Jumat, 16 Mei 2014

Carpon Mangle 15-21 Mei 2014


Dana Hibah
Ku: Nina Rahayu Nadéa
IMG_0250

                Di dieu. Di pangbérokan. Aya cimata nu teu weléh kumeclak, maseuhan haté. Maseuhan lalakon. Rasa kaduhung teu weléh ngamomotan. Kaduhung anu kapahung, heunteu bisa kaubaran. Tiap ringkang, tiap léngkah, lambaran lalakon narémbongan. Ngoyagkeun muara cimata, anu geus dibendung, bedah deui. Kasedih jeung karémpan ngulampreng saban usik. Awak aya di dieu. Tapi panglamunan ngalayang kakalayangan teuing kamendi. Asa napak asa heunteu.
Rénjag. Aya nu kumeleter dina haté. Kélébétna bendéra partai jeung orasi nu ku kuring dilakukeun nyingkabkeun lelembutan. Silhuétna pating kalayang, ngaringkangan minuhan lulurung kalbu.  Kieu antukna, unggah balé watangan kasarung hukum,  kalimpud bingung.
Rumasa nyieun jalan peunggas.  Rumasa néang kasenangan ku cara anu teu matut. Sanajan ngan saukur kababawa. Tapi nya kieu buktina. Lara nalangsa nibanan raga.  Nya kieu ubar keur kuring sorangan, nu geus codéka. Tamaha ku lampah sorangan.
*
                Bosen jadi guru honor. Sakitu geus ngabakti ka nagara lila. Belasan taun, tapi can dikersakeun aya milik. Can bisa jadi PNS. Sok asa ngeunah ningali maranéhna para PNS, tanggung jawab sarua tapi ningali dina karaharjaan jauh tanah ka langit. Malah lamun kudu disebutkeun mah, asa panggetolna ngajar téh. Datang tangginas waé, administrasi kumplit. Maranéhna mah tinggal copy paste waé. Atuh dina widang ngajar, rarasaan mah teu nogéncang, kitu deui  barudak resep cenah mun diajar ku kuring. Babari ngarti.
                Sumanget jeung resep mah nataku. Angot teu bisa disumputkeun. Da ngan éta kabisa téh, ngajar. Teu boga deui kaahlian widang séjén. Ngan édas lamun geus mikir karaharjaan, sumanget téh sok asa leungit baganti keuheul. Pangpangna ningali maranéhna.
Padahal mah ceuk sasaha gé cenah kuring téh ngeunah. Ngeunah pédah nyekel jabatan jadi staff kurikulum tur deui kuring aktif dina sababaraha komunitas. Aub dina sababaraha organisasi. Nu dipiharep sangkan ambahan ngalegaan, tur nambah kawawuh. Tapi beuki loba kawawuh, kanyeri téh beuki nambahan. Enya mun noong lebah ékonomi batur. Mungguhing jelema. Tara puas ku kaayan sorangan, angger hayang ngarampa milik batur.
Matakna basa aya nu ngajakan nyieun hiji Komunitas. Kacida atohna. Komo deui basa kuring kapeto jadi ketuana. Teu wudu ieu irung rada rebéh. Susuganan jeung susuganan aya sasén dua sén nu asup kana saku kuring.
                Komunitas anu disokong ku sababaraha sakola, khususna  guru honorér anu ngarasa sanasib nyéta sangkan aya perhatian ti pamaréntah kana nasib kuring jeung saparakanca. Anu dipiharep  sangkan karaharjaan ningkat.
                Tapi ning taunan nyangking jabatan ketua téh, angger geuning euweuh bédana. Sarua wé siga nu enggeus-eunggeus. Anggursing nambahan karuwet. Sabab loba anu curhat ka kuring. Pédah dianggap sagala nyaho dina urusan maranéhna. Leuh, padahal kuring gé sarua jeung maranéhna. Ngan teu wé pok ka maranéhna. Géngsi atuh maenya ketua curhat ka manéhna. Mimiti mah atoh. Tapi lila lila mah ngadon nambah karungsing. Capé gawé teu kapaké. Kitu meureun pibasaeunna. Sagala diteumbleuhkeun ka kuring. Sagala jadi tempat bangbaluh lamun aya masalah.       
Dunya rada ngabaranyay. Kitu rarasaan mah. Sanggeus kuring boga kawawuhan. Salah sahiji  anggota DPR-Pak Baskara. Ku alpukah manéhna karaharjaan kuring saeutik-saeutik ningkat.  Pangharepan miminti tingparentul karembangan.
                Atuh ku alpukahna manéhna ogé proyék mimiti daratang ka kuring. Sanajan kuring ngan saukur anak bawang. Nu penting mimilu manéhna sarta daék ngalakukeun panitahna. Tungut kana kahayangna. Tara loba ceta jeung tara ieuh hayang noong perkara naon-naonna. Nu penting gawé suhud sarta pérélék bisa asup kana saku kuring sorangan.
                Tinggal ngumpulkeun jalma. Akon-akon merjuangkeun kapentingan balaréa ngeunaan kasajehteraan. Ti dinya mah ngalér ngidul nu dicaritakeun. Ti mimiti tujuan, rencana kerja kahareupna. Intina mah ngabibita sangkan kabéh nu hadir bisa milih calon dina prungna pemilihan calég.             Malah mindeng pisan ngamanfaatkeun budak-anak didik kuring nu geus boga hak pilih sangkan milih nomor anu geus ditangtukeun ku kuring.
                Teu ngabibisani ku wawuhna kuring jeung Pak Baskara. Ngajar téh mindeng cul. Da loba pangajakna anu murudul. Mindeng pagedrug antara ngajar jeung kagiatan ka manéhna. Tapi babari, tinggal ménta idin wé ka sakola. Alesan mah pan bisa diréka. Ka dinas téa, ngadata jumlah guru téa.  Gampang. Nu penting ka ditu ka dieu kacumponan. Ka sakola méré tugas atuh proyék jeung manéhna bisa jalan.
*
                Neut neutan. Kitu babasan nu ku kuring bisa karasa. Neut neutan dina widang ékonomi. Reureujeungan jeung manéhna ning karasa pisan. Karaharjaan saeutik saeutik naék. Atuh kabutuhan sapopoé teu ngandelkeun teuing tina honor sakola anu ngan ukur sabaraha. Pan biasana gé honor ti sakola mah dina saminggu gé geus béak dipaké résiko dapur.
                Ayeuna mah kabantuan. Komo perkara mie instan jeung kuéh kaleng mah ceuyah. Imah nu asalna molongpong ayeuna mah badis gudang. Di ditu di dieu pinuh ku karung. Ti mimiti tiung, sajadah, emih jeung nu liana ngahunyud. Keur bagikeuneun ka tatangga jeung lainna. Atuh ku ayana kitu lumayan bisa nyokot hiji dua mah keur kaperluan dapur.
                Pon kitu deui pamajikan kacida pisan  ngarojong kuring. Mun aya Pak Baskara téh teu sirikna dagdag dégdég sagala disadiakeun. Kitu pantes atuh da kaala hasilna. Enya pamajikan gé ayeuna mah béar marahmay waé, pamuluna. Béda jeung kamari-kamari anu salilana  alum jeung teu bérag, pangaruh euweuh duit.
*
Dina hiji waktu Pak Baskara datang ka imah. Ngabadamikeun cenah rék aya garapan anyar. Haget kacida. Geus kaerong piduiteun nampeu hareupeun.
                “Kumaha sanggup?”
                “Siap, Pak!”
                “Sok atuh ayeuna mah tatahar. Sagala rupana. Tinangtu sakeudeung deui gé bakal cair geura.”
                Teu dititah dua kali. Kuring langsung barang gawé. Komo ieu, langsung haget lantaran pagawéanna luyu pisan jeung garapan kuring. Ngadata jumlah guru honor anu aya. Teu lila da datana mah geus aya. Atuh isukna gé sakabéh  kaperluan data jeung proposal dibikeun ka manéhna.
                “Weis. Enyaan. Tokcér. Tah. Sakali dititah pagawéan langsung anggeus.”
                “Terus ayeuna kumaha?”
                “Ké ku kuring di koling deui. Tinggal nunggu kabungah waé. Siapkeun wé rekening anyar nya.”
                “Siap... siap....”
                Teu lila ti dinya  manéhna nelepon. Duit geus cair. Sarta ngajakan ngariung sagancangna. Pikeun babadamian léngkah nu kudu dipigawé satutas nampa duit.
*
                Dina prungna gempungan. Teu wudu nu hadir ka acara téh loba pisan. Da kitu kanyataanna jumlah guru honor téh kacida lobana. Atuh saruka bungah da kabagéan duit anu teu disangka-sangka. Lumayan gedéna keur itungan guru honor mah.
                “Ieu pangnandatangankeun.” Ceuk Pak Baskara ka kuring.
                “Ieu sadayana?” Kuring tumanya.
                “Enya gutrut wé. Kuma dinya wé carana. Nu penting kudu ditanda tangan kabéh. Tenang ké uang lelahna mah nuturkeun. Gedé malah.” Pak Baskara nyéréngéh.
                Kuring teu hayang nyaho. Nu sidik mah hayang geura kapécrétan duit. Da kabéh anu aya dina rekening geus diringkid ku manéhna. Kuring mah ngan saukur nyieunan data sakumaha anu dipikahayangna. Tara ieuh protés.
                “Jadi sigana tah ngoméan imah téh.” Cenah sorana ngoncrang ti béh ditu.
                “Ngoméan imah?” Kuring ngahuleng. Kakara sadar yén kuring kungsi ngadongéng ka manéhna, perkara hayang menerkeun imah. Pédah geus balocor.
                “Ah, timana teuing duitna.” Kuring seuri konéng.
                “Bieu geus ditransfer ku kuring. Sok jatah di dinya.”
                “Ya. Nuhun.” Ceuk kuring bari jeung angger ngahuleng. Mikiran pilampaheun. Kabawakeun ku caritaan manéhna, ngoméan imah.  Kuriak jaman kiwari, pasti merlukeun waragad anu kacida gedéna. Tapi teu burung nguniang muru ATM. Ngajenghok waktu ningali saldo anu kacida gedé.
                “Pak, ieu téh enya keur kuring?”
                “Enya. Sok wé paké.”
                “Nuhun, Pak.”
                Atoh kacida. Harita kénéh langsung dibawa ka imah. Dibikeun ka pamajikan. Sarta langsung dadahut keur kuriak téa.
                Sabulan dua bulan anteng. Genah tumaninah di imah anyar. Weweg, meunang ngoméan téa. Teu kacakclakan cihujan cara sasari. Teu ieuh jadi pikiran waktu Pak Baskara ngaleungit lir diteureuy bumi.  Nu penting kuring tenang, tumaninah. Tapi katenang téh baganti musibah. Waktu dina hiji poé kuring kadatangan  pulisi anu mariksa kuring.
                “Leres Bapak Wikarta?”
                “Eu... leres, Pak.”
                “Ketua Yayasan Amanah?”
                Kuring unggek. Pabaur jeung karémpan anu mimiti narémbongan.
*
                Saudara Wikarta anda terbukti bersalah. Memalsukan data dari dana hibah dan telah melakukan pencucian uang. Serta telah menyalahgunakan bantuan untuk kepentingan partai politik. Untuk itu anda menerima hukuman 5 tahun penjara!” Hakim Urip Sumiharja, ngetrok palu.
                “Bapak!” Sora anak kuring jumerit, pabaur jeung rébuan guru honorér anu kaleprok. Surak.
                “Tah rasakeun jalma sarakah. Tukang korupsi!”
                “Penjara we salilana. Dasar tukang gasab. Ngahakan duit lain hakna.”***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar