Selasa, 29 Oktober 2013

Carpon, Pikiran Rakyat 20 Oktober 2013


Bandar Politik
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                “Bu ari negara agraris téh naon?”
                “Negara anu masarakatna lolobana gawé dina widang pertanian, perkebunan,”  Wanti imut.
                “Ari Indonesia negara agraris sanés, Bu?”
                “Kantenan atuh bageur. Urang kudu reueus ku nagri sorangan. Réhna negara urang tos kawentar kamana-mana. Negara anu ti kapungkur disebat negara agraris. Émut pan negara urang mah negara kepulauan. Tah hal éta pisan anu dimanfaatkeun ku urang pikeun melak naon waé tutuwuhan. Ti mimiti dataran rendah nepi ka dataran tinggi, kabéh dimangpaatkeun keur pepelakan. Kulantaran taneuhna subur tinangtu nyababkeun naon waé anu dipelak, insya alloh  bakal ngahasilkeun,” Wanti ngajawab pananya Andi, muridna kalawan daria.
                “Pami kacang kadele, janten moal, Bu?”
                “Tangtos,” Wanti semu asa-asa. Can apal kamana loyogna pananya Andi.  
                “Tapi naha beut awis nya, Bu?” manéhna tumungkul.
Wanti sakedapan ngahuleng. Teu nyana sacongo buuk ku pananya budak. Pananya anu kacida wajarna,  tur simpel, tapi hésé keur nerangkeunana, komo deui ka Andi anu ngan saukur budak kelas 5 SD. Enya pan ayeuna masarakat téh keur riweuh. Riweuh mikiran hahargaan anu  ngajaul. Kacida mahalna.
                Karék apal. Ka dinya pananya budak anu sabenerna. Tapi beut asa anéh ku pananya Andi. Tara  tisasari Andi nanya anu leuwih jauh. Jeung katempo pasemonna semu alum. Siga anu nyidem rusiah. Aya tugas anyar deui keur  Wanti, pikeun ngorék naon rupa anu nyumput na pikiran Andi.
Waktu istirahat Wanti ngahaja ngageroan Andi. Mimitina mah api-api  nitah mangmeulikeun kertas folio ka warung. Saterusna nanya masalah di imah jeung nu lainna, hayang ngabokér naon rupa anu nyamuni na pikiran. Hayang nyingsatkeun kabingung anu nyumput na lelembutan. Karék apal waktu Andi terus terang. Yén bapakna ayeuna mah teu usaha deui. Teu jualan deui. Alesanna harga bawang anu kacida mahalna.
                “Icalan naon kitu Bapak?”
                “Tempé, Bu.  Tapi ayeuna mah teu icalan deui. Da kacangna sesah dipilari. Rajeun aya awis deuih. Antukna bapak teu icalan. Da modalna séép,” cenah dareuda.
                “Muhun sing sabar bageur nya, mugia engké bapak tiasa damel deui,” Wanti ngusapan buuk budak.
                 
                Balik ka imah ngadon ngahuleng ngaraga meneng. Pananya  budak  minuhan lulurung kalbu. Da kitu kaayaan.   Harga kacang kadelé anu mahal lain ngan saukur dipikiran ku tukang tempé, tapi ning  mawa pangaruh anu kacida keur psikologi  Andi. 
Inget kamari waktu ka pasar, kurulang kuriling néangan tempé. Suwung. Sakalieun manggih. Gusti, hargana ngajaul, teu kabeuli ku manéhna. Antukna bolay meuli tempé téh sanajan kacida butuhna. Mikir dua kali tinimbang meuli tempé anu hargana nikel, mending keur resiko nu lain.  
Sakolébatan aya pikiran natamu ka manah Wanti, meureun bapakna di lembur mah ceuyah ku duit. Pan kitu pagawéana bulu taneuh. Leledokan unggal waktu.
Tapi waktu dianjangan kadéngé humandeuar. Da geuning angger harga nu katarima patani mah saeutik. Hasil tatanén kacang kadelé  ayeuna jauh tina panyangka. Biaya magawé jeung hasil tatanén jauh tanah kalangit. Panénna kapiheulaan ku sakadang hileud. Hileud kacang (agromyza sojae). Atuh Ladang kacapé kapeurih satutas pepelakan teu kaubaran. Nu mucekil mah angger wéh bandar. Bandar nu tara ngamodal saeutik eutik acan. Kitu deui hasilna, nyaho untung wéh pangeunahna. Langsung meunang bati anu kacida mucekil leuwih ti misti.
Ku kaayaan siga ayeuna, harga anu mingkin nérékél. Nambahan kasusah keur masarakat. Sanajan loba ogé anu nyieun kasempetan dina kasamporétan batur. Néang lolongkrang anu sakira kira méré kauntungan anu kacida. Paduli teuing batur ngocéak,  kacepét ku hahargaan. Nu penting untung jeung duit loba asup kana kantongna. Paduli teuing batur tingjarerit kakurangan nanaon. Nu penting manéhna senang ngahenang ngahening. Balukar tatanén anu teu nguntungkeun, ngurangan konsumsi  masarakat, dijieun alesan anu kuat keur maranéhna para jugala, pikeun ngalaksanakeun  MOU jeung sababaraha golongan. Nu dipamrih sangkan piduiteun asup. Jumlah anu kacida gedéna. Ngaruntagkeun iman saha waé anu ngadéngé, nu némpo jeung nu ngajalankeun. Trilyunan. Ngalolongkeun manéh ku kaayaan masarakat anu ngocéak, tuturubun nyiar kipayah.  Norékeun ceuli sorangan, api-api teu kadéngé ku patingcorowokna jalma sangkan harga-harga tarurun.
Demi memenuhi kebutuhan masyarakat,” ceuk pajabat   hiji waktu, dina salah sahiji siaran tipi.  Ngabéjér béaskeun  alesan pédah impor kacang kadele sagala. “Kebutuhan dalam negri sudah sangat kekurangan karena gagalnya panen. Juga kualitas yang buruk. Dan hal ini dilakukan supaya kebutuhan di  dalam negeri terpenuhi,” cenah teu euleum-euleum.
Lamun téa enya hayang ngaronjatkeun hasil tatanén di nagri sorangan sangkan leuwih alus naha teu aub? ancrub ku sorangan. Titénan perkara kunaon gagal panén nepi ka kajadian. Éta anu sakuduna dipaluruh dijieun panaluntikan anu kacida. Lain ngan saukur ngomong patarik-tarik tatanén teu ngahasilkeun. Béré kamandang ka para bulu taneuh, kumaha carana sangkan hasilna alus jeung mucekil.  Lain ngan saukur ngéngklak dina kapeurih batur. Nepak dada duméh kabutuh jero negri kacumponan ku cara gawé bareng jeung sababaraha oknum pikeun ngadatangkeun barang anu dipibutuh. Tapi taya saurang mangkluk anu nyieun rencana sangkan bisa ngaronjatkeun hasil tatanén. Kabéh riweuh silih serang, silih salahkeun. Nu aya dina pikiran maranéhna ngan saukur peluang. Di hareupeun, MOU jeung sabaraha nagara dilakukeun. 
                Berita nu biasana mahabu ku para artis selebritis  ayeuna katambahan ku hahargaan anu ngajaul. Pipilueun jadi top score, ngaréndéng jeung berita Bunda Putri.
                “Lah meunding eureun jualan tempe téh.” ceuk hiji ibu-ibu anu keur aya di hiji tukang dagang.
                “Enya nya baringung. Kacang kadeléna gé hésé ditéangan.”
                “Ssst. Loba kacang kadelé mah. Ngan  kudu asruk-asrukan,” Mang Jana seuri konéng, nyampeurkeun kanu keur ngobrol.
                “Enya, kitu loba, Mang?”
                “Hayu, ari perlu mah. Tuturkeun.” Mang Jana ngaléos, dituturkeun ku ibu-ibu.
                “Mahal-mahal teuing, geuning, Mang?”
                “Ih, sakieu gé untung aya. Tibatan euweuh. Emang gé kudu asruk-asrukan puguh gé néanganna.”
                “Nya mahal, nya hésé ditéangan.”
                “Sok borong atuh meungpeung aya. Nya kitu ari barang mah kadang mahal kadang murah.” Mang Jana némbal bari anteng milihan kacang kadelé.
                “Alhamdulillah amrin,” Mang Jana bébérés dagangan. Séréngéh seuri leutik waktu niténan duit. Meunang untung anu kacida lumayan. Gura giru inyana nepungan Juragan Ganda, masrahkan setoran.
“Alhamdulillah séép pangersa.”
                “Syukur. Sing jejem mangjualkeunna nya. Tenang barang mah loba,” cenah humaréwos kana ceuli Mang Jana.
                Beuki dieu beuki campuh. Nu démonstrasi hahargaan dimana-mana. Kitu deui demonstrasi perkara nagara, timimiti démonstrasi kacurangan sora pilkada, ogé demonstrasi perkara korupsi. Kitu deui démonstrasi perkara Ketua MK non aktif Akil Mochtar. Tumplek. Matak lieur ngabandunganna.
Nu maraké dasi kalan-kalan daratang nepungan kanu keur demo. Biantara saheulaanan.
                Semoga dengan pilkada yang akan digelar dapat memilih calon yang siap dan benar-benar dapat menanggulangi caruk maruknya negeri ini. Harga kebutuhan pokok, insya alloh akan segera turun,” cenah pameunteuna teu leupas tina ratusan, rebuan jalma nu moyég. “Insya alloh harga kebutuhan lainnya akan segera turun. Yang penting kita yakin bahwa pemimpin kita akan mampu mengemban amanah. Memajukan  negara kita sebagai negara agraris.” Bari haténa imut kacida, inget kana MOU anu geus dijalankeun. MOU jeung sababaraha nagara. Trilyunan duit geus aya di hareupeun panon. Trilyunan anu sayaga asup kana kantong pribadina. Tina ladang suap.
                Wanti rumahuh ngabandungan kaayaan. Kudu kumaha nepikeun ka barudak. Naha enya nagara urang téh nagara agraris? Nepi ka iraha ieu sesebutan téh nerapna. Pan barudak butuh bukti kongkrit lain ngan saukur dongéng jeung carita. Kudu aya carita anu natrat, malah mandar barudak babari ngarti, babari ngigelan jamanna.  
                “Muhun Bu. Ayeuna mah sagala diimpor. Anéh. Pan cenah Indonesia negara agararis. Tapi beut impor waé. Lamun sadayana petani dipiwarang  melak bawang, melak kacang kadelé mah meureun diurang téh bakal seueur tutuwuhan. Moal awis siga ayeuna. Moal seueur nu dagang bangkrut,” sora Andi nongtorowélang dina ceuli.
                Langit cakueum. Sedih kingkin, ningali lampah jalma kalimpud bingung. Udat-udat méga hideung patingkurunyung, muyung. Saeutik-saeutik kumeclak, maseuhan bumi nu bangreung. Nepungan jalma-jalma nu patinglaliud. Patingcorowok. Sorana heuras nigas langit, ngaguruh humandeuar. Sésélékét dina sela-sela cihujan. Dibaturan angin kamelang patarik-tarik.
Beulah kalér beulah kidul  patingcorowok patingjarerit.
                “Gantung Anas Urbaningrum!”
                “Potong jari Akil Mochtar!”
                “Partai.... Partai....”
                “Turunkeun harga!”
                Sora jalma cumeluk, awor jeung séahna cipanon anu pating kumeclak tina saban lolongkrang panon. Ngaharep harga turun. Teuing iraha  kasaksian. Teuing iraha turunna. Hahargaan angger nérékél.  Anu turun iwal ti harga diri manusa.  Loba jalma anu geus andegléng nyekel jabatan, ngungudag dunya keur sorangan. Paduli teuing beuteungna bureuteu tina ladang nu teu matut. Teu madulikeun nasib rahayat nu patingkocéak. Asal aing senang ngahenang ngahening. Mamawa beuteung nu bureuyeung,  kasarung korup. Tina ladang ngabandar. Bandar politik.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar