Selasa, 27 Desember 2016

Panineungan Lebaran

Dimuat di Mjlh Sundamidang, 25 Juli-25 Agustus 2016.


Panineungan Lebaran
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Lebaran geus kaliwat. Nu marudik geus mulang ka tempatna séwang-séwangan. Mudik ti lembur panineungan. Sarakan tempat maranéhna lahir tur digedékeun. Ditingalkeun pikeun saheulaanan, anu dipiharep poe engké baris ditéang deui. Lembur anu salilana neundeun kamelang jeung dipitineung. Panineungan nu  teu weléh diteundeun dina haté. Ngalangkang salilana hésé dipopohokeun.
                Lembur jeung lebaran panineungan, hiji perkara anu  kacida pakuat kaitna. Hésé pikeun digambarkeunna. Pilakadar  lebaran di lembur? Ehm, teu bisa disebut pira. Da buktina carita ngeunaan ieu hésé leungitna. Teu weléh nyuaykeun pangalaman anu saméméhma kungsi kasorang. Pangalaman ti keur leutik,  nepi ka diajar mikaresep awéwé anu dipicangcam. Gambaran anu tinangtu bakal ting pucunghul pareng lebaran di lembur. Carita jeung panineungan di lembur pasti datang deui malikeun panineungan waktu nu larung dina implengan.
                Saperti carita dina “Keur Kuring di Lembur,” yasana Dian Hendrayana Wedalan PT IndahJaya Pratama. Tokoh kuring-Adang nu antukna kudu panggih jeung panineungan dina mangsa mapag lebaran di lembur.
                Kumaha tibelatna Adang ka lembur. Lain karna rék panggih jeung Lebaran nu utamana mah. Tapi panineungan ngeunaan mangkakna tresna munggaran nu sabenerna hésé leungitna. Sanajan, manéhna geus miheulaan. Teu nyangka, padahal nu gering teh geus katengan rék maju ka cageur.
                Lembur anu salila ieu ngagedékeun Adang. Kampung Garokgék, Kecamatan Wanayasa, Purwakarta. Lembur anu kaasup enggang ti kota kecamatan, Wanayasa aya kana tujuh kilona. Lembur anu patétéeé ku tangkal entéh jeung entéh.
                Di Kampung Garokgék. Lembur anu geus nepungkeun Adang ka hiji awéwé geulis, Néng Emay anakna Mang Ulis. Dumukna di Garokgék Tonggoh. Ti kampung Adang ka Kampung Mang Ulis téh ukur kaselang ku pasawahan. Mang Ulis kacida hormatna ka aki Adang, duméh nu jadi aki kungsi  nyekel kalungguhan Ulis puluh-puluh taun, méméh dicekel ku Mang Ulis ayeuna.
                “Sakedap deui bade ka SMA panginten nya?” Omong Bi Ulis,”Mani patutur tutur pisan jeung Néng Emay.”
                Ti dinya mimitina haté diwarnaan ku ngaran Néng Emay. Sanajan harita Bi Ulis nu nyarita tapi beut kungsi ngadéngé ngaranna. Néng Emay.
*
                Jeung Néng Emay  aya rasa anu hésé dikedalkeunna. Najan ku batur, ku Rosman jeung Acép mindeng digonjak yén aya haté kadua leutik. Tapi Adang sok nampik. Padahal dina haténa  mangenyakeun. Lebah neuteup cukang, panineungan nyalampeurkeun. Di dinya pisan leumpang téh sok ngahaja dialon-alon, lamun pareng meuntas jeung manéhna. Manéhna muntang kana pigeulang mun geus nyukang ka tengah-tengahna.
Sanajan taya sora, taya carita anu kaluar tina  biwir. Tapi tina linduk teuteupna jeung imutna, surti dina diri yén haté miboga manéhna.
                Kumaha getén jeung salempangna Néng Emay waktu kuring elat tarawéhan pédah dibéjakeun ku sobat kuring Rosman, yén cenah kuring gering. Kumaha ngutamakeunna Néng Emay lebah boga dahareun. Perhatian anu ceuk kuring cukup niginkeun haté nu daria yén aya ngaranna diteundeun dina haté.
Néng Emay, awéwé geulis panggeulisna lain waé ceuk kuring tapi ogé nu lain. Teu anéh mun loba mangnyirikeun ka Adang pédah geus wani deukeut jeung Néng Emay.  Buktina nepika Rohiman   ngancam sagala ka Néng Emay jeung Entat, sangkan  tong wani nyeuseuh atawa mandi di tampian lebak. Tampian Mang Sahri, bapakna Rohiman. Mana kitu gé meureun remen ningali mun Adang keur pareng nganteur Néng Emay ka imahna mun tas ditampian.  Mana kitu gé manéhna aya haté kadua leutik ka Néng Emay.
                 Carita nu kacida écés némbongkeun kasalempang haté antara Adang jeung Néng Emay. Carita anu antukna kudu kapilem deui dina pikiran, duméh tokoh dina ieu carita mulang ka lembur mapagkeun lebaran.  
                Lian ti ngaguar carita tresna, loba carita lain anu ébréh dina ieu carita pilemburan anu matak narik ati pikeun nu maca.  Loba pangalaman réligius anu kacida loba pulunganeun pikeun nu maca. Perkara tarawéh, puasa, ogé nu hatam qur’an. Kalawan gemet dicaritakeun dina ieu carita. Narik ati nu maca sangkan ngarasakeun kumaha ni’matna  kaayaan pilemburan harita. 
Mun pareng aya nu hatam qur’an. Sok aya sukuran atuh pasti aya acara numpeng jeung cai kembang nu diwadahan kana baskom. Cai kembang nu sok diboro, dipaké mandi. Majar téh ngarah junun kana ngaji. Sangkan kaeunteupan jejem dina ngaji. Tangtu waé ieu téh kudu dibarengan ku niat anu hadé sangkan ihtiar sarta kudu getol ibadahna. Bandingkeun jeung budak jaman kiwari? Kacida matak muringkakna. Loba budak anu tacan hatam quran sakali kali acan, sangkilang umur geus balég. Jajauheun ka hatam, dalah loba nu teu apal kana huruf hijaiyah.  
                Lebah mapag puasa karasa pisan hidmat mah. Lantaran dicaritakeun yén sapoé méméh puasa téh waktuna beberesih jeung silihampura sililubarkeun dosa. Katangen pisan dina carita ‘Mapag Puasa’.
                Rosman ngasongkeun dampal leungeun. Panonna katangen beueus. Gabrug Rosman ngarangkulan bari jeung anteng sasalaman. Acép mah méhméhan carinakdak pareng nampanan réma Rosman téh. Sarua deuih tepi ka nagarangkulan ka Acép gé... ( kaca 37)
                Beut jadi kabayang barudak jaman ayeuna. Mun téa mah kaayaan siga Acép jeung Rosman harita tada teuing éndahna nyanghareupan puasa téh. Pan jaman ayeuna mah boro-boro. Rék panggih puasa téh meureun mending ogé ngobrol ngariung jeung babaturan curak curak. Ulin ka mall, nongton pilem, jajauheun ka sili hampura. Kolot loba nu hariwang, ngarep-ngarep budak nu elat balik ka imah.
                Atuh carita dina lembur kuring ogé jadi mecut keur nu maca, réhna sanajan urang cicing di lembur anu jauh ka ditu ka dieu. Aya hal lain anu kudu jadi catetan sarta jadi eunteung saréréa, nyéta lebah nyiar élmu. Yén élmu téh kudu disiar nepi ka mana waé. Atuh basa Dang Iwan putra Lurah hormat bisa neruskeun sakola ka Paguron luhur tangtu waé jadi carita anu jadi sabiwir hiji. Dang Iwan mangrupa turus, lantaran budak munggaran anu bisa neruskeun sakola nepi ka luhur. Tangtu waé hal ieu jadi pamecut keur nu lain aya Kang Alam nu nuluykeun ka Asti. Kitu deui Riki putra Wa Ocah ngiluan neruskeun sakola kanu leuwih luhur. Kitu deui Adang, nu antukna ninggalkeun Néng Emay lantaran sakola ka Subang.
                Sanajan teu kasusud, taya cepengan perkara ngaitna tresna antara Adang jeung Néng Emay, tapi nu maca tangtu sapuk yén Néng Emay jeung Adang aya kakait ati sanajan teu kungsi cacarita. Teu kudu siga Rosman anu langsung balaka ka Entat, nu antukna maranehna ‘jadian’. Ukur kembang kananga nu jadi saksi aya gumeter asih nu mangkak dina dada.
                “Kanggo Adang. Omat ulah dugi ka dipiceun...”
                “Adang moal lali ka Emay?” pokna deui.
                “Salami Emayna heunteu mikalali,”      ( kaca 90)
                Beuki deukeut ka poéan lebaran karasa pisan bedana kaayan di lembur.  Lian ti nyieun bedil sundut, oge nyieun colen (oncor) nu maké tihang satangtung, anu dieusian  paling saeutik lima sumbu. Pitilu poéan kana takbiran kadéngé patémbalanna ku sora bedil sundut, ti sabaraha lembur. Beuki haneuteun pareng nu nyaraba mimiti jul jol ka lembur ngadon lebaran. Pareng nu datang téh mawa babawaan anu  loba. Kacida bungahna sarta éta babawaan téh pinasti dibikeun ka babaturan. Tah lebah dieu pisan anu kudu dipulungan, siliasaan pareng meunang rejeki anu leuwih. Atuh urang lembur meunang ngarasaan kadaharan anéh bawa ti kota.
                Carita lawas di lembur anu narémbongan deui. Basa tokoh Adang balik ka lembur jeung kulawargana. Adang anu sabenerna hésé pikeun ngaleungitkeun ngaran Néng Emay dina haté. Kudu nyumputkeun semu ka pamajikan anu ka béh dieunakeun katangen timburu. Pamajikan anu asalna haré-haré, haré-haré sotéh meureun can apaleun. Ning  béh dieunakeun remen nyindiran. Mana kitu gé timburu.
                Éta nyah Néng Emay-Néng Emay téh?” ceuk pamajikan basa geus na jero mobil.
                “Kuring ukur ngarérét ka pamajikan,”Geuning terang?”
                “Ti Ceu Nina.” Kadéngé dédéhéman, lain déhém enyaan,”Mangkaning randa nya?”
                Teu ditémbalan ku kuring. Budak nu dua kadéngé ribut parebut ranginang.
                “Teu kenging paraséa. Bilih dipasihkeun ka randa kéh!” ceuk pamajikan.                  
                Panineungan lembur jeung manéhna hésé leungitna.  Néng Emay nu ayeuna kari waasna.
                “Ulah lali ka Emay!”***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar