Milih Minantu
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Kudu
saliksik jeung ati-ati ku jaman ayeuna. Ati-ati dina milih piminantueun.
Tarapti. Caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Moal aya nu rido
salaku kolot mikeun anakna ka picaloneun anu can tangtu juntrungna. Can tangtu
turunan. Pan ceuk kolot mah urang téh kudu milih bibit, bébét jeung bobotna.
Bibit
hartina ditingali heula kumaha turunanana. Saha kolotna. Naha jalma anu hadé atawa heunteu. Bébét hartina kamampuh dina widang ékonomi. Naha
geus nyumponan atawa acan. Ari bobot nyaéta neueulkeun kana perkara kualitas.
Alus heunteuna akhlak, atikan ogé agamana. Katilu
hal éta ditoong
ku para kolot pikeun milih piminantueun.
Anu
sakira-kira cop jeung lelembutan tinangtu waé éta nu kapilih. Tapi teu kitu kanyataanna.
Salaku kolot anu méré hak asasi anu leuwih ka budakna, maranéhna leuwih méré kakuasaan pinuh kanu jadi budak pikeun milih pisalakieun. Sanajan enya
ari kahayang mah tinangtu waé anu alus anu
euweuh cawadeun.
Tingpurungkut. Heunteu
wé meureun
nyebut cadu mah. Lamun pareng nu nganjang téh kuleuheu jeung purah ka sawah. Da kahayang kolot mah angger wé meunang piminantueun téh nu gandang
komo urang kota mah.
Bakal kataji pisan
lamun calon anu dibawa kunu jadi budak téh nganjang bari
jeung maké mobil sarta boga pagawéan maneuh. Éta geus tangtu jadi
nilai anu leuwih keur hiji kolot. Sanajan
ngan saukur nilai luarna. Nilai jerona? Kudu ditingali sing asak perkara
kaimanan. Anu utama na mah meureun kudu saréligi, jeung sapamadegan nyangking dina kapercayaan.
Sanajan
teu ngabibisani ku jaman ayeuna loba kolot anu silo. Ngalolongkeun panon ningali nu anyar datang
tina jalma anu jegud. Tinangtu dirawu dipangku. Nu penting sarenang saruka
bungah. Bro di juru Bro di panto. Kabutuh gancang kacumponan.
Leuwih
kataji deui piminantueun pejabat mah. Leuwih ti istilah dirawu dipangku. Geus
tangtu pada ngarontok. Rido anakna dijieun istri kadua atawa ngan saukur nikah
siri. Nu penting materi muruluk euntreup ka maranéhna. Teu lila mikir. Nu dipamrih sangkan komara maranéhna gé kabawa ngaronjat.
Sanajan pamustungan angger katiban lara. Palebah pajabat anu unggah baléwatangan kabaud kasus korupsi.
Ari
calon piminantueun téa? Tinangtu nyieun
sagala cara sangkan caina hérang laukna
beunang. Ngalaksanakeun sakabéh pamaksudan
kalawan daria. Teu sirikna sagala laku lampah dihadé-hadé. Nu dipalar sangkan
kanilai ku pimitohaeun sarta bisa ngajiret pasangan. Jeung nu leuwihna kolot
bisa nyaluyuan kana hubungan maranéhna.
Teu
anéh lamun loba kajadian. Keur bobogohan mah
cenah kalakuan hadé pisan. Loba pamahugi ka
pimitohaeun. Tapi ari geus jatuk rami? Beut tojaiyah. Nu tadina daréhdéh bageur jadi kumed. Anu tadina sagala merhatikeun
kahayang calon mitoha sarta teu elat barang béré jadi haré-haré lamun geus jadi minantu.
Éta ogé mindeng kadéngé pagutreng jeng gétréngna antara mitoha jeung minantu. Sarua égo jeung sarua embung ngéléhan. Kajudi, salaku kolot angger
ngarasa boga hubungan kuat, sagetih jeung nu jadi anak, moal bisa dipupus kitu
waé. Sanajan nyaho maranéhna geus rumah tangga asa aing boga hak pikeun nyawad jeung nangtukeun
sikepna anu ceuk maranéhna teu merenah.
Ari minantu? maranéhna asa aing geus jadi minantu. Katalian ku iket nikah. Geus bisa
nangtukeun hak jeung mesatkeun wewenangna pikeun mutuskeun hal anu ceuk manéhna bener téa. Paduli ceuk mitoha
teu bener. Nu penting mah pan hiji salaki téh geus jadi imam keur anak pamajikan. Loba ogé salaki anu keukeuh peuteukeuh kanu jadi pamajikan sangkan nurut
salilana ka maranéhna teu ningali ti sisi
ti gigirna.
Loba ogé kajadian kolot jadi paneumbleuhan budakna. Lantaran kawin ka pilihan
kolot. loba ngatur kana kahirupan anak-anakna. Nu dipalar sangkan anakna bagja
dina urusan rumah tangga. Ninggang dinu pilihan teu bener? Antukna, Loba kolot
anu tijalikeuh. Cilaka ku pamolah sorangan lantaran milih calon anu salah. Nu
antukna anak jadi korban. Budak ayeuna téa béda jeung budak baheula gampang kasigeung jeung boga prinsip sorangan.
Tapi aya ogé nu tungut kana kahayang kolot pikeun
jatukrami jeung pilihan kolot.
Tapi loba oge anu nepi
ka backstreet. Kawin rerencepan, teu
kasakisian ku indung bapa sumawona meunang pangdeudeul jeung doa. Paralun
teuing.
Niténan jaman kiwari jeung jaman bihari memang kacida loba perbédaanna. Mukaan lambaran lalakon anu diguar dina buku heubeul éstu ngajang urang nyaba ka alam panineungan. Nyuaykeun mangsa baheula
anu tinangtu jadi lalakon indung bapa-karuhun urang. Loba pangaweruh anu
nambahan mun urang gemet nyaliksik maca buku ‘Mitoha Kuring’ Wedalan
Mandalawangi Bandung 1976. Buku buhun anu angger méré komara. Nganteurkeun lamunan ka waktu anu
geus kalarung.
Kumaha
hémpak jeung dariana para patani nyanghareupan
usum tatanén sangkan kaala hasilna anu mucekil. Teu
sirikna sagala tarékah dilakukeun sangkan nyugemakeun.
Sanajan aya hal anu tojaiyah jeung kahirupan ayeuna. Kumaha tékad kolot anu rido ngorbankeun anak gadisna sangkan boga minantu ka
bulu taneuh. Rék sakumaha méncrang jeung geulis éta budakna, tapi
aya pangrasa lebar lamun budakna Nyi Enok dibikeun ka juru tulis atawa guru.
Titél anu ukuran harita mah kacida dipihormat
jeung dipiajrihna. Nu dipihareup ku maranéhna sangkan
minantuna bisa turun ka sawah.
Demi
alesanan nolak. Simpel. Maranéhna mikiran sawahna anu keur meujeuhna butuh tanaga. Rido
nolak kanyaah juru tulis jeung santri guru. Lantaran sieun panén teu katanagaan.
Sanajan aya carita
atawa laku anu goreng dina ieu carita nyaéta perkara
nginum bir atawa arak parang paré bérés dipibuat. Curak-curak barang dahar
cirining saruka bungah anu pohara.
Loba
tarékah dilakukeun ku para patani lian ti miara
pepelakana. Anu boga anak awéwé, teu sirikna didangdanan sangkan midang turun ka sawah. Sangkan dina balikna maranéhna bisa ngagiringkeun lalaki. Atuh dina meunangna nu ngagiringkeun téh salaku kolot pohara bungahna. Tapi dina lebah anakna euweuh nu ngagiringkeun
tarékah langsung dilakukeun. Ti mimiti
ngadangdanan anu jadi anak tug nepi ka meuli pélét anu matih. Kabéh dilakonan sangkan anakna geura aya nu
ngabandang.
Ari
anu jadi pilihan kolot dina milih minantu téh nyaéta; Kahiji, anu panonna
gedé jeung hirup. Nandakeun tangginas gawéna. Kadua, anu pundukna ngabendul ciri jalma kuat nanggung. Katilu,
dadana rubak nandakeun gedé wawanén. Kaopat, anu
peupeuteuyanna mecenghul, ramona barebeng jeung besekel nandakeun kuat ngulangkeun
pacul. Kalima, sukuna keker bitisna raweng ku urat dampal sukuna jébrag nandakeun jalma anu getol gawé.
Carita dina mitoha kuring, sederhana tapi kacida mundel eusina. Kumaha
kamelang hiji kolot mikiran sawah anu lega
keur jaga turunan anak incuna. Kumaha tungut jeung hormatna hiji anak-Enok
kana kaputusan kolotna. Daek kawin ka pilihan kolotna sanajan heunteu aya
kacinta. Ngarti kana kahayang kolotna pikeun neruskeun hanca kolot dina widang
tatanian.
Mangga
badé milih nu mana? Pejabat anu didasi bari jeung kabaud kasus
hukum atanapi anu ramona barebeng, sukuna jébrag, nandakeun jalma nu getol gawé?***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar