Senin, 12 Desember 2016

Cipanon Kasalempang

Capon, SundaMidang Oktober 2016. Alhamdulillah


Cipanon Kasalempang
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Ukur seuri konéng ningali tivi  hareupeun. Paneuteup manco kana salah sahiji jalma nu keur diwawancara. Artis,  nu pastina loba anu mikagandrung. Kasép jeung daréhdéh. Pada muji ku balaréa.
                Jadi perkawinan Anda karena masalah ekonomi?”
                Ya begitulah.” Ceuk éta lalaki tatag.
                Bagaimana dengan pengasuhan anak-anak?”
                Gimana sidang nanti. Yang pasti saya akan taat pada Keputusan. Dan diharapkan itu yang terbaik untuk anak-anak. Mereka harus tetap bahagia, tanpa terganggu dengan keadaan ini.”
                Tetap bahagia?” gerendeng haté. Cetrék tivi dipareuman. Anu ngagebra dina lahunan diusapan. Anaking, ceuk Bapak hideup cenah hidep kudu tetep bahagia. Kudu tetep bagja. Enya kudu bagja anaking. Mamah bakal tetep bajoang demi hidep geulis....
                “Mamah... saur réréncangan aya Papah na tivi.” Devan, anak nu cikal datang.
                “Saur saha sayang. Ah, hayu gera bobo siang anggursing. Gentak, metot leungeun budak anu rék pisan nyetélkeun tivi. “Teu aya Papah, kasép.”
                “Ah, Mamah baong. Devan... hoyong ningal Papah.” Suku budak najong. Ampir keuna ka si geulis lamun teu rikat ditangkis ku leungeun mah.
                “Ih, kunaon si kasép téh beut gampil pisan nyeuseul.” Kuring nantung. Ngusapan deudeuh si Cikal. “Teu aya Papah kasép.”
                “Tapi Devan hoyong pendak sareng Papah. Devan kangen.” Budak ngagadeud.
                “Muhun ke urang nelepon ka Papah, nya. Ayeuna Devan bobo heula yu, sareng Ade.” Bari mangku nu leutik. Leungeun katuhu nungtun Devan. Duanana dibawa ka kamar. Nu ambek leler sanggeus dicaritaan panjang lébar, tara ieuh dicarékan mun keur ngadat téeh, dilawan ku  usap kanyaah. Teu dilawan ku panyarék deui. Geus apal adatna. Kudu dibawa leuleuy. Sanajan sakapeung mah kawalahan ku pangadatanna. Bageur sarérétan mah, tapi mun aya kahayang. Hem,  ambekna kacida gedé.
Diparéndé nepi ka peureumna. Celengok duanana dicium sanggeus ngagebra. Neuteup pilgenti   kameumeut ati.
                Geus yakin saré. Léos ka cai seja sholat Lohor. Sholat khusyu nakeran ménta kanu murbeng alam. Menta kaputusan anu pangalusna. Moal ditolih... moal didéngékeun saha waé anu ngomongkeun goréng. Rék disebut awéwé matré, rék disebut awéwé teu nyaho diuntung. Nu penting geus ikhtiar. Pamustungan nyanggakeun ka Alloh.
Karir Kang Afgan harita keur meujeuhna alus. Di ditu di dieu teu weléh loba tawaran maén sinétron. Geus puguh béntang iklan, waktu kuring ngadahup jeung manéhna. Loba pisan godaan. Aya awéwé nu ngaku ngaku kabogohna, aya nu ngaku istri sirina, jeung réa réa deui. Éta pisan mimitina mah nu nyababkeun kolot teu pati nyatujuan kana hubungan. Tapi kuring panceg. Sarta ngayakinkeun nu jadi kolot yén Afgan lain lalaki siga nu lain. Sanajan enya hirup di dunya hiburan.
Laun-laun nu jadi kolot nyatujuan, antukna méré idin kana hubungan kuring. Atuh kadituna mah jalan téh asa narawangan. Teu aya hahalang deui. Da, prinsip kuring biar lambat asal selamat. Moal nepi ka kawin lari. Rék nunggu nu jadi kolot sangkan panuju kana hubungan.
                Ceuk sasaha gé cenah kuring awéwé nu kacida alus milikna, bisa nyandingkeun artis tenar ibu kota. Ari kuring kawin téh lain pédah ningali artisna, tapi kacocokan haténa. Afgan geus cop jeung haté, kitu deui kolot geus nyaluyuan. Teu ningali statusna anu artis. Komo deui Afgan kacida narimakeun kaayaan kuring anu ngan saukur jalma biasa. Lain kalangan selebritis.
Rumah tangga tengtrem, pada muji. Sanajan sanyatana aya masalah, tapi kuring tara ieuh némbongkeun. Prinsip kuring urusan dapur mah teu meunang aya nu nyaho. Komo sanggeus dibéré turunan. Kacinta tamplok ka barudak. Masalah anu karandapan ukur disidem dina haté. Tujuan ngan hiji, hayang langgeng laki rabi. Hayang ngabagjakeun nu jadi budak.  
Ayeuna sapuluh taun panceg rumah tangga, publik tinangtu waé reuwas. Waktu apal kuring ngajukeun gugatan cerai ka salaki. Kitu deui Mamih, indung kuring kacida reuwaseun.
                “Din, naha enya rék pisah?”
                “Saur saha, Mih?”Teu wasa neuteup.
                “Tah, geuning buktina.” Mamih mikeun hiji koran ka kuring. Ukur dirérét. Ehm. Geus kaambeu média. Padahal kahayang mah nyamuni Tong aya nu apaleun perkara urusan rumah tangga kuring. Tapi teu kitu ning da média mah pasti néangan berita anu sakira payu keur dijual. Teu paduli alus goréng, nu penting ratingna naék.
                “Bener teu?” Mamih nalék deui.
                Ukur unggeuk.
                “Kunaon?”
                “Teu aya nanaon, Mih.”
                “Moal mungkin teu aya nanaon nepi ka ngagugat cerai. Afgan selingkuh jeung awéwé lain? Pan ceuk Dine gé rék kuat. Rék tahan banting. Wajar ngaranna dunya hiburan mah sok kitu. Perkara Afgan mindeng réréntétan jeung awéwé séjén mah éta mah biasa nu penting Dine na tetep  percaya kanu jadi salaki. Naha ayeuna Dine geus teu percaya kana kasatiaan Afgan?”
                “Mih... sanés kitu....”
                “Ieuhh... Dine. Mamih téh  éra ku tatangga. Majar cenah anak Mamih matré. Dina enya gé materialistis. Tapi ari geus kawin mah lain waktuna atuh, Din. Rék dikamanakeun nasib incu Mamih. Perkara Afgan ayeuna keur teu payu. Tara maén sinétron, teu payu kan iklan, pan éta mah biasa. Engké gé aya nu ngontrak deui sugan. Apanan Mamih gé masih bisa méré dahar ka maranéh. Karunya atuh ka Afgan. Anggur salaki keur nyirorot téh béré payumanget. Gedékeun haténa. Lain ménta cerai waé...” Mamih ngocoblak. Teu méré kasempeten keur kuring pikeun nyarita.
                Ah, barina gé mending diantep waé. Kuring geus iklas rék dicap jadi awéwé naon waé ku sasaha. Kuring kacida ngajaga kahormatan kulawarga. Kuring mah hayang nyalametkeun budak. Peun, ngan sakitu kahayang téh.
                “Din... Akang cinta pisan ka Dine. Jangji moal deui méré tunggara... Please Din. Akang nyaah pisan ka Dine ogé ka barudak. Angkat atuh teleponna Din... “
                Salah sahiji SMS Afgan di baca.
Kang Afgan hapunten Dine.... Dine gé nyaah ka Akang. Ngan kumaha atuh beurat pisan, Kang. Dine nyaah ka turunan. Dine tos panceg kana putusan. Keun urang patabih, ngan haté pacaket. Éta nu langkung utami. Tinimbang pacaket dina tresna tapi  batin ceurik. Teu kiat nandanganna, Kang. Kedah kumaha atuh Dine téh. Urang silidoakeun waé nya, Kang. Akang sing percanten Dine nyaah ka Akang. Satia saujratna ka Akang. Ieu cara anu terbaik kanggé urang duaan. Dine nyaah kacida nyaaaah. Hésé kanggé ngedalkeunna, Kang.  Sakedahna Akang ngadukung Dine. Pan saur Akang gé, kabagjaan barudak langkung utami. Insya alloh Dine bakal ngajaga buah haté urang. Akang sing séhat nya.... sing teras éksis berkarir. Urang silihdoakeun mudah-mudahan urang salawasna aya dina panangtayungan mantenNa. Mun Akang nyaah ka Dine... ka barudak. Panuhun Dine, Akang kedah nampi kahoyong Dine. Pepegatan. Ukur urang duaan nu terang marga lantaranna. Demi pujaning ati Dine, Akang kuanjeun, Dine ridho janten paneumbleuhan balaréa. Dianggap jadi awéwé runtah, awéwé matré, awéwé nu teu becus ngajaga rumah tangga. Heunteu waé ku batur dalah ku kolot nyalira apanan Dine anu dilepatkeun..
Hiji deui, panuhun Akang tong hoyong pendak sareng Dine. Dine kacida nyaahna ka Akang. Akang nu uninga kumaha haté Dine saujratna.
 Send.
Kuring ngirimkeun éta tulisan kana email Afgan.
                “Hapunten Akang...” ukur sakitu balesan ti manéhna.
                “Din... ari ceuk Mamih mah. Urang riungkeun heula atuh antar keluarga. Méh, aya jalan terbaik. Mamih mah embung ningali budak Mamih jadi randa. Sugan atuh bisa ngarangkep deui tong kejot borosot. Isuk cenah Afgan rék ka dieu hayang heula panggih jeung Dine.”
                “Muhun mangga éta mah teu langkung mamih. Badé ngariung sareng keluraga besar mah. Mung hapunten Dine moal tiasa ngiring ngariung. Kaputusan Dine tos panceg. Hoyong pepegatan. Perkawis janten randa. Tong sieun, Mih. Dine tos siap lahir batinna. Omat deui Mamih tong maksa ka Dine sangkan kersa pendak sareng Afgan. Mun mamih nyaah ka Dine.” Kuring ngaléos ka kamar.
                Enya memang. Kuring geus embung panggih jeung Afgan. Haté mah sabenerna kumejot. Karunya... kangen.... Ah, sakabéh rasa pagaliwota dina dada. Ngan ayeuna kudu pageuh. Teu meunang éléh ku rasa karunya. Pan nu enggeus-enggeus téh kitu. Kuring sok teu téga, sok éléh. Tungtungna léah deui mun geus panggih jeung Afgan. Komo mun paduduaan mah. Rasa karunya, kahéman kuring, rasa cinta kuring sok tumuwuh ningali manéhna nu ceurik nyegrug, nyium suku kuring. Jangji rék méré katingtriman diri. Éta nu ngahudang kuring nu antukna balik deui ka Afgan. Ngalaman deui rasa kuciwa. Ayeuna kuring kudu pengkuh. Moal deui panggih jeung Afgan. Keun cukup Mamih jeung kulawarga besar nu nyanghareupan.
                Bagaimana untuk langkah selanjutnya. Setelah bercerai?” hiji réporter nanya ka Afgan.
                “Berkarir kembali di jalur sinetron. Menata hati kembali...”
                Ada keinginan untuk segera mencari pengganti?”
                Ya... kalau Alloh  memberi.” Afgan imut.
                “Nuhun Afgan... geus méré kabébasan ka kuring. Diduakeun anjeun sing gera meunang pasangan anu bisa nyenangkeun, anu bisa ngarti kaayaan Afgan.” Haée kuring nyarita. Rok nu dipaké lalaunan dikaluhurkeun. ti suku nepi ka pingping raca ku panenggeul.  Panon peureum, nganteur lalakon. Cipanon murubut teu kaampeuh. Waktu neuteup si cikal nu ngageubra. Kasalempang nganjang, inget  pangadatanna nyeplés bapakna. “Gusti paparin pun anak jalan anu lempeng. Mugia salamina aya dina panangtayungan Anjeun.”
                “Afgan nyaah ka anjeun kacida Dine” jelebét cameti keuna kana suku... kana pingping. Getih bijil. Afgan ngagalémoh bakat ku suka. Beuki humarurung. Nafsuna beuki ngagedur “Hapunten Afgan... Afgan nyaah pisan ka Dine. Énjing urang jalan-jalan ka Singapur nya. ” Manéhna ngusap buuk kuring, nyusut getih anu  ngaley tina sela-sela biwir.***
               
               
               

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll


Tidak ada komentar:

Posting Komentar