Dolly di pager beutis. Awéwé, lalaki, budak leutik tumplek. Lir
gulang-gulang anu sayaga ngabéla raja. Inyana teu sudi nagara kameumeutna diranjah
deungeun. Rido padungdung. Sayaga nyanghareupan
balai anu aya di hareupeun. Rido uculan. Rido raga paturay jeung nyawa. Lain
bobohongan demi harga diri. Demi kahayang anu kacida gedéna.
Pon kitu deui
kuring sarua ngilu ka jalan. Dapon ngahargaan kanu lain. Aub jeung mangrébu
jalma nu campuh ti béh ditu mula. Gotong royong ngabélaan nasib. Teuing geus
sabaraha kali kikieuan. Geus teu kaitung. Tisaprak pamaréntah nyieun putusan yén
Dolly keukeuh kudu ditutup.
Ngajajar weweg. Teu kaéléhkeun ku
aparat, mawa pakarang. Beungeut diteregos. Badis téroris. Geuleuh sabenerna
ningali gambaran diri sorangan. Nanaonan maké dibarulen kieu, pan biasana gé némbong-némbong
orat. Naha ieu jeung maké panutup beungeut sagala? Wera. Pantes da sieun disorot
ku média. Inggis poto kuring jeung nu
lainna sumebar dina média. Der, kéh kanyahoan ku nu di imah. Beu... beu...
Si Entat téh geuning gawé purah.... Hah,
teu wasa sorangan neruskeun caritana gé. Tada teuing Ema jeung Bapak di lembur,
gudawang haténa.
“Urang kudu
bajoang,” ceuk Mamih Nirce hiji poé.
“Bajoang
kumaha, Mih?” Lély malik nanya.
“Nya bajoang
sangkan ieu wisma angger aya. Sangkan maranéh angger bisa ngabogaan duit pikeun
maraban anak di lembur. Urang kudu tetep diajénan ku batur. Yén urang téh bisa
mandiri.”
Diajénan?
Kuring neureuy ciduh. Kecap nu papalingpang jeung kanyataan. Moal aya nu ngajénan
urang nu ngan saukur jadi runtah, jadi leutak dina lautan nirca. Sora haté beuki
bedas. Ngamuara jadi sagara kingkin. Peurih Mih, kuring kikieuan téh, embung
mun kudu disebutkeun mah. Hayang kabur. Hayang leupas. Hayang ngadukung aparat. Ngadukung para pamingpin nu bener-bener bisa nutup
Dolly salilana. Kuring hayang ngejat. Haté ngocéak. Kedal ku ngagukguk.
“Meunggeus
Tati tong ceurik. Ngado’a wé sing remen, Mamih rék bajoang sangkan maranéh
angger bisa gawé di dieu. Mamih rék nyieun rencana. Rék ngaharéwosan Pak RT
sangkan bisa ngerahkeun masa.” Si Mamih ngaléos.
Rébuan jalma
moyég ngajajar... ngabaris lir prajurit nu sayaga nyanghareupan perang. Enya
maranéhna sadia ngorbankeun jiwa raga.
Rido peperangan demi ngabéla bebeneran. Bebeneran? Naha bener kitu anu dilakonan
téh? Pan geus pada nyaho maksiat téh dosa. Dilaknat ku Pangéran.
“Lamun pamaréntah
nutup Dolly. Perang heula jeung kuring.”
“Cipanon Getih
di Dolly, lamun pamaréntah teu ngagugu.” tulisan dina spanduk katingali écés.
Ngalawan pamaréntah demi ngabélaan kahayang, demi ngabéla
beuteung anu kudu dieusian. Rék timana deui pakasaban lamun lain gawé di dieu. Enya ku ditutupna
Dolly geus nyababkeun pugagna ékonomi mangrébu jalma. Lain ti ngan saukur PSK,
mucikari tapi ogé pagawéan lain ti mimiti tukang parkir, tukang dagang, tukang
béca kabéh kaleungitan pakasaban.
Aya kabungah saéstuna nyaangan haté kuring. Kamar haté nu salila ieu medem kapoékan éling, saeutik saeutik ngabaranyay. Keun, ngan
kuring nu nyaho kumaha kabungah haté. Ti baheula hayang leupas tina dunya kotor
téh. Ulukutek dina urusan rurujit. Ngan nya kitu téa. Ku kaayaan. Kuring geus
dipenjara di ieu tempat. Teu bisa ngejat. Pan kuring sasat geus jadi primadona.
Omsét si Mamih salaku mucikari naék sababaraha kali lipet sabada kuring aya di
dieu. Pangabutuh kanu keur di lembur
kacumponan ku kaayaan kuring siga kieu.
Sedih
sabenerna. Hayang leupas tina ieu pagawéan anu sabenerna teu barokah. Ladang
ngajual awak anu kacida dilaknatna. Ngan kumaha tadi gé geus disebutkeun, hésé keur
ngejat. Sababaraha urang bodyguard si Mamih teu weléh ngukuntit.
Ayeuna aya warta yén Dolly rék dibubarkeun, enya asa ngalegaan alam dunya téh.
Geus sababaraha poé teu aya anu transaksi. Si Mamih sieuneun aya nu datang ngagerebeg
dina situasi genting kieu mah. Sanajan loba langganan anu kuduna dilayanan.
Gusti... mugia
ieu jalan keur kuring sangkan bébas tina pagawéan nirca. Ceuk kuring nyuuh dina
pangsujudan. Asa bébas merdéka dua poé ieu téh. Ngalaksanakeun solat anu salila
ieu tara dilakonan. Asa tengtrem, ayem ieu haté, enyaan asa bagja.
Mudah-mudahan bener Dolly rék ditutup salilana.
“Tat geus saré?”
sora si Mamih ngetrokan panto.
“Teu acan. Ké
sakedap.” Kuring gura giru ngudar mukena. Diasupkeun kana lomari. “Aya naon, Mih?”
kuring mukakeun panto.
“Aya picaritaeun
sakeudeung.” Cenah bari jeung langsung asup ka kamar. Diuk dina biwir ranjang.
“Kumaha?”
“Tati apal
kumaha kaayana ayeuna di luar?”
Dijawab ngan
saukur unggek.
“Mamih gé teu
apal, kumaha lalakon urang saterusna. Usaha mah eunggeus béak déngkak. Tapi
mudah-mudahan wé bisa nuluy. Mamih karunya ka Tati nu geus betah di dieu, geus
jadi primadona. Ogé karunya ka Lély, Lisna, Mérry jeung nu lainna. Rék dibiayaan kunaon barudak
di lembur lamun pagawéan ieu ancur....” Sorana dumareuda.
“Ah, Mamih
kuring mah atoh wé nu aya. Pan ti baheula gé apal. Hayang eureun tina pagawéan
ieu. Hayang ngencar. Enyaan atoh... atoh. Mi...” haté kuring galecok. Omongan
nu kahayang mah betus. Kadéngé ku si Mamih. Tapi teu kaluar tina tikoro.
“Tadi aya
surat. Cenah mah duit kompénsasi keur maranéh. Saurangna 5 jutaan. Wayahna isuk
bawa. Mamih gé sarua rék kaditu. Ngan ku sorangan wéh nya méh puguh. Jing ka ditu jeung nu lain.” Si Mamih mikeun sacewir
kertas.
Ditampa ku kuring
bari gancang dirawatan. Duit 5 juta. Duit halal paméré pamaréntah nu ngahaja
dibikeun ka sakabéh PSK jeung mucikari sangkan aréling, areureun tina pagawéan
kotor. Tur dijadikeun modal.
“Rencana Tati
kumaha ayeuna?” Si Mamih neuteup kuring.
“Duka.” Témbal
téh halon. Hayang apal sabenerna naon kahayang si Mamih satuluyna.
“Balik heula
wé ka lembur. Di dieu keur teu aman, loba aparat, loba démontrasi. Mamih rék
nutup heula ieu wisma. Jeung Kagok sakeudeung deui gé lebaran. Ké lamun geus aman
ku Mamih ditelepon deui. “ Si Mamih nangtung ninggalkeun kuring anu keur
ngahuleng.
Balik ka
lembur? Asa teu percaya kana dédéngéan bieu. Hayang mah ngajorowok bakat ku
atoh. Pan salila ieu, can pernah kuring diidinan balik. Sanajan kungsi sababaraha kali ménta ka si
Mamih anggur dihaok. Ti dinya mah ngabebetah
manéh waé. Ayeuna kasempetan. Ya Alloh, mugia teu robah kaputusan Si Mamih.
Kabayang budak kuring anu ditinggalkeun sigana geus gedé. Hayang ngarawu,
hayang geura ningali manéhna. Budak hiji-hijina anu ditinggalkeun, disérénkan
ka nini akina, sabada disérahkeun ku Kang Maman.
*
Kabéh
carinakdak, tinggarupay ka kuring waktu ninggalkeun Dolyy. Lély ngarangkul
kuring kacida lila. Beurat papisah. Geus asa jadi dulur. Sapapait samamanis
sabagja sacilaka. Ayeuna sasat kuring
nyieun kaputusan. Kaputusan anu dijieun kusabab aya lolongkrang ti si Mamih.
Lolongkrang anu dipiharep bisa ngabébaskeun kuring tina sagala rereged. Ari
maranéhna babaturan téa? Majar masih
betah di Dolly. Rék nungguan waé di Dolly, rék pait rék amis. Jeung na deui lamun balik teu puguh rék gawé
naon cenah.
Jeung enyana. Kuring gé can nyaho naon pilampaheun
kuring sabada aya di lembur. Rék gawé naon? Rék ngabayuan budak jeung kolot
kunaon. Tapi lahaula. Pan ieu kahayang kuring,
pan geus puguh di dieu mah duit tinggal ngarawuan, teu hésé nungguan
lalaki nu gering daratang nyalampeurkeun sorangan, teu kudu ditéangan.
Piduiteun geus sidik hareupeun. Babari. Enya babari pisan. Dina sapoé teu weléh
ngaladangan. Lamun dipikir geus puluhan, meureun ratusan lalaki anu geus
sapatemon jeung kuring. Lalaki nirca anu cenah teu cinta ka anak pamajikan, anu
cenah dipangnyerikeun haté ku pamajikan pédah salingkuh.
Lalaki buaya. Lalaki tolohéor. Pinter ngékol. Bari jeung geus ka
imah mah angger nyebut sayang. Dasar nurustunjung. Pikasebeleun. Aéh, enya kétang
meuning gé loba lalaki nu siga kitu méh dunya kuring angger haneuteun. Pan geus
kabuktian ku kuring anu bisa ngabayuan Ema jeung Bapak di lembur.
Cipanon
murubut... dijajap panggupay ti babaturan. Kahayang mah angger jeung maranéhna,
embung pipisahan. Ulah... ulah kaéléhkeun ku pangbibita. Pan kuring hayang babalik
pikir. Kuring miceun lamunan. Tekad buleud kana putusan.
*
Balik ka
lembur teu disaha-saha, éstu dibagéakeun ku Ema bari reumbay cisoca.
“Aéh Entat
geuning, bisa balik ayeuna mah. Naha teu
méré ibar atuh. Nyaho Entat rék balik mah meureun disadiakeun kadaharan anu
ngareunah.” Ema muka panto.
“Hapunten Entat
nya, Ma. Tambélar ka Ema.” Kuring nyuuh na lahunan.
“Teu nanaon
geulis, Ema ngarti. Hidep gawé. Tihothat
ngabélaan Ema jeung Bapak. Ngabélaan
budak. Tuh ku hidep geus katingali ladang hidep gawé. Imah weweg. Ema
reunceum atuh tabungan di bank alhamdulillah boga, éta teh ku kakeyengan hidep
geulis.” Ema némbongkeun leungeun nu pinuh ku geulang. “Anggursing Ema jeung Bapak nganuhunkeun.” Ema ngomong cumalimba.
Kuring rarat rérét.
Enya geus robah 180 darajat. Basa ditinggalkeun téh, imah masih panggung, méh
doyong ayeuna robah jadi gedong anu
weweg. Bagja, ningali paroman Ema nu hégar, kabulen ku pakéan anu hargaan.
“Ma?” Kuring
neuteup semu asa-asa.
“Aya naon Tat?”
Ema mencrong.
“Teu nanaon
mun Entat cicing di dieu deui? moal deui
indit ka kota, Ma.”
“Ku naon?” Ema
siga nu reuwas.”Di kaluarkeun di tempat gawé?”
Kuring
ngeluk. Teu wasa paadu teuteup jeung Ema. Kagambar rasa kuciwa Ema. Karék gé
ngomong kabungah, ayeuna meunggaskeun
kabagja. Enya kabayang ku kuring. Sasat duit sabulanna ngocor gedé, ayeuna kudu
dieureunkeun. Pasti Ema ngarumas.
“Teu aya
nanaon, Ma. Asa betah di lembur ning. Eya gé gawé Entat di kota ngeunah tapi
ning haté mah teu bisa dibohongan. Agger maskét ka lembur.”
“Enya keun
atuh ari geus jadi putusan hidep mah.” Ema rumahuh. “Rék gawé naon atuh
ayeuna di lembur Tat?” Ema nalék.
“Can kaémutan,
Ma. Hoyong reureuh heula. Ké ku Entat diémutan.”
“Nya moga-moga
waé aya jalan,” ceuk Ema.
Ema... ema
naha geuning taya riuk kamelang kuring aya di kota. Haté halon cumarita. Ema
mah percaya saratus persén naon anu ku kuring dipilampah. Enyaan teu melang
Ema? Ah, meureun Ema gé melang ngan baé
kaubaran ku duit anu dikiriman ku kuring unggal bulan.
“Sok geura éntépkeun
ka kamar. Tah kamar Entat panghareupna.” Ema mawa babawaan ka kamar.
“Nuhun, Ma.”
“Ari si Ujang
ka mana, Ma?”
“Keur dibawa
jalan-jalan ku Bapak hidep. Ngabuburit ka dayeuh.”
*
Alloohu
akbar… Alloohu akbar … Alloohu akbar … Laa ilaaha illalloohu walloohu akbar…
Alloohu akbar walillaahilhamd...
Sora takbir
ngalanglaung. Handaruan meulahkeun simpe. Aya nu ngésétan kana haté ngadéngé éta
takbir. Cipanon bedah teu katadah. Juuh maseuhan pangsujudan. Gusti kuring rumaos
milampah nirca. Codéka geus dirungrum kekebul dunya, mugia anjeun ngahapunten
sagala dosa abdi. Mugia anjeun maparin jalan tur pitulung ka jisim abdi,
sangkan bisa ngaléngkah tetep dina jalan anu diridoi ku anjeun.
“Entat... buru
geura ka cai, bisi kabeurangan urang ka masjid. Solat Id. Jeung etah saré di
dinya. Tiis atuh.”
Kuring nguniang
tina pangsujudan. Kasaréan satutas solat Shubuh.
“Asa lieur
puguh gé, Ma.”
“Tong
maksakeun atuh ari rieut mah. Istirahat waé.”
“Hayu, Ma. Moal
kua kieu. Ké gé cageur. Lebar... Meungpeung di lembur.” Kuring nuturkeun Ema ka masjid.
“Duh Entat meuni
pangling. Alhamdullilah ning bisa lebaran di lembur.” Ceu wati anu aya di
gigireun ngajak sasalaman.
“Muhun.
Alhamdulillah ceu?” kuring seuri konéng. Kumaha Mang Jaka damang, Ceu?” tamba
heunteu teuing, kuring nanya. Da inget salaki Ceu Wati téh stroke basa kuring
indit ti lembur.
Ceu wati teu
némbal.
“Ssst, geus
maot.” Ema ngaharéwos kana ceuli.
“Hapunten, Ceu.
Ngiring bélasungkawa.”
“Teu nanaon
Tat. Da geus lila. Ayeuna mah Euceu téh....”
“Senang
Entat. Tah turutan Ceu Wati, meunangkeun urang dayeuh, jalma jegud. Sakeudeung deui gé Ceu Wati mah pindah ka kota.”
“Ehm ... ngiring
bingah atuh, Ceu.”
“Keun dido’akeun
ogé ku Ceuceu. Entat sing geura boga jodo deui. Teu ngeunah disebut randa téh.
Karasa ku Ceuceu. Teu kaur ngalengkah aya wé piomongeun nu teu ngeunah.” Ceu Wati
ngaharéwos. Meg, kana angen aya nu nonjok. Boa kalakuan kuring gé....
Satutas solat
Id kabéh ngantay. Sasalaman jeung papada warga. Kahayang mah tiheula muru imah.
Asa can siap panggih jeung jelema loba. Ngan karunya ka Ema nu keukeuh hayang
dibaturan. Antukna kapaksa ngantay ngilu jeung nu lain.
Réma pataréma,
silihampura. Sililubarkeun dosa. Teu kaur sasalaman da bari jeung nyusutan
cipanon anu teu weléh bedah.
“Tati,” sora
hiji lalaki écés. Sorana ngingetkeun kuring
ka hiji lalaki nu remen nganjang ka wisma Mamih. Balayar dina lautan cinta. Manéhna
nu salila ieu mikanyaah mikahéman ka kuring. Kungsi dina hiji waktu mah balaka
seja mawa kuring ti éta tempat. Rék dijieun istri sah ceunah. Kuring tanggah
lalaunan. Bréh...
“Kang Bény!”
“Paingan
kamari dipilarian teu aya. Ning aya di dieu béntang pujaan téh. Énggal ka ditu
deui nya, akang sono.” Panon ngiceupan cunihin.
Teu hayang némbalan.
Anggur asa dijejeléh. Gusti geuning dunya téh heureut, naha atuh beut panggih
deui jeung nu kieu. Teu bisa kitu kuring
ngaléngkah sabébasna. Hayang néang jalan nu hadé téh geuning sesah, ya Rabb.
Kuring nyusut cipanon.
“Tat, tah ieu
salaki Ceuceu téh. Kadé nya.” Ceu Wati norojol
ngaléng leungeun Kang Bény siga nu kasieunan.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar