Sabtu, 22 November 2014

Layung :)

    
Dimuat di Majalah Mangle No 2501. 13-19 November 2014
Layung Panungtung
Ku Nina Rahayu Nadéa
            Sok ras keur jaman leutik. Resep pisan ningali layung téh. Resep nyeueung hibarna nu konéng umyang pikabitaeun. Sanajan tara lana, da mindeng kagareuwahkeun ku Ema. Ema sok ngageungeureuhkeun. Majar teh bisi nyeri panon.  Atuh tara lila ningali layung nu keur meujeuhna hibar pikabitaeun. Tapi harita mah sok nurut kana kahayang Ema, tinimbang bangkenu. Tara mungpang, pan caritaan kolot téh kudu digugu ceuk guru ngaji gé.
            Matakna tara geuruh. Sakalian hayang neuteup layung nu kacida éndahna. Ngahaja sok nyalingker ka pipir imah. Neuteup layung salila-lila. Ti mimiti hibar caang pisan nepi ka leungitna diteureuy poék, éta mindeng dilakonan ku kuring. Duka kumaha atuh beut kacida resepna ningali layung. Sanajan ngan sarérétan.
            Ayeuna  nurun kanu jadi budak, resep neuteup layung. 
            “Nuju naon Rian? Nyalira waé di buruan. Énggal ka lebet, pamali.” Ceuk kuring ngagebah kanu keur ngalangeu di buruan.
            “Mah tinggal itu meni saé kitu di langit. Caang sareng konéng.”
            “Oh éta namina layung, kasép!” ceuk kuring ngusap deudeuh kanu jadi anak. Teuteupan kuring sarua kana layung, nu kacida éndahna.
            “Ah, hoyong ameng layung. Sigana betah di dinya, mah. Haneut.” Cenah abong budak leutik
            Dijawab ngan saukur imut...
            Isukna Rian némbongkeun gambar ka kuring.
            “Mah, ieu gambarna saé nya?”
            “Gambar naon ieu?”
            “Layung mah. Tah engké Mamah sareng Rian ogé Bapak. Bobona di dieu, ngalih bumina.” Leungeunna nunjuk gambar layung nu katingali di warnaan konéng. Ngan katingali aya gambar jelema tiluan.
            “Naha?”
            “Pan méh  kahaneutan, Mah.”
            Tara digeureuh geureuh Rian ningali layung mah. Keun wé sabosenna, sabataé engké gé bosen, gerentes haté. Da jeung enyana, kaayeunakeun beut tara ningali Rian neuteup layung. Malah mah mun manggih soré téh sok geuwat ka imah, ngaringkeb manéh. Sieun cenah. Sieun tepung jeung poék.
Kaayeunakeun mah aya nu anéh deui. Manéhna némpél waé ka kuring. Siga perangko téh lain bohong. Teu kaur ngaringkang. Hayang na téh pagéyé-géyé. Malah saré ogé nu asalna geus nyorangan, ayeuna beut hayang jeung kuring. Atuh kapaksa salaki nu ngéléhan. Malah sakapeung mah kétang  saré téh babarengan. Tiluan, siligonjak di kamar.
Mun aya pagawéan di luar kota anu nyababkeun kuring kudu nginep. Ceurikna téh sok lila. Hésé diupahan. Kapaksa nu biasana bébéja rék ka luar kota. Ayeuna mah tara.  Ningali budak ceurik lila, meureun haté téh beuki wegah papisah.
Balik ti luar kota hiji waktu. Reuwas ningali Rian keur ceurik ngagukguk di kamarna.
            “Rian kunaon beut nangis kasép?”
            “Mamah!” cenah banget ku atoh. Neuteup kuring leleb. Gabruk ngagaléntoran. “Mamah tong ngantunkeun Rian...”
            “Rian? Kunaon kasép?” cekéng dareuda kabawakeun ku budak anu ceurik dina lahunan.
            “Mah....” Rian neuteup seukeut.
            “Aya naon di sakola?”
            “Mah... saur Risma... Mamah téh... Mamah téh?”
            “Mamah téh naon?” Jedag, kana haté aya nu neunggeul.
            “Saur Risma, Mamah Rian bakal téréh maot. Mamah  gaduh panyawat kanker?”
            Gebeg....
            “Rian!” Ku kuring budag digabrug digaléntoran. Beut teu nyangka kana pananya budak kuring. Geus waktuna ceuk kuring jeroeun haté, nyumputkeun semu. “Ka dieu kasép hayu urang ngobrol sareng mamah.” Kuring nungtun budak. Didiukeun na biwir ranjang.
            “Rian naha leres Risma nyarios kitu?”
            Rian unggek. “Saur mamahna cenah éta gé.”
            “Rian, upami sadayana jalmi bakal maot teu?”
            Rian unggek. Ngan katangen tina panonan kaluar deui cipanon murubut.
            “Janten sadayana tangtos maot bageur...”
            “Tapi Mamah...”
            “Kasép anaking.  Sadayana jalmi bakal keuna ku maot. Taya nu bisa nyawad, sanajan urang hoyong hirup lami. Tapi pan sadayana tos aya waktosna. Sadayana hoyong séhat... hoyong teras sasarengan.” Kuring teu kuat cumarita. Aya talaga nu bedah hareupeun Rian, anak kuring nu umurna karék genep taun.
Salila ieu ngahaja tara ieuh dibéjakeun perkara kuring nu sabenerna. Ngan Kang Yandi salaki kuring nu apal kumaha sabenerna panyakit kuring. Enya ngan Kang Yandi nu sok nyumangetan kuring. Tara ogé saeutik cacarita kanu jadi anak perkara kasakit anu karandapan. Kangker. Enya kuring divonis dokter katarajang kangker.
            “Bu, wayahna kedah cék darah...” ceuk dokter dina hiji poé.
            “Kedah, Dok?”
            “Supados kapendak panyawat Ibu nu saleresna.”
            Ti dinya kuring bulak-balik  ka rumah sakit lain. Ti mimiti tés abdominal ultrasound, CT-Scan, nepi ka biopsy dilakukeun. Sanajan angger ceuk pangrasa taya menyatna. Malah asa parna. Sataun sanggeus dioperasi, kudu ngalaman disinar jeung dikémo sagala.
Ngan Rian jeung Kang Yandi nu nguatkeun kuring. Matakna bulak-balik ka rumah sakit angger dilakonan.
Mimitina mah enyaan down, asa teu percaya diri. Dunya asa kiamat, tapi Kang Yandi salilana maturan jeung nyumangetan kuring. Pangpangna inget ka Rian anak kuring hiji-hijna. Ti dinya teger... panceg. Lillahitaala.
            Di hareupeun Rian tara saeutik ogé, nyaritakeun panyakit kuring nu sabenerna. Kuring embung Rian jadi nguluwut mikiran kasedih lantaran panyakit indungna. Mun keur berobat cukup nyebutkeun aya kagiatan ti kantor. Ngan sakitu. Rian geus percayaeun. Sanajan kadieunakeun beut sok ngadat lamun ditinggalkeun téh.
            Kakarék sadar sababaraha waktu ayeuna, kunaon Rian teu resep ningali layung. Layung anu kacida dipikaresepna siga kuring. Geuning Rian neundeun rasa anu kacida nalangsana. Nyumputkeun perkara anu sabenerna can manjing keur umurna. Rian leutik kuduna ulin, senang-senang jeung babaturanna, lain mikiran kasakit indungna. Kacintana neuteup layung sarua jeung indungna, nu antukna aya kasieun. Sieun teu bisa neuteup layung dibarengan indung nu dipicinta.
Ayeuna geus waktuna kuring ngobrol jeung Rian panjang lebar.
            “Mah... Mamah kedah maturan Rian dugi ka engké Rian ageung.” Cenah ngarangkul ka kuring. Satutas kuring ngobrol perkara kasakit kuring nu sabenerna. Naon balukarna. Sanajan can sakuduna ngadéngé kitu. Tapi leuwih goréng Rian apal tinu lain.
            “Rian!” nu ngajawab ukur lémbéréhna cipanon  teu kaampeuh. “Rian anaking. Doakeun Mamah nya. Rian ogé ku Mamah didoakeun sing janten jalmi nu sabar sareng soléh.”
*
            Pasosoré keur hadé poé. Awak kuring kacida tirisna. Nyelecap. Kanyeri liwat saking karasa saawak-awak.
            “Mah... Mamah tiris nya?”
            Kuring neuteup Rian. Unggek.
            “Hayu urang ka luar sakedap wéh. Urang ningal layung, méh haneut...”
            Dipayang ku salaki, kuring jeung Rian ka luar. Ngalangeu di téras, neuteup layung nu pikabitaeun. Layung konéng semu beureum némbongan. Asa hibar béda ti sasari. Duka pédah geus lila teu neuteup layung. Rian siga nu ngarti kana kahayang indungna. Da jeung enyana, beut kacida hayangna neuteup layung.
            Neuteup layung beut asa waas nakeran. Gambaran indung bapak piligenti narémbongan. Kuring keur leutik, éstra némbongan lir layar  dina éta layung nu hibar. Aya kuring anu hiber nété layung....
            Kacida nikmat jadi layung. Jadi perantara muwuh beurang jeung peuting.  Jambatan waktu.... Nu asalna beurang jadi peuting, nu asalna panas jadi tiris. Mun némpo beurang téh asa lega, asa narawangan. Tapi mun peuting nu meredong asa keueung téh bét mindeng nganjang ayeuna mah. Enyaan bagja mun jadi layung. Jadi perantara, jadi batas. Nu sieun heunteu salilana sieun da panggih jeung beurang. Atuh nu kapanasan moal salilana panas lantaran bakal panggih jeung peuting nu tiis.
            Layung téh meureun pangreureuh beurang. Layung ngingetkeun nu kumelendang di alam dunya. Yén sakabéh jalma bakal pinanggih jeung reureuh, mulang ka asal. Ayeuna kitu watuna? Matakna beut kacida hayangna neuteup layung.
            “Kang... Akang sing séhat nya? Kadé nitip Rian.” Kuring neuteup Kang Yandi nu aya di gigireun.
            “Pasti atuh, Nung?” cenah sarua neuteup kuring.
            “Kang...”
            “Kumaha. Nung?”
            “Tuh tingal layung téh hibarna kacida éndah nya... boa Kang. Éta layung panungtung keur kuring.”
            “His, tong kitu.”
            “Rian ka dieu kasép.”
            Rian nyampeurkeun. Gék gigireun kuring.
            “Rian resep ningal layung. Sami sareng Mamah. Layung téh pangreureuhan kasép. Tah, lamun hidep sono ka Mamah. Teuteup éta layung, di dinya aya Mamah. Sayaga ngajaga hidep. Émut kasép. Sanaos Mamah teu  katingali jilimna. Tapi Mamah tetep aya.” Kuring ngadangheuak. Beut asa eungap teu pupuguh. Neuteup dua jilim nu dipicinta piligenti. Kang Yandi jeung Rian. Neuteup layung, nu mimiti leungiteun hibarna, reupreupan.
            “Mamah!” Rian ngajerit.
            Kuring imut neuteup layung panungtung.***
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Tulisanna sumebar dina sawatara média. Oge bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar