Lohor.
            “Enya sok atuh ngadoa heula nya anu panjang jeung husyu, méh doana ditampa. Ngadoa nya sing geura cair kitu. Héhé.”
            “Heuh ngadon heureuy lain geura ka cai.”
*
            “Bapak Ibu diantos di ruang TU.”  Pak Adi Panjaga sakola nyampeurkeun ka ruang guru.
            “Alhamdulillah...cair sigana.” Pak Mursadi nyenghél.
            “Kuring bébérés. Angkeuhan téh rék langsung balik wé. Da TU téh pernahna deukeut gerbang sakola. Jadi teu kudu ka ruang guru deui.
            Sapanjang ka TU. Dipinuhan ku rupa rencana jeung pangharepan. Rék langsung bébérés. Mawa baju rada loba méh di lemburna lila. Teu poho, nyimpang heula ka Mang Danu, nu boga pabrik témpé. Meuli heula meureun sababaraha potong mah keur oléh-oléh ka lembur méh aya boro-boroeun. Kabayang Asép  budak kuring jigrah sigana mun apal rék ka akina poe isuk.
            “Dihijikeun, Bu? Ning amplopna ngan hiji?” tanya Pak Mursidi rada tarik. Nilikan amplop nu ngan hiji.
            “Baca atuh ari nanda tangan téh? Pan éta mah penulisan rapot.” Bu Wéni bendahara TU nyarita bari jeung tonggoy  kana pagawéan.
            “Ari honorna?”
            “Matak acan dibagikeun ke berarti duitna can aya.” Nyaritana  tandes.
            Kuring rumenghap. Harepan langsung laluncatan.  Gura-giru nyokot amplop. Béréwék disoékeun di ruang guru. 25.000.
            “Hatur nuhun Gusti. Kanggé mésér béas 2 kiloeun. Malaur padaringan geus kosong.”
            “Isukan peré sakola!” Hawar-hawar kadéngé sora budak.***


Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Tulisannya dimuat di   Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Koran Merapi Yogyakarta, Tribun Jabar, Majalah Guneman, Majalah Kandaga, Majalah Loka, Majalah HAI, dll



Tidak ada komentar:

Posting Komentar