Senin, 12 Desember 2016

Serang Apa

Carpon Mangle No. 2600, 27 Oktober-2 November 2016


Sérang Apa
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Upluk aplakna sawah, hiliwir angin nu malidkeun kingkin ditambah  sora sasatoan di lembur teu weléh ngait na ati. Matak betah, matak nineung. Komo mun geus nempo, matak deungdeuleueun, hésé rék pohona. Teu anéh lamun sawangan lembur salilana eutreup na ati, sésélékét maskét, noélan haté sangkan terus balik.  Enya ogé geus lila bumén-bumén di kota, tapi kangaranan balik ka lembur tara bisa diengké – engké. Pareng aya waktu rinéh, barudak peré sakola, atawa aya acara di lembur. Tinangtu balik ka lembur. Lembur, tempat pangbeberah manah, panglipur kalbu.
                Komo ayeuna. Geus jadi  putusan kulawarga besar. Sangkan bagilir pikeun datang ka lembur. Lain karna mayakpakna sawah, lain karna lembur anu singkur anu tadi dicaritakeun. Tapi aya misi lain. Misi anu leuwih penting. Merhatikeun Apa. Tisaprak Apa ditinggalkeun ku Ibu, beut jadi béda. Apa remen huleng jentul. Éta nu utama. Karesep Apa ngalangeu di saung kebon. Neuteup sawah anu mayakpak. Ngeundeuk ngeundeuk bebegig sawah nu ngahaja dijieun pikeun ngebahkeun manuk. Tiap dikenyed manuk hiber sakedapan. Kadituna euntreup deui. Kitu jeung kitu. Tapi Apa teu bosen. Angger ngenyed bari teu nyoara.
                “Ieu téh sérang Apa, Téh.” Sora Apa halon dumareuda neuteup sakedapan ka kuring. Terus deui neuteup sawah. Apa nangtung, leuleumpangan dina galengan sawah. Nguriling taya kacapé.
                “Hayu, Pa, mulih. Tos sonten.” Kuring ngadeukeutan.
                “Moal...  moal.” Apa ngajauhan. “Apa mah rék di dieu. Jig wé Étéh, keun tong melang ka Apa.”
                Éléh géléng, kuring nuturkeun. Tapi ngan sakuriling. Kadituna mah asa capé. Gék wéh diuk dina biwir saung. Merhatikeun Apa kalawan gemet.
                Kacinta Apa kana tatanen teu kudu ditanya deui. Pangupa jiwa salila ieu nyéta tina tatanén. Tina ladang nyawah, ngebon. Tina ladang bobolokot Apa jeung Ibu bisa majukeun anak-anakna. Sakola laluhur nepi ka jadi sarjana.  Ti pruk kawin, Apa jeung Ibu bibilintik meulian sawah. Mélaan dahar jeung uyah, dapon kahayangna ngabogaan sawah kacumponan. Ti mimiti sakotak  handapeun tangkal kalapa. Nepi ka sawah Apa ngalegaan.
                Komo sanggeus Mamang-adi Ibu nu di dayeuh meulian sawah di lembur sarta mercayakeun  ka Apa. Apa beuki suhud barang gawé.  Geus teu kaitung sawah Mamang di lembur kitu deui balong jeung kebon. Ngaran Apa kabawakeun seungit. Komarana naék. Apa reueus kacida. Tara aya kacapé mulasara sawah kalawan getén. Kaubaran ku hasil panén jeung kabagja pédah adi beuteungna geus nyenangkeun dirina, kitu meureun pikirna.
                Ari nu jadi Mamang? Kangaranan jalma beunghar. Rajakaya ceuk paribasa mah bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah imah, tara teuing nanyakeun perkara hahasilan panén. Duka percaya meureun ka Ibu anu sakitu getén nuliskeun waragad jeung hasil tatanén, anu diurusna. Nyarita kitu sotéh pédah waé sanggeus Ibu ngantunkeun, loba catetan dina buku ngeunaan pertélaan hahasilan jeung pengeluaran perkara sawah Mamang anu digarap. Matakna meureun Mamang percaya kacida ka Apa ogé ka Ibu. Ngan heunteu wé dicul jeunkeun mah. Da dina sabulan sakali mah, Mamang pasti waé  aya ngelol ka lembur.
                Kabungah Apa asa disantek sapada harita. Sedih nataku utamana. Waktu Ibu dipundut kunu kagungan dicandak kunu kawasa. Megatkeun asih jeung kacinta. Harepan nu dipupusti yén rék marengan sagala kasedih jeung katunggara nepi ka cueut, kudu lekasan. Apa dikantun Ibu dina mangsa keur meujeuhna suka bungah ngagarap sawah babarengan. Ka huma paduduaan, ka kebon siga nu bobogohan. Geus pada apal, lamun di imah suwung, tinangtu Apa jeung Ibu aya di sawah atawa di kebon.  Ceuk sasaha gé cenah Apa jeung Ibu téh romatis ka kolotnakeun.  Perhatian Apa ka Ibu kacida gedéna. Sawah jeung kebon jadi saksi kumaha kacinta Apa ka Ibu.  Paheuyeuk leungeun melak binih, pataréma nyacar ngabaladah rasa, sausap nancebkeun turus, sarénghap dina aseuk,  dina pacul, dina koréd. Gawé bareng anu gumati dapon hasil mucekil.
                Pareng hasil kuciwa. Usap deudeuh. Ngalelemu kalbu anu bangkenu.  Nyanggakeun hasil sadaya daya ka MantenNa, mahluk Gusti ukur usaha hasilna anging Alloh nu uninga.  Komo deui lamun sugih, ucap syukur teu eureun, kanu leutik beuki surti, tara elat méré mawéh ka sasama. Nu jauh kakirim hasil tani. Geus puguh nu deukeut pangheulana kabéré.
                Tisaprak ditingalkeun ku Ibu, Apa nguluwut wae. Kabéh budakna teu cicingeun, méré sumanget anu pohara.  Atuh ka kebon ka sawah ditambahan getolna. Dapon Apa kageuing atina. Saeutik saeutik Apa rada bérag, kaubaran ku pangaresepna, diajak ku palaputra. Leledokan di sawah.  Kabéh gé bungah nu aya ningali Apa jagjag deui. Miceun  kuciwa ngémutan Ibu.  
                Apa mimiti léléngkah halu dina nyanghareupan kahirupan. Hirup mandiri teu dibarengan ku Ibu. Ku panyumanget barudak, kasedih jeung katunggara Apa saeutik saeutik lipur. Tapi teu kitu saterusna. Pakewuh datang, basa aya hiji jalma datang dianteur ku saurang lalaki urang lembur-Mang Uja. Cenah utusan Mamang ti kota. Nu intina nyokot sawah jeung kebon sagalana méh teu diurus deui. Karunya cenah ka Apa sina istirahat. Ari perkara kebon jeung sawah mah, rék ku Mang Uja waé diurusna.
                Percaya teu percaya. Ari percayana éta jalma urang kota téa mawa surat anu enya ti Mamang. Ari teu percayana. Asa ku teu sangka Mamang ménta tanah jeung sagalana ngaliwatan batur. Heunteu ku sorangan waé. Enya meureun sibuk nataku. Ti saprak Ibu ngantunkeun, Mamang mémang geus tara ngelol deui ka lembur, kari-kari aya nu datang ka Apa. Tinangtu haté Apa gudawang kacida. Tong dicaritakeun deui kumaha ngenesna Apa,  ti kajadian harita apa teu bérag deui. Emosina gancang pisan kasigeung. Komo lamun aya nu nyarita perkara kebon atawa serang. Geus pasti jawabanna kacida teu ngeunahna.
                “Apa... tos tong diémutan. Pan Apa gé sueur kénéh sérang. Tuh nu di landeuh, nu di babakan pan sakitu seueurna. Nanaonan ngurusanan nu sanés ka capé-capé.” Kuring  nyarita dina hiji poé.
                “Ieuh... Étéh. Nyaho teu? Kabéh téh sérang nu Apa. Mamang manéh mah ngan nyaho hasilna waé. Teu ngingetkeun keur jaman baheula. Saha anu ngabiayaan sakola nepi ka jadi jelema, nepi ka boga jabatan. Tuh buktina indung manéh nepi ka kuru ti baheula apanan mikiran adina. Ngabélaan jatah barudakna dibagi dua. Coba pikir ku Étéh...” Apa neuteup seukeut kuring. “Ladang kesang Apa tah.... Tanaga, biaya, waktu geus puguh otak mah tibaheuna gé geus lieur mikir nu jadi adi sangkan jadi jelema. Ku hayang ngamajukeun sakola téh, hésé, Éteh. Duit anu kuduna dipaké pikeun kasenangan Apa jeung indung manéh, teu waka dihuapkeun da mikiran adi. Matakna ayeuna beut kieu. Enyaan Apa mah teu ngarti kumaha tah pipikiranna.”
                “Muhun, Pa. Tos tong diémutan. Kasaéan Apa sareng Ibu. Tangtos digentosan ku Alloh anu langkung. Hayu ayeuna mah urang mulih waé. Tuh tingal panon poé tos badé surup. Émut kasauran dokter. Apa  téh kedah seueur istirahat.”
                “Istirahat mah ngan nu keur maot, Téh. Nu hirup mah kudu terus hojah. Kudu terus bajoang. Moal bisa istirahat. Komo ayeuna loba jalma nu  édan. Moal... Apa moal istirahat. Meuning gé Étéh balik deui ka kota. Nanaonan di dieu.” Apa nyureng. “Jiga nu teu boga kawajiban waé.”
                Kuring nghauleng. Asa kacemes ku omongan Apa. Jeung enyana apanan kuring boga kawajiban. Salaki jeung anak. Tapi ari ayeuna kolot kieu? Piraku kudu diantepkeum. Kuring nyaah ka Apa. Jeung na deui salaki gé kacida panujuna mun kuring ka lembur nalingakeun Apa.
                “Hayu atuh ku Étéh ayeuna dijajap mapay heula ngurilingan sawah nu Apa nya. Tos nguriling mah urang mulih heula, énjing  ka dieu deui.”
                Apa unggeuk. Kuring nungtun leungeun Apa. Tapi kadituna Apa ngungkug leumpang tiheula. Leumpang mapay-mapay galengan sawah anu lega. Kukurilingan bari jeung terus nyarita. Nyaritakeun  perjuanganna baheula dina raraga mekarkeun sawah anu tadina ngan sakotak jadi reuay.
                Reuwas basa Apa ngacungkeun bedog. Congona manco ka langit. Sarua jeung paneuteupna.     “Sing saha waé nu wani nyokot ieu sawah. Kudu adu hareup jeung aing. Léngkahan heula mayit aing.” Panonna burial buncelik.
                “Pa émut, Pa.” Kuring lumengis.  Ngusapan leungeun Apa.
“Omat, Téh. Ieu téh sérang nu Apa.” Sora apa halon, méh teu kadéngé.***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll

Tidak ada komentar:

Posting Komentar