Minggu, 08 Januari 2017

Nu Leungit Kaperkasaan

Hatur nuhun Mangle. Dimuat di no 2610. 5-12 Januari 2017. Alhamdulillah, #TahunBaruSemangatBaru


Nu Leungit Kaperkasaan
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Geblug... geblug... kadéngé aya nu leumpang ti pipir imah, rekét  aya nu mukakeun jandéla kamar. Hiji jalma pikasieuneun némbongan.
                “Ampun.... ampun. Indit siah manéh, indit.” Nyekel guguling pageuh laju ngababukeun kanu aya hareupeun. Batan nyingkir, ngadon seuri. Metot guguling laju ditangkeup pageuh.
                Awak ngomprot ku késang. Sieun anu pohara nganjang. Bantal dialungkeun kanu ngabedega hareupeun. Tapi manéhna angger cicing. Sura seuri pikagilaeun.
                “Indit siah. Indiiit.” 
                “Ieu abdi,  Kang.” Nu rangéténg nyampeurkeun. Ngadeukeutan.
                “Ampun.” Kuring gentak nyokot simbut. Nutupan awak nepi ka kabéh katutupan. Nutupan ceuli bakat ku sieun. Sieun ku geremna. Sieun ku sorana.
“Geus wé mun Akang teu suka, sok balikeun deui Nuning ka kolot.” Lamat- lamat kadéngé anu nginghak. Mimiti mah diapilainkeun sieun si jurig datang. Sora nu nginghak beuki bedas. Kadieunakeun ngabangingik. Sora Nuning. Nyah beunta, rét kanu di gigir. Nuning nyuuh kana kasur . 
                Ukur bisa neuteup anu ceurik. Teu ngarti kana naon kajadian.
*
                Mimiti raket  jeung Nuning, waktu  manéhna keur raheut haté. Ditinggalkeun Wandi, sobat kuring. Ceuk Nuning mah ceunah Wandi geus dijodokeun ku indung bapakna di sebrang.
Nya kuring anu ngaleuleuyan. Nuning nu nguluwut, saeutik saeutik cageur. Bisa mopohokeun ngaran Wandi.
 Tresna téh datangna teu dihaja. Nyaah jeung deudeuh antukna euntreup kana diri. Ku remen panggih jeung Nuning, antukna micinta Nuning. Nya kitu deui Nuning. Léah, tumarima kana cinta kuring. Kolot gé teu ngalila lila kana hubungan kuring. Komo kolotna Nuning. Babakuna mah meureun trauma kunu kajadian nu  eungeus karandapan. Ukur bubulanan bobogohan langsung dikawinkeun.
                Mimiti léléngkah halu. Nguntun harepan nu geus diajam ti baheula mula. Hayang nyugemakeun manéhna lahir jeung batin. Kuring tihothat digawé dapon nyenangkeun Nuning. Sanajan enya aya kakurang anu hésé dicaritakeun. Teuing kumaha ngungkulanana, kuring gé bingung. Geus biur ka ditu biur ka dieu apanan taya nanaon. Tresna nu keur meujeuhna aya dina puncakna can bisa nepi ka lekasan. Ukur nganjang sakedapan kadituna lasut waé...
                Nuning? Sanajan enya satuhu satia. Tapi asa dosa, komo mun ningali  remen bedah cimata. Murukanan meureun kuring teu apal kitu? Ehm... geulis Nuning pujaan ati hampura Akang. Akang apal lamun Nuning sumegruk nangkeup guguling. Ukur bisa ngahuleng lamun ningali anjeun keur ngumbar lamunan. Geus kajudi naon anu aya dina manah. Kanyaah tinu jadi salaki can sampurna. Kasedih anu disumputkeun ku imut. Ku seuri bari ngarangkul. Nyumputkeun kuciwa dina gegel ambucuy salira. Dina damis anu ngagilisir sangkan kuring lilir.
Rindat anjeun, pamolah anjeun  can bisa kabales.  Can  bisa nyugemakeun. Hése hojahna. Kungsi dina hiji poé, ngahaja mangmeulikeun baju anu rada seksi. Dina prungna, kuring ngadon ngabirigidig. Enyaan kuring lalaki leumpeuh yuni. 
                “Naon atuh kakurangan Nuning? Nanaonan atuh mangmeulikeun baju nu kieu patut, bari jeung ngahina mah.” Lung baju séksi  dialungkeun kana beungeut kuring. Nyokot daster tina lomari.
                “Ning hapunten Akang nya.” Kuring ngarangkul nu diuk dina biwir kasur. Ukur ngabalieur.
                “Kunaon atuh, Akang beut   kitu ka Nuning.  Padahal mah teu kedah masihan suprise acuk nu kitu sagala. Sami sareng ngondang tapi diantepkeun. Pami Akang ngéwa ka Nuning pédah nganggo acuk kitu. Nanaonan geura?” Leuleuy nakeran nyaritana.
                “Kedah kumaha atuh Akang téh, Ning?” Kuring ngaheruk. “Anggur bantos Akang atuh. Teu aya maksud  nguciwakeun.”
                Ukur rénghap nu kadituna kadéngé ku kuring. Ngan kajudi manéhna neundeun katugenah sorangan. Api-api saré padahal  kuciwa. Nu nonggongan ditangkeup pageuh. Disimbutan parat kana dadana. Lalaunan cengkat tina pangsaréan. Wudhu.  Ménta tulung ka mantenNa sangkan daya upaya lulus, sangkan katugenah téh sirna gera gera.
                Sora HP disada sababaraha kali. Ditingali ti nu jadi lanceuk.
                “Aya naon, Téh?”
                “Mun bisa ayeuna pisan ka dieu. Ibu wales.” Ukur sakitu.
                Harita kénéh gesat gesut.  Ngasupkeun baju kana ransel sababaraha setél.
                “Nu ieu we wadahna, Kang.” Nuning nyampeurkeun. Ngasongkeun koper.
                “Ieu gé cekap, Ning,” témbal téh.
                “Abdi moal dicandak kitu?”
                “Nuning rék ngiring?”
                “Muhun atuh. Maenya sepuh teu damang diantepkeun.
                “Nuhun nya, Ning. Hapunten Akang...“
                Sajajalan taya nu nyarita, rupa-rupa lalakon piligenti nembongan. Remen maling rérét kanu  gigireun, asa béda titingalian. Ngan piligenti.  Kadang geulis kadang goréng patut. Kitu jeung kitu wéh.  Lebah péngkolan, jalan poék, ngarérét deui ka Nuning. Gebeg...  jirim  pikagilaeun datang deui. Atra. Manéhna seuri, huntuna rangéténg.
                “Ampuuun.”
                Duka kumaha kadituna, inget sotéh  geus aya di bumi Ibu. Pada ngariung ku dulur-dulur. Tinu jadi carita mah cenah kuring rék nabrakeun manéh kana tangkal gedé lebah péngkolan. Padahal mah teu kitu. Ngan sakadar nyingkahan  tina mahluk  nu pikasieuneun anu anjeucleu jeroeun mobil.
                 “Untung Nuning tiasa nyetiran nya. Janten urang tiasa di dieu,” kuring ngarawél gado Nuning.
                “Matakna atuh, Kang. Kedah seueur ngadoa. Maenya istri nyalira disangki nu lain-lain.” Nuning imut.
                “Enya. Duka atuh Akang gé teu ngartos, Ning.” Kuring nangkeup geugeut.
Dunya asa ngalegaan pohara. Di dieu di imah nu jadi kolot. Asa merdéka. Bisa malidkeun asih ka Nuning samemena.
“Geuning Akang téh hébat.” Bari jeung ngarangkul. “Anéh naha ari di bumi nyalira teu tiasa?”
                “Ehm... enya nya Ning, asa ahéng?” Kuring ngahuleng. Mikiran naon anu bieu karandapan. Antara sadar jeung heunteu. Antukna kuring bisa méré kabagjaan batin ka pamajikan. Kabagja anu geus lila didama dama.
                “Hoyong bulan maduna di bumi Ibu, panginten.” Nuning ngabéléhém.
*
                “Tah si Encép gé sigana nuju aya masalah nya.” Ki Kolot, tukang ngubaran nyarita.
                “Masalah naon, Ki? Teu aya nanaon abdi mah. Ibu anu aya masalah mah, kamari geubis cenah. Ngan kitu jaten pireu.”
                Manéhna ungut-unggutan, bari jeung angger mencrong ka kuring.  “Ké wé urang ngobrol nya, pami tos bérés ngalandongan tuang Ibu.
 “Mending ngalih we ti bumi éta,” Ki kolot mimiti nyarita. “Éta nu nyababkeun rumah tangga teu aya kaharmonisan.  Jeung na deui tina titingalian Abah mah. Aya anu kajida nyeri haténa ku kaayaan Ecep ngadahup ka Nuning. Jadi manéhna ngunek ngunek nepi ka téga ngirim naon rupa, sangkan Encep teu walakaya.” Ki Kolot neuteup ka kuring.
                “Enya abdi gé teu ngartos, Ki. Da asa teu gaduh panyakit kitu ti kapungkur gé,” kuring ngeluk.
                “Enya ieu mah aya nu rék culika. Ngahaja méh rumah tangga pukah. Émut émut wé saha jalmana anu kira-kira nyerieun haté, ku rumah tanggana hidep duaan. Tah poma kudu dijauhan.”
                “Wandi?” Nuning jeung kuring méh bareng
                Naha Wandi téga. Tapi pan salila ieu babarengan. Ngasupkeun kuring gawé di kantorna. Manéhna ogé anu ngahadiahan imah  leutik campernik di sisi lembur.
                “Kudu ati-ati wéh mun geus rumah tangga.” Wandi ngaharéwos kana ceuli basa keur panganténan.***


Nina Rahayu Nadea, penulis novel: Memilikimu di sisa hidupku, Memahar Rembulan, Dua Hati dan Robohnya Sekolah Kami :)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar