Selasa, 27 Desember 2016

Qurban

Dimuat di Koran galura, Minggu ka II September 2016


Qurban
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Gara-gara Mamang kituna mah. Enya Mang Danu, adi bapak kuring. Méré info anu teu bener. Jadi wé kuring ayeuna kieu. Ditatagih hutang ku Ko Acay, atuh gawé kuring kana rongsok teu pati lancar siga baheula. Balukar pikiran anu baluweng. Ko Acay deui ayeuna mah teu bageur siga baheula. Pédah meureun kuring boga hutang. Da dibayar ku domba mah geuning embung. Ngadoa téh nya mudah-mudahan waé sagancangna aya nu meuli domba. 
Enya gara-gara Mang Danu tah. Jadi wé kuring lieur. Mun manéhna teu cacarita nu lain-lain mah meureun kuring moal rugi. Ehm, rék untung téh ngadon buntung. Tungtungna kuring ngarandapan kuciwa anu pohara.
                Geus diniatan ti baheula hayang meuli domba.  Keur bisnis. Da ningali di lembur mah asa resep. Nu boga domba mah sok loba untungna komo mun pareng Idul Adha mah. Ku boga niat anu pageuh, saeutik saeutik kuring nabung. Dikumpulkeun nepi ka hasilna lumayan. Cukup keur sadombaeun. Keur kuring mah perkara nabung téh lain hal anu babari, da kudu ngabagi duit beubeunangan anu saeutik jeung pangabutuh.
                Di lembur mah apaleun ka kuring teh pesuruh di hiji sakola. Balik ka lembur saminggu sakali. Lembur Cimali.  Padahal mah lian ti éta kuring nyambi jadi tukang rongsok. Mulungan sabangsaning plastik, kardus, naon waé anu sakira kira payu bisa dijual.          
Apal kana rongsok. Mimitina tina hiji poé.  Bah Uus, pasuruh di SD 1  gering. Heunteu gering parna, ngan batuk waé.   Haat kuring mantuan pagawéanna satutas pagawéan di SD 2 – tempat kuring gawé bérés.  Runtah dikumpulkeun. Plastik jeung plastik,  ari kumpulan runtah kotor mah dihijikeun. Kitu wé nurutan manéhna. Basa rék dipiceun ku manéhna dihulag.
                “Ulah dipijeun, Dang. Piduiteun éta téh.”
                “Piduiteun?”
                “Enya pan sok dikumpulkeun terus dijual.”
Ti dinya ngobrol jeung si Abah ngeunaan rongsok téa. Jorojoy hayang nurutan. Bah Uus gé  atoheun kacida waktu kuring nembrakeun  kahayang téh. Atoh. Meureun jadi aya batur dina pacabakan. Ti dinya mah bareng jeung Bah Uus néangan rongsok. Satutas bébérés di sakola. Kuring jeung Bah Uus sok nguriling komplék, néangan rongsok.  Lamun  geus meunang  sakarung sok langsung balik. Lamun masih kurang, sok nguriling kanu rada jauh. Pasar landeuh. Pokona nargét wé sapoé kudu meunang sakarung éwang. Beubeunangan rongsok dikumpulkeun di imah Bah Uus nu teu pati jauh ti sakola. Sanggeus loba dijual ka penampung.  Ko Acay. Lumayan hasina gedé. Tah tina beubeunangan éta  saeutik saeutik kuring bisa nabung.  
                Dua bulan deui ka Lebaran Idul Adha kaingetan kana niat nu baheula, hayang meuli domba. Kabeneran duitna geus cukup keur sadombaeun. Harita kénéh langsung dibeulikeun.  Waktu aya di Lembur Cimali, ditawarkeun heula ka dulur, Mang Danu. Kabeneran boga paniatan rék kurban. Bungah waktu Mamang rék meuli domba ti kuring. Malah dipanjer heula satengahna.
                “Bisi kapaké,” kitu ceuk Mamang, waktu ku kuring duitna ditolak, da lebaran lila kénéh.
Atuh kuring lugina. Duit anu ti manéhna diteundeun deui di bank. Ari domba diteundeun di imah Bah Uus, méh babari néangan parab angkeuhanna téh. Katambahna deui pan Bah Uus gé geus tiheula bisnis kana domba.
                Waktu hiji poé balik ka Lembur Cimali, aya nu nanyakeun deui domba ka kuring. Mang Sumadi. Kataji ku omongan nu jadi Mamang meureun. Domba ti kuring cenah  murah. Manéhna rék meuli dua.
                Atoh. Ngan bingung lebah néangan modalna. Untung inget ka Ko’ Acay. Bos rongsok téa. Tah kadinya kuring ngumaha. Kabeneran Ko Acay méré modal. Ngan omat duitna kudu geuwat dibikeun. Kitu ceuk manéhna téh. 
                Dua poé deui ka qurban Mang Danu datang ka imah.
                “Man, mana domba téh. Hayang dibawa ka imah ayeuna.”
                “Oh, hayu atuh Mang. Urang ka bumi Bah Uus waé.”
                Harita kénéh langsung ka imah Bah Uus.  
                “Bélah mana kandangna?” Ceuk Mang Danu waktu nepi ka imah Bah Uus.
                “Di pengker, Mang. Kuring leumpang rusuh dituturkeun ku Mang Danu.
                “Tuh.. Mang dombana. Pasti sugema. Badag kitu.” Kuring nunjuk  domba.
                Mang Danu leumpang ngadeukeutan domba. Panonna ngulincer ka sakuriling.
                “Leuh geuning parabna....” Mang Danu rada ngahuleng waktu ningali kaayaan kandang.   Kabeneran runtah téh can kabangkat. Rongsok plastik mah rencana teh isuk rek di ka Ko Acay keun. “Parabna geuning runtah Dang?!”
                Mang Danu nempo runtah nu ngahunyud patulayah.
                “Haduuuh... ngadon diacak kieu manéh mah.” Kuring méréskeun runtah anu patulayah. Sigana karung runtah katokér ku sukuna, eusina patulayah minuhan kandang. Malah katingali éta domba keur kokoréh néangan kahakanan.
                “Jadi parabna runtah. Dang?”
                “Sanés atuh, Mang. Mung ieu mah kaleresan waé runtahna nambru, teu acan kabersihkeun. Katokér tah ku si bebengok Domba. Jukut héjo atuh, Mang.”
                “Dang...”
“Kumaha, Mang?”
                Mang Danu neuteup  kuring terus neuteup domba.
                “Hampura nya.”
                “Hampura kumaha ari Mamang.”
                “Sigana teu jadi meuli domba téh?”
                “Har?” Kuring reuwas. Teu pupuguh Mamang ngabolaykeun meuli domba.
                “Hampura sakali deui. Ieu si  Andi nga SMS  geus meuli cenah  ti Bandung.” Mang Danu némbongkeun HP ka kuring. Teuing naon eusina mah, boro-boro hayang ningali. “Nyéta budak téh teu ngajak badami. Ké wé duitna mah  isuk gé teu nanaon.  Sakali deui hampura nya.“ Mang Danu ngaléos, ningalkeun kuring nu mata simeuteun.
                “Kunaon ngahuleng waé. Dang.” Bah Uus teu kanyahoan geus aya tukangeun.
                “Itu geura nu jadi Mamang, teu pupuguh ngabolaykeun meuli domba.”
                “Keun ngaranna gé jual beli. Kitu tah ari dagang mah. Pan masih kénéh aya dua deui domba. Sing sabar wé...” Bah uus nepakan tonggong.
                “Enya meureun, Bah. Lain milikna.”
                “Rék ka mana ayeuna?”
                “Ka lembur. Pamajikan bisi arep-arepeun. Ké wé isuk ka dieu. Mawa domba anu dua. ”
                Di imah kasampak pamajikan keur pakepuk di dapur. Rék nyarita pisan kanu jadi pamajikan, geus kapiheulaan.
“Kang Mang Sumadi, tadi ka dieu.”
“Béjakeun atuh, dombana isuk dianteurkeun kituh.”
“Lain kitu. Teu jadi meuli dombana cenah.”
                “Kunaon? Bener teu caritaan téh?”
“Piraku rék ngabohong.”
                Teu percaya kana omongan pamajikan. Kencling ka imah Mang Sumadi.Nanyakeun perkara beut teu jadi meuli dombana.
                “Hampura wé, Dang. Lain jalir ngan kumaha atuh da kuring téh hayang meuli domba nu alus sarta séhat.”
                “Memang domba  ti kuring teu sehat kitu?  Sakitu alus jeung gedéna. Hayu gera tingali ka tempatna.”
                “Ah. Moal... moal. Keun wé cukup Mang Danu nu ka ditu.”
                “Mang Danu?  Naon hubunganna Mang Danu jeung Mang Sumadi nu teu jadi meuli domba?”
                “Ceuk Mang Danu gé, domba téh diparaban ku runtah lain?”
                Kuring olohok. Kirining HP disada, diilikan SMS ti Ko Acay.
                “Wayahna soré ayeuna duit kudu dikadieukeun. Rék dipaké.” ***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll


Tidak ada komentar:

Posting Komentar