Jumat, 10 Mei 2013

Sajak Sunda di Suara Daerah Jabar


KUMPULAN SAJAK

Lalakon
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Lalakon teuing ka mana réngkolna
Dina wates hirup jeung pati
Mangrébu pangharepan montél na diri
Maluruh kapanasaran teuing ka mendi

Lalakon teuing iraha reureuhna
Salilana ngungudag angin
Ngawélah parahu dina sagara kingkin
Mentangkeun gondéwa museur tineung
Néangan nu ditéang
Teuing ka mana jucungna

Layung ngempur mapaésan wanci sareupna
Tetengger tinggarupay
Sedeng diri?
Ngocécang na jalan nu ngolémbar
Salilana kalimpud bingung





Wilujeng Énjing Kota Garut
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Bagéakeun kuring nepungan
Ngalubarkeun kakangen nu ngubeng na angen
Malidkeun kaasih nu kaselir wanci heureut pakeun

Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kalakay  maluguran lawas teu kasorang
Tinggarupay ngabagéakeun kanu anyar datang
Rumasa kuring jarambah teu popoyan
Ninggalkeun panyalindungan ngajauhan katuna
Sapaparat jalan néangan sugan jeung kahayang

Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kuring mulang ka sarakan dimomotan  ku sarébu  pangharepan
Mugi anjeun teu  ngabendon
Ka kuring nu arang mulang


Lembur Kuring
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Tina érang-érang jandéla kahirupan
Tina hiliwir angin jeung haréwos gaib
Ngawirahma larsup na lulurung waktu
Nu haliwu, ngagalindeng deudeuh,  ngaguruh baganti gorowok démonstrasi

Tina sarisig jandéla haté
Ngintip béwara ti saampar jagat
Ngintip rénghap masakat nu guyang dina  leutak kateuadilan

Naha enya?
Kaasih geus diranjah
Lembur ceuyah ku préman
Politikus parebut ngaheuyeuk nagri ngarawu untung
neundeun tunggara tina mangrebu parentul jalma

Sajak keur Candra jeung Wulan
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Basa kuring neuteup bulan
Candra jeung Wulan  narémbongan
Imutna mabra na wiati kana sukma niruk jajantung
Ngumbar kereteg tresna nu sawirahma
Ngajanggélék putri

Basa kuring nyawang béntang
Candranaran, Wulandari patingkariceup  kana haté ngalagena dina bayah
Pataréma dina simpay kanyaah
Ngajilim inji

Tuh mayapada geus nganti anjeun
Endagkeun jagat ku pangabisa
Tandonkeun réma ka dayeuh nagri
Sawérkeun rénghap kaparigelan
Talimbeng dunya ku ketak rancagé


                Nina Rahayu Nadea, lahir di Garut - Jawa Barat,  28 Agustus. Menulis dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Karyanya dimuat di beberapa media. Telah menghasilkan kurang lebih 60 buah buku antologi. Tahun 2011 memenangkan lomba Soulmate Writing Battle Leutika Prio-Yogyakarta. Tahun 2012  Juara naskah terbaik cerpen anak Hasfa Publisher, dengan judul cerpen ‘Si Jalu Kesayanganku’. Tahun 2013 naskah barakatak terpilih di Majalah Mangle, dengan judul ‘Teu Gaduh Artos’. Tulisannya bisa dilihat di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar