Sabtu, 25 Oktober 2014

Cerita Misteri

Dimuat di Majalah Mangle, 22-29 Oktober 2014


Nu Ngajak Kawin
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Antukna nu jadi kolot nyaluyuan ogé waktu kuring keukeuh kana pamadegan.  Rék diajar mandiri. Rék diajar ngaleungitkeun sagala ruruwet anu kungsi kaalaman. Sanajan enya mimitina mah Ema jeung Bapak kacida beurateun.
                “Teu kudu pindah. Meuggeus di dieu wé jeung Ema. Imah sakieu gedéna. Ieu gé sarua imah hidep. Ema mah moal ngaboga-boga.” Ema ngusapan kuring banget ku deudeuh.
                “Enya, Rum. Enggeus wé di dieu. Kabéh nyaah ka hidep. Geus nu geus mah tong dipikiran. Kabrangbrangkeun puguh di dieu mah da loba batur. Geura lamun pindah? Ngontrak sorangan? Bapak mah sieun hidep anggur loba ngalamun teu puguh.”
                “Moal, Pak.  Arum moal ngémutan anu kapungkur. Arum hoyong pangdeudeul ti Ema kalih Bapak. Arum hoyong naratas jalan énggal. Ninggalkeun pangalaman pait anu kapungkur. Bapak sareng Ema teu kedah mangmang, tong sieun ka Arum. Ngaran Bagas tos dihapus tina ingetan. Enyaan, Ma.” Kuring ngeluk.  Inggis katohyan rasa haté nu sabenerna. Ngaleungitkeun ngaran Bagas? Lalaki nu geus 8 taun mihukum kuring. Lalaki nu geus téga megatkeun duriat, lantaran kapincut awéwé séjén. Hésé! Ngan ka Ema jeung ka Bapak kuring ngayakinkeun, yén éta ngaran anu teu weléh aya na ati téh geus didélét, dihapus tina memori haté. “Enya, Ma. Arum rék diajar.” Gerendeng haté. ”Ma, alhamdulillah Arum katampi damel, ngawitan dinten Senén  payun.”
                “Digawé? Asa teu katingali Arum  nyieun lamaran?”
                “Ti Nita, Ma. Sobat damel kapungkur.”
                “Nya sukur atuh. Sugan ku gawé mah hidep moal nguluwut.”
                “Muhun, Ma. Pasti. Tapi Arum panuhun ka Bapak sareng Ema. Supados ngawidian Arum ngalih. Lamun leres-leres Ema sareng Bapak nyaah.”
                “Pasti nyaah, matak hidep kudu cicing di dieu gé.”
                “Ema. Calik di dieu sami sareng menjarakan haté Arum. Sami miwarang manah Arum ngulayaban nepungan Kang Bagas. Enyaan Arum alim ngémutan. Ma. Pan Ema terang. Arum sareng Kang Bagas tos lami balayar dina sagara rumah tangga. Bumi, ieu, pangeusina, lamun Ema hoyong terang angger nyuatkeun haté Arum ka lalaki nu ngaran Bagas.” Kuring neuteup Ema. Ngumpulkeun pangacian. Negerkeun haté sangkan cipanon teu beudah. Tiap ngomongkeun Bagas. Enya cimata teu weléh bedah. Tah, danget ieu waktuna, némbongkeun diri anu teger.
                Sakedapan Ema jeung Bapak ngahuleng. Ema neuteup ka Bapak, ménta jawaban.
                “Nya ari kahayang Arum kitu mah. Bral bapak moal ngahalangan.” Antukna kecap nu dianti kaluar tina biwir Bapak.
                “Diduakeun ku Ema geulis.” Ema nangkeup kuring dibarung reumbay cisoca.
*
                Sanajan ceuk batur tempat anu ku kuring dicicingan téh sanget, pikasieuneun. Heunteu ceuk kuring mah. Anggur asa betah. Komo di tukang, loba kekembangan anu keur meujeuhna  mangkak pikabitaeun. Nya di tukang pisan kuring mindeng ngareureuhkeun kacapé satutas balik gawé. Nengetan kekembangan nu aya.  Tisaprak pindah ka ieu, can kungsi ningali ieu kembang layu. Padahal ceuk sababaraha urang nu nyarita. Ieu imah téh geus lila kosong. Mun dipikiran mah, pasti waé barala, katurug di tukang loba tatangkalan anu garedé. Tapi, anggur resik jeung lening.
                Ah, batur mah nyebut pikasieuneun jeung geueuman  téh pédah wé dicipta-cipta  meureun. Padahal geus di jero mah. Genah waé. Jeung tiis pisan imah, téh. Kawantu imah jaman baheula. Imah walanda.
                Sanajan enya teu ngabibisani, mimitina mah  sieun cicing di ieu téh.  Pangpangna mah sok ngawawas sorangan waé kétang. Lamun keur saré bari lampu pareum, pas dihurungkeun aya mahluk lain. Lamun hujan badag bakal aya nu datang ti tukangeun imah. Kabawakeun ku caritaan babaturan, anu kungsi ngadéngé, yén ieu imah aya jurigan.
                Tapi beuki lila mah ning beuki betah. Taya kajadian nanaon.  Perkara éta aya kajadian anéh nu karasa. Misalna waé, cai dina bak anu asalna kosong ujug-ujug pinuh. Mun tengah peuting pareng keur hujan badag pikasieuneun. Anggur sok ngimpi nu éndah. Ngimpi panggih jeung nu kasép sarta lalayaran dina sagala kabagja. Kitu wé angger lamun wanci comrék. Hujan ngaririncik. Kuring sok buru-buru ka kamar ngadon saré, tinimbang di ruang tengah nu ublug ablag. Gégéléhéan nepi ka reup wé saré. Mimitina anéh ngimpi nu kitu. Tapi na barina gé pan ngimpi téh kembangna saré. Ah, barina gé ketang keun wé lumayan aya nu ngabaturan, tibatan ngagugulung kasieun. Kuring ngupahan manéh.
                Sakapeung sok asa aya nu nyerangkeun lamun kuring keur dangdan atawa keur ngalangeu di hareupeun imah. Ah, barina gé éta mah rasarasan ceuk kuring. Keun wé anggap babaturan ceuk kuring waktu ngadongéng ka  babaturan gawé, perkara asa aya nu marengan jeung asa aya nu ngeukeupan waktu saré.
                “Keun wé atuh karunyaeun ka kuring. Pan nyahoeun kuring geus randa. Héhé.”kuring seuri sorangan.
                “Heuheu, tapi nu ngabaturana gé mahluk gaib.”
                “Keun méh teu rudet. Moal nganyerikeun haté sugan. Tinimbang ka jelema bari jeung mangnyerikeun haté. Salingkuh téa,” kuring anggur banyol.
                Béh dieunakeun kaanéhan beuki karasa.  Mimitina mah meureun poho waé. Harita hudang kabeurangan. Rusuh. Gesat gesut indit ka pagawéan. Ti tempat gawé ngahaja langsung balik, padahal biasana mah pan ngerumpi heula. Inget di imah can bébérés. Teu resep ningali imah teu asri téh, asa inget waé.
                Harendeg waktu geus aya di imah. Kasur anu balatak geus merenah. Kitu deui kumbaheun teu nyésa hiji-hiji acan. Poho meureun ceuk pikir bari jeung garo-garo teu ateul.
                Nu kadua waktu aya gawéan ti Pak Marzuki, nyieun proposal keur MOU  hiji perusahaan. Lantaran can bérés, pagawéan di bawa ka imah. Ngan édas  migrén kumat. Diteundeun wé luhureun komputer di imah. Teu dibawa deui ka pagawéan. Da apal. Pak Marzuki merlukeunna saminggu deui. Ké wé dibawa mun geus bérés. Ceuk pikir téh.
                “Rum. Proposal nu kamari tos bérés?”
                “Teu acan, Pak. Pan dianggéna gé minggu payun?”
                “Teu nanaon can bérés gé. Éta konsép nu kamari aya nu salah. Di bawa teu?”
                “Heunteu.” Walon kuring pondok. Asa kaduhung proposal jeung konsép nu ti Pak Marzuki teu dibawa. “Bisa teu dibawa ayeuna? Keun dianteur ku Pak Atmo wé. Bapak hayang ningali jumlah anggaran nu kamari, asa aya nu can kaasupkeun.”
                “Iya. Manga, Pak. “ ceuk kuring nyokot kantong. Tapi bréh handapeun  kantong  aya map warna beureum. Asa apal kana éta map. Panasaran ditingali, enya wé gening proposal anu tinggaleun téa. Anéh, gerentes haté, da sidik teu dibawa.
                “Ieu geuning Pak, kacandak.” Kuring mikeun éta proposal bari jeung kerung.
                Ti dinya bruh bréh kajadian anu teu masuk akal.
                “Aya nu ngaping ka Néng Arum mah.” Ceuk Pak Hérman, kokolot urang dinya anu ngahaja diangkir. “Moal ngaganggu sabenerna, ngan manéhna geus asa ngapimilik Néng Arum.”
                “Ngapimilik kumaha? Jeung diaping ku saha? Iy....” Kuring ngabirigdig. Komo waktu kuring inget sok  mindeng ngimpi jeung lalaki kasép.
                “Geus ngarasa Néng Arum pamajikanna.”
                “Kang Bagas?”
                “Sanés.”
                “Saha atuh?”
                “Hésé nyariosna. Mahlukna aya. Ngan teu ngajilim.”
                “Hah? Bangsa dedemit?”
                “Nya sabangsaning nu kitu....”
                “Jurig? Iyyy.” Bulu punduk  cengkat, inget kana sababaraha kajadian. Inget kuring nu betah pisan cicing di imah, da asa aya nu maturan. Aya nu nyimbutan, aya nu ngabagéakeun  lamun balik ti pagawéan.
                Karék apal, yén imah nu dicicingan téh urut Tn Mogens, bangsa Walanda. Manéhna nelasan pati lantaran pamajikanna urang Indonésia-Nyimas salingkuh.  Tn Mogens kacida nyeri haté, padahal kacida bogohna ka pamajikan.  Lantaran cintana kacida gedé, angger mihukum Nyimas, taya niat saeutik gé pikeun pipisahan. Ngan, pamajikanna milih kabur jeung lalaki nu dipicintana batan ngahiji  deui jeung dirina. Ti dinya Tn Mogens tara pisan kalur ti imah. Gawéna ngan huleng jentul.
                Ngan ceuk béja deui. Tn Mogens nelasan pati ku cara ngaruang manéh na jero taneuh. Di kebon tukangeun imah. Lebah runggunukna kembang malati nu teu weléh hegar nyambuangkeun seuseungitna.          
                Rieg... imah karasa eundeur. Ssssr.... angin nyéak ti béh tukang, karasa pisan. Saawak-awak karasa tiis. Nyelecep.  Angin handaruan museur. Ngageblég warna hideung. Ngabelegbeg  siluét manusa.
                Wil jet me trouwen? (Daék heunteu kawin jeung kuring?).”  Bréh lalaki bulé hareupeun. Sorana handaruan dibaturan angin kakeueung. Lalaki nu sok datang ngaleungitkeun kasimpé. Lalaki impian.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar