Sabtu, 04 Oktober 2014

Dimuat di Majalah Mangle No 2494



Peunteun
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Dina raraga ngahangkeutkeun kaparigelan guru nyangking élmu ngeunaan kurikulum 2013. Pamaréntah ngayakeun program minangka tuluyna tina program 2013. Nu disebut Pendampingan. Ari pendampingan téh diancokeun ka para guru anu geus ngiluan pelatihan 2013. Kumaha prakték na di lapangan. Naha alus heunteuna kurikulum 2013, naon waé kakurangana. Bahan babandingan meureunan. Lain keur ngukur alus heunteuna guru ngajar cenah, tapi keur naluntik naha kurikulum 2013 di lapangan téh alus heunteuna. Sarta pikeun dijieun bahan obrolan sarta néang cara nuntaskeunna, kitu ceuk  para inohong anu di luhur lamun aya kakurangan téh.
                Sanajan taya pangaruh keur penilaian alus heunteuna guru. Angger wé kanyataanna mah para guru angger  pak pik pek da hayang katingali alus. Sasatna diaya-aya. Da ari goréng mah angger wé meureun pribadina kaéraan, kitu deui ngaran sakola.
                Kitu deui kuring ti peuting geus tatan-tatan. Teu sirikna ngurangan saré, demi nyiapkeun administrasi.  Atuh kitu deui isukna, datang tanginas da bisi kapiheulaan ku sémah téa.  Jam ka 1 nepi ka jam 3 pelajaran, nu ditungguan can embol-embol. Padahal kelas anu dipersiapkeun téh nya kelas nu di jam ka 1 téa.
                Teu lila aya telepon, yén manéhna rék datang jam sapuluh. Harita kuring nampa telepon téh jam 9. Atuh geus apal kitu mah kuring ngabéjaan ka budak  kelas 8F nu kabeneran harita rék kaanjangan.  Dibéjakeun yen engké bakal kadatangan sémah, wayahna kelas kudu beresih, runtah ulah patalambru.  Teu kudu dititah dua kali barudak langsung ngagugu kana panitah. Kuring mah langsung wé ngajar di kelas lain.
                10 menit deui ka jam 10. Barudak awéwé kelas 8F nyalampeurkeun.
                “Naon tos bérés?” kuring langsung tumanya.
                “Bérés, Bu. Tos dikepél. Ngan kelasna janten bau.”
                “Bau?”
                “Muhun geura hayu ibu ka kelas.”
                Kuring ka kelas ditururkeun ku barudak. Enya wé datang ka kelas téh meni lieur. Sigana mah maké pewangi loba teuing.
                “Duh kunaon atuh meuni jadi kieu?” Kuring nanya bari nutupan irung, banget ku bau.
                “Tuh ku Si Andi bu. Disemprotkeun kabéhanana.” Ti tukang aya nu nyelengkeung.
                Teu hayang papanjangan di kelas. Teu kuat lieur inggis katurelengan.  Keur kitu  Bu Één nyampeurkeun,ngabéjaan. Yén cenah tamu geus aya di handap. Bél disada, manéhna rék langsung asup ka kelas.
                Euweuh deui waktu. Tungtungna kuring mindahkeun barudak 8F ka kelas 9A.
                “Halah, Bu, meuni barala kieu.” Barudak 8F protés ningali kelas. Nu mémang teu genah katingalina. Maklum aya guru nu teu asup, jadi barudak hareureuy maceuh, mariceun runtah sakahayangna.
                “Geus tong protés, bonganna atuh.” Ceuk kuring bari jeung nyokotan runtah anu katingali.
                Téét.... bél disada. Jol sémah datang. Kuring langsung ngajar siga biasa. Sanajan kaéraan gedé. Lantaran kelasna kalotor. Aya aya waé. Hayang kapeunteun alus tapi jadi kapeunteun goréng!
                                                                                                                               

Tidak ada komentar:

Posting Komentar