Tos Cair
Yeni : “
Kumaha tos cair?”
Yani :
“Atos.”
Yeni :
“Alhamdulillah. Sabaraha juta?”
Yani :”Naon
tea?”
Yeni :”Enya
duit sertifikasi.”
Yani :”Duka
atuh.”
Yeni :”Ari
tadi cair?!”
Yani :”Muhun,
es batu...”
Nina Rahayu Nadea-Bandung
Ongkos Ngaput
Dana : “Sabaraha ongkos ngaputna?”
Tukang ngaput : “150 rebu.”
Dana : “Ieu atuh.” bari mikeun duit.
Tukang ngaput : “Kirang atuh, Pak. Ieu mah ngan
75 rebu.”
Dana : “Ah sacukupna we. Da bogana ge
ngan sakitu.”
Tukang ngaput : ????
Nina Rahayu Nadea-Bandung
Absen budak
Guru 1 :”Lieur
ku barudak.”
Guru 2 :”Lieur
kumaha?”
Guru 1 :”Absen
barudak. Garoreng. Kehadiranna rata-rata 50%”
Guru 2 :”salah
waktu, atuda.”
Guru 1 :”Maksudna?”
Guru 2 :”Coba
ngabsenna keur Ujian Nasional. Dijamin budak hadir kabeh.
Nina
Rahayu Nadea-Bandung
Pulang
Barudak :”Bu,
pulang bu...”
Guru :”Ke
10 menit deui.”
Barudak :”bu,
pulang atuh bu...” sora budak beuki gandeng.
Guru :”Jig
atuh pulang ka rahmatulloh...”
Barudak :
Langsung jempe
Nina Rahayu Nadea-Bandung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar