Selasa, 03 September 2013

Carpon, Galura 22-29 Agustus 2013


Sungkeman Panungtung
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                Aya nu nyérédét, lebah ngaléngkah ka éta rohangan. Rohangan kahalangan ku lomari gedé tina jati, nu aya  di jero imah. Ngaréndéng jeung rohang tamu. Ngajanteng sakedapan, panon tanggah neuteup  hiji poto anu ngadaplok dina témbok. Poto badag sakulawarga. Panon neuteup anteb hiji-hiji gambar anu aya di dinya. Sakulawarga kumplit, limaan. Panghareupna calik ngaréndéng  ibu jeung apa. Imut ngagelenyu. Di tukangeun,  katingali  Kang Danu, kuring jeung Téh Rima. Kang Danu katut apa maraké jas komplit, gandang kacida. Masih inget, satutas Kang Danu  diwisuda ngahajakeun datang ka studio poto, pikeun dipoto babarengan. Teuing saha mimitina nu ngajak dipoto bareng. Ngan nu sidik, ti harita nepi ka kiwari éta poto nempatan hiji rohang anu kacida pribadina.
                Gék diuk dina korsi nu aya handapeun poto kulawarga. Korsi gading emas nu umurna teuing geus sabaraha puluh taun. Korsi anu salila ieu jadi tempat ngabudalkeun bangbaluh, ménta dihampura jeung silibubarkeun dosa. Tempat kuring jeung lanceuk-lanceuk sungkeman, satutas ngalaksanakeun Sholat Idul Fitri.
                Bubar ti masjid. Langsung muru imah.  Apa  andegléng  dina korsi gading emas. Di mimitian ti ibu. Anu sumolondo kana lahunan apa,  nyegruk. Ménta pangampura anu leuwih ti misti. Apa kalawan nyaah jeung deudeuh ngusapan ibu. Duanana paungku-ungku siliisreuk ménta pangampura. Ibu bari jeung reumbay cisoca calik gédéngeun apa. Dimimitian ti Kang Danu salaku anak panggedéna dituturkeun ku Téh Wati pamajikanna. Terus  Kang Asép salaki Téh Rima jeung Téh Rimana sorangan. Sarua sungkeman ka apa jeung ibu tuluy ka Kang Danu katut Téh Wati. Saterusna giliran kuring mapay ka maranéhna. Ari nu naluturkeun kuring, nyéta barudak Kang Danu jeung Téh Rima.
                Ayeuna. Kuring di dieu deui. Sanajan angger taya nu robah, tapi rarasaan beut asa béda. Tisaprak ibu ngantunkeun, kuring horéam ka lembur. Komo saprak apa rimbitan deui. Beuki waé horéam. Malah mun kudu disebutkeun mah. Tisaprak apa rimbitan, kuring can kungsi deui nincak imah.
                Sono kanu jadi bapak, nataku. Hapunten apa, lamun kuring  geus ngajaheutkeun manah. Geus nyieun rasa kuciwa anu pohara dina dada apa. Enya naha kuring salah? Naha kuring teu bisa ngabudalkeun katugenah. Apanan kuring geus déwasa geus bisa méré kamandang, komo deui kuring sakeudeung deui rék laki rabi. Haputen apa, lamun salila ieu kuring tara daék nganjang ka dieu. Tara datang ka lembur,  rasa kuciwa geus nyangkaruk na lelembutan. Kuring hayang tingtrim. Hayang ningali ibu bagja di kalanggengan.
                Ngan saukur dongéng jeung carita anu mindeng katampa ngeunaan carita apa.  Uwa Yati tara elat ngiberan. Kitu deui ayeuna sarua ngabéjaan via SMS, ngabéjaan apa wales. Apa gering parna di rumah sakit. Éta meureun anu ngajadikeun kuring ayeuna datang ka lembur nepungan.  
                Lamun apa antukna keukeuh hayang jatukrami jeung Téh Dédah, mangga téh teuing. Moal teuing ngaulah-ulah. Paralun  meunggaskeun rasa kasuka. Ngan hampura, lamun kuring ti danget harita teu hayang tepung. Rarasaan nyeri haté moal kaubaran. Apanan apa terang kuanjeun saha ari Téh Dédah.  Kahayang kuring, apa boga pamajikan anu saumur anu satata lain dina urusan dunya, tapi  dina pipikiran. Apanan dunya mah apa gé kungsi cumarita, moal bisa mamawa bagja. Tapi kahayang kuring satata dina umur téh lain nanaon. Sangkan sawawa lamun aya nanaon. Sedeng Téh Dédah? Apanan éta mah babaturan sakola kuring, géséh sataun umurna jeung kuring. Matak sakali deui hampura, lamun ieu haté can ridho. Keur kuring nepi ka iraha waé nu jadi indung taya lian iwal ti ibu. Ibu anu geus ngakandung ngagedékeun jeung namplokeun kanyaah kanu jadi anakna.
                Pikiran kuring harita. Kawin jeung nu ngora sarua jeung nyieun ruruhit. Meureun apa kudu bener-bener micinta. Kokomoan dina sagala urusan. Atuh apa?  moal deui bisa senang. Anu kuduna  dikawulaan dinangna néngné, beut tibalik jadi ngawulaan anu ngora. Enya, pan karasa ku kuring anu umurna ngora kénéh. Kacida butuhna ku pangogo jeung kanyaah Kang Hérman-pisalakieun kuring. Meureun kitu ogé  anu  kaalaman ku Téh Dédah.
                Komo ngadéngé béja apa unggal Shubuh nyaring pangheulana, nyadiakeun cai keur ibu anom. Duh enyaan ieu haté ngarakacak. Kabayang keur ibu jumeneng. Apanan apa mah kacida senang. Sagalana éstu dikawulaan ku ibu. Sanés kanten kahoyong apa ditedunan ku ibu anu asih kacida. Sedeng ayeuna? Tibalik. Sagalana beut ngawulaan anu ngora. Keun tah meuerun sina karasa ku apa, haté nyungkelit.
                Lain perkara éta, kuring balik ka lembur. Teu hayang kuring nyaritakeun urusan rumah tangga apa. Sanajan enya  kolot kuring sorangan. Tapi pédah apa wales. Rurusuhan ti kota ngabesuk apa. Aya kahariwang  ngurunyung, waktu ningali apa anu kacida haropak kemong digorogotan umur. Sieun apa nuturkeun ibu. Duh apa, kumaha teuing ieu haté lamun anjeun teu aya. Hapunten,  salila ieu  tara ngalongok.
                Sasat ditangkeup teu lésot. Budal cimata. Ningali kadatangan kuring.
                “Eulis, geulis awaking. Alhamdulillah mulang,” cenah angger nangkeup awak kuring dibaturan murubutna cipanon.
                “Muhun abdi di dieu, Apa. Sing geura damang,” ceuk kuring nompokeun ceuli.
                “Omat nya lebaran di dieu,” panonna neuteup kuring.
                Kuring unggek. Apa imut.
                Apa neut neutan cageur. Ningali kuring téh jadi jagjag waringkas. Bagja pohara. Ari kuring sanajan enya saimah. Teu hayang teuing ningali pamajikan apa. Teu... teu hayang tumanya. Haté kalimpud ku kacua. Tapi beut dumadakan ieu haté robah. Waktu hiji poé ningali apa meni hegar marahmay. Waktu sareret, katingali apa keur disiaran ku Téh Dédah. Ngobrol uplek ngalér ngidul. Sakapeung Téh Dédah ngusapan mastaka apa pinuh kadeudeuh. Kitu deui apa bari jeung ngobrol  téh bari ogo ka Téh Dédah.
                Paroman apa pinuh kurasa bagja. Enyaan éta pisan anu katingali ku  kuring sorangan. Gusti! salila ieu kuring geus nyieun codéka. Geuning rasa bagja jeung kanyaah téh lain ngan saukur katingali ku panon lahir. Teu kudu dibéja-béja ka batur. Rumasa beut langsung percaya kana omongan dulur anu majar cenah apa téh ripuh jeung sangsara ngawulaan waé nu ngora. Buktina? geuning teu kua kieu. Anggursing beuki hégar waé. Gening cinta mah ngéléhkeun sagalana, rido berkorban keur nu dipicinta. Asal  haté senang ngahenang ngahening.
                Hampura kuring apa, gerentes haté. Ti dinya ieu haté mimiti léah. Seja narima Téh Dédah salaku gaganti indung kuring. Ningali apa bagja, boga batur keur nepikeun bangbaluh. Geus jadi ubar anu hésé dicaritakeun. Gerendeng batin dibaturan ku sora takbir ti masjid. Nurihan haté, inget kana lampah anu pasalia.  
                Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar. Lailahaillallahu, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Walillahilhamd.
                “Nitip apa wé, nya Téh. Éh... Ibu,” ceuk kuring sumegruk na lahunan Téh Dédah.   
                ”Insya alloh atuh ku Tétéh gé pasti diutamikeun. Tos jadi kawajiban Tétéh,” cenah sarua sumegruk.
                Bérés sungkeman. Kuring katut dulur dituturkeun apa jeung Téh Dédah ngabring ka pajaratan. Nadran ka makan nu jadi indung. Indung kuring.
                Geus kitu mah biasana acara bébas. Bébas narima sémah jeung curak-curak dahar. Terus kuring jeung lanceuk-lanceuk nguriling kanu jadi uwa jeung tatangga.  Silaturahmi. Ari apa? teu ngilu. Maturan Téh Dédah anu rarieut.
                Balik ka imah reuwas taya dikieuna. Ningali apa  kapiuhan digugulung ku nu aya. Leuwih ngajenghok waktu apal, Téh Dédah dipundut umur dicandak kunu kawasa. ***


Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Karyana mimiti dipublikasikeun ti taun 2007. Tulisanna bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com


Tidak ada komentar:

Posting Komentar