- Tiktik Rusyani, Iwan Hanjuang, Jejen Jaelani War and 28 others like this.
- Nina Rahayu Nadea Rita Rosita Sungguh teganya dirimu teganya...teganya...(ehm janten hoyong ngadangdut) hihi
- Irman N Dimyatie :"karek TERDUGA Teroris geus dipaehan. Naha ari koruptor nu ngaruksak nagara jeung bangsa siarogo? Héran uing."
- Nina Rahayu Nadea Irman N Dimyatie. teu aya niat eta mah Kang. Teu aya niat ngalereskeun sang koruptor dugi ka rengse. Nu tos di pangberokan ge, angger tiasa ngulampreng. hehe
- Nina Rahayu Nadea @Imas Rohilah Cianjur: Sanes teroris wae nu sok gentos no HP mah. Nu seueur hutang oge, da sieun ditagih. Hihi...
Jumat, 10 Mei 2013
Fikmin di Lapak FBS
Sajak Sunda di Suara Daerah Jabar
KUMPULAN SAJAK
Lalakon
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Lalakon teuing ka mana réngkolna
Dina wates hirup jeung pati
Mangrébu pangharepan montél na diri
Maluruh kapanasaran teuing ka mendi
Lalakon teuing iraha reureuhna
Salilana ngungudag angin
Ngawélah
parahu dina sagara kingkin
Mentangkeun gondéwa museur tineung
Néangan
nu ditéang
Teuing ka mana jucungna
Layung ngempur mapaésan wanci sareupna
Tetengger tinggarupay
Sedeng diri?
Ngocécang
na jalan nu ngolémbar
Salilana kalimpud bingung
Wilujeng Énjing Kota Garut
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Bagéakeun kuring nepungan
Ngalubarkeun kakangen nu ngubeng na angen
Malidkeun kaasih nu kaselir wanci heureut pakeun
Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kalakay maluguran lawas teu kasorang
Tinggarupay ngabagéakeun kanu anyar datang
Rumasa kuring jarambah teu popoyan
Ninggalkeun panyalindungan ngajauhan katuna
Sapaparat jalan néangan sugan jeung kahayang
Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kuring mulang ka sarakan dimomotan ku sarébu pangharepan
Mugi anjeun teu ngabendon
Ka kuring nu arang mulang
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Bagéakeun kuring nepungan
Ngalubarkeun kakangen nu ngubeng na angen
Malidkeun kaasih nu kaselir wanci heureut pakeun
Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kalakay maluguran lawas teu kasorang
Tinggarupay ngabagéakeun kanu anyar datang
Rumasa kuring jarambah teu popoyan
Ninggalkeun panyalindungan ngajauhan katuna
Sapaparat jalan néangan sugan jeung kahayang
Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kuring mulang ka sarakan dimomotan ku sarébu pangharepan
Mugi anjeun teu ngabendon
Ka kuring nu arang mulang
Lembur Kuring
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Tina érang-érang jandéla kahirupan
Tina hiliwir angin jeung haréwos gaib
Ngawirahma larsup na lulurung waktu
Nu haliwu, ngagalindeng deudeuh,
ngaguruh baganti gorowok démonstrasi
Tina sarisig jandéla haté
Ngintip béwara ti saampar jagat
Ngintip rénghap masakat nu guyang dina leutak kateuadilan
Naha enya?
Kaasih geus diranjah
Lembur ceuyah ku préman
Politikus parebut ngaheuyeuk nagri ngarawu untung
neundeun tunggara tina mangrebu parentul jalma
Sajak keur Candra jeung Wulan
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Basa kuring neuteup bulan
Candra jeung Wulan narémbongan
Imutna mabra na wiati kana sukma niruk jajantung
Ngumbar kereteg tresna nu sawirahma
Ngajanggélék putri
Basa kuring nyawang béntang
Candranaran, Wulandari patingkariceup kana haté ngalagena dina bayah
Pataréma dina simpay kanyaah
Ngajilim inji
Tuh mayapada geus nganti anjeun
Endagkeun jagat ku pangabisa
Tandonkeun réma ka dayeuh nagri
Sawérkeun rénghap kaparigelan
Talimbeng dunya ku ketak rancagé
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Basa kuring neuteup bulan
Candra jeung Wulan narémbongan
Imutna mabra na wiati kana sukma niruk jajantung
Ngumbar kereteg tresna nu sawirahma
Ngajanggélék putri
Basa kuring nyawang béntang
Candranaran, Wulandari patingkariceup kana haté ngalagena dina bayah
Pataréma dina simpay kanyaah
Ngajilim inji
Tuh mayapada geus nganti anjeun
Endagkeun jagat ku pangabisa
Tandonkeun réma ka dayeuh nagri
Sawérkeun rénghap kaparigelan
Talimbeng dunya ku ketak rancagé
Nina Rahayu Nadea, lahir di Garut - Jawa
Barat, 28 Agustus. Menulis dalam bahasa
Sunda dan bahasa Indonesia. Karyanya dimuat di beberapa media. Telah
menghasilkan kurang lebih 60 buah buku antologi. Tahun 2011 memenangkan lomba
Soulmate Writing Battle Leutika Prio-Yogyakarta. Tahun 2012 Juara naskah terbaik cerpen anak Hasfa
Publisher, dengan judul cerpen ‘Si Jalu Kesayanganku’. Tahun 2013 naskah
barakatak terpilih di Majalah Mangle, dengan judul ‘Teu Gaduh Artos’. Tulisannya bisa dilihat di www.ninarahayunadea.blogspot.com
Rabu, 08 Mei 2013
Fikmin di FBS #Sandiasma 1#
Fikmin #Sandiasma 1#
Keur usum. Nerekab dimana-mana. Nu hayang jadi artis, nu hayang jadi
sastrawan, geunjleung saalam dunya. Ngagaranti ngaran sorangan. Nu
dipalar sangkan ngaranna ténar dipikawanoh balaréa, jeung nu leuwihna
nyéta ngabogaan ‘nilai jual’ anu kacida alusna sarta ngarojong karir
maranéhna sangkan ngaranna ngajaul ngapakan langit. Ngambah sagara.
Maranéhna anteng muru kampung, ngulayaban nyaba kota, nepi ka jarambah
ka mancanegara. Ngaranna tingparentul mapaésan spanduk, mapaésan
kertas-kertas nu leuseuh teu kasiraman do’a. Nu dipamrih hayang jadi
nomor hiji di tanah jagat. Hayang ténar. Ngaranna pada dipigandrung,
dipikareueus balaréa. Enyaan kapéngpéongan.
Bulan nyumput
cumalimba, ngintip dina sela méga. Nyaksian hiji indung. Inyana sedih
kingkin. Pilakadar sandiasma? Ehm deudeuh. Ngaran ti indung nu ngandung
salapan bulan, ti bapak nu ngayuga nu dipurulukan do’a saban waktu,
diharéwosan jampé unggal mépéndé. Dikukuntit angin tarapti ibu unggal
wanci. Ngaran nu bakal mapaésan tetengger engkéning jaga. Disambat
disebat ku kanyaah nu jumeneng.
Keur usum. Nerekab dimana-mana. Nu hayang jadi artis, nu hayang jadi sastrawan, geunjleung saalam dunya. Ngagaranti ngaran sorangan. Nu dipalar sangkan ngaranna ténar dipikawanoh balaréa, jeung nu leuwihna nyéta ngabogaan ‘nilai jual’ anu kacida alusna sarta ngarojong karir maranéhna sangkan ngaranna ngajaul ngapakan langit. Ngambah sagara.
Maranéhna anteng muru kampung, ngulayaban nyaba kota, nepi ka jarambah ka mancanegara. Ngaranna tingparentul mapaésan spanduk, mapaésan kertas-kertas nu leuseuh teu kasiraman do’a. Nu dipamrih hayang jadi nomor hiji di tanah jagat. Hayang ténar. Ngaranna pada dipigandrung, dipikareueus balaréa. Enyaan kapéngpéongan.
Bulan nyumput cumalimba, ngintip dina sela méga. Nyaksian hiji indung. Inyana sedih kingkin. Pilakadar sandiasma? Ehm deudeuh. Ngaran ti indung nu ngandung salapan bulan, ti bapak nu ngayuga nu dipurulukan do’a saban waktu, diharéwosan jampé unggal mépéndé. Dikukuntit angin tarapti ibu unggal wanci. Ngaran nu bakal mapaésan tetengger engkéning jaga. Disambat disebat ku kanyaah nu jumeneng.

Langganan:
Postingan (Atom)