Jumat, 20 September 2013

Carpon dimuat di Tribun Jabar 3-5 September 2013


Surat keur Melkyas
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Tiap baris ngaran diimeutan, taya nu kaliwat. Mimiti tina hurup A. Aya Ani, Adi, Agustina. Kabéh dititenan kalawan gemet. Tiap taun ajaran baru, tiap asup ka kelas sok nyidikeun kana ngaran jeung beungeut murid kalawan daria. Ku neuteup maranéhna susuganan  bisa neuleuman karaktér jeung tabéat manéhna sanajan teu bisa saratus persén. Ku ningali paroman maranéhna kuring sok nyieun kasimpulan naha ieu téh budak bageur atawa badeur.
                “Maman.”
                “Hadir.”
                “Maya.”
                “Hadir.”
                “Melkyas.”
                Euweuh nu ngacung.
                “Melkyas,” kuring nanya tarik.
                “Saya, Bu,” ti béh juru aya nu ngacung semu asa-asa. Beungeutna tungkul.
                Melkyas. Hiji ngaran anu can kungsi kadéngé ti saméméhna mula. Melkyas ngaran anu kacida asingna. Komo lebah maca papanjangna. Melkyas Timinius. Teuing urang mana. Da ningali beungeut, buuk,  jeung kulitna, jauh pisan urang sunda. Sigana orang sebrang. Ah, jadi hayang nanya nu leuwih manjang ka manéhna. Komo barang apal yén manehna cicing nyorangan taya batur. Salaku guru, kuring kudu bisa ngahijikeun manéhna jeung saha waé. Teu ningali suku mana. Di ieu sakola kabéh ngabogaan hak nu sarua. Hak diajar, hak diuk jeung sagala rupana. Walatra taya bédana.
                Sanggeus ngabsén jeung nerangkeun, kuring ngahaja ngurilingan bangku. Aya  misi. Hayang wanoh jeung nu ngaran Melkyas. Katingali budak teh lungguh pisan. Lungguh teuing.
                Dinda, pindah duduknya sini,” ceuk kuring ka Dinda anu diukna tiluan jeung babaturana.
                Ngak Bu, ah di sini saja,” cenah mugen.
                Hayo di sini. Daripada  dempetan bertiga.”
                Ku pangolo kuring, Dinda antukna diuk jeung Melkyas. Reugreug saheulaanan Melkyas aya baturna, ulah keueung teuing nyorangan.
                Ayo Melkyas, jangan diam saja. Kalau tidak mengerti tanya yah,” kuring imut. Pameunteu amprok jeung teuteupna. Seseukeut panonna atra. Manco ka kuring. Linduh liuh. Tapi katangen beut semu alum. Dina panon anu curelek, bodas, siga nu nyidem tunggara. Béda jeung nu lain, nu teu weléh hegar. Sanajan keur aya guru di kelas angger wé geuning  heureuy. Teu madulikeun guru nu aya. Tapi ning Melkyas mah beut béda. Béda ti nu lain. Ti mimiti asup nepi ka jam pelajaran lekasan. Manéhna angger tonggoy. Tonggoy sorangan. Teu saeutik oge manéhna ribut, sumawona culang cileung ka batur. Angger nyorangan. Angger nyidem kapanasaran.
                Sakapeung mah karunya ka Melkyas. Abong barudak teu bisa dipapatahan. Keur meujeuhna resep heureuy. Nyebut ngaran sok sangeunahna. Padahal geus puguh boga  ngaran. Amin dilandihna si Dénon pedah panon na bolotot-gedé panon. Wati dilandih congcorang pédah awakna begang. Teu anéh lamun sok aya waé nu ceurik pedah dilandih anu teu puguh. Kitu deui Melkyas, pada moyok.
                Lamun kabeneran aya soal dipariksa babarengan sok ngahajakeun barisan anu kénca dipariksa ka lebah katuhu, kitu deui sabalikna. Ngahaja salian ti soal bari dibahas, ogé méh pagawéan kuring teu loba teuing. Bisa kabantuan ku tanaga barudak. Ngan palebah ngabagikeun buku Melkyas, sok pating birigidig. Sakapeung kuring sok ngambek di kelas pédah pipilih babaturan. Sok ngahajakeun tiap anu nampa buku Melkyas, ku kuring  ditongkrongan. Ngarah enya-enya dipariksa. Da kungsi dina hiji waktu, kawas nu heueuh wé dipariksa. Ari pas rék mindahkeun peunteun. Nu boga Melkyas mah euweuh nu mariksa. Teungteuingeun.
                Mimiti asup mah mindeng pisan kapanggih ku kuring, Melkyas keur nginghak pédah dipoyokan waé ku babaturanna. Saeutik-saeutik Melkyas ku kuring dituyun sina ngabandingkeun kulit sorangan jeung nu lain. Ngahaja kulit kuring, diadekeun ka manéhna. Némpél dina leungeunna.
                Coba lihat kulit ibu sama Melkyas sama tidak?”
                Manéhna gideg bari nyusut cipanon.
                Ingat Melkyas, kamu dengan yang lain itu hanya beda dari kulit saja. Beda luarnya saja. Semua sama, makhluk Tuhan. Melkyas harus kuat tidak boleh cengeng, yah. Pokoknya kalau ada apa-apa kamu harus berani. Cemungud...cemungud,” ceuk kuring ngaheureuyan.
                Manéhna imut. Ti dinya saeutik saeutik kuring bisa ngorék katerangan ngeunaan manéhna, ngeunaan kulawargana. Karék  apal ning Melkyas téh urang Papua. Kuring apal pisan basa ngahajakeun manggil manéhna. Salaku wali kelasna kuring kudu nyaho kasang tukang manéhna nepi ka bisa aya di ieu kota. Kota Bandung. Nu jauh pisan ti Papua.
                Mimitina mah manéhna embung terbuka. Kemba waé tiap ditanya. Tapi kuring teu béakaeun akal. Leukeun ngajak ngobrol. Leukeun méré imut, merhatikeun ka manéhna nu leuwih. Sangkan manéhna nyaho, yén kuring salaku guruna neundeun perhatian anu leuwih. Kuring salaku guruna hayang méré katingtriman ka Melkyas. Atuh kitu deui di kelas, manéhna remen di tanya, tara dinomor duakeun. Sanajan sakapeung Melkyas jadi panyirikan nu lain.
                “Ah, ibu pilih kasih. Nanyanya ke Melkyas terus.
                Hal ieu anu nyadarkeun kuring. Kumpul deui pangacian. Kuring di sakola téh keur ngajar kabéh siswa sacara global, lain ngan keur Melkyas hungkul. Sanajan dina haté pangjerona kuring tetep hayang nyaho Melkyas anu sabenerna. Melkyas anu lungguh, Melkyas nu nyidem rusiah. Nu neundeun lara dina kongkolak panonna.
                Harita keur istirahat. Waktu barudak datang ngabéjaan ka kuring. Yén di kelas aya budak nu gelut. Andri jeung Ramdan paséa. Atuh gura giru kuring ka kelas. Enya wé keur dur der paraséa. Paréa-réa omong. Kecap garihal kaluar tina biwirna.
                “Naon rék garelut?” ceuk kuring bari mawa sapu tina leungeun maranéhna. “Hayu bisi rék gelut, meungpeung  lapang kosong. Disaksian ku sakabéh kelas jeung ku ibu. Hayu!” Kuring nungtun budak anu rék garelut. Tapi ngahaja dititah gelut mah mugen. Ngadon careurik. Nya alhmdulillah ku geus dilelemu, dibéré saran jeung dibéréskeun masalah mah, bisa alakur deui.
                Rék ka luar kelas kuring ngagebeg. Waktu ningali Melkyas bet ngadégdég, nyuuh dina luhureun méja. Hideng suku ngaléngkah, sora sapatu anu dipaké, trok trak marengan kuring nyampeurkeun manéhna. Melkyas curinghak, nyumput di kolong bangku. Rambisak. Katingali beungeutna pias. Geuwat di bawa ka UKS. Terus diceuhceuhan. Di UKS manéhna ceurik. Ceurik balilihan. Saheulaanan ku kuring diantep. Ngahaja. Sina budal sagala bangbaluh anu aya dina dadana. Sanggeus budak leler ku kuring ditanya. Diusap kalawan deudeuh.
                Sekarang Melkyas bisa ngobrol sama ibu. Apa saja yang Melkyas ingin ungkapkan. Melkyas ngak perlu takut. Ibu sayang sama Melkyas. Anggap ibu ini orang tua Melkyas juga. Ayo ceritakan sama ibu semua masalahnya.”
                Ti dinya kuring karék nyaho yén Melkyas téh geuning neundeun kasiksa anu rohaka. Manéhna téh korban perang anu ngahaja disumputkeun ku indung bapakna. Tibatan jadi korban peperangan di Papua, kolot Melkyas rido pajauh. Neundeun Melkyas di Bandung. Bari jeung maranéhna sorangan teu nyaho lebah mana Bandung téh. Harepan kolot Melkyas ngan hiji. Melkyas anak hiji-hijina kudu salamet.
                Kuring kacida ngangres, komo barang Melkyas nembongkeun tatu dina leungeuna. Tatu anu disababkeun perang. Teuing sabara kali cenah Melkyas kudu ngungsi. Nyiruruk di tempat aman waktu keur aya di Papua. Nepi ka leungeun katut sukuna taratu. Tikarait kana tatangtakalan anu dijadikeun pangungsian. Malah pernah dina hiji waktu, leungeuna kaduruk. Basa keur nyumput di pangungsian. Deudeuh Melkyas. Matak teu anéh waktu kuring ningali Melkyas  ngadégdég,  ningali anu paséa. Perang suku, geus nyababkeun jiwa traumatik anu kacida gedé.  Post Traumatic Stress Disorder’, trauma psikologis balukar perang geus euntreup dina diri Melkyas. Neundeun karaha anu hésé pisan diubarana.
***
                Geus sababaraha poé Melkyas teu sakola.  Rada hemeng ogé. Duméh salila ieu Melkyas teu weléh rajin diajar. Sakalieun gering gé, suster anu ngarawat manéhna pasti datang nepungan ka kuring. Ngabéjaan. Tapi ayeuna geus ampir saminggu Melkyas teu sakola jaba teu aya kabar pisan. Ah, meureun geuring jeung teu aya nu nganteurkeun, ceuk pikir. Tapi ditungguan. Angger wé teu embol-embol.
                Kusabab geus ampir saminggu teu sakola. Kuring lahlahan nyieun surat. Dibikeun ka babaturanna anu cenah apal imahna. Tapi eta surat isukna dibawa deui.
                “Bu, teu aya sasaha di bumina.”
                “Muhun enjing deui wé nya pasihkeun,” ceuk kuring.
                Tapi isukna eta surat di bawa deui ku budak. Da cenah angger teu aya sasaha.  Meureun keur ka luar kota, gerendeng haté. Inget kana omongan Melkyas, yén yayasan  témpat manéhna nyiruruk sakapeung sok ngayakeun kagiatan di luar kota. Banget ku rasa panasaran, kuring dianteurkeun ku budak ngahaja datang ka imahna. Tapi nya kitu imahna kosong. Digembok.  Malah basa kuring nanya ka tatangga. Teu aya nu apaleun.  Kuring titip pesen wé ka tatanggana, lamun aya Melkyas atawa susterna, sangkan datang ka sakola.
Isukna éta surat ku kuring ngahaja diposkeun. Maksud téh lamun nu boga imah geus datang pasti éta surat katarima. Heuleut sababaraha poé éta surat balik deui ka asal. Ka leungeun kuring.
                “Leuh kamana atuh Melkyas?”
                Nepi ka kiwari jilim Melkyas ngiles, teuing ka mana. Kakangen  beuki rosa. Di mana hidep Melkyas? Ieu ibu sono nataku. Sono ningali seuseukeut panon hidep. Sono hayang ngadéngé obrolan hidep. Hayang ngabebenah hidep. Geus lila haté ibu samagaha teu ngadéngé curhatan hidep, teu ngadéngé luh-lah hidep. Teu ngadéngé ceurik hidep. Ah, ringkang hidep beut montél waé dina haté.
                Soré beuki nyérélék. Di imah ngan nyorangan. Pirajeunan nyetél tivi. Haté gumeter basa ningali dina tivi. Perang antar suku  di Papua beuki kanceuh. Korban perang beuki réa. Kolébat beungeut Melkyas némbongan. Deudeuh Melkyas, boa hidep balik deui ka lembur, nepungan indung bapak nu salila ieu dipikandrung, rasa kakangen hidep ka indung bapak teu bisa diubaran. Haté kuring norowéco, bari panon anteng kana tivi.
                Gebeg kuring ngarenjag sataker kebek. Waktu maca korban perang nu geus jadi kabiadaban perang. Melkyas. Ngaran disaruakeun jeung nu aya dina surat. Sidik. Écés. Melkyas Timinius. ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar