Imam
Ku: Nina Rahayu Nadéa
“Naha manéh téh teu ngarti waé. Geus
bosen Bapak mapagahan manéh tatadi téh!” Plak leugeun reflek nyabok pipi.
“Punten abdi, Pak,” Wawan tungkul.
Leungeun nyekel pipi anu karasa panas. Hayang mah ambek, hayang mah nangtang guruna.
Tapi manéhna nyaho saha ari Pak Cécép. Guru pangkillerna anu taya ampun ka
budak. Rék pisakumahaeun alesan dijieun, dihadé-hadé. Angger tara nolih.
“Hayang dikaluarkeun ti ieu sakola?”
Omongna teugeug waktu teuteupan paadu jeung Wawan.
“Heunteu Pak.” Témbal Wawan halon.
Aya nu ngeyembeng di juru panonna. Tapi teu kaci dikaluarkeun. Manéhna lalaki.
Narah ngaluarkeun cipanon. Ngan dina haté aya silalatu anu patingsulabreng
minuhan lulurung kalbu. Bener-bener asa diteungteuingan.
Teu pira. Enya pira kabeurangan. Jeungna deui pan geus bébéja ka pikét yén manéhna
geus néangan heula adi nu teu balik. Pikét mah ning bageur jeung ngarti sarta
nitah langsung asup ka kelas. Nasib alus keur teu badami, waktu asup ka kelas, Pak
Cécép geus nyampak. Keur nyarékan babaturanna
Banu jeung Aléx nu memang katélah bangor.
“Cicing heula di luar.” Pak Cécép nyarita
waktu ningali Wawan asup ka kelas.
“Suruh masuk sama piket, Pak.” Cenah
teu miroséa. Tunduh jeung capé, ayeuna kudu nyanghareupan masalah. Uteuk geus
teu bisa nyaring.
Asa disapirakeun meureun. Keur mah
eukeur manéhna keur ngambek katurug -
turug ningali Wawan nu watados, langsung diuk.
“Kaluar manéh!”
Wawan cicing.
“Kadéngé teu. Kaluar!” Sorana
handaruan. Kelas comrék.
“Goblog. Aya... aya waé.” Sorana
ngagerendeng. Wawan kaluar.
“Ngomong naon manéh bieu?”
“Heunteu, Pak.”
“Nganggap kanu torék?” Pak Cécép
nuturkeun kaluar. “Hayu ka kantor.”
“Ngomong naon tadi?” Pak Cécép nanya
deui waktu geus adu hareup di kantor.
“Rumasa teu boga salah?”
“Muhun Pak rumaos kasiangan, tapi
pan abdi dipiwarang lebet ka kelas ku pikét. Terusna deui abdi mah kakara
kabeurangan ayeuna. Néangan heula adi ka dulur. Piraku teu toléransi.” Wawan
ngomong tatag. Pangacian kumpul deui.
“Halah alesan. Déngékeun. Bapak mah
teu pandang bulu. Rék sakali duka kali gé sarua kénéh.”
“Kamari gé Sutisna teu dititah
kaluar ku Bu Wiwi basa kabeurangan.”
“Ari manéh keur nyanghareupan saha?”
Pak Cécép neuteup seukeut. “Déngékeun
enya manéh karék ayeuna nyieun masalah jeung Bapak. Tapi Bapak gé apal kumaha
kalakuan manéh kamari-kamari. Ngarokok di sakola, mabal. Éta téh angger tah
nepi kana ceuli. Piraku rék diantepkeun.”
“Naha beut ngungkit nu baheula Pak. Éta
mah basa keur kuring kelas X. Ayeuna geus kelas XII. Bapak tong nyabit-nyabit
nu baheula.” Wawan keuheul nataku. Tatadi geus sabar. Tapi ning angger
disapirakeun. Komo geus nyabit-nyabit waktu nu baheula. Enya manéhna gé ngarasa
baheula mah jadi jalma baong. Tapi naha salah lamun hayang robah. Naha salah
lamun ayeuna manéhna wakca nu sabenerna.
“Sok atuh ngomong nu bener kunaon
kabeurangan?”
“Neang
adi Pak, ka imah Uwa. Ti kamari teu balik.”
“Euh. Si Déwi? Paingan atuh geus dua
poé teu ka sakola. Adi jeung lanceuk téh ning sarua euweuh cupat nu hadé. Kahadé
tah si Déwi teu balik-balik. Bisi kabawa kunu teu puguh. Daék kitu adi manéh
jadi awéwé baong?”
“Pak! Tong sangeunahna atuh ngomong
téh.” Wawan nangtung. Leuleuyna leungit baganti keuheul.
“Naon sosorongot kitu?” Leungeun neumbrag
méja. “Manéh kudu ngahargaan atuh keur
ngomong jeung saha? Meuni poporongos jeung nangtung sagala. Naon ngajakan
gelut?” Pak Cécép beuki ambek.
“Enya Pak. Hampura. Tapi teu ngeunah
atuh adi sorangan disebut kitu.”
“Déngékeun Wawan. Bapak mah ngomong téh bakat kunyaah, lain
nyingsieunan. Pan nyaho jaman ayeuna téh kumaha? Sok kaberitakeun dina tivi
kumaha? Bapak sieun boga murid anu kabawa kusakaba-kaba. Naha Bapak manéh teu
melang kitu?”
“Bapak mah geus teu aya, Pak.”
“Tuh komo deui Bapak geus euweuh.
Manéh kudu leuwih merhatikeun adi jeung kolot. Manéh téh gaganti kolot, kudu
jadi imam keur kulawarga. Kitu, Bapak mah peupeujeuh téh.” Pak Cécép menerkeun
kacamatana. “Kudu jadi conto anu alus keur kulawarga. Komo lalaki, kudu bisa
ngajarkeun nu bener ka adi. Sakali deui
kudu bisa jadi imam.” Pak Cécép beuki daria. Asa budal kabéh momot
nu mahung manéhna.
Wawan teu ngomong deui, ngeluk lir
bueuk meunang mabuk téh lain bobohongan. Da enya karasa ku manéhna salaku
lanceuk can bener-bener bisa ngarawat kanu jadi adi jeung indung. Enya manéhna rumasa
pisan, waktu keur nu lain kacida heureut. Tong boroning ngurus jeung merhatikeun
kanu jadi adi. Dalah ngurus sorangan gé rumasa can bisa.
Ngarahuh panjang, mikiran adi nu keukeuh
embung sakola.Omongan Pak Cécép aya benerna. Kakeueung ngalimpud diri, sieun
adina kabawa anu teu bener. Sanajan kasaksian adina memang aya di imah Uwa. Teu
kamamana. Ngan can bisa ngabuktikeun da kabeneran uwana teu aya. Jadi teu bisa
ngobrol. Jeung manéhna rusuh rék ka sakola. Tapi maenya omongan Pak Cécép nu
sidik ngajejeléh rék diantep? Sanajan enya cenah mapatahan tapi angger asa teu
pantes.
*
Anjog ka imah pasarandog pisan jeung
hiji awéwé nu kakara pisan kaluar ti imah.
“Saha éta, Ma?” Wawan tumanya ka
indungna.
Indungna
teu némbal.
“Ma?”
Wawan metot leungeun indungna. Ningali paroman indungna nu bareueus. “Kunaon
Ma?”
“Taya
nananon?” Walon indungna pondok.
“Tong
ngabohong, Ma.”
“Hampura
Wan. Ema.“ Indungna ngarénghap panjang. Tina juru panonna geus aya talaga
reumis, sayaga bedah. “Duit nu keur ujian téa téh meunang Ema nginjeum.
Hampura. Waktu kamari hidep méré duit tina ladang nyablon téh, bieu dibayarkeun
ku Ema ka manéhna. Tapi Ema ngajenghok ning...”
“Ning
kumaha, Ma?”
“Aya
bungaan sagala. Malah nikel pisan. Padahal mimitana mah teu ubral obrol nanaon.
Éstu manéhna sorangan nu nawarkeun bantuan. Nya atoh wé nu aya.“
“Naha
atuh Ema téh beut nginjem. Komo deui ka réntenir. Pan ceuk Wawan gé. Keun Wawan
rék usaha.” Wawan keuheul kanu jadi indung pédah teu diajak badami.
“Enya
tadina mah bisi jadi pikiran. Komo sakeudeung deui nyanghareupan ujian sakola.”
“Tungtungna
lain nganggeuskeun masalah, anggur nambah masalah.” Wawan rumahuh panjang.
*
“Rumah tangga téh ibarat urang keur
balayar. Balayar di tengah lautan anu caina kacida gedé, anu ombakna tinangtu
waé nyurungkeun kapal anu keur dipaké ka mana waé. Bisa ngénca bisa ngatuhu. Can tangtu kamana léokna.” Ustad Acéng
eureun, neuteup hiji –hiji jalma nu aya di hareupeun manéhna.
Pak Cécép ngeluk, panglamunan
bacacar ka mana waé, asa deukeut asa jauh.
“Nahkoda kudu sanggup mawa kapal anu
keur balayar téa ka tempat anu alus ka jalan anu hadé sangkan sakabéh panumpang
nu aya- pamajikan turta anak-anakna bisa salamet nepi ka tujuan. Salamet nepi
ka engké poé akhir, tur teu neumbleuhkeun kasalahan kanu jadi kolot. Inget !yén
anak-anak bisa waé nungtut urang salaku imam nu teu bisa mawa ka jalan kahadéan.
Nungtut nu jadi Bapak, anu tara ngageuing anak-anakna. Pamajikan nungtut nu
jadi salaki pédah tara ngageuing kana
jalan lempeng tur bener. Salaki kudu bisa jadi imam, pamingpin kulawarga.”
Omongan Ustad Acéng nembrés kana haté, aya nu noélan
kana haté. Lalaunan nepi karasa tarik, nakolan. Aya nu eundeur handaruan
ngendagkeun kapengkuhan manéhna salaku lalaki. Pak Cécép memener peci, sidakep ajeg
deui. Inget yén manéhna téh hiji tokoh nu diambeuan. Teu meunang céngéng.
Teu meunang aya nu ngeundeuk-ngeundeuk kaayaan pribadina. Sidakep deui, saregep
ngabandungan ustad nu keur méré ceramah.
Kabéh keur anteng ngabandungan wejangan,
waktu ti gigireun imah Pak Soma tempat anu keur dipaké ceramah téa. Kadéngé anu
hog hag. Siga nu keur paraséa.
“Bu piraku teu boga rarasaan.”
Cenah ngan sakitu anu kadéngé. Nu puguh
mah kadituna sora blag blig blug siga anu keur lumpat.
Kabéh marelong ka Pak Cécép. Da geus puguh éta sora téh asalna ti imahna. Anu
mémang ngaréndéng pisan jeung imah Pak Soma. Pak Cécép ngeluk api-api teu ngadéng
. Beuki ngéluk, éta
sora beuki atra. Sora pamajikan. “Leutik-leutik teu ngarti manéh!”

“Pak, tingal heula,” Pak Ridwan anu
digigireun noél. “Bilih kumaonam.” Cenah ngaharéwos.
Teu talangké Pak Cécép nangtung.
Ngagidig ka imah sorangan. Reuwas ningali panto bolongor. Sora nu hog hag beuki
atra. Beuki deukeut kadéngé pamajikan keur ngomong tarik. Deukeut panto, hiji lalaki
nonggongan. Kadéngé hégakna nahan amarah. Pamajikan, sanajan enya ngomong
tarik, katangen sieunna. Rampang reumpeung. Sigana enya tadi manéhna lumpat
diberik ku éta lalaki. Katigali korsi anu rada ngagésér heunteu dina tempatna.
“Meunggeus ayeuna mah mending
balik!” Rada tatag ningali nu anyar datang. Meureun asa boga panyalindungan.
“Kuring moal balik. Lamun can
panggih jeung salaki manéh. Hayang ngomong anu bener kalakuan manéh kitu.”
“Kitu kumaha? Budak téh teu nyaho dikasopanan.
Ka kolot ngomong kitu. Naha teu sakola manéh?”
“Puguh matak kuring ka dieu gé
sakola. Bu. Teu pantes Ibu anu geus kolot kitu nyarékan indung kuring di
hareupeun jalma umum. Di mana salaki di
dinya?” Sukuna ngaléngkah ka deukeut pamajikan Pak Cécép.
“Nya salah indung di dinya atuh,
mayar hutang lila waé.”
“Déngékeun ku bebengok sia. Indung
aing mah asa dilejokeun ku sia téh. Cenah mah ngomong nulungan. Hutang geus
dibayar waktu manéh ka imah. Naha atuh beut maké paleuleuwih sagala.”
“Ieuh, Jang. Dimana-mana gé kudu aya
leuwihna jaman ayeuna mah. Moal aya nu angger. Sok wé pikir lamun éta duit
digolangkeun ku kuring. Geus leuwih ti dinya tah leuwihna. Sakitu mah jamak ménta
paleuleuwih ngan saeutik.”
“Geus lah gandéng. Dimana salaki manéh?”
“Geus ayeuna mah urusan jeung
kuring.” Pak Cécép nyampeurkeun. Asa teu ngeunah ningali pamajikan dijejeléh
kitu.
“Enya. Sok warah kadinya, Kang.
Piraku éléh ku budak bau jaringao.”
“Mana?” cenah ngalieuk ka tukang.
Barang bréh.
“Wawan!”
“Pak Cécép?” Sakedapan ngahuleng. “Oh jadi kieu imam nu dicaritakeun Bapak ka
kuring téh. Jadi pamingpin nu kudu bener ngaping ngajaring kulawargana. Hadé
pisan. Bapak hasil ngadidik pamajikan Bapak, ngalatih pamajikan Bapak jadi
jelema bener, nyaangan sakabéh kulawarga. Nyetak pamajikan jadi rentenir!”
“Wan! Tong kitu. Éta mah Bapak gé
teu nyaho.” Kecap téh ngan saukur diteureuy na jero dada. Sorana kasilep angin kamelang. Nu puguh mah neuteup
hareugeueun kanu ngaléos.
“Kang!” pamajikanna ngaléndotan.
Bruug! panto ditutupkeun.***
Nina
Rahayu Nadea, lahir di Garut 28 Agustus. Menulis fiksi dan non fiksi. Tulisannya dimuat di:
Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa
Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh,
Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang,
Galura, Tabloid Ganesha, Tribun Jabar,
Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI.