Minggu, 08 Januari 2017

Minantu

Dimuat di Koran Galura, Minggu 5 Desember 2016. Alhamdulillah. hatur nuhun Galura :)


Minantu
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Awak nyangsaya kana korsi. Teu nyangka sacongo buuk kana naon anu geus karandapan. Cipanon teu eureun eureun bedah. Nyeri haté jeung karunya kacida ka si cikal.  Gusti boga anak téh soléh soléh teuing. Dikitu kieu kunu jadi pamajikan. Cicing waé. Teu saeutik ogé betus kanu jadi indung. Dapon indung senang, teu loba pikiran. 
                Rumasa geus nganyerikeun haté budak, utamana si bungsu. Meureun ieu wawalesna ka kuring. Salaku indung nu teu weléh cangcaya ka manéhna. Mindeng ngagulkeun si cikal.
                “Mah kumaha?”
                “Kumaha... kumaha?” Kuring neuteup si bungsu nu ngajanteng. “Diuk heula,” nuduhkeun korsi hareupeun. Gék manéhna diuk. Luk tungkul.
                “Muhun. Kumaha abdi sareng Intan?”
                Kuring ngarénghap panjang. Nyieuhkeun bangbaluh anu pohara. Asa seueul kana angen.
                “Geus dipikiran, Gus?”
                “Tangtos, mah. Intan pilihan Agus.”
                “Ari kahayang Mamah mah tong gedebas gedebus. Kudu ditingali bébét bobot jeung bibitna. Bisi kaduhung engkéna. Ari nu jadi indung mah moal rék nyarék nyarék. Ngan saukur jurung dua.”
                “Mamah teu panuju abdi ka Intan?”
                “Ceuk Mamah gé moal ngahalang halang. Ngan kahayang téh tingali heula kahirupanna. Ningalina ogé Mamah téh éra, Gus. Mun kudu dicaritakeun mah. Calana jin ngetat tur disoék soék lebah pingpingna. Nangkring di jalan jeung barudak teu eucreug. Ah... tada teuing ceuk batur kumaha.” Kuring ngabalieus micen kalangkang nu ngajungkiring hareupeun. Intan. Awéwé nu salila ieu jadi catur salembur. Katelah budak bangor, gaul jeung saha waé, ngomong garihal. Kancing coplok tara eureun.
                Éta mah kapungkur, Mah. Pan Mamah gé terang, Intan ayeuna tara ruang riung di jalan. Agus yakin Intan bakal robah. Komo tos rumah tangga mah.”
                “Ieuh, Agus regepkeun. Ari geus dicap goréng mah. Hésé leungitna, sok angger aya tapakna. Angger sok jadi catur. Mamah mah sieun, Gus. Enya ogé ayeuna ceuk Agus, Intan geus robah. Nya sukur. Tapi mun engké geus rumah tangga, kalakuan baheula balik deui, kumaha?”
                “Moal atuh, Mah... sing percanten ka Agus.”
                “Kuma Agus. Ari geus dipikir mah.”
                Rada baketut. Da kahayang téh boga minantu anu bageur, soléh komo ditiung mah. Hayang minantu anu siga Wanti, minantu nu kahiji. Wanti sok jadi kareueus kuring. Éta nu sok diomongkeun ka Agus.
                “Kahayang mah minantu téh siga...”
                “Siga Téh Wanti?”
                Teu nyarita.
                “Mah, urang mah teu apal kumaha jero-jerona. Da geus rumah tangga mah angger kudu silisumputkeun kagoréngan pasangan sorangan.” Agus cengkat ninggalkeun kuring sorangan di tengah imah
                Muji ka Acép budak ka hiji. Meunangkeun minantu anu soléh. Solat tara elat. Cindung teu lésot sanajan aya di imah. Atuh ngaji kitu, pangrajinna. Nyarita ka budak teu weléh lemes, tara pisan katingali nyentak. Atuh barudak gé katingali nurut pisan ka indung bapakna. Mun kuring nganjang ka imah teu weléh dagdag dégdég siga kadatangan gegedén. Sagala ditawarkeun. Bakat ku hayang nyugemakeun.Teu aya cawadeun. Acép? Sigana téh kacida bagja meunang pamajikan siga kitu. Can kungsi saeutik ogé ngarahuh, luh lah ngomongkeun nu jadi pamajikan. Rumah tangga geus 8 taunan. Can kungsi pakotrék iteuk. Adem ayem. Matak bungah nu jadi indung. Meujeuhna. Acép nu bageur jeung soléh, meunang pamajikan anu sarua  soléhna.
                Ayeuna si bungsu rék rumah tangga. Asa ngajenghok. Waktu nuduhkeun calonna. Intan.  Lanceukna katelah jéger di ieu lembur. Tato sa awak awak. Pantes lamun Intan gaulna jeung barudak anu teu bener. Da lanceukna remen mawa babaturan ka imah. Geus pasti lamun Intan disakompét daunkeun, sarua disebut jeger. Kahiji pédah lanceukna meureun jeger. Kaduana, rokok tara kaliwat aya dina leungeunna. Katiluna, nyaritana garihal. Sanajan enya ari ka kolot mah sok kadéngé lemes, Intan téh.  
                “Mulih, Bu?” Ceuk Intan hiji  waktu, basa kuring balik ti pasar. Angkaribung ku babawaan. Harita mah manéhna can aya hubungan jeung Agus. Nyarita lentong lain ka kuring wungkul. Ka kabéh saluruhan nyarita angger wé adab. Sanajan kitu haté angger teu mikeun boga minantu ka manéhna. Ijid wé nu aya.
                Diulah-ulah. Angger ngelemet. Ka Intan beuki montél. Tungtungna léah. Sieun aya nanaon babakuna mah. Ngidinan budak ngarangkep ka Intan.
                “Mamah ngidinan. Ngan omat tong cicing di ieu lembur.”
                “Muhun Mah, Agus ngartos.  Agus gé da tos nyicil bumi di Perumahan Jatiwargi.”
                “Syukur ari kitu mah. Sok diajar rumah tangga. Sing cageur. Sing bener.” Ukur sakitu. Teu hayang mamatahan Intan nu harita cenah keur ka luar. Barina gé horéam panggih. Sok asa harendeg haté, mun ningali manéhna.
                Dua taun Agus kawin. Berkah tara aya kacaritakeun  hog hag. Sanajan haté mah angger waé cangcaya kanu jadi budak. Sieun aya nanaon, sieun éléh ku pamajikan. Ah, loba kasieun anu aya dina haté. Kangaranan indung. Tinangtu masalah budak  jadi masalah indung ogé.
                Pareng ka lembur hiji waktu. Katingali Agus jeung Intan datang. Katangen sonona. Ngarangkul kuring. Celengok nyium pipi katuhu ogé ngénca. Asa tumarumpang. Ehm, hayang diaku minantu meureun. Jeung Wanti gé tara sun sunan. Datang ukur sasalaman. Peun.
                Teu kungsi lila Intan nyampeurkeun kuring nu keur popolah di dapur. Ceg, kana péso anu aya. “Ngadamel bala-bala, Mah? Wios ku Intan waé.”
                “Enya.” Pondok. Mikeun peso ka manéhna. Tuluy wé ka hareup hayang ngobrol jeung Agus. Keun wé Intan mah antep lah. Barina gé bisi ngeungeunaheun sagala disadiakeun mah.
                “Gus, ari Intan di imah sok masak?’
                “Nya muhun atuh. Mah. Wah, lamun mésér mah moal kabedag. Di kota téa arawis. Bisa bisa bangkrut atuh gajih Agus.”
                “Ning bisaeun masak?”
                “Ah, nya diajar wé atuh Mah.”
                Saminggu ti harita Acép datang ka imah. Paromanna alum. Datang nyorangan. Biasana mah sok ngabring jeung barudak.
                “Teu jeung barudak?”
                “Heunteu...”
                “Har...”
                “Mah abdi di dieu heula nya.” Ngebeubeutkeun awak kana korsi.
                “Naha ku naon? Pék téh teuing da ieu gé imah Acép. Aya masalah di kantor?”
                Manéhna unggek.
                “Jig istirahatkeun heula atuh. Tuh kamar hareup mah da kosong.”
                “Muhun. Abdi ka kamar heula atuh nya...”
                Rék ngaléos kadéngé sora Hp ngirining.  Hp luhur méja ditingali. Na layar, tulisan Mah Wanti, katingali.
                “Cép, telepon ti Wanti.” Rada ngagorowok.
                “Tos wé antepkeun.” Acép ngelol ti lawang panto.
                Ehm bakat ku nyaah kanu jadi pamajikan. Enyaan teu wani ngangkat. Inggis masalah nu karandapan kanyahoan kunu jadi pamajikan meureun. Ehm... Wanti...Wanti... bagja boga salaki téh. Teu hayang neumbleuhkeun masalah. Kuring ngaléos.
                “Cép!”
                Suwung. Tunga tengo ka kamar. Taya sasaha.
                HP nu disada, mimiti mah diantepkeun. Tapi angger disada. Dicokot. Aya nu penting meureun, gerentes haté waktu ningali saha nu nelepon.
                Kuring langsung ngangkat.
                “Goblog... anjing! Manéh téh belegug pisan. Enyaan aing mah asa teu boga salaki. Cing sing mikir atuh. Maenya méré duit ukur sakitu. Teu kira... kira.... Mun can bisa mawa duit loba, montong wani datang ka imah”
                “Ké.... punten ieu saha?”
                “Ari manéh saha?“
                “Wanti? Ieu Wanti? Ieu mah, Mamah Wan...”
                “Oh. Mamah. Sukur lah. Méh Mamah apal. Tah budak Mamah téh kitu kalakuanna. Belegug. Tara ngarti kahayang pamajikan.... Kaduhung aing kawin jeung....”
                Sora tina HP les lesan. Kapupul bayu. Kapidara ceurik cimata. Nyeri lir digerihan ku hinis.
                Lilir... lilir geus digulang gapér ku Acép.
                “Mah... hapunten abdi.” ***
               

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar