Selasa, 18 Februari 2014

Artikel basa Sunda. Dimuat di Majalah SundaMidang 25 Jan-25 Feb 2014


TIK jeung Profesionalisme Guru
Ku: Nina Rahayu Nadea

                Kasalempang  jeung kahariwang kungsi ngamomotan  para guru, khususna guru TIK.  Ku ayana kurikulum anyar, kurikulum 2013. Dina éta kurikulum téh dipertélakeun yén pelajaran TIK teu natrat aya-ngajanggélék dina éta kurikulum. Kasalempang anu kacida gedéna téh tinangtu waé dina perkara program sértifikasi. Salaku guru, pasti kabéh hayang ngiluan éta program anu diayakeun ku pamaréntah sorangan. Program anu diayakeun sangkan guru leuwih parigel jeung bisa jadi guru anu profésional. Tapi kuayana kurikulum 2013, pangharepan téh pugag.
Tapi teu burung kasalempang jeung kahariwang téh saeutik-saeutik ngaleungit. Ngaleungit kuayana kawijakan pamaréntah, réhna sakabéh guru TIK anu geus nyoko kana aturan sertifikasi bisa ngiluan éta program pamaréntah. Sanajan tisaméméh mula, loba adurényom perkara guru TIK. Ti mimiti sina pindah ngiluan mata pelajaran anu lain anu sakirana kacangking ku maranéhna, ngindung ka SMK. Tug pamustungan angger nyekel palajaran TIK.
Anu leuwih ngondang kabagja, réhna maranéhna anu ngajar Tik bisa longsong dada kusabab bisa ngiluan PLPG. Maranéhna kapanggil ku  program PLPG. Ti mimiti pendataan. Ngiluan UKA, sarta lulus tur bisa ngiluan program PLPG anu kacida diantina ku sakabéh guru anu antukna bisa ngalaksanakeun program sertifikasi.
                PLPG téh  congona jeung jalan   pikeun ngalaksanakeun sakabéh kagiatan anu kacida pentingna. Lantaran anu lulus PLPG téh bisa meunang sértifikat pendidik. Ciri yén manéhna geus lulus banglus, ciri maranéhna téh hiji guru anu profésioal. Anu ujung-ujungna tinangtu maranéhna ngabogaan hak pikeun meunang tunjangan sértifikasi.
                Kasalempang téh pasti waé ngamomotan para guru TIK. Sieun. Inggis maranéhna teu bisa ngiluan program sértifikasi. Tapi kuayana maranéhna dipanggil PLPG, ngajadikeun ciri yén maranéhna insya alloh bisa mareunang tunjangan saperti guru-guru anu geus ngalaksanakeun program sértifikasi. Kukituna kasejahteraan anu dipiharep bisa karasa ku maranéhna.
                Ari anu jadi kabagja pikeun para guru TIK téh pan geus pada apal ti samameh mula. Yén dina kurikulum 2013 pangajaran TIK téh teu diasupkeun kana mata pelajaran khusus anu asalna mandiri. Sananjan pelajaran TIK bisa waé diajarkeun ka anak didik sanajan teu aya dina kurikulum 2013, gumantung kana kawijakan pamingpin sakola. Sanajan enya anu ngalakasanakeun kurikulum 2013 téh teu saratus persén. Réhna anu ngalaksanakeun kurikulum 2013 téh sakola anu ditunjuk atawa anu siap ngalaksanakeun kurikulum 2013. Jadi teu anéh lamun ayeuna téh di sakola aya nu maké kurikulum anyar atawa aya ogé anu maké kurikulum heubeul.  
                Kuayana panggilan peserta PLPG keur guru TIK aya anu noélan kana haté. Naha enya  di dituna téh maranéhna digecek, dibéré pangaweruh anu bener-bener ngeunaaan kurikulum? Pan pangalam anu geus-geus PLPG teh hiji cara pikeun ngajadikeun guru ngabogaan ajén anu luhur, bisa ningkatkeun kaparigelan widang ngajarna ku jalan ngalaksanakeun sakabéh kagiatan anu geus disadiakeun di ajang PLPG. Ari anu diajarkeun téh pan jejer anu dibejerbéaskeun tina kurikulum téa. Ari anu jadi hemengna? Pan  geus apal yén TIK téh teu aya dina kurikulum 2013. Duka teuing ketang lamun angger maké kurikulum hebeul mah. Tojaiyah meureun ngaranna. Ari kurikulum 2013, tapi anu dijabarkan kurikulum heubeul. Ah, percayakeun kétang kabéh ka para pangaping di PLPG. Percaya maranéhna kapilih pikeun bisa ngajadikeun guru-guru TIK téh jadi guru anu profésional anu ahli dina widangna téa. Sangkan dina prugna ancrub, aub di lapangan para guru bisa nerapkeun sakabéh kamampuh anu geus kacangking waktu PLPG.
                Atoh kacida. Pasti waktu maranéhna kapanggil jadi peserta PLPG. Teu kitu kumaha. Apanan maranéhna geus uculan waktu, tanaga jeung béa pikeun ngalaksanakeun sakabéh  kagiatan saacan bisa miang ka tempat PLPG. Ti mimiti pendataan, seleksi administrasi, tés Uka. Éta kacida geus nyieun dada dagdigdud alahbatan dikendaangan goong. Alhamdulillah anu bisa lulus UKA sarta antukna bisa ngiluan PLPG. Bareng ngalaksanakeun PLPG jeung peserta PLPG taun kamarina anu teu lulus. Kulantaran loba diantaran anu teu lulus UKA, antukna teu bisa nuluykeun lampah, ngiluan PLPG. Atuh nu ngiluan PLPG tong waka bungah bungangang. Lantaran pikeun  bisa ngarasaan tunjangan sértifikasi téa, maranéhna kudu sah atawa kudu lulus heula ngiluan PLPG. Tur dibuktikeun ku mibogana sértifikat pendidikan ‘bukti maranéhna guru profésional’.
                Jadi intina pikeun bisa ngarasaan tunjangan sértifikasi téh. Loba pisan saratna. Pon kitu deui anu miboga sértifikat pendidik tong waka atoh. Lantaran maranéhna kudu bisa nyumponan sarat. Nyaéta kudu sanggup nohonan jam ngajar anu lobana 24 jam. Jadi tong anéh lamun nepi ka danget ayeuna loba kénéh guru anu geus ngabogaan sértifikat pendidik, profésional, tapi teu bisa ngarasakeun nikmatna tunjangan sertifikasi. Anu jadi margalantaranna mah nyaéta  Loba guru anu can bisa nohonan 24 jam.
                Kuayana guru TIK anu dipanggil PLPG téh jadi tanda tanya aku kacida gedéna. Naha enya maranéhna téh engké lamun geus lulus sarta ngabogaan sertifikat pendidik bisa meunang tunjangan? Naha bisa guru TIK anu geus miboga sertifikat pendidik disebut guru profesional, bari jeung teu ancrub ka lapangan lantaran teu aya pangajaran TIK?
                Mugia waé dipanggilna guru TIK pikeun ngiluan PLPG téh lain ngan saukur ngabebenah haté. Mépéndé  sangkan saré tibra saheulaanan. Tapi anu leuwih penting,  pamaréntah bener-bener merhatikeun maranéhna,  tur heunteu ngarugikeun para guru. Amin.***



Tidak ada komentar:

Posting Komentar