Sabtu, 09 Agustus 2014

Carpon, SundaMidang. 20 Juli-20 Agustus 2014


Semah Lain Wayah
Ku : Nina Rahayu Nadea
        Alloohu akbar… Alloohu akbar … Alloohu akbar … Laa ilaaha illalloohu walloohu akbar… Alloohu akbar walillaahilhamd...
Sora takbir ti masjid kadéngé atra. Sok rus ras ka jaman baheula ari ngadéngé takbir téh. Rék teu kitu kumaha atuh. Sababaraha taun ka tukang hirup téh keur meujeuhna baluweng pisan mikiran nu jadi adi. Geus nasib meureun, boga adi lima jeung dikeresakeun deuih boga salaki Kang Dadang, adina reuay aya genep na. Ari kuring nganggap adi salaki nya sarua wé adi sorangan, tara ieuh dibeda-bedakeun. Atuh kabéh téh aya sabelas anu keur meujeuhna biayaaneun. Pacabakan salaki kuring ukur tina ladang dadagangan di pasar anu teu tangtu beubeunanganana dina sabulanna. Tapi ari ceuk batur mah ceunah kuring téh kaitung jalma jegud. Éta wé bisa nyakolakeun adi nepi ka jarucungna sakola, tug boga gawé séwang-séwangan. Sanajan kitu teu kabeh bisa hasil siga anu dimaksud sanajan sakola luhur . Da lolobana mah geus bérés téh terus kawin. Contona waé Dahlan jeung Tini adi ti kuring anu teu kabeneran alus milikna. Tini sanajan sakola luhung, bérés sakola langsung kawin jeung geus kawin téh diulaheun gawé ku salakina. Da harita kabeneran salakina keur nanjeur nyekel jabatan alus di hiji perusahaan swasta. Tapi sataun kawin…dikeresakeun salakina di PHK . Atuh salaki kuring kabagéan lieurna deui. Daripada hirup nyiruruk di kuring salilana mah horéam teuing. Kapaksa ladang ti pasar sabulaneun dibeulikeun imah keur manéhna, butut-butut gé lumayan keur ngiuhan mah. Kitu deui Dahlan adi ti salaki beut goréng milik, karék gé gawe bubulanan ngadon kawin ka anak nu beunghar bari ngan saukur pangérétan atuh gawé téh teu kaur waé. Tungtungna pisah. Geus kawin deui téh hirupna taya menyatna. Hirupna nya kitu wé geus titis tulisna balangsak. Bagéan salaki kuring deui waé anu haat mangmeulikeun imah keur manéhna, bari jeung nyakolakeun budak-budakna.
        Ceuk batur mah kuring alus milik, boga salaki anu bageur sarta ngarti kaayaan dulur-dulur. Enya ku kuring karasa manéhna tara itungan pisan kana duit téh, buktina manéhna rido nyakolakeun adi-adi nu sakitu reuay, jaba méré imah, katut résiko dapurna, nyakolakeun anak-anakna. Matak ceuk batur mah atuh da enya Kang Dadang salaki kuring mah salilana gé moal beunghar-beunghar da mupujuhkeun waé nu jadi adi sangkan lulus banglus nyanghareupan kahirupan. Ceuk pikir salaki kuring mah meuning ayeuna ngabantuan daripada nyusahkeun samur umur. Ari geus baroga gawé onaman piraku rék minangsaraya ka urang.
Lain teu boga uruseun kuring gé. Pan kuring boga anak satilu-tilu. Hendra, Wawan jeung Ria. Maranehna keur laleutik kénéh. Beubeunangan ti salaki sasat dijeujeuhkeun ka ditu ka dieu. Komo mun lebah manggih lebaran téh sok asa rungseb. Sok hayang kabur rarasan mah. Geus pasti rabul dulur dulur ka imah. Matak lieur kana sirah. Ceuk paribasa mah puasa keur kuring jeung salaki téh lain bohong. Sok nyeuri haté kétang sakali-kali mah mun anak kuring aya pangabutuh, heug bentrok jeung pangabutuh sakola adi. Nya kapaksa wé pangabutuh budak mah dinomor duakeun. Ngaheulakeun pangabutuh sakola. Tinimang sakola teu junun ceuk pikir téh. Siga dina hiji poe harita Wawan anak kuring, nu umurna kakara 5 taun nyarita:
        " Mah...Wawan téh hoyong dipanggaleuhkeun sapeda siga réréncangan…"
        " Muhun engke wé bageur mun mamah tos gaduh artos!"
        "Mamah mah engke-engke wae teu jiga ka Mang Yayat gaduh artos téh masihan waé. Siga kamari masihan geuning ka Mang Yayat mah. Apan Wawan nyarios hoyong sapeda téh tos lami….!"
        "Muhun bageur kasép engke nya ayeuna mah pan artosna kanggé sakola Mang Yayat heula. Engke ku ibu guruna diseuseul atuh teu acan ngagaleuh buku,” ceuk kuring ngalelemu kanu jadi anak.
        "Ah mamah mah pilih kasih….teras we ngurus budak batur. Ari budak nyalira teu dipaliré..!"
Kuring nyeblak, beut teu nyangka Wawan nu ceuk kuring budak leutik, beut bisa ngomong kitu. Enya meureun matak kitu gé, Wawan geus ngarti kana kaayan. Da saenyana kuring sok ngawilah wilah pangabutuh anak sorangan tinimang adi. Duh gusti hapunten abdi. Komo basa Wawan geus sawawa mah, manéhna mindeng nyarita kieu:
        "Mah kanyaah ka anak teu aya batasna tapi kanyaah ka adi mah aya batasna, leuheung mun adi téh mulang tarima ka mamah. Lamun heunteu kumaha? Engke mamah nyeuri haté geura," ceuk Wawan dina hiji poé.
        "Ah…piraku atuh Wan…!"
        "Enya mangga waé tapi mun aya nanaon mamah ulah nanaon, ulah ngemut-ngemut bales budi ti adi-adi!"
        Kariweuh rada ngurangan sanggeus maranéhna barérés sakola. Tapi teu kitu kétang, da angger we aya nanaon mah ka kuring deui. Enya meureun pada apal adi-adi ogé, boga salaki karunyaan teu kaop aya nanaon pasti wé méré . Jeung na deui salaki kuring mah lamun aya nu nginjeum téh tara diarep-arep mayarna. Ceuk manéhna mah geus wé méré  titik. Daripada dinget-inget ceunah matak nyeuri haté dina teu mayarna. Matak lamun boga rejeki mah béré waé. Keun waé da rejeki urang téh rejeki manéhna. Kitu paribasa, lamun kuring ngangluh nyanghareupan kaayaan. Matak geus lain sakali dua kali maranéhna nginjeum, jeung lain duit saeutik-saeutik keur ukuran harita mah. Mun pangangguran diitung duit nu geus aya di maranéhna téh, meureun mahi kana mobil kijang weteuh jaman harita. Boa leuwih meureun.
        Malah salaki mah sok surti sorangan tara kudu dipénta mun batur meunang karerepet. Siga dina hiji poé, Kang Dadang ulin jalan-jalan ka Yati adi kuring nu pangais bungsu di Soreang. Katingali di gigireun imah ngajugrug kesik. Barang ditanya téh ceunah Yati rék ngoméan imah. Moal tohaga ceunah da euweuh duitna. Samahina bahan wé. Teu loba omong nanaon harita Kang Dadang ka Yati.
Nepi ka imah, Kang Dadang nanya ka kuring:
        "Mah, ari balanjaan Pa Jatnika geus mayar?"
        "Enjing ceunah Pa!"
        "Syukur atuh, duitna sakalian wé pangbeulikeun bata jeung semen terus kirim keun wé ka Yati di ditu, karunya keur kuriak…!"
        "Tara loba tatanya kuring mah da geus ngarti kana kahayangna. Matak basa nampa duit ti Pak Jatnika téh buru-buru wéh dibeulikeun bahan keur Yati."
Dua bulan ti harita Yati datang ka imah, bari mawa duit sarta mikeun ka Kang Dadang. Kang Dadang ngahuleng.
        "Duit naon ieu téh, Yati?"
        "Muhun éta artos tilas ngabangun téa Kang. Kaleresan abdi nujuh gaduh milik!!"
        "Har…ari Yati da Akang mah teu maksud nginjeumkeun. Enggeus éta mah tong dipikiran, anggursing keur waragad Yudi anak di dinya, karunya jaba rék asup ka SMP"
***

        Basa budak kuring nu cikal rék asup kuliah. Harita aya wesel, ari pek ti Iis adi Kang Dadang ti Jakarta. Manehna geus jeneng jadi perawat di rumah sakit Harapan Kita. Méré duit 300 rebu. Dina eta surat kabaca: ‘Ceu punten gaduh rejeki sakieu, keun wé urusan kuliah Hendra mah tanggelan abi’.
Bungah kacida haté téh. Geuning nu jadi adi boga kainget ka anak kuring, komo boga maksud rék ngabiayaan mah. Bagja kacida. Padahal kuring mah teu ngarep-ngarep. Éta mah kahayang sorangan. Nuhun wé atuh berarti kuring teu kudu mikiran biaya Hendra ceuk pikir haté.
        Bulan kadua…katilu…kaopat jeung saterusna wesel anu diarep-arep manjang teu norojol waé. Atuh haté téh keuheul kacida. Boga adi kitu cedo
        "Na ari Si Iis nurustunjung…teu nyaho ngabales budi sakitu di sakolakeun nepi ka bisa gawe téh…teu inget kitu kana jasa di dieu. Ari can mampuh keur ngabiayaan batur mah teu kudu ngomong sagala rupa…make jeung ngajangjian sagala rék ngabiayaan sakola Hendra, bari jeung euweuh buktina…!"
        "Naon téa mah?" ceuk Wawan kaluar ti jero kamar ngadéngé kuring kutuk gendeng.
        "Enya éta, bibi manéh ti Jakarta ceunah rék ngabiayaan lanceuk manéh, si Hendra bari jeng mana…diarep-arep lapur?"
        "Har ari mamah kunaon ngarep-ngarep rejeki ti batur. Pan ceuk Wawan gé, kanyaah lanceuk ka adi atawa kanyaah adi ka lanceuk aya watesna. Nya meuren memeh méré ka batur ge… ngajeujeuhkeun heula anak jeung kulawargana. Masina jiga mamah tisuksuk tidungdung ngabélaan batur. Ari budak sorangan ditambelarkeun…." Wawan anak kuring norostos jiga anu manggih kasempetan.
Dikitukeun kuring cicing teu ngomong deui. Ti dinya mah pleng wé tara diarep-arep sabodo teuing ah diinget-inget ge kanyeri nyeri haté.
Ayeuna anak kuring kabéh geus kurenen. Sok aya nu nurih kana ati lamun inget barudak téh can boga tempat nyiruruk, can boga imah sorangan. Masih ngalontrak. Enya sok inget ka jaman baheula boga duit dijeujeuh jeujeuh ka nu jadi adi. Weweg baroga imah sorangan. Giliran anak geus karawin. Teu bisa mere nanaon. Komo ayeuna usaha nyirorot pisan. Uyuhan wé teu bangkrut gé. Sok timbul rasa kaduhung sakapeung mah. Kaduhung ngurus nu jadi adi, mun teu loba istigfar mah. Nu pangais bungsu, Wawan mah cicing jeung kuring. Eta ge keukeuh hayang misah. Ngan ku kuring dihulag. Atuh da kuring euweuh batur. Cuang cieung we sorangan.
***
        Alloohu akbar… Alloohu akbar … Alloohu akbar … laa ilaaha illalloohu walloohu akbar… Alloohu akbar walillaahilhamd...
Sora takbir nu rosa ngegereuwahkeun lamunan kuring nu ti tadi nyangsaya na jero dada.
        "Enin nuju naon?"
Incu kuring Sasa budakna Wawan norojol bari gék dina lahunan.
        "Nuju ngadamel kuéh, pan enjing téh boboran. Sasa hoyong yeuh emam…!"ceuk kuring bari ngasongkeun kueh semprit.
        "Enin, enak…!" manéhna cacamuilan ngadahar kuéh.
        "Muhun sok atuh emam deui ari raos mah!".
        "Ieu kanggé enin", ceuk manéhna bari ngasongkeun kueh ka kuring.
        "Moal ah, enin mah. Sok wé Sasa sing wareg!"
        "Moal ah Sasa mah nuju saum…" ceuk manéhna bari neundeun kuéh terus we lumpat…."
Sasa…Sasa ngan hidep nu jadi ubar keur kuring mah. karerepet hirup asa jadi bangblas…rereged sok nyingray lamun ningali hidep. Mun usaha kuring maju siga baheula mah meureun hidep téh geus reunceum, ginding. jeung bisa ulin kamana wé…"hampura nya Sa…", aya nu nyelek na tikoro… mun ras inget ka dinya.
"Mah, aya tamu…!" Wawan ngageroan. Enya ke sakeundeung …. Ceuk kuring bari méréskeun kuéh..open jeung nu lainna. Alhamdulilah pagawéan téh anggeus.
        Ret kana jam nu ngadaplok. Jam 7 kurang 15. Sakeudeung deui gé adan Isa, gerendeng haté. Tadina mah rék ka cai …teu kuat geus bayeungyang ti lohor kénéh barangawé nyieun kueh. Padahal tadi pas adan magrib awak geus dimandian. Tapi angger we hareudang. Balukar nyanghareupan kompor salila-lila. Ah engke we geus semah balik.  Jeung sémah timana atuh nya wayah kieu namu ka batur teu nyaho di mangsa. Kuring ngagerendeng sorangan…
Kasampak aya lalaki keur ngajanteng di buruan imah…
"Sok ka leubeut…!" ceuk kuring bari nenget nenget eta lalaki anyar pinanggih. "Mangga…dupi ieu leres bumina Bu Enis sareng Pa Dadang ?!’
            "Muhun…"sok calik.
Gék semah anyar pinanggih téh diuk…
        "Dupi ibu leres Bu enis…!"
        "Leres pisan abi Bu Enis, dupi Encep ti mana nya?" kuring nanya da hayang geura nyaho urusana. Rarasaan téh hayang semah geura indit. Ieu tikoro geus tuhureun pisan jaba kadenge geus adan Isa.
        "Bade cai heula, Cep?!" tanya téh
        "Moal Bu…. da ieu we sakedap…abi mah mung bade naroskeun tagihan.
        "Ke…ke tagihan timana nya?!" kuring nyelang nyarita..bari jeung nginget…nginget da rarasaan mah teu boga hutang kasasaha.
        "Ti Bu Yati anu di soreang!” ceunah bari jeung mikeun kertas.  Di dinya ngajeblag dua juta lima ratus rebu bukti pembayaran ti Rumah Sakit urut inpusan, obat, rawat inap jeung laina. Di handapna kabaca ngaran pasen Dadang Suhendar, salaki kuring.
        "Saurna mah ceunah tilas babayar carogé ibu, waktos bapak udur dua taun kapengker…. Upami tiasa mah nyuhunkeun ayeuna wé…!"
        "Yati…kuring ngahuleng...!".teu karasa aya nu nyurulung tina séla-séla panon. Sanajan di tahan gé, angger teu kawawa.
        "Kumaha Bu ?!" éta semah nanya deui, teu nolih ka kuring nu asa samagaha.
        "Sanggeumkeun ka Bu Yati… insya alloh tos boboran Ibu badé ka bumina. Kaleresan ayeuna nuju kosong…"
        "Nuhun atuh ari tos aya kacindekan kitu mah…,Mangga bu…!"
        Teu hayang nembalan. Awak nahnay, lungsé, ngudupruk dina korsi lir kapupul bayu. Nyegruk balilihan. Bari jeung nyambat nu jadi salaki nu geus taya dikieuna. Duh Akang hampura teuing. Enya rumasa waktu Kang Dadang di Rumah Sakit nu mémérés administrasi basa rek balik téh Yati . Da barina gé lain kuring anu nginjeum, lain kuring nu ménta. Da manéhna sorangan anu méréskeun, majar téh tong janten émutan ceunah babayar mah. Enya kuring mah atoh wé. Saha anu teu hayang aya nu haat nulungan jaba keur di Rumah Sakit. Tapi lamun nyaho manéhna nginjeumkeun mah, moal teuing digugu kahayangna, da harita gé nyekel ari duit sakitu mah. Ngan sugan téh mere we. Na…Yati, meni teu boga rarasaan ka lanceuk téh. Mun ayeuna panggih jeung jelemana, sigana mun kongang mah hayang nyarékan laklak dasar. Teu gableg kaéra, dibiayaan nepi ka jadi jelema téh euweuh pisan balesanana. Nu asih dipulang sengit.
        "Enin…, Ku naon nangis, tamu nu tadi baong nya?!"Sasa neuteup kuring.
Budak ku kuring dirawu, diceungceurikan. Teu nolih ka Wawan anak kuring, Anu titadi ngabandungan ketak semah ka kuring. Wawan siga nganaha…naha jeung mupuas. Meureun tah kitu geuning…balesan adi mamah nu salila ieu dipupusti jeung dijeujeuhkeun.
Alloohu akbar… Alloohu akbar … Alloohu akbar … laa ilaaha illalloohu walloohu akbar… Alloohu akbar walillaahilhamd...
Sora takbir mingkin nurihan haté nu gudawang.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar