Kamis, 10 Juli 2014

Carpon, Galura 10-!7 Juli 2014


Kembang Asih
                                                        Ku: Nina Rahayu Nadéa

Yuni di mana  anjeun? Duh ieu diri beuki migandrung, lara nalangsa beuki marengan. Angot kamari mah teu bisa saré sakerejep-kerejep acan. Pédah basa kuring ka supermarkét panggih jeung awéwé nu pakéan sarta pangadegna blég anjeun. Sajongjonan mencrong ka manéhna nu keur nonggongan. Baju kayas, buuk ngarumbay galing muntang semu beureum, ngaharib-harib urang bulé, persis anjeun. Baju kayas mawa lamunan kuring.  Harita wanci sareupna, balik gawé ngahaja nepungan anjeun  di tempat nu biasa.
            “Jajap Yuni ka BIP nya?”
            “Tong ayeuna nya Yun,” kuring ngabangbalérkeun anjeun. Apal kana adatna lamun ngajak ka hiji tempat geus pasti aya paméntana.
            Anjeun ngadon seuri.
            “Apal Yuni gé lah teu gaduh artos nya?? Wios Yuni gaduh da. Pokona jajap nya!”
            “Ning apal?” ceuk kuring ngajembél pipina.
            “Biasana gé pan gajihanna ping 25. Héhé.”
            Éléh déét, antukna kuring nganteurkeun  ka BIP. Kurulang kuriling aya kana dua jamna. Abong awéwé, sagala dirampa, sagala diilikan. Rap kana baju ieu, rap kana baju itu. sagala dicoba. Antukna kapilih baju kayas lékmong, hareupna diofnésel kerep, ditindes ku benang warna kayas kolot, ngepas dina awak. Beuki geulis. Beuki maskét kuring ka anjeun.
            Tambah pulsanya, Bu? Lagi promo nih!
            Gebeg ... lamunan nyingray.
            Ngak ah, baru diisi.” Ceuk awéwé nu baju kayas. Atra ayeuna mah beungeutna, geuning lain anjeun. Pipina pinuh ku ewateun, jauh jeung anjeun nu salilana luis jeung limit,  tandaning hadé ropéa. Lemes kacida. Kitu pantes atuh da anjeun salilana ngariksa awak jeung beungeut. Tiap amprok teu weléh cahayaan. Sakalieun aya jarawat hiji gé, tagiwur siga nu manggih naon boa.          
*
Yuni, ayeuna kuring  lunta ti ieu  kota, rék ngabangbalérkeun haté nu pinuh ku panglamunan ngeunaan anjeun nu teu weléh nembongan waé. Rék nyingkahan sagala lampah ngeunaan anjeun jeung kuring nu  ngabaruang tineung. Léléngkah halu. Léléngkah dina naratas haté nu teu weléh canéom, malahmandar kacaangan ku lampah anyar nu rék dilakonan ku kuring. Pon kitu deui léléngkah dina naratas karir nu burakrakan. Gawé ti nol, napak lalaunan dina tiap hambalan.
Nyumangetan diri sorangan ku cara gawé suhud.  Tara nolih kacapé jadi ubar mujarab pikeun saeutik saeutik neundeun ngaran anjeun. Dirawat dihadé-hadé dikonci ganda, disimpen na lomari nu diteundeun di kamer haté,  méh teu ngulayaban lain wayah. Lamun gawé rada rinéh, konci kamerna sakali-kali ku kuring dibuka. Tepung jeung anjeun dina lamunan ngapak méga ngambah jomantara, duh éndahna.
Siga ayeuna, pagawéan nyieun laporan geus réngsé. Rét kana jam nu ngadaplok dina témbok. Jam dua belas kurang lima belas. Lima belas menit deui ka istirahat. Rét kana papan pengumuman, di dinya katingali undangan, sigana anyar diterapkeun, da tadi isuk-isuk mah asa teu ningali.  ‘Kepada Yth Karyawan / Karyawati PT Indotex’.  Ningali éta undangan, beut kasuat-suat ka anjeun. Sabulan saacan anjeun ngiles pan urang kungsi nyieun sketsa undangan. Undangan nu sarua persis jeung nu ayeuna ditingali ku kuring.
“Tong coklat ah, mending biru,” ceuk anjeun.
“Naha meni keukeuh hoyong biru?”
“Biru mah warna kalem, komo deui ieu biru langit. Supados rumah tangga urang salamina aya nu mayungan, pan ibarat langit nu salamina mayungan cinta urang.” Anjeun nyarita bari gek diuk dina lahunan kuring.
Kuring anteng nyieun sketsa undangan, siga kahayang anjeun.
“Tah sae, tapi tong tangkal wungkul ah, mending diluhurna nganggé dua manuk nu nuju ocon, héhé supados romantis.”
Yun, ieu desain undangan geus jadi. Tuh pulas langitna meni éndah persis paménta anjeun. Pangluhurna, tulisan undangan ku tinta emas,  handapna gambar dua manuk nu keur ocon dina luhureun tangkal nambah mamanis  undangan. Bagja nya Yun? urang sakeudeng deui bakal ngadahup. Bakal hiber sakahayangna siga manuk nu bébas merdéka taya rereged. Rék ngahajakeun nepungan béntang, nu salila ieu ngintip cinta urang. Rék ngenalkeun anjeun ka saniskara makhluk, yén anjeun ayeuna geus jadi milik kuring.
Yun, tuh tingali persis kahayang anjeun. Undangan nu kandel nu jerona aya ukiran ngaran urang, dipasieup maké pita hérang warna konéng diadumaniskeun jeung beureum. Padahal harita anjeun kungsi rada nyeuneu, pédah pita nu diterapkeun téh, kagunting saeutik, atuh jadi aya nu ngawir jeung teu rapih katingalina. Untung masih kénéh aya cadangan. Jamedud leungit  kaganti ku imut sugema  anjeun nu kacida nyari. Imut nu ngirut. Ah, jadi hayang geura hiber ka surga jeung anjeun. 
“Matakna geura boga pamajikan,” teu kanyahoan Anwar geus aya tukangeun.
“Éh, Anwar!” satengah maksakeun kuring nyoara. Padahal haté mah keuheul pisan ka manéhna. Teu ngartikeun pisan. Keur sosonoan ngumbar lamunan, nguntun harepan aya nu ngaganggu. Rék ngapung panganténan teu tulus. Dasar. 
*
“Mana pasanganna?”
“Nyorangana waé?”
Bosen ngajawabna. Tiap jelema nu amprok nanyakeun kitu. Aya nu nyelekit kana haté, asa digerihan ku hinis. Enya ayeuna mah nyorangan teu mawa pasangan, tapi maranéhna can apaleun baheula kumaha. Tiap  ka undangan kuring teu weléh jadi sorotan, jadi sumber gosip. Pangpangna loba nu sirik. Kuring lalaki basajan nu bisa nyandingkeun awéwé geulis rancunit lir bidadari ti kahyangan. Matak ngajuralit panon  lalaki anu mencrong anjeun. Tapi anjeun tetep tonggoy, muntang kana pigeulang leungeun kuring. 
Ari ayeuna? Nyorangan taya nu marengan. Kaéléhken ku si Andi nu ngan saukur jadi OB di kantor. Gagah, makalangan ngagandeng awéwé pasanganna. Lieuk ka Amran ngagandeng awéwé. Ningali Andri jeung kabogoh. Bener-bener jadi jelema paling jomblo sadunya. Yuni kamana anjeun?
Keur ngeunah-ngeunah ngahénggoy mie kocok, torojol Anwar jeung kabogohna. Gék nu awéwé diuk gigireun kuring, sanggeus dititah ku Anwar. Nalipak manéh. Jung we cengkat, ningalkeun maranehna.
Muru pangantén. Gagah. Kharismatik. Dina umur nu setengah abad, teu katingali geus cetuk huis jeung reuay incu. Abong jelema jegud, sagalana kasilep. Dibendo, maké baju adat sunda. Paroman hégar, soméah daréhdéh. Angger matak ajrih boga dunungan téh. Waktu sasalaman awakna rengkuh, tanda ngajénan, tanda ngahormat. “Sok enggal geura milari calon,” paneuteupna anteb. Dijawab ngan saukur ku seuri koneng. Leungeuna ngarangkul kuring. Teu ningali kuring ngan saukur bawahan, teu ningali kuring téh jelema cacah. Enyaan asa diajénan, asa dihargaan jadi jelema leutik gé. Mun sakabéh pajabat siga kieu, ngarasakeun ka jelema nu siga kuring. Sigana dunya téh aman.
Maju saléngkah ka pangantén awéwé. Awak rengkuh. Réma pataréma, leungeuna nu rancunit, lemes, ngahudang rasa nu salila ieu aya dina panjara haté. Ngageterkeun tineung nu beuki migandrung. Kuring tanggah. Neuteup bidadari nu geulis kawanti-wanti. Bidadari nu salila ieu ngait na ati, maskét na haté. Paadu teuteup. Mulangkeun panineungan waktu nu larung. Mangsa urang paduduaan, jangji ngawelah rasa dina lautan cinta, jangji sapapait samamanis, hirup kumbuh babarengan. Pangantén imut.  Imut nu ngirut, ngageterkeun haté nu liwung. Liwung ku gandrung kasmaran. Ngageterkeun kembang-kembang asih nu maluguran katebak angin kasimpé.
“Wilujeng Yuni!”***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar