Jumat, 29 Maret 2013

Dimuat di Majalah Mangle 28 Maret 2013


Batu Ceurik
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Kaléreun Pulo Jawa. Kahalangna ku Laut Jawa. Pernahna kalimantan. Aya hiji carita nu nepi ka ayeuna jadi paguneman balaréa. Jadi pelajaran keur urang saréréa. Khususna ngeunaan hirup kumbuh dina nanjeurkeun tatakrama, kasopanan utamana ka indung sorangan. Indung nu geus ngagandung salapan bulan. Tur méré kacinta kanyaah kalawan getén taya pamrih.
                Kieu carita anu baris dipedar. Kacaritakeun di hiji désa,  aya randa jeung anakna. Tapi dikersaning ku Pangéran hirup maranéhna téh kacida balangsak. Malarat,  kabina-bina. Keur dahar sapopoé kacida héséna.
                Keur ngabanjel-banjel hirup,  indungna gawé di sawah. Buburuh. Saha waé anu nitah teu weléh dicumponan kalawan haté nu daria. Anu dipalar sangkan bisa meunang buruh atawa bayaran pikeun nyumponan pangabutuh.
                Ari anakna awéwé. Urang sebut wéh  ngarana Darmi. Rupana geulis pisan. Kitu pantes, da pagawéanan sapopoé di imah ngan ngageulis jeung ngageulis. Gulak gilek di hareupeun kaca.  Sanajan urang kampung, tapi dina dangdan mah teu éléh ku urang kota. Malaur manéhna mah tara poho ngarawat jeung ngariksa kageulisan. Teu ereun maké bedak, molés diri sangkan tetep geulis. Teu anéh lamun paménta ngeunaan barang-barang kageulisan teu weléh waé murudul. Kudu. Teu beunang diengké-engké. Teu nalipak manéh, jadi jelema miskin. Jeung teu mangkarunyakeun ka indungna anu gawé. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.
                Hanjakal, kageulisan Darmi teu dibarengan ku kageulisan haté. Bedegong. Mindeng pisan nganyerikeun haté indungna sarta kedul kacida. Di imah tara daék baranggawé sumawonan babantu ka indungna.
                “Darmi, hayu bantuan atuh barang gawé di sawah.”
                “Ah moal. Ema wéh nu geus kolot. Kuring mah embung. Bisi kuku jeung leungeun kotor,” témbalna teugeug.
                Indungna ngan bisa ngurut dada ningalikeun lampah anakna. Teu kaop kagetrik sok jadi pundung tur ambek.
                Dina hiji poé indungna ngajak Darmi ka pasar, rék balanja kabutuhan sapopoé. Ari pasar jeung désa téh lumayan anggang. Kudu nyorang jalan anu kacida lilana. Waktu diajakan ka pasar Darmi kacida atohna, sarta saacan miang dangdan sataker kebek. Hayang katingali geulis ku batur.
                Indungna leumpang ti tukang mawa karanjang keur wadah balanja, sarta papakéan anu dipaké kacida rudin jeung dekil.  Ari anakna, leumpang panghareupna ngagandeuang. Teu mamawa nanaon pisan.  Sajajalan pada malencrong. Utamana mah loba jajaka anu ningali ka Darmi kusabab kabéngbat ku geulisna. Kulantaran imahna mencil, jauh kasasaha. Teu aya nu apaleun yén maranéhna téh indung jeung anak.
                Maranéhna kacida kasengsrem ku kageulisan Darmi sarta hayang wanoh. Tapi barang ningali ka tukang-ka awéwé kolot,  haténa dipinuhan ku pananya, nya saha atuh éta awéwé téh? Pangadeg katut pasemona, éstu jauh tanah ka langit.
                Hiji lalaki lahlahan ngadeukeutan Darmi sarta nanya.
                “Héi geulis, éta nu di tukang téh indung di dinya?”
                “Lain,” ceuk Darmi bari terus nikreuh leumpang, muru pasar.
                Teu lila aya lalaki nu ngadeukeutan deui ka Darmi.
                “Héi, manis, éta nu di tukang, indung anjeun?”
                “Lain...lain, éta mah  pembantu kuring.”
Kitu jeung kitu wéh jawaban Darmi. Tiap aya nu nanya perkara saha  awéwé nu aya di tukang.    Darmi keukeuh ngakukeun indungna téh pembantu. Inyana kacida éra ku batur. Embung ngaku indung tegesna. Indung nu geus ngalahirkeun jeung ngagedékeun manéhna.
                Mimitina mah indungna sabar, ngadengé kekecapan anakna anu teu ngaku saha ari dirina. Tapi beuki lila haténa beuki sedih. Cimata juuh teu kaampeuh.
“Gusti, kuring geus teu kuat nandangan panghina manéhna. Anak teges sorangan, nu doraka. Enyaan ieu haté peurih kacida. Gusti tibankeun hukuman naon waé ka manéhna.”
                Kersaning Pangéran. Awak Darmi saeutik-saeutik robah jadi batu. Dimimitian tina suku. Awak jeung sirah. Kabéh.  Waktu satengah awakna robah jadi batu, Darmi sadar sarta ménta hampura kanu jadi indung.
                “Ema, ampun kuring. Ampun. Ma, Hampura Darmi!”
                Darmi terus ceurik pinuh ku paménta ka indungna, sangkan indungna ngahampura manéhna. Leuir. Indungna geus kacida nyeuri haté ku lampah jeung ucap manéhna. Antukna sakabéh awakna robah jadi batu.
                Tina panon anu robah jadi batu téh,  ngaluarkeun cipanon. Cipanon tina rasa kaduhung duméh teu ngaku ka indungna. Tah ti harita batu anu ngaluarkeun cimata téh disebut batu ceurik, atawa batu menangis.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar