Kamis, 29 Desember 2016

Menel Jeung Tulalena

SundaMidang, 25 Apri-25 Meil 2016


Ménél jeung Tulaléna
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Kaayaan keur meujeuhna hadé poé. Langit cangra taya tédéng aling-aling. Éstu matak nikmat, matak bétah tumaninah pikeun ngarasakeun  lingkungan anu sakitu asrina. Kitu deui ménél si anak gajah, harita geus saged, geus siap-siap pikeun ngarasakeun hawa nu seger.
                Sanggeus saged dangdan. Dangdak déngdék hareupeun kaca bisi aya nu kaliwat. Bisi batur jadi teu resep ningali kaayaan manéhna nu biasana rudin. Enya ogé hirup sorangan taya  nu ngurus, ménél hayang katingali kunu lain berséka. Teu rudin teuing.
                Kahayang mah harita ulin ngurilingan lembur. Ningali babaturanna arulin. Biasana lamun hadé poe kieu babaturan téh sok ngariung arulin balagonjakan. Kitu wéh taya reureuhna, taya kacapé. Sabenerna hayang pisan ménél gabung ngahiji jeung maranéhna. Tapi, pan geus karasa kumaha nu eunggeus-eunggeus. Inget ka dinya ménél teu jadi ngurilingan lembur téh. Ayeuna malibir néangan nu simpé bari jeung nyeuseup hawa seger anu kacida jauh tina polusi sangkan sehat keur awakna.
                Gék diuk handapeun tangkal mahoni. Rurat rérét ka sabudeureun alam. Enya éndah pisan ieu lembur téh. Satungtung deuleu sawah jeung pakebonan upluk aplak matak pikabétaheun. Bari jeung istirahat téh teu poho ménél mukaan poto nu geus leuseuh. Poto anu teu weléh dibawa kamana waé tiap manéhna indit. Can kungsi tingaleun. Poto anu mukakeun panineungan, mukakeun ingétan manéhna ka waktu anu geus kaliwat. Waktu dimana manéhna ngahiji, ruang riung jeung kulawargana. Jeung indung bapak katut adina. Aya cipanon anu teu kaampeuh merebey maseuhan pipina waktu ningali éta poto. Enya, tiap ningali poto kasedih jeung nalangsa teu weléh natamu nganjang ka manéhna iraha waé. Tiap muka lambaran lalakon nu geus kaliwat.
                Hiji-hiji taya kabosen éta poto ditengetan ti mimiti indungna. Indungna keur ngais adina nu leutik kénéh. Katingali tina poto sigana seurina keur nyeuleukeuteuk, béh kénca bapakna, katingali pasemonna hégar marahmay,  béar kacida. Meureun keur dipotona téh ngomongna cissss. Da katingali biwirna engab, ngarenyu. Dina panengah diapit ku indung bapakna katangen gambar dirina. Enya ménél téa. Ehm, bagja kacida harita. Di tukang anu dijadikeun latar poto. Katingali tatangkalan  pating rarajeg siga anu ngilu nyalindungan maranéhna anu keur dipoto bisi aya nanaon, bisi aya hal-hal anu négatip tumiba ka diri maranéhna.
                Waktu keur anteng neuteup poto, ngumbar lamunan. Béh jauh kadéngé hawar-hawar anu saleuseurian. Siligonjak jeung baturna. Barang dirérét,  geuning monyét, uncal, maung jeung nu lainna. Maranéhna keur suka bungah. Arulin. Ti mimiti ucing-ucingan, peperangan, nepi ka maén ucing sumput, siliudag. Kabéh teu leupas tina pameunteuna. Kabita pisan.
                Lahlahan ménél ngadeukeutan. Ti kajauhan geus méré pasemon anu marahmay. Bisi kajadian anu enggeus-eunggeus. Tapi teu jauh tina panyangka. Barang srog ménél ngadeukeutan. Kabéh ngarénjag.
                “Héy awas aya mahluk anéh,” monyét tuturubun naék kana tangkal kiara. Ngajauhan kanu anyar datang.
                “Hayu bubar awas aya mahluk anéh,” maung pipilueun ngomong. Bari jeung langsung lumpat ngajauhan ménél anu harita hareugeueun.
                “Éh, pangacau datang. Rék naon ka dieu,” uncal bari jeung ngambek ngagadeud. Ngadupak awak ménél. Méh wae tijeungkang. “Gara-gara manéh kaulinan bubar jaba keur resep,” cenah ngabéngbéos ningalkeun ménél sorangan.
                Enya kitu jeung kitu geuning kalakuan maranéhna ka ménél. Padahal rarasaan kudu kumaha. Mimitina mah maranéhna nyarékan si rudin. Tah supaya teu kajadian kitu ménél nagabebenah awak sangkan éta landian hilang ti dirina, jeung bisa arulin jeun nu lainna. Kacida hayangna ménél gabung jeung babaturana. Tapi ning kitu angger. Sanajan enya rarasaan geus berséka. Mandi gé aya kana sajamna ngarah bau awak leungit, ngarah ditampa arulin jeung maranéhna. Ayeuna kadéngé ning landian anyar, ‘mahluk anéh’. Ah, naon atuh kahayang maranéhna, jeung enya kitu kuring mahluk anéh? Haté ménél cumarita.
                Ménél leumpang rumanggieung, kaperih kanyeri duméh dilandi waé anu teu puguh nyababkeun dirina ngarasa minder. Korban perasaan, mun kudu disebutkeun. Ka mana atuh manéhna kudu ngabudalkeun katugenah anu nungkupan dirina. Pan manéhna hirup nunggelis, éstu euweuh sasaha. Teu boga pisan baraya pikeun ngabudalkeun kapeurih kanyeri ti babaturan. Teu lila ménél anjog di sisi situ, situ anu caina canémbrang hérang. Gék manéhna diuk na biwir cai. Ngahuleng. Ngeunteung salila-lila dina cai.
                Enya meureun kuring téh béda tinu lain. Buktina? Aéh,  karék ka pikir ayeuna geuning. Meureun mana kitu gé, maranéhna nyebut mahluk anéh téh, aya alesanna. Karék katingali ku sorangan kumaha rupa jeung gambaran manéhna dina eunteung cai. Palebah biwir aya nu ngagebay panjang. Tulalé. Enya tulalé. Pan mahluk lain mah teu barogaeun. Ngan dirina anu boga tulalé. Ehm, paingan atuh maranéhna nyebut mahluk anéh.
                Tapi pan indung bapakna gé boga tulalé. Naha jeung anéh sagala? Éta pikiran minuhan haténa. Ah, ema bapak lamun araya kénéh mah meureun kuring moal kieu. Moal diantepkeun, moal pada ngucilkeun. Lamun aya ema, aya bapak mah meureun aya nu ngupahan. Aya nu ngabeberah haté lamun kuring dipoyok jeung dilandi anu goréng ku batur. Ka mana atuh, Ma? Naha ema beut téga ningalkeun kuring. Ngaculkeun kuring di leuweung. Ema, naha enya ema geus tilar dunya. Dimana tetenggerna. Kuring sono, ménél ngajerit maratan langit.
                Bari jeung nyusut cipanon ménél cengkat. Leumpang deui rada béh luhur. Ti dinya mah geuning bisa nyidikeun ka sakabéh di sakurilingeun. Ti mimiti imah uncal, imah monyét. Kabéh katingali atra. Tuh ayeuna ge ménél ningali atra babaturana keur arulin di buruan imah monyét. Katingali indungna sakapeung ka hareup méré dahareun. Atuh nu keur arulin téh beuki resep waé. Lian ti anteng arulin taya nu ngaganggu ogé jeung dibéré dahareun anu ngarareunah ku indung monyét. Sanggeus bosen merhatikeun maranéhna. Jung, cengkat rék ka imahna seja istirahat.
                Karék gé sababaraha léngkah.
                “Tulung...tulung.”
                Ceuli ménél nu geus rebing, direbingkeun deui. Bisi salah déngé.
                “Tulung...tulung.”
                Ménél malik ka tukang muru sora. Barang bréh. Lebah imah monyét. Tempat anu tadi dipaké arulin, katingali seuneu ngabebela. Indung monyét jeung nu lainna  ngan bati ceurik. Ningali kaayaan kitu teu talangké ménél ngadeukeutan situ anu teu pati jauh. Terus caina diseuseup loba, sarta disebrotkeun ka lebah imahna monyét. Teuing sabaraha balikan éta pagawéan dilakukeun ku ménél. Teu madulikeun kacapé, nu penting dina pikiran ménél harita. Seuneu anu ngabebela kudu geuwat dipareuman. Bisi sumebar keuna kanu lain.
                Tungtungna seuneu téh pareum. Ningali seuneu pareum, ménél ngaléngkah ninggalkeun. Kahayang mah nyangsaya istirahat, tumaninah ngarasakeun kacapé anu nyangsaya na awak. Rék teu capé kumaha atuh. Titatadi leumpang ti situ ka imah monyét aya kana sababaraha balikan. Tadi mah keur baranggawé teu karasaeun capé. Da enya hayang nulungan téa, sangkan seuneu pareum. Ari geus pareum geus bérés. Karasa ning ayeuna. Awak pasiksak.
                Leumpang jumarigjeug bakat ku capé. Hayang geura nyingkah ti dinya. Sieun ngadéngé kekecapan anu matak nyugak kana haté. Enya hayang geura nyingkah. Tapi karék gé sababaraha léngkah.
                “Ménél...!” sada aya nu ngageroan.
                “Ménél,” deui deui éta sora kadéngé.
                Ménél ngarandeg. Enya kitu aya nu ngageroan manéhna. Tapi saha? Asa kakaraeun aya nu ngageroan manéhna. Salah  déngé meureum. Teu hayang ngalieuk ka tukang, ménél leumpang deui.
                “Ménél,” cenah ayeuna mah sorana atra, tarik nakeran.
                Ménél ngeureunkeun léngkahna sarta ngalieuk ka tukang. Barang ningali téh enya wé geuning bener aya nu ngageroan dirina. Katingali monyét, uncal, maung, cicing lebah tukang.
                “Ménél, hampura nya,” monyét ngomong bari jeung nyampeurkeun.
                “Hampura?” tarang ménél kerung. Teu ngarti.
                “Enya hampura salila ieu kuring jeung babaturan sok ngahina waé. Sok moyokan anu teu puguh.”
                “Ah, teu nanaon,” témbal ménél pondok.
                “Kuring gé ménta dihampura. Salila ieu sok nyebut mahluk anéh ka manéh. Lain nanaon kuring mah ngan sieun ningali tulalé anu sakitu panjangna. Sieun dipaké neunggeulan kuring.”
                “Enya hampura ménél,” ceuk uncal ngarangkul ménél. “Teu nyangka geuning anu salila ieu dipikasieun, dianggap teu pira, geuning sakitu gedé mangpaatna. Ku ayana tulalé anu dibogaan ku manéh. Geuning bisa ngahindarkeun urang tina bencana.”
                “Sakali deui hampura nya ménél. Daék teu jadi babaturan kuring?” monyét nanya ka ménél.
                Ménél ngan saukur ngahuleng. Teu percaya kana dédéngéanna.
“Daék teu ti mimiti ayeuna manéh jadi batur ulin. Urang gabung,” monyét nandeskeun deui.
                Ménél ngan bati seuri. Terus unggeuk.
                “Horééé.”
                Ti harita ménél gabung jeung babaturan. Ménél kacida atohna ngabogaan batur ulin. Babaturan anu salila ieu ngan aya dina impian. Ti harita ménél bisa ulin jeung saha waé. Bari jeung teu kudu aya kasieun. Teu sieun dicarékan, teu sieun dipoyokan. Nu penting mah bisa arulin jigrah jeung nu lain sabatur-batur.
***
                Ménél diaku jeung cicing saimah ku kulawarga monyét. Ku ayana ménél di éta imah, kulawarga monyét kacida kabantu ku tanaga ménél. Enya mimiti mah hadé basa hadé sagalana. Tapi nu ngaranna ka batur, lain ka anak teges mah geuning angger wé karasa pisan bédana. Aya jurang nu gedé anu tetep misahkeun manéhna jeung kulawarga monyét.
                Meureun manéhna diaku, sina cicing jeung kulawarga monyét téh pédah waé butuh tanagana. Butuh ku tulaléna anu kacida loba jasana. Ngan ménél teu bisa kukumaha. Manéhna tetep ngarasa kahutangan budi ku indung monyét. Kuayana manéhna diurus, ménél bisa barang dahar  teu balangsiar sorangan. Perkara manéhna dibudakeun ku indung monyét. Ah, éta mah biasa wé. Anggap wé bales budi ti ménél ka kulawarga monyét nu geus ngarawatan dirina. Kitu wéh, obat anu sok dipaké ngupahan ku ménél keur dirina sorangan.
                Ti mimiti ngala cai, bébérés nepi ka ngala suluh. Kabéh dilakukeun ku  ménél. Monyét nu leutik anu ayeuna jadi babaturana gé sakapeung mantuan. Ngan kitu geuning, lamun kapanggih ku indung monyét sok dihulag.
                “Keun wé éta mah tugas si ménél,” cenah dina hiji waktu. Basa monyét leutik ngabantuan ménél ngala cai.
                Kitu deui waktu monyét asup sakola. Si ménél mah sina cicing waé di imah teu meunang sakola. Alesanna mah cenah di imah  babantu indung monyét, teu meunang kamamana. Ménél nurut sanajan dina haténa kacida hayangna pisan sakola. Inget kana papatah indung bapakna, yén élmu téh kacida pentingna pikeun kahirupan. Pikeun bekel jaga. Élmu mah teu beurat mamawa. Éta papatah téh nepi ka ayeuna nongtoréng waé dina ceuli ménél.
                Inget kana papatah indungna. Kalawan demit ménél ngiluan diajar. Lamun monyét keur diajar, ménél sok noong dina jandéla. Merhatikeun maranéhna diajar. Sakapeung lamun keur bongoh, tulalé ménél anu panjang dipaké nyokot buku monyét atawa uncal terus ku manéhna disalin. Kitu deui lamun keur ulin jeung monyét. Ménél tara éra tatanya. Ti perkara maca nepi ka diajar ngitung sok nanyakeun ka monyét. Monyét atoh wé nu aya, boga batur keur diajar.
                Sabenerna monyét mah teu pati resepan kana diajar téh. Pagawéanna ngan saukur ulin. Tah lamun aya PR atawa naon waé anu hésé dikerjakeun. Monyét sok ngajakan ménél ka hiji tempat ambéh teu kanyahoan ku indungna. Bisi ménél dicarékan. Geus kitu mah nitah ménél ngerjakeun PRna.
                Teu anéh sanajan teu sakola gé ménél téh pinter. Béda jeung monyét, najan sakola tapi tara merhatikeun, teu suhud kana diajar. Sanajan enya nilai alus. Tapi pan lain meunang jieunna.
Dina hiji poe monyét meunang peunteun 100 dina nilai Matématika. Guru Lutung kacida reueusna, sarta ngagul-ngagul monyét kanu lian. Tapi ngarénjag, waktu monyét dibéré soal sarta dititah ngerjakeun di hareup teu bisaeun. Rahasia kabongkar. Basa diguliksek ku guruna saha anu ngerjakeun. Monyét wakca yén anu ngerjakeun tugas salila ieu téh nyaéta ménél.
                “Ménél?” tarang guru lutung ngariut. “Saha ari ménél téh?”
                Teu tédéng aling-aling monyét nyaritakeun satarabasna perkara ménél. Ti mimiti datang ka lemburna nyorangan, dipoyokan nepi ka cicing di imahna kabéh dicaritakeun. Kitu deui perkara kahuruan, kajadian éta dicaritakeun  taya  kaliwat.
                “Kumaha cirina ménél téh?”
                “Boga tulalé panjang, ceulina rebing, awakna gedé.”
                “Tulalé?” pikiran guru lutung kumalayang, beut jadi inget kana hiji kajadian. Harita waktu aya di hiji tempat, manéhna panggih jeung hiji mahluk anu ciri-cirina sarua jeung anu dicaritakeun ku monyét bieu. Manéhna nyarita bari jeung sedih, cenah keur néangan anakna anu leungit kasarung di hiji leuweung. Manéhna geus asruk-asrukan néangan tapi angger wé tacan kapanggih. Lamun pareng panggih omat wé cenah béjaan.
                “Monyét bisa teu ménél isukan sina ka dieu?”
                Monyét ngahuleng. Sadar, geus pasti moal bisa. Geus apal kana adat indungna anu kacida galak, jeunga ngalarang ménél ka luar imah. Komo deui ieu ka sakola, tempat anu kacida dipahing ku indung monyét pikeun ménél.
                “Guru lutung wé atuh ka ditu. Ku abdi mah moal tiasa geura. Indung kuringna galak,” monyét nyarita satarabasna. Jeung ngobrol lamun salila ieu ménél sok mantuan barang gawé di imah indungna. Jadi hésé pisan ka luarna.
                “Keun ari kitu mah atuh. Ayeuna kénéh rék ka ditu.”
                Mimitina mah indung monyét teu mikeun waktu guru lutung ménta ménél sangkan cicing di imahna. Kabayang ku indung monyét, pisakumahaeun teuing ripuhna lamun ménél teu cicing jeung manéhna. Tapi ku guru lutung diolo sarta ngayakinkeun yén monyét bakal leuwih diperhatikeun lamun indung monyét mikeun ménél ka dirina. Muji ka monyét nilai di sakolana alus waé. Ngadéngé kitu irung indung monyét rebéh, teu talangké geuning langsung nyaluyuan kahayang guru lutung mawa ménél.
                Bari jeung nungguan kapastian perkara gajah gedé anu harita papanggih di hiji tempat. Guru lutung teu eureun méré papatah ka ménél. Kitu deui  pelajaran anu aya di sakolana, diajarkeun ka ménél kalawan daria. Sanajan asupna telat béda jeung batur. Kawantu ménél budak calakan, teu hésé pikeun manéhna diajar. Malah mah nyongcolang tinu lain, lamun disebutkeun mah.
                Di sakola ménél teu weléh tutulung ka sasaha waé. Malah guru lutung gé anu harita rék labuh, katulungan ku ménél. Tulaléna anu panjang rikat mantuan guru lutung anu rék labuh. Ti mimiti nulis dina bor, nyokot pulpén anu murag sarta arulin jeung babaturanna éta geus ngajadikeun ménél dipikareueus. Kitu deui guru lutung, beuki dieu beuki tamplok kanyaahna ka ménél.
                Dina hiji waktu. Harita guru lutung ngabagikeun rapot. Kabéh kolot salaku wawakil budakna geus daratang ka sakola. Komo indung monyét mah geus datang ti béh mula. Manéhna yakin yén monyét bakal meunang nilai pangalusna. Sabab kumanéhna katingali nilai monyét salila ieu sok alus waé.
                Waktu diumumkeun yén anu juara téh ménél. Indung monyét ngambek.
                “Teu salah guru lutung? Piraku ménél anu juara. Asup sakolana karék kamari ieu.”
                “Teu kitu. Da angger nilai pangalusna mah ménél.”
                “Sok coba tés ayeuna,” indung monyét nyereng.
                “Ulah, Ma. Enya da ménél mah pinter,” monyét ngomong ka indungna.
                “Gandéng. Teu hayang anak sorangan kaéléhkeun ku si ménél.”
                Kusabab indung monyét maksa, antukna guru lutung langsung méré soal ka monyét jeung ménél. Da jeung enyana ménél bisa ngerjakeun soal kalawan téréh. Ari monyét mah ukey-ukeyan, teu bisaeun.
                “Kuring narima éléh. Tapi kahayang kuring éta hadiah téh dibikeun ka kuring. Pan kuring gé kungsi ngarawatan ménél. Teu kaci dibikeun ka ménél, da manehna teu bogaeun indung,” indung monyét néngtéréwélang.
                “Satujuuu,” ceuk nu lain réang.
                Ménél bati ngaheruk da jeung enyana. Manéhna teu bogaeun indung. Guru lutung gé teu bisa majar kumaha. Sarta ngaharéwos ka ménél.
”Keun wé hadiahna mah keur indung monyét ogé nya. Da ménél mah tetep pinter, ké ku guru lutung dibéré deui hadiahna.”
                Ménél unggeuk. Bari jeung rambisak.
                Hadiah antukna dibawa ku guru lutung ka luhur panggung. Kahayang haté mah dibikeun ka ménél. Tapi tibatan anu araya ngamuk, nya keur ngarépéhkeunna, kapaksa éta hadiah dibikeun ka indung monyét.
                Waktu hadiah di kaluhurkeun, rék dibikeun pisan ka indung monyét. Teu kuhanteu beut aya tulalé panjang nyurungkuy, sarta nyokot éta hadiah. Kabéh reuwas, ningali éta tulalé. Timana datangna. Barang bréh geuning di luareun sakola katempo gajah gedé. Gajah nu taya lian indungna ménél.
                Indungna ménél datang dina waktu anu pas. Leuir saeutik datang tinangtu hadiah kapimilik ku indung monyét.
                “Horééé. Indung ménél datang,” babaturan ménél surak. Sarta ngarangkul ménél.***
                 
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Tulisanna sumebar dina sawatara média. Oge bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar