Selasa, 05 Maret 2013

Carpon, dimuat di tabloid Ganesha Ciamis


Kanyaah Guru
Ku: Nina Rahayu Nadéa
             “Pokona kuring teu apal nanaon, ibu ayeuna kénéh kudu ngilu ka kuring.”
            “Ké heula Pak, urang ku cara kekeluargaan.”
            “Teu bisa, Bu. Pan ibu geus nyieun codéka ka anak ibu sorangan. Tingali nepi ka leungeunna baloboran getih kitu, pokona ibu kudu ngilu ka kantor pulisi ayeuna.”
            “Moal, Pak!”
            “Kudu.”
            Awak kuring pada nyéréd ku lobaan, teu dibéré kasempetan pisan keur ngomong. Malah komo aya awéwé, teu puguh puguh ngadon nyabok kana pipi kuring satarikna.
            “Tah rasakeun kanyeri kuring, naha anak kuring ku manéh dianiaya.”
            “Ampun. Tulung...tulung.”
             “Mah sadar…sadar.”
            Gebeg.
            Nyah beunta, rét ka salaki nu aya di gigireun.
            “Alhamdulillah Gusti, geuning ngan ngimpi,” kuring ngagerendeng.
            “Yeuh cai heula geura.”
            Regot nginum bari jeung renghap ranjug, kuring nyangsaya kanu bantal.
            “Na ngimpi naon meni ngareuwaskeun? jeung tulung-tulung sagala?”
            Kuring ngahuleng sajongjonan.
            “Ngimpi diberik anjing édan puguh gé,” Kuring teu kapapanjangan, golédag wé deui kana kasur. Api-api saré. Bisi salaki nanya deui.
            Ningali kuring saré, goledag wé manéhna di gigireun
***
            Tadina mah hayang betus ka salaki ngeunaan kajadian nu kamari, tapi kuring teu wasa. Inggis jadi pikiran salaki, komo manéhna ayeuna keur ngaringkuk. Malah geus ampir saminggu teu ka kantor. Ceuk dokter mah tipes, jadi kudu istirahat nu rada lila. Ayeuna kabeneran poe Minggu jadi kuring bisa marengan manéhna.
            Sanajan istrihat di imah, nu kuduna haté lugina. Tapi pikiran kuring angger cus cos ka ditu ka dieu. Mikiran Andi, anak didik kuring.
            “Deudeuh Andi hampura Ibu, nyaan Ibu teu ngahaja.”
            Pikiran kumalayang kana kajadian kamari.
            Harita kuring keur di kelas. Barudak keur anteng ngerjakeun Matematika.
            “Bu, Andi maén ketepél,” Dini ngagorowok ka kuring.
            “Bohong Bu,” Andi nyempad, tapi ku juru panon kuring karérét Andi nyumputkeun leungeunna  ka kolong bangku.
            “Tos jempé, tong ribut enggal kerjakeun, nu can bérés moal diistirahatkeun geura.”
Budak jempling.
            “Bu, ada yang nangis.”
            “Saha?”
            “Ria, Bu.” Barudak réang.
            “Kunaon nangis?” kuring nyampeurkeun Ria.
            “Itu, Andina baong Bu.Ria nyegruk dina bangku.”
            “Tuh Bu, tadi Andi ngetepél geura,” ceuk Éga, babaturan sabangkuna.
            “Tos tong nangis ke Andina ku Ibu diseuseulan nya!” kuring ngupahan. “Andi ka dieu! Enya ngetepél Ria?”
            “Heunteu Bu.”
            “Bohong Bu” Barudak réang.
            “Enya heunteu?”
            Andi tungkul.
Sanggeus diguliksek ku kuring, manéhna ngaku.
            “Kade tong sakali-kali deui nya!”
            Andi unggek.
            “Sok ayeuna istirahat heula.”
             Réngsé istirahat, kuring ka kelas deui. Barudak ciweuh, aya nu lulumpatan kénéh di luar, aya nu barang dahar waé. Réa-réa deui pamolah barudak. Sok jangar sakapeung mah ngajar di kelas 3 SD téh. Komo pan kuring jadi guru kelasna. Jadi unggal poé téh kieu wé. sakapeung sok horéam ngajar téh. Hayang pindah ka SMP atawa SMA.  Ngareunah meureun moal siga di dieu. Unggal poé téh aya wé nu ceurik. Unggal poé téh kudu wé kuring gogorowokan ngajemplingkeun budak.
            “Sok kaluarkeun buku basa Indonésiana!”
            Barudak ribut. “Cepet keluarkan buku basa Indonesianya!!” kuring ngomong tarik,  barudak rada jempling. Ngan katingali Andi masih kénéh tetelenyengan ka ditu ka dieu, siga nu haré-haré kana omongan kuring.
            “Andi diuk!”
            “Kéla atuh, Bu.”
            Kuring masih sabar ka Andi harita. Tapi basa kuring keur nerangkeun basa Indonésia. Kasabaran kuring geus béak, basa Andi ngaheureuyan babaturan jeung malédogkeun kertas ka Éga. Kabeneran harita katingali pisan ku kuring.
            “Andi ka dieu!”
            Andi cicing, teu daék nyampeurkeun ka kuring.
            Kuring nyampeurkeun manéhna.
            Tapi na atuh ari beretek téh Andi lumpat ka juru panto. Kuring muru manéhna, bari nyekel panto nu kabeneran harita muka.
“Andi ku naon atuh ari manéh téh, meni baong-baong teuing,” ceuk kuring bari nyiwit  lengeun Andi. Rarasaan mah nyiwit téh laun, tapi na atuh ari kocéak téh  Andi ngajerit bari lumpat kana bangkuna.
“Diciwit saeutik gé, manéh mah meuni ngocéak kitu, siga nu dikumaha,” ceuk kuring teu katutuluyan.  Akting meureun ceuk kuring dina haté, da engké ge sok biasa, bangor deui geura. Guru nu lain geus pada apal kana kalakukan Andi,  baong na ménta ampun. Keur mah belet taya kabisa. Matak taak nyanghareupana.
            “Kerjakeun halaman 15,” ceuk kuring ka barudak.
Kelas jempling.
Tapi Andi angger nyuuh dina bangku, bari jeung ceurik.
“Geus tong ceurik, kerjakeun halaman 15,” ceuk kuring bari nyampeurkeun Andi.
“Bu tangannya berdarah,” ceuk Wawan sabangkuna.
“Ningali leungeuna.”
            Reuwas kacida basa ningali leungeun Andi ngucur getih.
            “Matakna tong baong atuh jadi budak téh,” kuring ngomong leuleuy pacampur haté nu reuwas jeung sieun. Duh Gusti, maenya tina diciwit, getih bisa ngucur kitu, haté norowéco.
            Andi ku kuring di bawa ka kantor diobatan. Tapi basa ningali tapak  tina tatu mah lain urut nyiwit kuring. Tayohna basa manéhna lumpat ka lebah panto, teu ku heunteu leungeuna neueul pisan kana triplék  panto nu kabeneran ruksak. Sigana leungeuna tikait. Katambah tambah kuring nyekel panto harita téh. Atuh meureun leungeun manéhna kasedekeun pisan kana lebah triplek nu geus nyuay pisan.
            “Duh Gusti nyaan abi mah teu ngahaja.”
            Sanggeus bérés merban leungeunna, ku kuring ditawaran bisi rék balik,  malah rék dianteurkeun ku kuring. Tapi manéhna embung. Rék diajar deui cenah.
Di kelas panon kuring teu weléh ningali manéhna. Tapi katingalina téh geus teu nanaon. Malah jadi bageur Andi téh.
            Basa bél tanda balik disada,kuring teu langsung balik. Ngadon ngahuleng di ruang guru.
            “Moal nanaon kitu Bu, si Andi?“ Kuring nanya ka Bu Één..
            “Moal lah da geus pada apaleun si Andi mah budakna baong.”
            “Enya moal,” ceuk nu lain.
            Haté rada reugreug.
            Tapi kumaha nya mun kolotna teu narima kana kajadieun bieu? Pananya éta minuhan dada. Heug anyar kénéh geuning di Tivi mana-mana kaberitakeun hiji oknum guru Agama nyundut siswana maké korék api. Malah siswana harita dipoto jeté pisan ka ditu ka dieu ku wartawan. Asa jadi artis meureun loba nu ngawawancara, loba nu moto. Jeprét, jeprét wé, wartawan harita motoan pipi siswa. Atuh isukna meuni guyur poto siswa aya di koran mana-mana.
Malah dina tivi mah meuni jelas ngaran sakolana. Siga nu ngahaja wartawan téh nyentér lebah  gerbang sakolana.  Boa boa meureun nasib kuring siga guru itu. Inget ka dinya haté kacida salempang.
            Enya sok serba salah ku jaman ayeuna mah, ngajar téh teu bebas siga baheula. saeutik-saeutik budak laporan ka kolotna. Leuheung lamun kolotna ngarti, ieu mun pas kabeneran kolotna nu teu ngarti. Beu. Lieur.
Pan baheula, basa keur kuring sakola mah, asa tara aya budak anu sagala bébéja ka kolot. Barina gé lamun bébéja, anggursing urang salaku murid  nu dicarékan. Malah basa kuring bébéja diciwit ku guru, gantawang téh Ema nyarékan. Majar téh, moal satapa tapa guru ngambek lamun kuring teu boga dosa. Matakna ka guru kudu merhatikeun, kudu suhud diajar.
            Tapi jaman ayeuna mah asa tibalik pisan. Budak asa teu hormat ka guru, budak geus teu éra ka guru. Enya meureun jaman téh geus robah. Globalisasi téa meureun ngaranna. Komo ayeuna mah aya HAM téa, Perlindungan anak téa, LSM téa. Salah saeutik, kapanggih ku wartawan, geus matak cilaka.
***
            Kuring beuki reuwas basa poé Senén, Andi teu asup. Ceuk barudak mah cenah geuring. Leuh boa-boa? Pikiran goreng minuhan haté. Isuk mah lahlahan rék ka imahna, rék ménta dihampura ka indung bapana.
            Asa lila nungguan poé isuk téh. Hayang geura nyaho kana kajadian isukan. Tapi muga muga wé Andi sakola deui, gerendeng haté.
***
Basa poé Salasa diabsén, tétéla Andi teu sakola deui. Haté beuki tagiwur, inggis aya nanaon ka Andi. Harita kénéh langsung muru ka imah Andi, teu nungguan heula bubar sakola. Barudak dititipkeun ka Bu Endah guru agama nu kabeneran harita teu keur asup ka kelas.
            Sajajalan pikiran nganteng ka Andi, diwawas budak téh keur ngaringkuk di kamar bari jeung humarurung nahan kanyeri. Diwawas indung bapakna harita kénéh bébéja ka pulisi, ngalaporkeun kalakuan kuring. Nyaan mun geus nepi ka imahna, Andi ku kuring dirawu dipangku. Lain ngéwa kuring nyiwit téh tapi bakat kun nyaah, bakat ku hayang ningali Andi robah adat jadi bageur. Nyaah kacida Ibu téh Andi, haté kuring norowéco.
            Ari dibarung ku ngalamun mah teu karasa geus nepi kanu dituju. Barang srog jeung nu boga imah katara manéhna reuwas. Komo barang nyaho kuring téh guru kelasna Andi.
            “Aduh Bu, hapunten pun anak téh nya! Da kumaha atuh dielingan mah unggal waktu, ngan angger wé kitu geuning, abi mah sok aral mayunan kalakuan budak téh. Komo ku Bapakna mah, mindeng disiksa. Tapi angger wé, teu euih…euih.” Indungna Andi nyarita norolang. Teu ningali kuring anu colohok ngembang kadu ngabandungan carita indungna Andi nu jauh tina sangkaan kuring.
            “Dupi Andina ayeuna aya di mana, Bu?” kuring nanya ka Indungna Andi.
            “Tuh nya da budak téh geus ngador deui waé, paingan cenah tadi ceuk Bi Jumi basa balik ti pasar. Majar  ningali Andi keur maén kaléci wé di buruan Bi Julaéha bari jeung maké saragam. Sugan téh enya wé rék ka sakola. Apal moal sakola mah, moal teuing ngéclok duit ka Bi Jumi. Aduh, hapunten Bu guru nya. Pangdidikeun pun anak téh lah. Nyanggakan ka Ibu badé dikumaha kumaha gé.”
            Geus puguh mah kana kaayaan Andi, kuring gura giru balik bari jeung haté ngemplong. Ngemplong, duméh Andi teu sakola téh lain lantaran kuring, tapina mabal. Malah basa kuring nyarita kajadian poé Saptu, indungna téh siga nu atoh pisan. Sing sering wé ngaping sareng ngadidikna, ngarah kapok jeung sieun ka guru, da ku indungna mah geus taya kasieun.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar