Nu Ningtrimkeun Pikir
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Ngahaja
balik demit. Dina wanci keur meujeuhna
jempling. Peteng. Disalimutan peuting jeung baranang béntang di langit. Kuring kadua supir rerencepan kaluar ti rumah sakit.
Ngahaja. Sangkan teu panggih jeung wartawan, nu ti barang kuring nyirekem di dieu,
langsung pada ngurunyung. Pada muru. Sanajan teu diidinan ku pihak rumah sakit.
Angger keukeuh peuteukeuh. Sangkan bisa panggih jeung kuring. Ngawartakeun
kuring ka saban média.
Mobil
nyemprung ka kidulkeun. Nyemprung dibaturan talaga nineng jeung kamelang. Aya nu
nyanyautan waktu ngaliwat ka Hotél Savoy Homann.
Hotél nu pinuh ku panineung, malikeun
panglamunan ka manéhna. Waktu mimiti nyekel
kalungguhan. Larasati. Hiji ngaran anu geus nyulik haté. Nya di dinya pisan. Di hotél éta pisan manéhna sumerah ka kuring. Nyérénkeun kahormatan. Rido sanggeus ku kuring
diolo, seja dibéré pagawéan jeung disahkeun di
hareupeun naib. Manéhna léah. Waktu gepokan duit ti kuring pindah ka manéhna. Sanajan enya Larasati kungsi disahkeun ku kuring. Tapi teu hayang
salilana reureujeungan. 4 bulan. Waktu nu sajorélat tapi jadi pangalaman anyar kuring keur lalayaran dina lautan cinta.
Ti
dinya ngaran awéwé, mimiti mapaésan kahirupan kuring. Aya
Anzani, Merry, jeung puluhan nu geus sumerah ka diri kuring. Babari. Enya
babari pisan ning milih awéwé, nu dipikahayang. Loba diantarana nu nyérénkeun kahormatanan teu maké sarat. Beuki loba nyeuseup maduna kuring beuki hanaang.
Antukna tijalikeuh. Tigebrus ku polah
sorangan. Demi nedunan kahayang jeung nafsu kuring. Tamaha ku polah sorangan. Sanggeus guyang
dina leutak nista, merulkeun birahi ka saban awéwé, ngalekik nikmatna madu ti hotél ka hotél. Teu sirikna di tiap péngkolan, tiap kota nu kungsi kasorang pasti neundeun lalakon. Lambaran
lalakon ngeunaan ngaran-ngaran awéwé nu kungsi sahégak, sapatemon dina
nirca. Sadami dina manisna asmara, héhéotan dina jeritna kanyaah Anisa pamajikan
kuring.
Inget
kénéh waktu harita, saacan
nyekel kalungguhan nu maneuh di hiji
kabupatén. Dirojong ku saréréa. Tim independent. Teu sirikna kabéh masarakat ngilu ngarojong kuring sangkan unggul dina pilkada. Ancrub
kana urusan pulitik, anu sabenerna teu kacangking ku diri kuring. Kuring teu
ngarti kana paélmuan anu kudu dipiboga
sangkan bisa nyekel kalungguhan. Tapi ku pangrojong saréréa antukna kuring ngiluan. Nu teu ngidinan
kana ketak kuring nyéta Ema jeung Anisa. Lain
nanaon cenah bisi kuring teu kuat. Tapi
kuring ngayakinkeun maranéhna, moal kabawa
kusakaba-kaba.
Milik
diri teu gaplah. Kuring kapilih jadi jelema nomor wahid di hiji kabupatén. Mayungan sababaraha kecamatan. Duka pédah kuring ngaréndéng jeung wakil kuring nu ti béh mula geus boga
ngaran, sanajan lain dina urusan pulitik. Sanajan teu ngaleuleungit keur nyumponan kahayang
kuring nyekel jabatan téh, kudu uculan duit anu
lain saeutik. Atuh dina unggulna nyekel jabatan téh, geus kaerong dina pikiran, naon waé anu rék dilakukeun sangkan
modal anu baheula leungit urut kampanyeu kudu balik deui. Balik modal.
Mobil
beuki nyemprung, ngembat. Kolébat beungeut Anisa
némbongan, ngelemeng hareupeun. Aya nu ngeclak dina panon, inget ka manéhna. Enya ngan Anisa anu buméla ka kuring dina bagja jeung tunggara. Ngan manéhna anu ngarti kana kaayaan kuring. Pan manéhna geus cumarita, seja nampa kuring kumaha waé. “Badé bodas, badé hideung. Papah tetep panutan sareng salaki abdi.” Béda jeung Larasati, Anzani. Anu langsung surak. Maranéhna sasat ngigel ningali ancurna kahirupan kuring. Balukar maranéhna kuring manggih di sué. Kudu
balitungan dina sagala hal anu geus kaalaman ku kuring waktu jeneng nyekel kalungguhan.
Maranéhna awéwé nu kungsi siduru dina dada, ngabudalkeun bangbaluh hirupna nepi ka kahirupanana
walagri. Jejem.
Tapi,
waktu kuring ngajoprak di rumah sakit, balukar masalah anu murudul. Euweuh hiji
ogé mangkluk nu mangkarunyakeun, sumawona ngarojong.
Apal téh dina tivi. Maranéhna siga nu mupuas, hayang wareg ningali kuring balangsak. Geus puguh urusan ranjang
sagala diomongkeun. Éta perkara nu maranéhna teu nyaho,
pipilueun diucah-acéh. Majar téh cenah pak Adang kungsi meuli tanah
tina duit bos, tina duit itu, tina
duit ieu. Dasar awéwé pikasebeleun. Kurang naon atuh kuring,
sakitu sagala ditedunan.
Béda jeung Anisa nu ti barang kuring ngagubrag. Manéhna tetep aya di gigireun.Tetep buméla. Hampura Anisa, lamun kuring ayeuna indit teu dibarengan ku anjeun.
Lain...lain teu nyaah. Kuring geus kacida éra jeung karunya. Kuring ngan hayang ningtrimkeun pikir. Nyingkahan
heula rereged anu salila ieu nyangkaruk,
salilana dikukuntit pati. Hampura Anisa, kuring indit saheulaanan.
Tong melang, teuteup seukeut panon anjeun salilana méré kakuatan ka diri kuring. Galindeng tina biwir anjeun, waktu ngaji teu weléh niginkeun haté sangkan bener-bener
titirah néang pilampaheun.
“Pah,
netepan heula,” cenah ka kuring waktu kadéngé adan ngalanglaung.
Kuring
unggek. “Wios acan kiat mah na ranjang wéh, Pah,” manéhna neuteup seukeut. Seseukeut panonna niruk jajantung. Enya asa ditaranjangan ku awéwé siga anjeun. Sanajan teu kemba, teu wakca
kana kalakuan anu geus dipilampah, tapi anjeun narima kana kaayaan kuring saujratna.
Kitu deui waktu ngaran Larasati, Merry minuhan berita dina tivi, dina surat
kabar. Anjeun tetep marengan. Sanajan kuring yakin haté anjeun nyidem lara tunggara anu rosa.
“Tos
tong diemutan, nu atos –atos. Anggursing Papah geura damang,” kitu ceuk anjeun
waktu kuring manco kana tivi. Ningali hiji awéwé nu keur cumarita ngajejeléh kuring. “Teu kedah diémutan. Mamah tetep bakal nyarengan Papah ka mana waé,” cenah siga nu surti kana naon rupa anu ngagunduk jeroeun dada.
Hayang ngabudalkeun unek-unek nu nyangkaruk na lelembutan. Teu wasa. Enya
kuring teu wasa. Anggur cipanon nu bedah tina galengan ipis murag mapay pipi.
Karasa
pisan nyaah jeung bélana. Kalawan geten
anjeun ngarawat, ngariksa kuring nu teu
walakaya. Sholat peuting teu petot-petot dilakukeun. Kuring lilir waktu ngadéngé sora nu ngagalindeng. Nembres mamaras ngalalar ka wiati, nuyun
kuring ka alam lain nu teu kasungsi ku panon lahiriah. Sorana halimpu, kadang
naék bedas. Kadang halon ngageuri, nyeuitan haté. Meneran pisan makhrojna. Tajwidna. Tiap engab nambah nyanyautan kana
haté, marengan diri nu liwung. Sakapeung panjang
sakapeung pondok. Washal jeung waqofna éstu merenah. Haté beuki nyanyautan, beuki gumeter. Kalakuan anu geus kalarung nyalampeurkeun.
Tina sela-sela ngajina kadéngé inghakna. Inghak anu parat kana haté kuring, nakolan kapeurih, bedah
ngamuara dina mumunggang kingkin.
Do’ana murudul unggal
waktu. Ngarayap malibir ka biwir langit parat ka langit pangluhurna. Do’a ti
hiji istri anu sholéhah. Ngado’akeun kuring
salaku salakina, sangkan dihampura jeung dikuatkeun dina sagala urusan, tur salilana
aya dina jalan manten-Na. Sangkan kulawarga salilana runtut raut. Sauyunan.
“Pak.
Tos dugi,” ceuk supir kuring.
“Enya
wé geuning geus nepi. Jig wé, Dana mah balik tiheula.”
Manéhna ngadon ngahuleng.
“Béjakeun ka ibu. Tong hariwang kitu...” kuring surti ka Dana.
“Muhun
atuh, Pak.”
“Ning
Adang? Naha lain di rumah sakit? Jeung saha ka dieu?” pananya hiji awéwé, nu taya lain indung kuring merekpek di
lawang panto.
Pananya
ema ngan diwakilan ku murubutna cimata. “Ma, hapunten abdi.” Kuring langsung
sumegruk. Nyuuh dina pangkuanna.
“Geus.
Sing kuat. Ema geus apal kana naon anu geus tumiba. Anggursing ngucapkeun
sukur. Geura lilir. Tong poho kana purwadaksi,” ema ngusapan sirah kuring.
Karasa pisan nyaah jeung deudeuhna. “Naon anu geus karandapan, kudu dijieun
jalan keur kahareupna, sangkan baranang salawasna. Teu nanaon peurih ayeuna. Tinimbang
engké jaga di alam langgeng,” sora ema beuki écés, neunggeulan haté nu wangkelang, bedegong.
“Sok
geura istirahat heula. Kamar mah angger beresih. Sanajan euweuh nu ngeusian gé. Ku ema unggal poé dipiara. Ema
yakin hiji waktu hidep bakal datang, ngéndong di imah
ema. Imah hidep,” ema nuyun leungeun siga ka budak leutik. Panon mencrong kana
beungeutna. Beungeut anu geus kolot tapi katingali cahayaan, seger taya
bangbaluh.
Teu
hayang saré. Ngarasakeun nimatna cicing di imah ema, ngadédéngékeun sora sato peuting, anu ngilu maturan
diri anu kingkin.
“Jam
sabaraha ayeuna, Ma?”
“Jam
3. Sakedeung deui gé haneuteun geura ku
pupujian ti masjid,” cenah bari nutupkeun hordéng kamar.
Kuring
niténan nu aya di kamar. Angger siga baheula.
Tapi kacida beda, karasa pisan tingtrim imah téh. Komo ningali poto almarhum bapak. Beuki betah. Béda jeung Imah kuring anu sigrong, tapi ning teu karasa tingtrim, tiap
waktu hawa ngahéab, panas. Balukar dosa
meureun nu geus mahung nalikung diri.
Paingan ti baheula ema
embung pindah. Keukeuh peuteukeuh hayang di dieu. Wayahna lamun nyaah ka ema. Poma tong ngarobah
naon rupa nu aya di ieu imah. Kitu basana waktu kuring ngolo sangkan daék imahna diurug. Dijieun sigrong.
Sérélék sada ema mukakeun
hordéng kamarna. Kuring noong ka luar. Ningali ema
ka cai terus ngalakuken sholat jeung wirid. Sorana écés jentré. Aya nu ngésétan kana haté. Beungeut ema jeung Anisa
kokolébatan. Dua awéwé nu kacida dipicintana. Dua awéwé nu salilana nyieun kakuatan ka diri kuring.
Dua awéwé nu nuyun
kuring. Lilir.
“Gusti
abdi nampi kalepatan sareng kaluluputan badi. Rumaos abdi tos tolowédoh dina ngalaksanakan amanah Anjeun. Teu kiat nahan surga dunya. Mugia anjeun ngahapunten kana sagala dosa
abdi.” Clak aya nu murag kana pangsujudan. “Abdi ayeuna seja nyanghareup, moal
deui rék susulumputan. Seja nampi hukuman naon waé, anu ditibankeun. Ditampi Ya Rabb....” Sajadah kuring nu baseuh ditilepan.
Nyusut cipanon ku tonggong leungeun.
Do’a ti indung jeung ti pamajikan. Do’a ti
kuring sorangan anu danget ieu nyumangetan diri. Sumanget keur mapag jalan ka hareupna.
Sanajan kudu cicing di pangbérokan.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar