Selasa, 27 Desember 2016

Kamar 4011

Carpon misteri. dimuat di Majalah mangle, 28 September-5 Otober 2016. Inspirasi ti Hotel Amarooza Bandung. Alhamdulillah


Kamar 4011
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Bagja temen bisa kapilih jadi peserta anu ngawakilan sakola kuring. Pelatihan pikeun kurikulum 2013. Bagja sotéh pédah waé tempatna rada alus. Béda tinu biasana. Hotél anu kasohor di kota Bandung. Ngahajakeun mah iraha teuing bisa saré di hotél anu éndah kitu. Atuh basa apal tempatna di dinya téh, surak kacida. Sanajan enya horéam sabenerna ari ngiluan pelatihanna mah. Asa bosen. Sataun kamari riweuh ku pelatihan kurikulum 2013.  Tapi pugag, teu dilakonan di sakola. Da cenah sakolana can siap. Jeung nu anéhna téh pamaréntah beut nyieun kawijakan anu béda-sakola bisa milih kurikulum anu dipaké, aya nu make kurtilas aya mu make KTSP. Cenah mah Indonesia satu tapi lebah pendidikan beut dibédakeun.
                Atoh teu atoh sabenerna. Atohna, balik deui ka KTSP anu sabenerna leuwih simpel lebah penilaian Ari rugina asa mubazir pelatihan ti ditu ti dieu. Méakan tanaga waktu jeung duit tapi teu dilaksanakan. Da sakola kuring mah kabeneran balik deui ka KTSP.
                Ari taun ayeuna. Geunjleung kurtilas kudu dihangkeutkeun  deui. Atuh pakepuk ku  pelatihan deui. Keur sakola negeri mah meureun untung da pelatihan téh teu kudu ngaluarkeun waragad-atuh guruna nambah pangaweruh. Kabéh ditangkes ku pamarentah. Ari sakola  swasta, cenah mah kudu mayar sorangan. Leuheung sakola swasta anu bonafit, ari sakola swasta nu leutik siga di tempat kuring? aya murid gé geus untung. Kepala sakola  rada ngahuleng waktu apal kudu ngaluarkeun waragad sorangan. Matakna wayahna waé cenah teu kabéh guru  bisa ngiluan.
                Poé kahiji sanggeus régistrasi langsung chek in ka kamar. Kabagéan kamar 3022. Nomor awal di hareup nandakeun ayana di lanté 3, kitu ceuk panitia.
                “Bu mangga di kamar 3022?”
                “Sareng saha?”
                “Sareng bu Ajeng ti SMP Mandalawangsit.”
                “Ah, sareng Ibu geuningan. Nepangkeun, Bu.” Hiji awéwé ti tukang saumuran kuring ngasongkeun leungeun.
                “Oh, bu Ajeng. Nepangkeun abdi Aini.”
                Sanggeus kituh mah ngobrol ngaler ngidul jeung Bu Ajeng. Conggah. Da kitu biasana. Sanajan anyar panggih gé ari keur kitu mah resep wé nu aya asa aya batur pakukumaha.
                “Ti sakola Ibu sabaraha jalmi anu ka dieu?”
                “Duaan, Bu.”
                “Ih, raos atuh aya réncang, abdi mah mung nyalira.”
                Ti dinya ngobrol ngaler ngidul. Nepi ka teu karasa waktuna materi munggaran dimimitian.  Acarana ti jam tujuh nepi ka jam salapan. Waktu nu dilakonan pikeun ngadéngékeun matéri teu karasa. Bubuhan acarana lolobana prakték. Jeung loba humorna. Atuh dina ngaregepkeun matéri téh kabéh peserta katangen enjoy. Loba hal anu matak pikaseurieun. Ngahaja meureun panitia nyieun acara siga kitu, méh teu bosen.
                Matéri munggaran teu karasa lekasan. Kabéh peserta bisa istirahat ka kamar séwang-séwangan sanggeus coffe break. Kitu deui kuring jeung Bu Ajeng, langsung muru kamar pikeun istirahat.
                “Wah asiik nya, Bu. Tiasa ngaraosan  kamar di hotél  méwah.”
                “Enya. Mun nyalira mah iraha teuing bisa kalaksanakeun.” Ceuk kuring bari jeung rarat rérét.
                Kasur dua badag. Hiji éwang. Padahal mah hiji gé bisa dieusi ku duaan. Tapi kangaranan hotél  alus nya ngahaja meureun siga kieu. Kasur disepréan ku lawon warna bodas polos. Empuk karasana, béda jeung nu di imah. Kuring milih kasur nu ngaréndéng kana témbok. Témbok nu ngahalangan kamar cai. Rét kana témbok gigireun-  naplok hiji lukisan. Teuing lukisan naon da ceuk kuring mah asa teu pararuguh. Nu puguh mah siga bola kusut ngagulung, warna warni.
                Rék reup pisan basa kadéngé aya nu ngetrok panto.  Bu Ajeng cengkat. Mukakeun panto.
                “Oh, hayu ka dieu....” kadéngé sora Bu Ajeng nyarita. Panasaran kuring cengkat. Rét kanu anyar datang. Ngora kénéh. Umur 25 an.
                “Bu, tah ieu réréncangan téh.”
                “Aini.”
                “Riri.” Dua leungeun pataréma.
                “Bu Ajeng, teu nanaon abdi kaluar heula. Hoyong jalan-jalan ka lobi.” Bu Ajeng nyarita. “Bisi Bu Ajeng badé sareng, hayu atuh.”
                “Moal, Bu. Asa capé.”
                “Nya atuh. Abdi  kaluar heula.”
                Sanggeus Bu Ajeng kaluar. Kuring ngahérang sorangan di kamar. Pitunduheun beut asa jarauh. Sora klakson ti sisi jalan raya kadéngé atra. Beuki peuting bet teu puguh rasa. Asa kaduhung teu ngilu ka Bu Ajeng, nu meureun ayeuna keur happy di lobi. Rék turun,  keueung kaluarna. Horéam ngaliwatan lorong kamar anu asa canéom Tungtungna ngadon ngahuleng. Rét deu rét deui kana jam. Geus nincak pukul 11 peuting, tapi Bu Ajeng can embol-embol. Jaba teu apal no HPna.
Kadéngé seah angin  handaruan, teu pupuguh. Kakeueung nganjang. Kuring metot simbut. Panon dipeureum-peureum. Batan tunduh, ngadon asa loba dédéngéan teu puguh. Tungtungna ngahuleng. Jetrék ngahurungkeun tivi.
                Tok...tok...tok...” Kana panto aya nu ngetrok.
                Atoh. Langsung mukakeun panto.
                “Bu Ajengna mana?” miheulaan nanya, waktu apal kanu ngajanteng.
                “Leuh manawi téh tos ka dieu....” Manéhna semu ngahuleng. “Oh, sigana ka kamar abdi, Bu. Hayu atuh urang ka ditu...”
                “Oh hayu atuh. Kuring gasik  mareuman tivi. Nyokot HP. Nuturkeun  nu geus leumpang tiheula.  Sssr. Kana punduk beut aya nu ngahiliwir. Punduk asa ngandelan. Leumpang digancangan, sieun tinggaleun léngkah.
                `”Asa keueung,” kuring humaréwos kana ceulina.
                “Tong sieun atuh, Bu. Pan aya abi.” Manéhna imut. Laju mencét tombol lif. Panto lif muka. Kuring jeung manéhna asup.
                “Lanté sabaraha?” kuring tumanya.
                “Opat.” Walonna pondok. Bari jeung mencét tombol.
                Sanggeus nepi ka lanté opat. Niténan sakuriling. Asa béda. Kamar nu kapanggih asa cahayaan. Lampuna warna warni. Teu keueung siga di lorong kamar kuring. Asa haneuteun puguh. Komo ningali  hareupeun panto kamar mah katangen loba nu ngobrol uplek. Ngobrol tumaninah dina korsi anu disadiakeun. Tah ieu bédana jeung kamar kuring. Kamar nu disaréan ku kuring mah teu disadiakeun korsi di hareupeun kamar téh.
                Béda harga meureun. Gerendeng hate, bari teu loba cacarita. Hélok nu aya. Asa betah asa resep. Hareupeun kamar 4011 ngajanteng. Ahéng. Panto ujug-ujug  muka. Siga anu geus ngabagéakeun ti saanggalna.
                “Saé nya, Bu kamarna. Ibu bakal betah gera di dieu.” Manéhna nyoara, siga apal kahémeng kuring.
                Kuring unggeuk.
                Kamar téh kawilang lega. Malah kamar mandina gé maké fasilitas bathtub. Atuh lebah muka kulkas matak resep. Bungbuahan nu ngareunah loba. Anggur, pir, apel, jeung lainna nyampak.
                “Seger geura, Bu.” Manéhna ngahuapkeun anggur ka kuring.
                Beut jadi inget jaman baheula. Keur anyar panganténan remen dihuapan ku Kang Yudi. Ah, nanaonan mikir nu kitu. Kuring miceun lambaran lalakon.
                Hujan beuki ngagedéan. Dor dar gelap kadéngé  pisan. Sieun jeung tiris nataku.
                “Leuh kamana Bu Ajeng, atuh nya.”
                “Moal nanaon. Paling ka kamar Ibu. Sigana pasalingsingan.”
                Ti dinya beut ngadon curhat. Kuring anu karék dipangnyerikeun ku salaki, bet asa boga batur ngobrol. Manéhna ge sarua- anyar ditalak ku salaki pédah can boga waé turuan. Kabéh dicaritakeun taya nu kaliwat.  Tina curhat, siligedékeun haté, silirangkul nguatkeun diri. Parangkul rangkul lila. Beut jadi kausap sétan.
                Tingtong. Sora panto disada.
                Kagareuwahkeun. Kuring lilir. Bréh kana awak nu buligir. Inget kana kajadian peuting. Asa éra sorangan. Gentak baju dipaké. Kadéngé sora cai ngocor. Manéhna keur mandi meureun gerentes téh.
                “Bu Ajeng, timana waé? Janten wé abdi ngalih ka kamar ieu.”
                “Ih, puguh abdi milarian Ibu. Naha iraha Ibu ka dieuna? Bet tos aya deui di kamar ieu?” Bu Ajeng neuteup seukeut. “Saha ari éta nu di jamban?”
                “Riri.”
                “Riri? Naha da wengi téh dijemput carogéna ka dieu. Teu janten uih kitu?”
                Duaan ngahuleng. Sora nu mandi katangen atra. “Ari Ibu wengi ngalih ka kamar mana?”
                “Kamar 4011. di lanté 4”
                “Teu aya lanté 4 di dieu Mah, Bu.” Lalaki pagawé hotel, nu tatadi ngajanteng jeung Bu Ajeng mairan.
                Panasaran kuring jeung Bu Ajeng asup ka kamar cai.... Suwung.  Katangen aya haseup mumbul kaluhur. Dibarung ku seuri cicirihilan.***




Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar