Senin, 12 Desember 2016

Ka Tanah Suci

Carpon Galura, 12-19 Oktober 2016


Ka Tanah Suci
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sakeudeung deui kapal landing. Kitu ceuk pramugari. Haté beuki lelenyapan. Cipanon teu eureun bedah. Gusti naon anu kudu dicaritakeun ka salaki ka barudak. Beuki deukeut beuki teu puguh. Kuring anu ngaberung nafsu geus meunang panggeuing. Biwir luhur parat nepi ka palebah irung ngagedat. Nyeri anu asalna teu karasa ayeuna nyanyautan deui. Getih ngaley tina sela biwir. Banget ku mikiran anu karandapan, pangpangna éra kanu jadi salaki. Nepi ka katurelengan.
                “Mamah... Mah. Ieu Papah.” Hiji sora nyadarkeun kuring. Lalaunan panon beunta. Rét ka salaki gigireun.
                “Papah...” hayang mah ngagorowok. Ngarangkul. Tapi hésé. Calangap gé nyeri.
                “Alhamdulillah, Mamah tos sadar. Nuhun Gusti.” Salaki ngusapan leungeun. Korsi roda dipundurkeun, muru ka lebah méja. Ceg kana botol madu. Ngeclakeun saeutik kana séndok. Korsi roda dipajukeun deui. Séndok nu dicekel dihuapkeun ka kuring kalawan ati-ati.
                Neut neutan awak cageur deui.    Ku pangdeudeul kulawarga, ogé doa nu  merul,  kuring bisa cageur sabihara bihari deui. Niginkeun haté, dina sésa umur rék mikanyaah salaki kalawan iklas, ngurusanan manéhna anu gering bari ngaleungitkeun rasa aral.
                “Pap, hapunten abdi.” Kuring nyuuh kana lahunan salaki.  Basa  karék ka luar ti rumah sakit.
                “Papah ngahampura.” Salaki ngusapan sirah, kalawan deudeuh. Keclakna cimata karasa nembres kana embun-embunan.
“Hatur nuhun ya Rabb, masihan kénéh waktos ka abdi pikeun nguntun deui harepan.”
*
                “Allohu Akbar.” Ukur sakitu. Ka dituna poek.
                Apal-apal kuring geus pada ngariung. Biwir jamomong. Ti biwir luhur nepi ka palebah irung gudawang. Huntu lalinu. Kabéh karasa nyanyautan.
                “Alhamdulillah tos sadar, Ibu.”   Bu Wati babaturan saregu nangkeup.
                Kuring unggeuk. Cipanon ngalémbéréh.
                “Kudu ka rumah sakit, ieu mah.” Nu jadi lanceuk nyampeurkeun.
                “Abdi teu kua kieu. Enyaan kiat.”
                “Teu tiasa, Bu. Kondisi Ibu kacida parahna. Kedah dirawat.” Ketua regu nyampeurkeun.
                “Moal... moal, Pak. Ibu mah teu nanaon. Kiat ngalaksanekuan ibadah.” Kuring peureum. Muntang ka mantenNa hayang ngalaksanakeun ibadah haji anu sampurna. Ménta dihampura anu pohara. “Abdi tos séhat. Yakin abdi tiasa ngiringan.” Kuring ngeukeuhan. Ngomong ayeuna mah tatag. Teu siga tadi.
                Sanggeus yakin kana paniatan kuring. Tur katingali meureun kuring bisa leuleumpangan. Antukna léah, ngidinan kuring sangkan gabung jeung rombongan. Berkah kuring bisa ngalaksakeun ibadah nepi ka réngsé. Istigfar teu eureun sarta munajat terus ka mantenNa. Nu utamana ménta pangampura kanu jadi salaki.
                “Pap, hapunten abdi nya....” SMS kuring kakirim.
                “Kunaoan Mam? Mamah séhat?”
                “Sehat. Pap. Sakali deui hapunten Mamah nya. Omat Papah kedah ngahapunten ka abdi.” Teu nyaritakeun perkara anu karandapan saujratna.
                “Enya dihampura pisan ku Papah. geus tong loba pikiran nya. Mamah sing séhat. Tur bisa ngalaksanakeun ibadah kalawan daria.”
                Sasaha gé anéh kanu karandapan ku kuring. Harita karék pisan turun tina kapal. Di airport King Abdul Azis. Luméngkah kalawan antaré, pacekel cekel jeung babaturan. Neuteup sakuriling banget ku bagja.  Biwir ngarenyu. Haté bungangang aya di dieu. Asa bébas merdika.
                Na, ari jeledag téh kuring tibeubeut nengel  pisan kana ubin. Pangrasa téh sirah aya nu ngadegungkeun satarikna. Nepi ka biwir jamomong. Getih ngaley. Berkah di tanah suci teu bisa barang dahar nanaoan. Ukur  cai jam jam waé. Boro boro barang dahar anu ngeunah. Asup cai jam jam sarta bisa ngalaksanakeun ibadah, geus muji sukur.
                Atoh kacida waktu diajak ku nu jadi lanceuk ka tanah suci. Ngahaja nunggu mah ning ngantri aya kana taunna. Ari ieu, teu kudu. Komo bari jeung fasilitasna kacida alus. ONH plus tea.  Atuh kuring geus ngabayangkeun bisa senang. Nu jadi lanceuk ngahaja ngadaftarkeun kuring bari jeung teu bébéja. Suprise meureun. Apal sotéh  ka dieunakeun da kudu ngurusanan administrasi jeung lainna.
                “Bakal  ngarasakeun kadaharan ngeunah. Naon waé rek diasaan.” Haté ngagerendeng. Geus kabayang di tanah suci téh bakal senang. Pangpangna moal mikiran nu di imah.  Ninggalkeun nu gering struk. Ayeuna aya nu mawa  ka tanah suci. Asa hiburan. Taunan ulukutek di imah ngurusanan nu gering. Asa beku kana otak. Sakapeung mah aral nungguan anu jadi salaki.
                “Bu Ima mah sakieu mah raos. Bapakna teu nyesahkeun. Tiasa maksakeun ka jamban nyalira.” Ceuk Bu Odang, tatangga kuring hiji waktu, basa  ngalayad ka imah. “Cobi pun lanceuk, ka jamban kedah diréréyang, teu walakaya pisan.”
                “Ah, nyéta kaluman atuh ninggalna. Da kahayang téh sok diajar leumpang. Da ieu mah meni hésé pisan. Gawé ngan ngagolér  waé. Matak rudet kana sirah abdi. Kahayang téh sok atuh unggal isuk leuleumpangan mapay mapay gang. Tong  ngaringkeb waé di imah. Pan jadi kesel kanu cageur. Coba lamun si Bapak cageur mah meureun kuring bisa jalan-jalan. Enyaan abdi téh kesel.” Kuring norolong. Ngadelék ka nu gering.
                Boga salaki téh  bageur sabenerna. Inget mangsa baheula keur jagjag waringkas. Teu weléh nganteur kahayang  kuring. Lamun kuring balik elat lantaran aya perlu jeung babaturan, tara ieuh nganaha naha. Asal ngabéjaan.
                “Nu penting Mamah bisa ngajaga diri. Inget urang  geus kolot. Abong  séhat ulin terus sakarepna. Kondisi badan urang geus béda ti baheula. Éta wé Papah mah nitip.” Kitu wé ceuk nu jadi salaki lamun kuring balik elat téh. ”Omat méré kabar wé, méh Papah teu arep arepeun. Méh teu melang.”
                Pangaresep ulin geus ngabaju ti bubudak. Ulin kamana waé. Abring-abringan. Ninggang boga salaki anu bageur anu tara nyawad kana kahayang. Atuh asa merdéka. Balik ti kantor, ulin heula ka mall, ka pasar baru, atawa karokéan. Kalan-kalan ka luar kota aya kana samingguna. Nya kitu ngadon ulin curak curak.
                Dunya asa tijuralit waktu salaki gering. Struk. Sahanteuna nyanghareupan nu gering. Aya rasa aralna. Sanajan enya ceuk sasaha gé salaki téh bageur, teu kudu diurus. Tapi pan angger wé kudu ngawulaan. Komo  ningali ngan ngaringkuk di imah jadi keuheul. Rék ulin asa teu puguh, sieun nu gering kumaonam. Enyaan  hésé ngejat.
                Diajak ku nu jadi lanceuk téh jeung salaki. Ngan nyéta kondisi kaséhatan. Antukna kuring sorangan.   Waktu salaki ngidinan, dunya asa ngalegaan. Geus kabayang meureun moal ngurusanan nu gering. Rék suka suka kitu wé paniatan téh.
                Matak basa kajadian harita. Kuring rumasa. Boga niat nu teu hadé. Ka tanah suci lain rék ibadah. Tapi rék nyingkahan rurudet. Hayang senang senang ku kadaharan anu marahal. Matakna  ku Gusti ditoél sangkan istigfar teu eureun eureun.
                “Gusti. Enyaan abdi hoyong ibadah. Hapunten kana dosa-dosa abdi. Laa Hawla wa Laa Quwwata  Illa Billah.  Nyanggakeun ya Rabbb. Abdi nampi panggeuing ti anjeun. Hapunten kana dosa-dosa abdi.  Abdi  hoyong ibadah, ya Rabb.” Kuring sujud. Nyusut cipanon anu ngalémbéréh.
                Getih anu tatadi merebey tina sela biwir. Sapada harita eureun. Nyeri anu nyanyautan ilang tan karana. Teu mikiran perkara dahareun di hotel anu asalna dicipta-cipta. Nu penting  penting bisa ngalaksanakeun ibadah kalawan daria. ***

1 komentar:

  1. Mangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.

    wealthylovespell@gmail.com

    Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446

    Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com

    BalasHapus