Dewi Sartika Jaman Kiwari
Ku Nina Rahayu Nadéa
Dewi
Sartika. Wanoja sunda, dibabarkeun di Bandung 4 Desember 1884, pupus di
Tasikmalaya 11 September 1947. Gaurna memang teu pati kadéngé.
Kaéléhkeun
ku R.A Kartini, Cut Nya Dien, jeung lainna. Mangrupakeun tokoh Sunda anu kacida gedé jasana pikeun kamekaran
pendidikan khususna wanoja sunda. Nya manéhna pisan anu boga patekadan
anu kacida alusna pikeun ningkatkeun
martabat wanita anu asalna kalingkung ku
adat, hengker ku kaayaan. Apanan jaman harita mah awéwé téh cukup cicing di imah waé
ngawulaan nu jadi salaki. Peun. Hal ieu kasaksian pisan ku Dewi Sartika. Indungna Rd Ayu Rajapermas
sakitu tuhuna kanu jadi salaki, nepi ka waktu salakina-Rd Rangga Somanegara
dibuang ka Ternate pan indungna gé nuturkeun nu jadi salaki, ninggalkeun
budakna kaasup Dewi Sartika anu leutik kénéh. Dewi Sartika anu
harita kelas 3ELS (Europesche Lagere
School) kudu eureun sakolana.
Dewi sartika
dibawa ku Uwana, Patih Cicaléngka. Tah di dieu, Dewi sartika
diajarkeun elmu kaparigelan awéwé. Misalna: masak, ngatur méja,
cara neundeun dahareun, cara maké séndok jeung garpuh, cara
nyarita, dangdan jeung réa réa deui. Ieu élmu téh kacida gedé
mangfaatna pikeun Dewi Sartika. Yakin yén éta élmu bakal aya manfaatna
heunteu waé
keur dirina tapi ogé keur nu lain. Gaul jeung abdi dalem harita teu dianggap
leutik haté
anggur beuki ngasah rasa, ngatik dirina.
Kabuktian
waktu indungna balik. Ngaligeuh. Hirup ngan saukur gumantung ka batur. Da
memang mimitina ukur ngawulaan nu jadi salaki. Dewi Sartika hojah.
Nyanghareupan ieu kaayaan ku kasadaran. Metakan pangabisana anu geus
kacangking. Harita di tukang imah manéhna ngajarkeun rupaning élmu
kawanojaan sarupaning ngaput, masak, jeung réa réa deui. Tina ladang ngajar bisa mantuan kahirupan sapopoé.
Lantaran loba nu mére béas, uyah, kalapa ka manéhna. Kadieunakeun ngajar téh nambahan. Ngajarkeun maca, nulis, ngitung, sarta
ngajarkeun ogé bahasa sunda, malayu jeung walanda.
Dewi
Sartika anu pinter ku hiji kadua. Pinter sacara akademik lantaran meunang
gembelangan élmu
waktu di ELS tur pinter kaparigelan
waoja waktu inyana aya di Uwana. Éta élmu téh heunteu waé
dikeukeuweuk ku sorangan. Tapi Dewi Sartika boga paniatan anu kacida
luhung. Hayang ngangkat martabat jalma sederhana anu aya di sabudeureunna.
Nasib kaom wanita di jaman penjajahan
harita mémang
kacida prihatinna. Teu bisa mekarkeun diri sumawona sakola luhur. Hirup ngan
saukur, kasur, dapur jeung sumur téh lain bohong. Tah Dewi Sartika embung
ningali siga kitu. Atribut nu ayana dina
dirina salaku turunan ningrat heunteu nyababkeun dirina gedé
hulu malah mandar nyieun amalan nu hadé keur balaréa. Noblese Oblige-Keningratan membawa kewajiban.
16
Januri 1904 Dewi Sartika muka Sakola
Istri nu mangrupakeun sakola wanoja munggaran
di Indonesia. Ruangan anu dipaké
nyaéta
pendopo Kabupatén Bandung. Mingkin ka dieu jumlah muridna ngalobaan.
Antukna sakola ogé nambahan réa.
Enya Dewi Sartika mah lain ngan saukur méré gagasan atawa ide wungkul
tapi nepi ka dirina sorangan terjun ka lapangan. Terus ngadidik muridna sangkan
pinter. Kahayang ngamajukeun wanoja sunda téh kacumponan. Janggélék
sakola istri mangrupakeun bukti nyata yén manehna geus bajoang. Pantes, lamun
Dewi sartika diajén Pahlawan Nasional.
Kahayang
jeung kamuliaan Dewi Sartika pikeun ngamekarkeun pendidikan ningkatkeun martabat
wanoja sunda teu bisa dianggap pira. Perlu terus dimekarkeun deui ku wanoja jaman
kiwari. Wanoja sunda kudu sakola luhur sangkan teu dianggap réméh.
Teu meunang gampang boboléh. Tingali Dewi sartika dina kaayaan prihatin tapi
sumangetna ngagedur sarta keukeuh hayang nambahan pangaweruh wanoja Sunda.
Kiwari?
Memang kacida lobana wanoja sunda anu geus mekarkeun diri. Sakolana laluhur. Awahanna
mingkin ngalegaan. Heunteu waé ngan saukur dina dunya pendidikan,
tapi geus ngalegaan ka widang séjén. Politik, Olahraga, kaséhatan
jeung réa
réa
deui.
Tingali waé
dina kahirupan sapopoé. Di sabudeureun urang. Awéwé sarua digawé
siga lalaki. Sarua néangan nafkah. Jaman
ayeuna awéwé
lalaki kudu paheuyeuk leungeun dina ngambah sagara rumah tangga. Masalah ékonomi
jeung masalah lainna kudu ditungkulan ku duaan.
Kahayang ngamajukeun anak-anak, kulawarga mémang butuh perjuangan. Awéwé
jaman kiwari teu bisa ngan saukur cicing di kasur dapur wungkul.
Ogé kudu
bisa ngabuktikeun, yén wanoja téh bisa jadi pamingpin. Heunteu waé
ngan saukur lalaki. Dewi sartika geus ngabuktikeun. Ciri ciri kapamingpinanan
geus aya di dirina. Ti mimiti ulin ‘sasakolaan.’ Pon kitu deui waktu
kulawargana aya dina masalah. Sagalana jadi pecut dirina sangkan bisa terus
bajoang ngaleungitkeun bangbaluhna.
Ngadu’a
anu pohara. Sangkan lahir Sartika Sartika anu leuwih tangguh. Anu bisa
ngungkulan masalah negeri anu beuki dieu mingkin pabeulit. Dewi Sartika anu
angger tara aya kahariwang. Teuneung ludeng makalangan nyanghareupan jaman.
Tapi
aya kahariwang anu pohara. Nitenan kaayaan kiwari. Perkara élmu
kawanojaan anu geus luntur.
Élmu
masak, ngawulaan nu jadi salaki jeung lainna ilang. Kasieun perkara émansipasi
wanita anu kabamblasan. Harendeg, mun ningali awéwé nu sukses karierna, pukah
dina urusan rumah tanggana lantaran mandang
yén
salakina aya di handapeun. Teu satata. Robah pamadegan. Loba awéwé nu antukna asa aing
pangluhurna dina sagalana tur teu ngajénan ka salaki -ka kulawargana.
Dewi
Sartika mah heunteu kitu apanan. Ngadumaniskeun kapinteran akademik jeung
kaparigelan wanoja. Ngadumaniskeun dua duana dina kahirupan sapopoé. Éta
nu kudu diinget. Yén wanita sunda teh kudu lahir jeung maju bari angger inget kana kodratna. Kodrat anu
nepi ka iraha waé moal leungit. Awéwé angger kudu hormat ka salaki, nu jadi pigur pikeun anak-anakna. Awéwé
bakal jugala lantaran aya nu ngadukung ti tukangna saha deui ari lain salaki
atawa kulawargana. Dewi Sartika tetep
jadi awéwé
tohaga lantaraan aya nu ngadukungna-
Raden Agah Suriawinata, diantarana.
Wanoja sunda kudu maju dina ajeg ajeg kodratina.***
Nina
Rahayu Nadéa.
Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, Sastra
Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo
Semar, Radar Bayuwangi, jrrd
Tidak ada komentar:
Posting Komentar