Carpon Rumaja
Pileuleuyan...
Ku Nina Rahayu Nadéa
Geus
tatahar pikeun nyanghareupan UAS. Ujian Akhir Semester I. Evaluasi pikeun para murid ngeunaan materi anu geus katampa dina Semester
hiji. Kaasup kuring. Kuring kelas 3 SMK Bina Harapan, kacida hayangna meunang
nilai nu alus. Diajar soson soson, sangkan hasilna nyugemakeun. Teu nguciwakeun wali kelas kuring, nu omat
omatan sangkan nilai kuring teu turun ti nu enggeus enggeus, leuwih alus mah
kudu ngaronjat. Hayang ngabagjakeun kolot nu aya di lembur. Kacida nyaahna
kuring ka kolot. Rumasa can bisa mulang
tarima. Tinangtu Ema bagja ningali kuring meunang peunteun anu alus.
Sanajan Ema
salila ieu teu pati ngarojong kana perkara atikan. Ceuk Ema, awéwé
mah teu kudu sakola luhur. Lulus SD geus cukup. Asal bisa maca, komo di lembur
mah. Tapi maenya teuing kolot teu bagja ningali nilai kuring alus. Pada muji di
sakola. Ogé
jadi kareueus Uwa pameget jeung Uwa istri.
“Omat,
hidep mah kudu sakola luhur, Mas. Lebar hidep boga poténsi.” Ceuk bu Asih, Wali kelas kuring hiji waktu.
Sasat
teu ngahaja asup ka sakola ieu téh. Pédah wé sababaraha méter
ti pasantrén tempat kuring salila ieu
nyuprih pangarti, diadegkeun sakola formal. Bogana Haji Hasan, lanceukna Uwa
pameget ngan béda Bapak. Haji Hasan téh pengusaha jugala,
pausahaanna geus teu kaitung. Bukti kanyaah ka lemburna ngajanggélék
ku cara ngadegkeun sakola. Ari nu disebut Uwa pameget ku kuring? Sabenerna lain
Uwa. Da teu hir teu walahir. Pédah wé tanah anu aya di lembur kuring, diurusanan ku
Ema jeung Abah di lembur. Pas Abah ngantunkeun, kuring di bawa ka pasantrénna.
Pasanteran Al-Mukarramah.
Kanyaahna
ka kuring geus karasa pisan. Sanajan mimitina mah Ema teu mikeun waktu Uwa
pameget ménta
kuring ka Ema pikeun asup ka pasantrénna. Ngan ku diolo, méh
nambah pangaweruh jeung méh teu nguluwut mikiran nu jadi Bapak, antukna Ema léah
mikeun kuring.
Kuring
diajar soson soson. Ngatur waktu. Sakola formal
ti isuk isuk nepi ka jam dua. Balikna langsung ka kobong, sayaga nampa
materi ngeunaan bagbagan agama.
“Imas
mah sigana ngeusian kabéh
nya pelajaran Agama?” Wéndah nanya basa balik ti sakola. Poé munggaran UAS.
“Nya
kitu wéh...”
“Teu
kudu ditanyakeun deui. Geus pasti atuh dieusian. Malah tina soal 35 téh
sigana deusian 40.” Anti milu nyarita.
“Ah,
manéh
mah.” Kuring nyiwit leungeun Anti.
“Enya
atuh da geuleuh urang mah. Naha manéh téh beut pinter pinter teuing.
Da urang mah sakitu ngapalkeun gé angger wé teu asup asup.”
“Ngapalkeunna
atuh da bari inget ka Andri meureun. Héhé.”
Kuring seuri.
“Éh,
enya ampir poho. Aya salam ti Béni.” Wéndah nu anteng nyoo hapé,
nyarita.
“Kutan
si Beni, écéng
ka di dinya? Satuju... satuju. Bageur, sarua pinter jeung agamis. Cocok lah jeung Imas. Tampa wé
nya?” Anti nanya.
“Naon
téa?”
“Ah,
sok api api. Salamna si Béni
ditarima teu?”
“Geus
Anti tong waka ditanyakeun. Sina dipikiran. Bisi éraeun ku urang mah, da manéhna
gé
écéng
sabenerna, ngan nyéta sieuneun ku
Uwana. Piraku cenah budak pasantrén bobogohan, teu meunang.”
“Ah,
gandéng...
gandéng.
Ayeuna mah diajar sing bener. Sakeudeung deui Ujian Nasional. Lebar kabéngbat
ku nu kitu. Ké peunteunna butut.” Kuring mungkas obrolan.
Papisah
jeung maranéhna
lebah péngkolah.
Kuring ngatuhu maranéhna ngénca. Imut sorangan. Ngolébat
beungeut Beni nu salia ieu méré
perhatian ka kuring.
Ngarandeg
sakedapan waktu anjog ka pakarangan pasantrén. Katangen hiji ringkang anu
kacida dipisono. Hayang geuwat nangkeup. Ema. Tapi katangen keur husu ngobrol
jeung Uwa pameget. Sajongjonan ngajanteng. Teuing naon nu keur diobrolkeun,
ngan siganana téh penting nakeran. Panasaran. Hayang ngadéngékeun nu keur dipadungdengkeun.
“Imas,
sok asup heula. Sadiakeun cai keur Ema hidep.” Uwa pameget ngeureunkeun
obrolan. Nyalenggorkeun, waktu katangen kuring datang. “Ajakan Ema ka jero, Uwa
rék
ka cai heula.”
“Karék mulang,
Mas? untung hidep buru-buru datang”.
“Ema
séhat?”
“Séhat
atuh matak ka dieu gé. Maksud ka dieu téh nyaéta...”
“Di
jero nyaritana. Asa kurang hadé di dieu mah. Istirahatkeun heula
anggursing.” Uwa istri datang, nitah ka jero.
“Aya
naon, Ema. Meni siga penting. Pan Imas gé sakedap deui ka lembur atuh. Ayeuna
mah teu acan libur.” Kuring nanya ka nu keur mukaan lokét siga aya nu ditéangan.
“Imas,
apal kénéh
ka dieu?” Ema némbongkeun hiji potrét.
“Apal
atuh, Ma. Éta
mah Kang Opik téa, anu sok ngawurukan ngaos barudak? Pan Imas gé
ngawitan tiasa ngaos téh ku Kang Opik?”
“Sukur
atuh ari masih inget kénéh.”
Kuring
imut neuteup Ema. Gurat kolotna geus atra katingali, padahal umurna jauh jeung
Uwa pameget ogé Uwa istri. Digugulung ku karipuh disimbutan ku kasusah, nyamarkeun
umur Ema nu sabenerna.
“Ema,
doakeun Imas sing tiasa ngajait Ema.” Gerendeng haté.
“Kieu,
Mas. Ema ngahajakeun ka dieu téh. Puguhan rék ngajak Imas mulang?”
“Mulang?
Mulang kumaha ari Ema. Pan teu acan libur. Ké mun tos libur gé Imas
pasti ka ditu atuh. Ayeuna Imas lieur. Seueur
apalkeuneun.”
“Ti
wangkid ayeuna mah teu kudu mikiran ngapalkeun. Anggursing kudu diajar masak, tadi
Ema geus nyarita ka Uwa pemeget, yén hidep téh moal nuluy deui masantrén
di dieu.”
“Tapi,
Ma, kunaon?” dada dikendangan kamelang.
“Inget
ceuk Ema ti baheula. Awéwé mah teu kudu luhur sakola. Pamustungan angger ka dapur.
Ngurusanan rumah tangga kumawula ka salaki. Hidep geus déwasa. Geus meujeuhna ngais
budak. Diengké engké gé kuriak hésé jodo. Jodo hidep geus datang,
Mas. Lalaki bageur tur soléh. Bagja dunya ahérat jeung éta mah,” Ema nyarita norolang
teu nolih ka kuring nu hareugeueun. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng
éréngan.
“Ma,
sareng saha?” Aya nu haneut ngeclak mapay pipi.
“Enya Jang Opik. Anu bageur téa...”
“Tapi,
Ma. Pan tos gaduh istri atuh.”
“Pan
geus maot Ceu Julaéha na gé. Karunya budakna leutik kénéh.
Opat taun. Moal susah jeung Opik mah, Mas. Tanahna lega, imahna agréng.
Ibadah geus puguh teu kudu dicaritakeun.”
*
“Angkatna
rada siangan atuh, Ma.”
“Hayu
mening ayeuna. Puguh geus beurang ieu téh.”
“Ké,
Ma ka Uwa istri heula.” Beretek lumpat ka dapur, muru Uwa istri nu tatadi
cicing di dapur teu wasa nganteur kuring. Kajudi, kumaha sabenerna nu
nyangkaruk dina dada. Geus dalit jeung manéhna. Apanan salila ieu, nya
manéhna
pisan anu ngajurung kuring sangkan sakola luhur. Malah inyana geus jangji rék
ngabayuan kuring sakola nepi ka jadi sarjana.
“Wayahna,
Imas. Keun mugia sing panggih jeung kabagja.” Uwa istri nangkeup pageuh ka
kuring. “Lain hak Uwa ngalarang indung
hidep nu keukeuh kana putusanna,”Uwa istri humaréwos kana ceuli.
“Uwa...”
Kuring ngagukguk. “Hatur nuhun kana kasaéan Uwa. Pan indung téh
sawarga nya, Wa. Insya alloh abdi tungut
ka Ema. Uwa teu kénging sedih. Upami Uwa sedih,
abdi gé
sedih. Uwa tos dianggap indung sorangan ku abdi. Abdi alim ningali Uwa sedih.”
Dangah neuteup gurilap socana nu beueus ku cisoca. Pameunteu teu lesot ka
kuring.
“Imas!”
Rangkulan pukah. Ema geus aya di lawang panto, ngagero bangun rusuh.
Ngaléngkah
lalaunan nuturkeun Ema. Beuki rumegag
waktu ngadeukeutan sakola. Kabayang Wéndah, Anti nu keur anteng
nyanghareupan soal Ujian. Kabayang Bu Asih nu pasti deudeupeun pédah kuring teu emol emol. Moal
ngadéngé nu gogorowokan di kelas. Nu sililedek ngaran
Bapak. Ah, moal bisa karandapan deui. Pileuleuyan
sakola anu geus méré warna dina kahirupan. Cita cita mekarkeun diri kapaksa
pukah. Marékplékan
ku kaayaan.
Kolébat
beungeut Beni. Nu salila ieu ngabéla lamun kuring dipoyok ku Si Adul.
Lamun kuring dicarékan si Miun, pédah nulis dina bor leutik teuing. Ah,
Béni,
lalaki nu salila ieu aya dina dada, méré
katingtriman, méré panyumanget kuring sangkan terus diajar jeung diajar.
Pileuleuyan...***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar