Kamis, 17 Oktober 2013

Carpon Mangle, September 2013


Nu Teu Kungsi Kedal
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Langit maju ka soré. Bumi mimiti kalimpud peuting. Cangra baganti poék. Kabéh nu hirup kumbuh mimiti ngarampih ka tempatna séwang-séwangan. Tapi teu kitu keur kuring. Ti tatadi cicing nyorangan di paléstér, nenget-nenget kaayaan di sakuriling imah. Sakapeung panon manco ka jalan. Jalan gedé. Sugan jeung sugan nu diarep-arep datang.
                “Yat, enggal geura ka bumi tos sonten. Pamali,” Ibu nyalukan ti jero imah.
                “Muhun ké Bu, sakedap deui,” kuring ngawalon. Pikiran anteng nyawang lamunan. Nyipta-nyipta nu leungit. Hendra nu geus méh ampir tilu bulan taya nganjang ka imah. Hendra nu ngalandi kuring ‘si anak mami’, pedah ka mamana teu weléh dibaturan ku ibu. Hendra babaturan SMA, nu mimiti mapaésan haté. Tepung basa reuni SMA, kuring datang jeung Ibu. Tah ti harita, Hendra mindeng ka imah. Lain ngan saukur nganjang ka kuring, tapi  ogé tepung jeung ibu.
                Maklum Hendra di Bandung ngan nyorangan. Cuklek leuweung cuklek lamping jauh ka sintung kalapa. Hendra kacida atohna waktu basa dina reunian ngobrol jeung Ibu. Ibu miharep sangkan mindeng nganjang ka imah. Teu anléh lamun ka ibu téh siga ka indung sorangan.  Kungsi haté kuring kaeutreupan tugenah, keuheul ka Ibu leuwih merhatikeun Hendra. Kuring anu puguh-puguh anak sorangan  dianak térékeun.
                “His, teu kenging kitu. Yati mah tos puguh putra ibu. Ti gubrag ka alam dunya nepi ka danget ayeuna kanyaah ibu tetep ngocor. Kanyaah indung sajati moal ilang.”
                “Geuning Ibu beut beuki dieu téh asa merhatoskeun waé Hendra?”
                “Hendra téh hirupna nyorangan. Ibu mah sok ras inget wé ka hidep. lamun hidep nyorangan euweuh nu mikanyaah di lembur batur. leuh teuing kumaha haté ibu,” ibu cumarita panjang lebar.
                Ayeuna kuring jeung ibu asa kaleungitan. Teuing ka mana atuh jilim Hendra. Ditelepon teu diangkat, di sms teu ngabales. Ditéangan ka tempat kostna suwung. Ngan anéhna, pakéana mah aya kénéh. Weuteuh. Ditéangan ka kampusna sarua deui ngiles. Anggursing waktu  anjog ka kampus. Babaturanna miheulaan nanya. Jol itu jol ieu nanya nu sarua. Ka mana Hendra?
                Dahareun di imah anu biasana korédas waé. Ayeuna mah nyésa jeung nyésa. Da euweuh nu pirajeunan mérésan dahareun. Enya pan Hendra mah ku kuring téh sok disebut si tukang nyapu. Tukang nyapu kadaharan nu aya di imah nepi ka beresih. Tara ieuh éra dahar jeung mungkus kadaharan pikeun ka tempat kost.  Ari ayeuna? Nambru. Pangeusi imah ngan duaan. Dahareun loba waé. Komo ayeuna leungit Hendra. Balukarna jadi teu paruguh dahar.
                Bosen kuring ogé ngajawab pananya ibu. Nu saban poé, saban waktu nanyakeun nu sarua. Ka mana ari Hendra? Ibu jeung kuring sarua leungiteun. Jeung nu anéh téh, naha ieu haté asa simpé. Asa tiiseun. Comrék. Padahal basa Hendra keur remen ka imah. Haté mindeng nyungkelit, sebel ka Hendra, pédah datang waé ka imah. Ngarebut kanyaah ibu.  Ku ayana Héndra, hubungan kuring jeung ibu siga aya nu misah. Aya hahalang keur kuring nu biasana ogo. Sumolondo na lahunan Ibu. Gégéléhéan dina kahéman ibu.  Enya ogé geus jadi mahasiswi. Angger wé, pangrasa leutik kénéh. Kalan-kalan dahar gé dihuapan.
                “Antep wé, Bu. Sina nyalira tuangna. Piraku tos mahasiswi masih kénéh dihuapan,” omong Hendra dina hiji waktu.
                “Ih sirik. Pédah tebih sareng ibu nyalira,” cekéng bari jebi.
                Dikitukeun manéhna cicing. Sakapeung sok asa dosa ka Hendra. Asa aing nu boga imah, tara ieuh ngagugu kana omongan Hendra, lebah kuring keur ogo ka ibu, dihulag ku Hendra.
                Ari ibu? Sabada nyaho kasang tukang kahirupan Hendra nu nyorangan. Kacida karunyaeun. Komo barang nyaho keur mayar kost, sasat beunang babayar sorangan. Buburuh jadi guru privat ka barudak leutik. Tara miharep kiriman duit ti kolotna. Anu cenah kaasup jelema ripuh. Kanyaah ibu nambahan. Ningali Hendra anu mandiri. Macakal dina nyanghareupan bangbaluh.
Alhamdulillah kulawarga kuring hirup leuwih ti cukup lebah ekonomi. Atuh mindengna Hendra ngalanto ka imah. Asa aya batur pakukumaha. Ibu geus nganggap Hendra budak sorangan. Mungguhing di imah euweuh lalaki. Atoh wé nu aya. Aya titaheun. Keur ngoméan gas, listrik atawa kenténg nu bocor.
                Ayeuna karasa pisan ku kuring euweuh Hendra, imah  tiiseun. Pangpangna asa kaleungitan haté jeung heureuyna Hendra. Malaur Hendra mah si tukang bodor. Saban poé di imah teu weléh haneuten. Teu weléh ager-ageran ku omongan nu pikaseurieun.
                Tisaprak Hendra tara aya ka imah. Ngalanto. Haté kuring beuki teu puguh. Dahar teu mirasa saré teu tibra. Gusti naon anu karandapan ku diri abdi. Naha ieu haté beut cumantél waé ka Hendra. Beungeutna saban poé, saban waktu némbongan waé. Ringkangna, sésélékét ngeusian lulurung haté. Boa kuring geus kaeutreupan tresna?
                Ah, ayeuna mah rék robah adat. Rék nyaah ka Hendra. Nyaah ku haté nu beresih. Pan Hendra gé meni nyaah pisan ka kuring jeung Ibu. Hendra rék didagoan, gerentes kuring.
***
                Geus 2 taun Hendra tara nganjang ka imah. Haté geus mimiti biasa kaleungitan. Sanajan dina haté kuring angger neundeun rasa. Neundeun kasono anu moho ka Hendra. Éta rasa nu ngagalura disimpen dihadé-hadé. Engké, dina waktu tepung, sagala rasa nu ngagalura bakal ditamplokeun ngan keur Hendra sorangan. Kuring seja ngamumulé ieu rasa nu tumuwuh. Miara ieu tresna, hamo laas nepi ka iraha waé.
                Harita layung mimiti mapaésan langit. Warnana umyang pikabitaeun. Kuring jeung ibu keur ngalangeu hareupeun imah waktu hiji béca eureun hareupeun pisan buruan. Jrut hiji awéwé nu keur bureuyeung turun, dituturkeun ku hiji lalaki. Écés moal salah tempo.
                “Hendra....” kuring ngagorowok bakat ku atoh, laju lumpat nyampeurkeun manéhna.
                “Yati,” manéhna ngarangkul kuring.
                “Ieu téh Yati, adi akang nu sok diobrolkeun téa,”walon Hendra ka awéwé di gigireunna.
                “Nepangkeun Anis.”
                “Yati,” dua réma pataréma.
                “Leuh geuning Hendra. Ka mana waé, Jang?”
                “Ibu...kumaha damang?”
                “Pangésto. Euh geuning sareng....”
                “Oh, muhun Bu, nepangkeun ieu bojo abdi.”
                Jeleger kana haté aya anu neunggeul, alah batan gelap tengah poe éréng-éréngan. Leungeun nyekel tihang kembang nu aya di gigireun. Aya nu ngoléang jeroeun haté... ngalalar teuing ka mana. Duh, Hendra naha anjeun datang, beut saukur ngabaruang tineung. Malidkeun kakangen nu geus ngamuara dina mumunggang rasa. Haté sumegruk.
                “Yati, hayu. Lain ngahuleng kitu,” sora ibu ngagebah rupaning galura nu teuleum na leuwi haté.
***
                “Yat, nepi ka iraha rék nyorangan waé. Enggal geura nikah. Karunya ka ibu.”
                Kuring neuteup panonna. Paadu teuteup. Aya nu nyérédét ningali seseukeut panonna nu liuh linduh. “Ari nikah téh pan kedah sareng nu dipicinta, Hen.” Luk kuring tungkul teu wasa paadu teuteup. Teu wasa tepung na teuteupan nu neundeun tineung.
                “Cinta mah ké gé nuturkeun, Yat. ”
                “Ah, tapi Yati mah sigana moal tiasa micinta nu lain. Angger we maskét ka manéhna,” aya geter nu ka luar tina sora kuring.
                “Naha saha atuh lalaki nu bagja tiasa dipicinta jeung dipitineung ku Yati, adi Hendra?”
                “Rusiah,” ceuk kuring halon.
                “Sing percaya ka Hendra cinta mah baris nuturkeun. Buktosna wéh Hedra.”
                “Hendra teu cinta kitu ka Anis?”
                “Kapungkur. Kunaon Hendra ngaleungit di ieu kota. Harita ti  lembur aya telepon sangkan gancang ka lembur. Pas di ditu pun bapa teh geuning wales. Malah dugi ka hanteuna. Tapi saacan anjeunna ngantunkeun alam dunya. Anjeuna omat-omatan sangkan kersa nikah jeung Anis. Tadina mah Hendra mungpang. Da Anis teh masih katalian ku dulur. Jeung teu aya rasa bogoh. Manéhna geus dianggap adi. Tapi emut kana amanat bapa. Sieun doraka mun teu dilaksanakeun. Tapi alhamdulillah teu burung haté Hendra kaeuntreupan tresna. Komo deui sakeudeung deui jabang bayi bakal lahir. Kanyaah, kageugeut ka Anis  beuki tamplok.”
                Ehm Hendra, lamun anjeun nyaho. Lalaki nu salila ieu dipicinta. Salila ieu marengan haté taya lian iwal ti anjeun. Nya anjeun nu geus ngadéwasakeun diri kuring nu salila ieu dianggap budak kénéh. Rasa nu mimiti neut neutan ka kuring pikeun hirup mandiri. Tapi ayeuna rasa nu mimiti karembangan téh kudu maluguran méméh mangkak. Tapi saéstuana kuring kudu sukuran ka Pangéran, aya hiji lalakon nu kungsi marengan kuring. Lalakon  ngeunaan tumuwuhna hiji rasa nu ngagalura dina jeroeun dada. Kacinta jeung katresna kuring ka anjeun rék diteundeun di hadé-hadé. Katresna kuring nu teu kungsi kedal ka anjeun, rék dipupusti, dipiguraan na jero haté. Mugia éta pigura bisa dieusi kunu lain. Mugia....****
               

Tidak ada komentar:

Posting Komentar