Kamis, 16 Oktober 2014

Untuk Ibu

Carpon, dimuat di Koran Galura 2-8 Oktober 2014.
Pangemut-ngemut kangge pun biang di kalanggengan. Katineung nu salilana marengan, hamo laas. Tawis asih kanu dipicinta..... "IBU"

Haturan Ibu
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                “Duh meuni asa gok, asa gok. Enyaan hoyong gera tepang jeung Ibu, Kang.” Ceuk kuring ngaléndéan kanu jadi salaki.
                “Sabar tilu dinten deui, nya Nung.” Salaki ngusapan.
                “Tada teuing Ibu bagja. Bisa lebaran di lembur bari jeung masihan kejutan ka Ibu. Kejutan qurban kanggé Ibu kalih Apa.” Kuring nyipta nu jadi indung. “Nuhun nya, Kang.” Kuring ngarangkul nu jadi salaki.
                “Naha nuhun sagala. Ibu Enung nya sami Ibu akang. Moal diwilah-wilah. Ibu urang saréréa.” Salaki imut. Kuring sarua imut. Alhamdulilah milik téh banget ku bagja, boga salaki anu kacida nyaah ka diri kuring. Nyaah heunteu ngan saukur ka diri  kuring sorangan ketang. Kanyaahna karasa ku kulawarga besar kuring. Enya pan Kang Maman salaki kuring geus balaka, yén ikatan tikah téh lain waé ngan saukur ngahijikeun dua jinis nu panganténan tapi ogé kudu bisa ngahijikeun kulawarga kuring jadi kulawargana.
                Sanajan geus apal ka tabéat salaki. Tapi teu burung kuring reuwas campur atoh basa Kang Maman ngabéjaan yén taun ayeuna mah rék nganiatkeun qurban keur kolot kuring.  Kaparengkeun boga milik. Tapi tong waka diuar-uar. Keun wé  Ibu sina apaleun dina poéan sakalian bari jeung arulin ka lembur.
                Kriing HP disada. Diilikan geuning ti Ibu.
                “Ehm panjang umur. Sigana Ibu panaseun cepil ku urang diobrolkeun.” Kuring ngomong ka salaki, méméh ngangkat telepon.
                “Ibu...?”
                “Enya Nung, kumaha cageur di Bandung?”
                “Alhamdulillah Ibu. Kumaha Ibu kalih Apa saréhat?”
                “Sukur calageur mah. Ibu ogé Apa katut dulur di lembur alhamdulillah saréhat. Iraha atuh ka lembur? Ibu sono.”
                “Insya alloh Bu, pami aya rejekina ké boboran di lembur.”
                “Alhamdulillah sukur atuh. Ibu sono pisan ka si Dédé. Ké urang ngabedahkeun atuh ari apal Enung ka lembur mah.”
                “Ah teu kedah Bu. Tong ngarérépot.”
                “Teu. Keun wé pakaulan atuh barudak ngariung. Da Ibu gé geus nitahan Mang Jaka sangkan engké ngabedahkeun. Sugema barudak Ibu kabéh ngariung.”
                ‘Nuhun atuh, Bu. Ibu sing séhat nya. Kadé capé teuing.” Kuring nutup telepon.  
*
                Piisukeun deui lebaran, ti subuh kénéh geus tatan-tatan nyiapkeun kaperluan.  Ti mimiti pakéan, kuah kuéh keur boroeun urang lembur geus dipisahkeun. Kitu deui baju nu geus teu kapaké dikumpulkeun aya kana sakantong badagna. Lumayan baju urut gé di lembur mah sok loba nu butuh.  Keur dadahut, kirining HP disada.
                “Téh dimana kénéh?” sora Ibu meni ngoncrang.
                “Ké sakedap deui Bu, ngantosan heula Kang Maman aya kaperyogian heula. Tadina mah hoyong nyubuh kénéh angkat téh. Tapi kumaha geuning Kang Maman aya peryogi. Ké pami tos aya mah langsung angkat ka lembur, Bu.” 
                “Enya sok enggal atuh. Ibu geus mais lauk baradag keur Maman.  Lauk sawah. Amis gera, moal hanyir.”
               
*
                “Tah geuning ngurunyung.” Cekéng kanu jadi salaki.
                “Enya hayu atuh. Geus sariap.”
                “Atos tatadi gé. Ké atuh ngadamel heula cai?”
                “Cai keur saha?”
                “Muhun kanggé Akang.”
                “Moal hayu ah. Bisi nu di lembur arep-arepeun.”  Teu talangké kuring jeung salaki ngadius dibarengan ku kabungah. Komo si bungsu mah meni capétang ngobrol ka ditu ka dieu, atoh dibéjaan rék ka lembur. Meuncit domba.
                “Asiiik, pendak sareng Enin.”
                “Muhun sareng Enin, sareng Engki. Tah engké meuncit domba. Sebatkeun nya ieu domba ti Dédé kanggé Engki sareng Enin.”
                “Asiiik. Aya domba.”
                Kirining HP disada deui. Ditingali ti Yandi, adi kuring.
                “Haloo....”
                Euweuh soraan
                “Haloo...”
                “Euuu. Enya Téh, ieu Yandi.”
                “Enya kumaha, Yan?”
                “Tétéh di mana kénéh.”
                “Di jalan Yan, ka lemburkeun.”
                “Enya sok atuh, Téh. Énggalkeun. Tos diarantosan.”
                “Iya.”
                “Enyaan, Kang. Geus ditungguan ku urang lembur. Héhé.” Kuring seuri inget kanu nelepon meuni rabul. Ibu, Yandi ogé Uwa. Pipilueun ngilu nelepon. Nanyakeun kuring geus aya di mana.
                Sajajalan reuteum ku harepan. Ngabayangkeun Ibu katut dulur anu pastina sugema ka kuring. Kuring  bisa ngabagjakeun kolot. Kahayang mah miangkeun  anu jadi kolot ka tanah suci, tapi can kaduga. Ngan saukur karék dina kahayang. Ayeuna mah nu kahontal heula. Niat qurban keur Ibu jeung Apa. Alhamdulillah. Kuring ngagerendeng.
                Jam 2an geus aya di kota kuring. Teu langsung ka lembur. Ngahaja néangan heula domba. Milih anu alus jeung garedé  sadua-dua.  Keun hargana rada undak nu penting Apa jeung Ibu sugema dipangmeulikan domba aralus.
                “Ké sonten dijajapkeun.” Ceuk tukang domba.
                “Enya kadé nya Mang, bisi nyasab.” Ceuk kuring ngaheureuyan.
                “Moal atuh. Tos terang lah ka Lembur Cidadap mah.”
                Nepi ka lawang lembur asa simpé, beuki jero mobil nyemprung katangen hiji dua jalma. Malah beuki deukeut  abrulan jalma asa mingkin tingaraleut. Siga nu geus nganjang ka hiji imah.
                “Aya naon, nya meni ramé kieu?” Salaki nanya ka kuring.
                “Pan. Énjing badé lebaran atuh, Kang.”
                “Enya kétang. Tapi tingaraleutna téh geuning ka lembur urang.”
                “Biasa wé meureun badé paresen kupat .” Kuring ngajawab sahayuna. Apal di lembur loba  nu ngéngkén  nyarieun kupat mun manggih lebaran téh. Padahal mah haté gé sarua neundeun pananya, ningali aleutan jalma anu teu eureun-eureun murudul.
                Komo beuki deukeut ka imah nu ngaleut beuki loba. Malah tiap paadu jeung kuring manéhna nareuteup leleb. “Enyaan ka urang kota mah meuni hayang nelek-nelek.” Gerentes kuring, ambon sorangan. Nepi ka buruan imah. Katangen nu ngaleut teh geuning ti imah. Rada anéh. Tapi inget ka Ibu. Pan Ibu mah kokolot di lembur, pasti geus ngayakeun acara sigana keur isukan, pananya téh dijawab ku sorangan.
                Da jeung enyana Ibu téh Ibu saréréa. Kagiatan RT, nepi ka kelurahan Ibu nu turun. Lian ti kitu Ibu aktif dina kegiatan keagamaan. Ibu-ibu nu tara pangaosan, nu asalna haré-haré, tara ngilu pangaosan, dideukeutan jeung diobrolan, nu antukna maranéhna ngariluan. Atuh masjid, madrasah nu asalna tiiseun, jadi haneuteun ku alpukahna Ibu. Teu anéh lamun panganjrekan Ibu, mindeng waé kaanjangan sémah, nyawalakeun sagala hal.
                Jrut salaki dituturkeun ku kuring tarurun ti mobil. Dipapagkeun ku Bibi jeung Uwa.
                “Sing sabar nya geulis.” Uwa ngarangkul kuring.
                Sabar? Dina haté loba pananya. Tapi suku teu burung ngaléngkah asup ka patengahan imah. Teu hayang waka ngobrol jeung nu mapagkeun. Kasono ka Ibu geus kacida. Hayang geura tepung. Hayang ngarangkul, sumolondo na lahunan Ibu.
                Di imah kasampak, adi-adi keur ngarariung. Dulur-dulur careurik nyanghareupan mayit nu ngajepat.
                “Yandi?“  Kuring muru ka Yandi anu keur diceuhceuhan ku dulur-dulur.
                “Téh. Ibu Téh...”
                “Ibu? Ibu kumaha.” Rét kanu araya. Kemba. Neuteup kuring salila-lila. Rét kana mayit anu aya hareupeun.
                “Yan. Mana Ibu?”
                “Itu Ibu Téh.” Yandi  ngajerit, ngarangkul kuring. Curukna bentik nunjuk kanu ngajepat.
                “Ibu?”
                “Enya Ibu, Néng. Sabar. Ibu tos ngantunkeun.” Uwa nangkeup kuring.
                “Naon ari Uwa nyarios téh ka mana waé. Ibu mah tadi gé nelepon ka Abdi. Pa, Mana Ibu?” kuring nereleng ka kamar Apa nu sarua keur diriung-riung. “Pak. Mana Ibu, Pak?”
                “Nung?” Ukur sakitu Apa nyarita. Apa ngarangkul pageuh kuring. “Sabar geulis anaking, Ibu hidep geus mulih ka kalanggengan.”
                “Ibu!”
                Karék apal poé harita. Ibu  geuning tos teu aya. Dipundut umur, dicandak kunu kagungan, lantaran katabrak motor, keur meuntas di jalan gedé, waktu rék meuli sayuran keur nyadiakeun kuring.
*
                Mbééé.... 
Getih ngucur tina beuheung domba. Disaksian ku kuring, salaki katut dulur kuring.
Langit angkeub ngilu nyaksian nu qurban. Kagumbira nu geus diuntun ti béh ditu teu ngabukti. Jodo pati bagja cilaka, anjeun nu ngatur Ya Rabb. 
“Haturan kanggé Ibu, mugia katampi, Bu.” Kuring ngagerentes, neuteup domba nu sakarat, laju nyusut cipanon ku tonggong leungeun. ***
                                                                                                               
Bandung,  September 2014
Haturan pun biang di kalanggengan.

               

Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar