Nu Ngageugeuh Tangkal Séngon
Ku : Nina Rahayu Nadéa
Atoh
pisan basa kadatangan Pak Rt ka imah, seja meuli hiasan anu ngagantung dina témbok imah. Hiasan jaman
baheula anu bentukna parahu keur lalayaran. Parahu anu warnana semu abu, dina
pigurana aya nu ngelemeng garis leutik, nonjolkeun serat nu hideung
lemes. Warisan ti nini aki baheula. Duka
geus sabaraha umurna. Ngan ceuk béja ti aki
kuring, eta hiasan teh geus aya ti manéhna budak. Malah cenah umurna geus
ratusan taun kaliwat.
Kitu
pantes atuh, sainget kuring, ti jaman budak, éta hiasan geus aya. Maturan imah.
Tapi anu matak hemeng. Nepi ka ayeuna éta
hiasan parahu can pernah keuna ku sakadang rinyuh. Angger weweg.
Lain
saurang dua urang anu hayang ngapimilik éta hiasan. Da cenah ceuk nu ngarti ieu
hiasan téh ngandung mistic jeung
nilai seni anu kacida mahalna. Sarta anu kungsi kadéngé ku ceuli sorangan, yén miboga benda siga kieu mampuh
nyinglar sabangsaning mahluk gaib anu teu pararuguh. Tapi kanu hal anu kadua
kuring teu pati maliré. Da berkah nepi ka kiwari kuring can kungsi kawénéhan
manggih sabangsaning jurig atawa dedemit.
Sabenerna
teu hayang ngajual ieu hiasan anu sasat titinggal karuhun anu ngan sakitu-kituna.
Komo inget kana wasiat Bapak saméméh ninggalkeun alam dunya. “Omat tong ngajual
hiasan ieu, bakal méré katengtreman jeung ngajaga imah salilana.” Kitu cenah
nongtoréng kénéh dina ceuli. Lain teu inget kana amanat nu jadi kolot. Tapi
ayeuna geus buntu pilampaheun. Antukna peupeujeuh ti kolot kapaksa dipungpang.
Kapaksa, demi méréskeun masalah anu jadi anak. Masalah urusan duit. Sangkan nu jadi anak bisa ngilu ujian kalawan
tenang, teu mikiran nanaon.
Matak nineung puguh
ngingetkeun éta barang. Kitu pantes, da
karasa ku sorangan. Ningali éta parahu sok asa nambah katingtrim kana diri.
Katugenah anu ngamomotan sok leler ku ningali éta hiasan. Teu bosen ningali hiasan anu dijieun tina tangkal ebony (Diospyros celebica Back) khas
Sulawesi. Komo lamun pas kabeneran aya rejekina, ngahajakeun nyolokeun kabel
kana steker. Kabel anu ngajadikeun parahu tingkariceup. Hibar katingali ti anggangna, ku sabab dina parahu ditarétés lampu leutik warna-warni
matak nyari.
Tapi dibéré masalah
dina urusan duit mah angger waé lieur taya ubarna. Kajaba ku duit deui. Matak
basa Pak Rt datang téh, asa ditumbu umur lain bobohongan. Pak Rt gé méh teu percaya waktu
kuring ngamanggakeun pamaksudanna. Maklum sabenerna geus sababaraha kali Pak Rt
ngahelaran éta hiasan. Ngan salila ieu kuring taya maksud nginjeumkeun sumawona
ngajual. Ayeuna mah pédah waé bakat ku
butuh.Titik.
“Enyaan
rék dijual ieu téh Mang Danu?” Pak Rt nyidikeun beungeut, siga nu sieun salah déngé.
“Enya,
ari di dinya keukeuh hayang meuli mah, ngan kadé hargana anu rada alus.”
“Lima
ratus rébu, sok jadi ayeuna kénéh dibayar,” Pak Rt ngaluarkeun duit. Méré
kayakinan ka kuring.
“Tambahan
atuh saratus rébu,” kuring api-api
nahan. Padahal dina haté mah surak ngadéngé duit anu sakitu gedéna.
“Nya
geus sapuk laah,” Pak Rt langsung mikeun duit
ka kuring.
Kuring
nampa bari semu handeueul. Handeueul geuning Pak Rt langsung nyatujuan kana
harga. Nyaho kieu mah meureun tadi téh rada gedé naekeunna. Gerentes haté. Bari
teu burung leungeun manjangan, nampanan
duit ti Pak Rt.
***
“Ma....Pak!”
“Aya
naon?” témbal kuring ngulisik.
“Di
dieu ah mondokna, sareng Ema!”
“Kunaon
teu pupuguh, biasana gé sorangan?” tanya kuring rada kerung.
“Ah
sieun,” témbal anak kuring bari langsung asup ka kamar, golér di gigiren
indungna. Atuh kapaksa kuring ngéléhan, saré dina korsi di tengah imah.
Karék
gé reup. Kulutrak sara panto di dapur ngulutrak. Nyah beunta. Keteyep leumpang
muru dapur. Rét kana panto anu nutup rekep. Diilikan imeut naker. Angger teu
salah nempo. Da sidik sakadang tulak masih kénéh napel dina panto. Teu
katingali urut muka. Salah déngé meureun, ceuk pikir. Laju malikeun awak, muru kana korsi urut saré.
Rekééét,
kadéngé deui sora panto. Atra. Panasaran kuring ka dapur ningalian deui panto.
Rada lila cicing di dapur téh. Tapi nepi ka cangkeul suku angger euweuh nanaon. Geus puguh tetempoan mah kuring
diuk na korsi deui. Tapi teu peureum,
ngadon ngahuleng. Inggis aya sora anu dipiharep. Labeng nepi ka janari leutik
teu ngadéngé sora nanaon. Ari lain sora jangkring, bueuk, bangkong mah.
Ngan
isukna geunjleung. Aya kajadian ahéng di lembur.
“Mang
ari tadi jam opatan kunaon teu puguh-puguh ninggalkeun kuring?” Bi Emay nanya.
“Hanas ngobrol wé bacétrot, ari dilieuk di dinya geus euweuh teu katingali
punduk-pudukna acan.”
“Jam
opat iraha?”
“Nya
biasa waktuna kuring balanja ka pasar keur kaperluan warung.”
“Jam
opat shubuh,” kuring ngagerendeng.
“Enya,
sok api-api kitu,” Bi Emay ngomong
tandes.
“Nya
nanya naon kuring?’
“Halah
éta, poho deui kana omongan sorangan. Nanyakeun jéngkol sabaraha sakilona, tah
ku kuring dipangmawakeun. Hihidengan sorangan wé meuli satengah kilo. Da basa
ditanyakeun meuli sakumaha geus euweuh di dinyana,” Bi Emay mikeun jéngkol ka
kuring.
“Kéla...kéla
rumasa kuring mikalandep jéngkol, tapi asa teu pesen da shubuh tadi mah puguh kabeurangan, jam setengah genep karék nyaring.
Maklum bisa saré wanci janari leutik,” kuring ngécéskeun. Bari teu burung nampanan
jéngkol.
“Baruk
teu pesen? Da sidik kuring téh ngomong jeung di dinya,” Bi Emay ngahuleng.
Sajongjonan
kuring jeung Bi Emay teu nyarita. Anteng
dina pikiran sewang-sewangan. Keur kitu torojol Pak Rt datang hariweusweus.
“Ngadéngé
teu kajadian peuting tadi Mang Danu?’
“Kajadian
naon, Pak?”
“Éta
urang wétan nepi ka tikusruk tina motor. Cenah mah basa ngaliwat ka hareupeun
imah di dinya. Kira jam dua belas peuting beut aya nu megat, sarta ménta rokok
dua batang. Ngan basa dilieuk cenah jilimna geus ngiles. Atuh motor langsung
mangprét. Tah lebah pudunan motor ngagubrak euweuh kasaimbangan. Waktu keur
kitu kadéngé ceunah anu seuri nyikikik tingcirihil.”
“Jam
dua belas? Ah, asa teu ngadéngé gerungna motor ngaliwat. Terusna kumaha?” kuring
panasaran.
“Nya
terus wé cenah lumpat. Tuh motorna gé ayeuna karék dibawa ku Mang Juhri jeung
Mang Adut. Da nu bogana embungeun nyokot motor ku sorangan. Bangbaungeun kénéh
sigana.”
Ti
kajadian harita, mindeng kadéngé hal anu teu dipiharep. Ningali Kunti atawa aya
nu megat di hareupeun imah kuring geus jadi carita sabiwir hiji. Nambah
kahariwang jeung nu pasti ceuli asa rawing teu pupuguh. Majar téh cenah kuring ngukut
bangsa dedemit.
“Tuar
wé atuh tangkal séngon téh, méh euweuh nanaon geura,” dina hiji poé Mang Juhri ngahaja nganjang ka imah méré kamandangna.
“Halah
lebar teuing atuh, ngahaja puguh, méh imah butut teu katingali teuing da kahalangan ku tangkal nu galedé.”
“Enya
sakalian wé oméan atuh, bahanna tina tangkal séngon. Keun urang sabilulungan teu kudu diburuhan. Tinimbang warga asa teu
aman, loba titingalian anu teu paruguh.”
Ku
gempungan anu diayakeun, akhirna sakabéh warga sapuk pikeun ngabantuan kuring,
nuaran tangkal sarta langsung kerja bakti ngoméan imah anu geus butut, méh doyong. Ti mimiti panto,
jandéla kabéh dioméan. Malah pak Rt mah haat, nyumbang bilik ngaganti anu geus barolong. Ku kerja bakti pagawéan téréh
anggeus. Teu nincak saminggu imah alus geus ngajeugléng. Alus keur pantaran kuring. Da gedéna mah
angger nurutan bangunan anu baheula. Tapi ayeuna mah weweg, imah lénglang
beresih matak tumaninah. Komo deui ayeuna mah titingalian bisa langsung ka
jalan. Tempat balawiri.
***
Sapoé
dua poé taya nanaon. Tapi dina peuting katujuh meneran pisan malam Juma’ah, aya
kajadian ahéng.
Harita
wanci sareureuh budak. Di luar hujan ngaririncik.
“Ma....buka
panto!”
“Leuh
kahujanan Nyi? sok atuh ka kamar salin heula, Ema nyieun téh manis geura,” kadéngé indung budak ti
luar kamar. “Yeuh andukna.” Jempling. “Tiris pisan di luar? Éta meuni pias
kitu?” disawang ku pikiran kuring, jigana pamajikan nengetan kana beungeut
budak anu kakara jol balik ngaji.
“Ka
mana ayeuna budak téh?” kuring nanya kanu jadi pamajikan.
“Tuh
di kamar, sigana kabulusan. Da basa ngarampa leungeuna meni tiis caméwék, alah
batan és.”
“Assalamu alaikum,” kadéngé nu uluk salam.
Bray
panto di buka. “Aéh geuning...,” kuring teu kebat.
“Naha
Nyai geus aya di luar deui, iraha ka luarna?” pamajikan nanya.
“Naon
ari Ema da abdi mah nembé mulih!”
“
Ari nu tadi saha?” pamajikan nanya.
“Kuring
mah Kunti. Hi...hi...hi... “ Kadéngé
atra nu nyikikik ti jero kamar.
Pitunduheun asa jauh. Komo beuki peuting hujan lain ngaleutikan,
tapi beuki gedé, siga anu dicicikeun ti
langit. Dor dar gelap matak keueung lain bohong. Kahayang mah rék ka imah Bi Ursih jeung Mang Tarsun,
rék ngajakan sugan daekeun mondokan
imah, ngabaturan nu jadi anak pamajikan. Tapi teu jung da teu diidinan. Jeung
na deui dipikir ku sorangan, saha jalmana anu daék kaluar dina wanci hujan ngagebrét
kieu. Antukna ngariung, ngararasakeun kakeueung nu beuki rosa.
Sora cihujan manjur
kenténg kadéngé atra. Séahna matak muringkakeun bulu punduk.
Wanci
tengah peuting.
“Braak.”
Kadéngé
tarik pisan lebah tukang. Persisna di
dapur. Kabéh tingraringeuh. Tadina mah rék kuring waé sorangan ka dapur. Tapi
embung ditingalkeun. Antukna ngabring ka dapur. Paantay-antay. Kuring ti heula,
dituturkeun ku budak jeung pamajikan. Éta gé teu kaur ngaléngkah da budak
ngabebetot waé. Tapi teu burung nepi ka dapur.
Gebeg. Reuwas lain
dikieuna, ningali panto nu anyar dipasangkeun geus bolongor teuing kamana. Cai
hujan katingali nyebrot asup ka imah. Ragamang kana triplék nu nyampak di
dinya, maksud rék ngahalangan panto méh cihujan teu asup ka imah. Suku ngaléngkah
ningali ka luar. Saheulaanan ngajanteng lebah panto dapur anu bolongor. “Hi...hi...hi....”
Breéh,
atra pisan aya nu ngageuleuyeung di luar. Sarwa bodas. Beulah wétan panto
ngapung ngalayang.
“Hi...hi...hi...malikeun
imah kuring,” sorana semu ngirung kasilep angin peuting.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar