
Nu Anyar Handapeun Panonpoé
Ku
Nina Rahayu Nadéa
Matapoé
mimiti manceran, beuki karasa panasna. Késang mimiti renung dina tarang
maseuhan pipi muru lemah. Sababaraha kali disusut angger, teu kalis ku
nyusutkeun saputangan. Mungguhing hawa keur meumeujeuhna panas mentrang mentréng. Sigana kabéh
jalma marilih cicing di imah. Nyamunikeun manéh tina sosorot panonpoé
nu mingkin nyorotkeun panas ka satungkebing langit, ka makhluk anu kumelip.
Kuring.
Enya ngan kuring meureun anu remen neuteup panon poé. Ngarasakeun panas anu kacida. Ceuk sasaha gé
kuring téh
teu éling,
teu waras. Menekung di punclut pasir, ngarasakeun sorotna panon poé anu kacida. Ah, keun baé
moal teuing diwaro, anu ngomong teu puguh. Ngan kuring anu ngarasakeun. Ngan
kuring anu ngalaman naon rupa kajadian anu karandapan. Enya sugan ku cicing di
punclut pasir. Nyipta, ngaréka naon rupa anu gumulung dina dada téh
bisa ngajadikeun hiji karya. Karya anu
hadé,
anu mundel kacida. Karya anu bisa diambeuan ku senior anu geus kahot, makalangan
dina jagat sastra.
Sedeng
kuring? Apan ceuk sasaha gé disebut teu éling. Teu waras. Pédah
menekung waé,
di ieu punclut pasir, ngaréka réka udagan jeung kahayang anu pabaliut di haté
sangkan ngajanggélék carita anu éndah, anu pikaresepeun batur. Tong boroning
batur kétang
anu nyebut kuring teu waras téh. Dalah indung sorangan gé,
sigana nganggap kuring kitu.
“Darman
geus geura balik. Tingali panon poé
lingsir ngulon. Rék nepi ka iraha menekung waé di dinya?” sora hiji awéwé ti
landeuh handaruan kasilep angin, muyarkeun runtuyan kecap anu harita geus
diilo, diajam jadi carita anu hadé. “Rék nepi ka iraha cicing waé di dieu?” éta
awéwé
nu taya lain indung kuring geus aya di hareupeun.
“Nepi karya kuring bisa dibaca ku balaréa.
Nepi karya kuring diajénan ku sakabéh sastrawan kahot, yén
kuring gé
siga maranéhna,”
kuring ngagerendeg, méh teu kadéngé.
“Halah
lieur ari geus ngomong sastra, sajak.
Jeung na deui. Nanaonan jadi nu kitu, euweuh gadag. Anggursing néangan
gawé
siga batur. Ngalamar ka ditu. Lain sapopoé di dieu wé. Dibaturan
panon poé. Kapanas-panas.”
Kuring
ukur seuri teu ngadéngékeun omonganna. Awak ngised ka lebah caringin anu teu jauh
di dinya. Gék
diuk handapeunna. Panon manco kana kertas anu méh satengahna pinuh. Gutrut
nulis deui. Anteng ngambah lamunan, ngabudalkeun anu ngajarumat dina pikir
ngajanggélék
carita. Sora Ema geus teu kadéngé deui. Ayeuna ieu pasir simpé,
ngan sora rénghap
jeung ketug jajantung dibaturan hiliwir angin nu kadang ngipasan, kadang tarik
semu nyabokan pipi. Enya, kuring geus jangji rék terus bajoang. Naklukeun
sagala karémpan
nu teu weléh
ngamomotan pikir. Pan jalma mah salilana kudu ikhitiar, teu meunang serah
bongkokan. Pilakadar karyana teu ngajanggélék di média? Moal dipikir. Nu penting
tuluy ikhtiar. Pan ceuk sastrawan kahot gé, asal daék maca jeung teu bosenan, pasti
bisa. “Kecap éta éstu nanceb dina ati, nyerep dina bayah, nepi ka karémpan kamelang saeutik - saeutik undur.
Seja dibuktikeun ka balaréa, yén kuring lalaki anu teu céngéng, anu teu galideur, anu tetep
rék
usaha nepi ka iraha waé. Moal suda. Kudu yakin. Sayakin panon poé anu tetep nyaangan alam
dunya. Teu cueut kanu hideung, heunteu ponténg kanu konéng.
Nya
ku cara nyieun kayakinan diri. Neuteup panon poé anu salilana méré tanaga anyar. Ngagedurkeun
sumanget nu méh leuseuh, jadi ubar nu matuh keur kuring sangkan terus
ikhtiar jeung ikhtiar.
Enya
kuring mah meureun béda tinu lain. Da batur mah cenah lamun ngahasilkeun karya
téh
resep dina simpéna peuting, dibaturan sora cakcak jeung angin peuting anu
nyulusup ngupahan embun-embunan. Mencarkeun otak sangkan jadi cénghar.
Sarta ngahasilkeun karya anu hadé. Éta resepna dibaturan kasimpé.
Disimbutan peuting anu peteng.
Ah,
béda
jelema béda
carana meureun. Nu penting kuring resep di dieu. Diuk nyorangan handapeun tangkal
caringin. Merhatikeun panon poé.
Paling resep nempo panon poé
anu mimiti mucunghul. Hibarna éstu pikabitaeun. Neuteup panon poé nepi ka bosen. Geus kitu
ngahanca pagawéan. Nulis. Ngan kuring meureun anu resep cicing di dieu téh.
Taya nu ngabaturan. Pan ceuk sasaha gé tempat ieu téh sanget, loba anu ngageugeuh
komo handapeun caringin mah. Tara aya nu
daék
ngalanto sosoranganan. Ngan kuring anu jarambah. Untung barina gé,
teu daraék
ka dieu. Méh teu kagiridig teuing. Jadi
kuring jongjon barang gawé.
Teuing
geus sabaraha ratus sajak, geus sabaraha puluh carpon anu dijieun di dieu. Di
punclut pasir, handapeun tangkal caringin bari dilalajoan ku sorot panon poé, anu teu weléh
buméla
ka kuring. Méré
cahayana lamun kuring keur kalimpudan. Manaskeun haté lamun kuring keur kabaseuhan
ku segruk cimata. Cimata nu teu maci dikaluarkeun, ngeyembeng na leuwi haté. Enya pan ceuk sasaha gé
lalaki mah teu meunang ceurik. Kudu kuat. Cimata anu heunteu kasaksén
ku saha waé.
Nyamuni di dieu dina leuwi pangjerona. Ngan kuring anu bisa ngarasakeun kumaha
baseuh jeung ngeyembengna ieu haté. Kumaha ngangluh jeung kingkinna,
nyanghareupan hirup anu teuing iraha milih ka diri.
Komo
lamun inget ka Lies. Beuki ngangres haté téh. Kuring lalaki anu kacida
hayang micinta manéhna. Tapi nalipak manéh. Pantaran kuring, pangarang
anyar, anu karyana tacan sumebar, asa teu pantes nyandingkeun cinta manéhna.
Enya ogé
manéhna
babaturan ti keur budak, batur salembur. Tapi pan ayeuna mah geus béda.
Manéhna
pangarang kahot.
Mun
teu inget kana papatah. Kana ucapan nu salila nanceb na angen, yén
teu meunang aral, teu munang kingkin lamun kahayang can ngajanggélék
jadi kasenang. Tong gimir lamun ayeuna kapeurih jeung kamelang anu maturan.
Jaganing géto
tinangtu bakal manggih kabagja. Inget...inget...inget, yén manusa geus dibéré
akal nu sampurna, geus dibéré pikir anu kacida bédana jeung mahluk lain. Tinggal urang
ngayakinkeun diri sorangan. Ngado’a jeung ikhtiar sarta sanggakeun deui ka
mantena perkara hasil heuteuna.
Atuh
kuring anu geus suda ku tanaga, sabéak déngkak ajeg deui. Ngumpulkeun
deui pangacian. Ngumpulkeun deui kecap jeung ungkara anu marurag, anu leungit
sawaréh
teuing kamana. Nyambungkeun deui éta puzzle
kahariwang jeung kasalempang sangkan tetep ngahasilkeun karya anu nyata anu
bisa dibaca ku balaréa.
Harita panon poé geus mimiti nundutan, kuring
keur ngahanca hiji naskah kalawan daria. Rada lila éta tulisan anu aya dina kertas
diilo kalawan gemet, sababaraha balikan. Kekecapan anu dirasa kurang ditambahan
kunu leuwih merenah jeung ngandung nilai éstétik.
“Nuju
anteng, Kang?” teu kanyahoan hiji sora ngagebah. Bréh di hareup geus ngajanteng hiji awéwé.
“Lies?
Tos lami?” kuring ngarénjag ningali anu ngajanteng. Asa ngimpi. Sakedapan
mencrong. Gigisik kana panon, bisi salah tetempoan. Tapi sidik, awéwé
anu aya dina lamunan, kiwari aya hareupeun.
Manéhna
imut. Katingali kempot biwirna. Nyari. ”Atos titatadi. Ngan sieun ngangganggu
waé,
hapunten bilih cologog nepangan akang di
dieu.”
“Iraha
ka lembur? Naha terang akang di dieu ti saha?”
“Kamari
ka lembur mah. Tadi énjing-énjing nepangan ka bumi. Saurna akang
di dieu. Alhamdulillah karesep téh angger
teu robih. Boro sieun akang pindah pileumpangan,” manéhna imut deui, kempotna beuki
nyari. Komo ningali karang dina palebah kempotna, nambahan geulis kabina-bina.
“Kutan,
kamari?” ceuk kuring bari angger neuteup Lies nu angger geulis taya cawadeun.
Ehm, lamun apal ti kamari mah meureun nganjang ka imahna, haté
galejok. “Ké...ké, sisinanteneun atuh ka dieu,
aya naon?”
“Kang,
teu kaabotan kitu pami....”
“Pami
naon?”
“Ah,
isin tapi.”
“Naha
sareng isin sagala Lies. Pan urang téh réréncangan caket. Ti SD dugi ka
SMA sasarengan. Sakaresep deui, mugia Akang tiasa ngabantos,” kuring neuteup seuseukeut
panonna nu linduh liuh. Manéhna mencrong. Prok dua panon
pateuteup. Sérédét
aya nu nyérédét
kana haté,
nyiwitan angen jadi ratug tutunggulan.
“Lies
hoyong kolaborasi,” manéhna
tumungkul.
“Kolaborasi?”
kuring kerung, can apal kamana loyogna omongan Lies.
“Mugi
akang teu renggat galih, kersa ngadumaniskeun karya urang. Kaleresan Lies
ditawisan ngadamel buku ku hiji penerbit ti kota. Ngan DLna mépét
teuing. Lies ngan gaduh genep carpon. Nuju baluweng kitu téh
beut émut
ka akang.”
“Eu....ah,
ararisin teuing atuh Lies. Pan Lies mah tos janten pangarang kahot. Sedeng
akang mah némbé léléngkah
halu,” sagala rasa pacampur aduk. Antara percaya jeung heunteu. Pagaliwota.
“Karya
mah sanés
ditingal ti senior heunteuna,” cenah angger tungkul. ”Kersa teu...?”
“Pami
Lies teu kaabotan,” kuring imut.
“Nuhun
pisan.” Manéhna
imut kareueut.
*
Poé
ieu, poé
anu kacida bagjana keur diri kuring. Sarua jeung bagjana panon poé anu teu weléh haat méré katingtriman. Kalan-kalan
panon poé mélétét, ngintip dina sela-sela méga.
Inyana bagja pohara ningali kuring anu sumanget.
Sumanget nyanghareupan jalan anu asa caang narawangan. Leuwih sumanget, sabab aya
nu anyar handapeun panon poé,
katresna kuring jeung Lies geus nyimpay na ati sanubari. Sayaga nyanghareupan
pakewuh, sayaga balayar dina lautan katresna.***
Haturan:
Kang Usep Romli Abdul Hamid
Nina
Rahayu Nadéa.
Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, Sastra
Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo
Semar, Radar Bayuwangi, jrrd
Tidak ada komentar:
Posting Komentar