Senin, 12 Desember 2016

Dua Rit

Carpon Galura, 23-30 November 2016


Dua Rit
Ku Nina Rahayu Nadéa

Dua rit!
Nu kabayang dina lamunan Armén. Ti jam sabelas geus campego hareupeun hiji toko baju. Nyidik-nyidik kana angkot warna beureum. Susuganan jeung susuganan milik aya di diri.  Pan geus diajam ti saanggalna. Rék narik dua rit, malah mandar meunang pibagjaeun. Meunang duit. Lumayan pikeun bayaran sakola budak.
                Dua poé deui budak ujian praktek. Can kabayar saeutik-eutik  acan. Jaba kudu boga rapido, keur ujian téa. Duh, enyaan asa lieur mikiran nasib. Majar cenah sakola téh haratis, tapi buktina angger waé murudul ku duit. Motokopi téa, renang téa, sumbangan téa.  Mun keur aral mah sok hayang nitah eureun sakola waé ka budak. Tapi mun eureun piraku rék siga dirina? Ngan saukur jadi supir angkot, nu can bisa nyumponan pangabutuh kulawarga. Waktu nyekel angkot jurusan E-B mah  rada saleuheung.  Sok aya arep-arepeun.
                Tapi ti barang pamaréntah nyieun aturan anyar. Aturan ngeunaan nyadiakeun beus keur barudak sakola. Karasa pisan tijuralitna. Jajauheun  mawa duit ka imah. Geus cumpon setoran gé alhamdulillah, da mimindengna mah nombokan. Antukna tinimbang rugi nya mending ditinggalkeun. Ari pangabisa nya kitu pan ngan saukur nyupiran. Antukna lahlahan nébéng ka babaturan nu sarua jadi supir. Ngan béda jurusan. Sanajan teu bisa netep nyupiran. Ngabatang-istilahna. Teu kudu lieur mikiran setoran. Beubeunangan téh dibagi dua. Ngan kitu ari ngabatang mah. Teu bisa samemena mawa mobil sakahayangna, da geus puguh nu nyekelna. Mun aya nu haat mercayakeun. Nya karék bisa narik.
                Cangkeul cingogo. Lalaunan cengkat. Nitenan baju nu ngagaratung  hareupeun  toko pakéan sebrangeun pos pulisi, lebah pasar Anyar. Aya biru kembang-kembang. Aya polkadot warna ungu. Aralus pisan. Paneuteup pindah ka jalan, nitenan deui mobil. Diarep-arep sugan jeung sugan aya nu nawaran ka dirina. Ngabatang angkot. Cukup dua rit. Ngan sakitu kahayang anu tipeuting anjeucleu na lamunan.  Tiap angkot Cisari ditingali sugan jeung sugan aya nu haat nawaran narik ka manehna.
                “Teu kesel cicing di dinya, Mén. Mending  di imah. Ngaji. Bisi paéh di jalan gera.Haha.” Mobil nu disupiran Mahmud ngaliwat.
                “Gandeng. Ngeceber waé. Buru maju... Tuh.geus aya angkot tukangeun.”
                “Meunggeus balik. Moal aya nu méré angkot ka di dinya mah!”
                “Sia! ngalédék ka urang. Kieu... kieu gé kuat kénéh.” Bari jeung seuri. Padahal haté peurih  lir digerihan ku hinis. Cukup disidem. Ngarumasakeun manéh. Umur geus kolot. Meureun geus loba anu hariwangeun ka dirina mawa angkot.
                “Sakitu  geus lilinieun téh. Angger wé... hayang babalapan jeung nu ngora. Moal kuat. Mending sarékeun. Komo panas kieu mah, kuriak béak tanaga.” Mahmud nyarita deui.
                “Gandéng. Buru indit.” Armén neunggeul bujur mobil tarik. “Mun rék aplus puguh.”
                “Can beubeunangan. Ké, sugan sarit deui nya. Tungguan, wé.”
                “Heug. Urang nungguan di dieu nya.”
                “Nya. Sok tungguan. Kadé,  urang ka dieu manéh geus tinggal tulang. Haha...” Mobil dihurungkeun. Laju ngageuleuyeung.
                Nu boga angkot teu nyaho masalah. Rék meunang muatan rék heunteu apanan setoran mah angger sopoéna. Duit beubeunangan téh can puguh bisa dibawa balik ka imah, da kudu setor heula ka dunungan. Can mikiran pungli nu beuki reuteum. Nu méré cai mineral mah, tisu mah. Ka meuli meuli béngsin apanan geus aya nu ngoordinir. Basa puasa kamari asa atoh, da sugan téh moal aya nu kitu.  Ih, da embung kaleungitan proyék sigana téh.  Cai mineral leungit-diganti ku kolek. Leuheung mun organisasi téh bener-bener  amanah. Ngarasakeun jalma leutik. Jadi pakukumaha lamun supir aya pangabutuh. Ieu mah, angger wé tara aya kauntungan. Taun kamari buktina. Dina mangsa lebaran. Cukup ku meunang orson sabotol.  
                “Narik, Bah?” Asép, budak ngora turun tina mobil. Nyampeurkeun ka Armén nu keur ngumbar lamunan.
                “Eu... iya.. Sep.” Semu atoh némbalan. Haget cengkat nyingraykeun panglamunan. “Dua rit nya, Sép?”
                “Iya. Sok kalem wé, Bah. Abdi mah tunduh.” Asép ngomong lemes. Ngaragangan ka Armén nu geus kolot.
                Bungah lain di kieuna.  Ngajejentul ampir 2 jamna ayeuna meunang milik. Aya nu haat ngoper mobil ka manéhna. Enyaan bagja lain dikieuna.
                “Cisari... Bu. Enggal naék.” Asép  gogorowokan. “Sok Bu, énggal ayeuna gé badé langsung angkat. Geura balanja  ka Cisari bisi séépeun.”
                Dua ibu- ibu rada kolot kaluar ti pasar bari angkaribung, langsung naék. Di tukangna ibu-ibu ngora kénéh ngais budak, sarua naék, sanggeus nanya heula. “Langsung nya, Pak?”
                “Muhun, Bu. Ayeuna.” Témbal Armén.  “Nuhun, Sép.” Armén ngagupay ka Asép peuntaseun.
                “Siap, Bah.”
                Angkot pinuh. Mobil langsung nyemprung muru Cisari. Kembang-kembang kabungah areuntreup na dada. beungeut budak ngolébat basa ngaliwatan  toko alat tulis. “Mudah-mudahan aya, milik, Gus.” Armen ngagerendeng..
                “Balég atuh... dasar aki-aki tujuh mulud.” Angkot hareupeun béda warna nyuruntul. “Siga nu boga nyawa tilu waé!”
                Setir gentak ka kakéncakeun. Istigfar. Haget teuing nempo  ka lebah toko. Teu pati konséntrasi ka jalan.
                “Geus kolot mah meunding saré gera di imah.”Siga nu can puas, éta supir nyarita deui.
                “Hampura... keur mikiran hutang euy.” Armén rada ngaheureuyan. Mobil dikendoran. Méré jalan ka nu lain.
                “Géhél si Abah bisaan  euy, naon jampéna. Panumpang metet kitu.” Maman nu keur ngetém ngagorowok basa Armén ngaliwat.
                Dijawab ngan saukur ku seuri.  Nu dipikahayang cumpon. Angkot pinuh waé. “Kacumponan sigana mangmeulikeun rapido keur budak.
                Sugan isuk  panumpang haneuteun deui. Rék ngabatang deui. Susuganan siga ayeuna. Meureun bisa mayar ujian sawareh mah.
                “Sép, nuhun nya.” Armén ka luar tina mobilna. Mikeun duit ka Asép.
                “Sami-sami, Bah.”
                “Isuk saha nu narik?”
                “Abah, badé narik deui? Sok wé.” Siga nu surti Asép nyarita.
                “Enya lah. Tibatan ngahuleng. Dua rit wé, siga ayeuna.”
                “Siap, Bah. Jam satuan nya.” Asép nyokot HP nu ngageter. Katangen  manéhna uplek  ngobrol.  Armén nilikan baju nu ngagantung di hiji toko. Toko tempat manéhna ngajentul, nungguan nu haat méré pagawean. Nyupiran.
                Lah lahan asup.
                “Gaya euy, meuli baju?” Dasmin, calo, ngelol ka toko. “Beubeunangan loba nya?”
                Dijawab ukur ku rérét.   “Rek ka si Engko, aya perlu.”
                “Cisari... Cisari... énggal, Bu sakedap deui angkat.” Kadéngé Dasmin gogorowokan.
                “Kumaha jadi teu? Meungpeung can di kabaturkeun. Allus ieu mah sanajan urut ge. Budak sayah mah apik makena. Sok meuli nu anyar keneh. Mahal.”
                “Dua ratus atuh, Ko. Kitu ge ayeuna mayar heula saratus lima puluh rebu. Isuk lima puluh. Karunya yeuh ka budak kuring.”
                “Leuh iyeu mah kumaha. Geus kontan we dua ratus.”
                “Ko, sing percaya atuh. Euweuh deui duit. Ieu gé pédah waé ngabatang ka Si Asép. Bisi teu percaya top tah KTP kuring rawatan.” Armén mikeun KTP.
                Adu tawar lekasan. Armén lugina haté barang nu dipikahayang budak. Cumpon.
                “Omat, isuk sawaréh deui.” Si Engko nyarita.
                “Buru,  geus loba muatan tuh. Bisi tarurun deui. Duaan deui mah ké di jalan gé manggih.” Dasmin asup.
                “Pan si Asép nu  narik mah.”
                “Si Asép aya perlu cenah. Tuh, aya kénéh jelemana dina mobil.”
                Armén geuwat nyampeurkeun. “Kumaha, Sép?”
                “Punten, Bah, sarit deui nya. Abi aya telepon penting. Kedah ka bumi heula.”
                “Enya atuh. Ari kitu mah.”
                “Anjirrr si éta..  tatadi pinuh waé penumpangna euy.” Mobil nu dipaké ku Mahmud ngaliwat.
                “Kuma amalan-amalan.” Armén seuri.
                “Béda nu téréh ka ahérat mah. Loba jimatna. Haha.”
                “Gandéng lah... jeung mamawa ahérat sagala.” Rada nyureng.  Keuheul nataku. Titadi, ngan ngahina waé tah si Abléh téh. Aya nu ngajeletot kana haté. Umur beuki ngorotan. Amal can beubeunangan. Rumasa can bebenah keur ibadah nu bener. Salilana ngungudag dunya. Unggal poé baluweng ku pangabatuh. 
                Lebah pertigaan mobil rada ngeyeted. Méré jalan ka nu hareupeun nu sarua ngantai.  Basa  mobil di hareupeun rada towong.  Rikat ngagas mobil, bisi kapiheulaan. Na ari suruntul motor datang. Mobil rikat dipangpéngkeun ka béh katuhu. Ngan édas... datang sédan bodas. Antukna jebrod. Teu kagiwarkeun.***

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar